twitter


kamari aya carita antara kuring jeung anjeun nu teu bisa kakubur ku waktu katugar ku jaman,moal gedag ku ka anginan moal luntur ku kaibunan.Kamari aya carita antara kuring jeung anjeun nu ngagerat jeroning dada èstuning ngabayang dina lamunan ngajirim dina impian peureum kadeuleu beunta karasa.Kamari aya carita antara kuring jeung anjeun nu teu wasa dicaritakeun teu walakaya mun dituliskeun.Kamari aya carita antara kuring jeung anjeun anu pada-pada gurat batu pada-pada keukeuh kana pamadegan sèwang-sèwangan.Kamari aya carita antara kuring jeung anjeun nu salilana teu sajalan dina sagala hal,kuring kakulon anjeun kawètan,kuring diuk anjeun cengkat,kuring balangah anjeun bungah.Kamari aya carita antara kuring jeung anjeun nu salilana patukang tonggong beungeut nyanghareup ati mungkir lir cai jeung bengsin nu moal bisa dihijikeun.Kamari aya carita antara kuring jeung anjeun nu teu bisa dibebenjokeun,ku kuring dipulut anjeun barontak ku kuring ditatar anjeun beuki ngacaprak,tungtungna useupna pegat jeujeurna potong,lauk èmas 2kg leupas deui ka balong kuring bati bengong...nasib D'nasib..

0 komentar:

Posting Komentar