twitter




BARANG maca ancaman anjeun, bet ngadadak ngarasa ceuceub. Mémang bener, hukum karma sok kajadian, boh kasorang ku diri sorangan atawa ku anak incu, mun diparengkeun boga katurunan. Tapi hukum karma henteu perelu dijieun hiji ancaman pikeun ngondang kadatangan kuring ka anjeun. Sabab, sanggeus nyaho yén anjeun ngaharepkeun aya hukum karma nu tumiba ka kuring, tangtuna kuring beuki apal mun yén anjeun hiji wanoja tukang ngagugulukeun dendam. Anjeun wanoja nu neugtreug, hayang maksakeun kahayang sorangan, kalayan henteu boga tinimbangan nu jembar. Ku ayana kitu, kuring beuki teu suka upama anjeun boga cita-cita hayang ngahiji jeung kuring.
Barang nyaho yén anjeun masih kénéh ngarepkeun cinta kuring, bet ngadadak  ngarasa hémeng. Pang kitu, lalakon urang geus dipungkas sawatara taun katukang. Kuring boga hak nangtukeun pilihan sorangan, sabada ngarasa henteu cocog papacangan jeung anjeun. Kuring ogé boga hak mungkas lalakon urang, ku jalan kumaha baé. Perkara raheut haté, éta mah geus jadi résiko tina wangunan cinta. Tong boro nu kakara papacangan, dalah nu geus katalian ku nikah ogé, teu saeutik anu runtag alatan salahsahijina ngarasa henteu cocog.
Barang eungeuh yén anjeun teu bisa diajak manjangkeun babarayaan, bet ngadadak ngarasa kuciwa. Pang kitu, da kuring mah teu hayang mumusuhan jeung anjeun. Matak, kuring geus ngedalkeun pangakuan kana rupaning kasalahan kuring, sarta geus ménta dihampura ka anjeun, ogé ka Nu Nyiptakeun anjeun. Salaku manusa, tangtuna moal leupas tina khilap jeung rupaning kasalahan. Naha anjeun moal ngahampura? Éta ogé hak anjeun. Nu penting, kuring mah geus balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan. Perkara kuring teu bisa nepungan anjeun, nya puguh hak kuring. Nu écés mah, anjeun geus apal kana kaputusan kuring; naon pereluna patepung? Dina rék nepunganna ogé, kuring teu kudu diatur –komo dipaksa—ku anjeun. Atuh dina henteu kaburuna ogé nepungan anjeun, naon masalahna keur anjeun? Anjeun mah da tara boga tinimbangan, naon sababna kuring teu bisa nepungan.
Barang wanoh yén sikep anjeun téh kitu, kuring buru-buru ngucapkeun hamdallah. Kuring muji syukur ka Pangéran, sabab kuring henteu milih anjeun pikeun batur hirup kuring.

*

“NUJU naon, Kang? Naha teu acan kulem?” pokna bari ngusapan buuk. Diah, pamajikan kuring. Teuing ti iraha, nangtung di tukangeun. Buru-buru keretas dirikeskeun, kalayan dibalangkeun kana wadah runtah. Untung Diah mah tara hayang apal kana urusan kuring. Cacak mun dibaca mah, surat keur Irma téa, duka kumaha pibalukareunana.
“Biasa, nuju ngotrét naskah skenario. Namung teu acan mendak ideu nu saé…” témbal téh bari ngagésér, méré tempat diuk keur Diah.
“Énjing deui baé atuh, Kang. Ayeuna mah tos waktosna kulem…” ceuk Diah, bari teu weléh némbongkeun pasemon nu béar marahmay. Katara buleudan rupana nu beresih, tapak saban mangsa disiram ku cai wudu. Buukna ngarumbay, hideung meles, kalawan ukur kuring nu apal. Pang kitu, da sapopoéna ogé Diah tara leupas maké jilbab.
“Akang kedah ngaréngsékeun heula naskah wengi ieu,” témbal kuring, bari menerkeun sababaraha lambar buuk anu nutupan panon kéncana.
“Pami kitu mah, abdi bobo tipayun nya. Teu kiat, atos ngantuk,” kituna téh bari cengkat. Teu katara semu anu kuciwa, da puguh Diah geus ngarti tur ngamaklum kana pagawéan kuring. Padahal geus aya kana dua mingguna, kuring can bisa nyumponan napkah batin. Tadi burit, kuring kakara mulang ti Jakarta. Satuluyna kuring ngadeker nulis naskah skenario, diselang ku nulis surat keur Irma. Atuh engké poé isukan pabeubeurang, kuring kudu mangkat deui ka Jakarta. Sabaraha jam waktu keur Diah, upama bada subuh kuring kakara anggeus méréskeun pagawéan. Kilang kitu, Diah mah tara loba protés. Diah, pamajikan kuring nu kacida sabarna.
Sanggeus Diah ngagolédag kana kasur, kuring nuluykeun deui nulis surat keur Irma. Mémang geus aya kana sabulanna, Irma hayuh baé nga-SMS kuring, ménta panggih. Ari kuring, harita nyanggupan, tapi henteu mastikeun iraha-irahana. SMS panungtung ti Irma, eusina minangka ancaman hukum karma, alatan kuring dianggap geus ngaraheutan haténa. Meureun, maksud Irma téh, kuring bakal ngalaman hal nu sarupa, diraheutan haté ku hiji wanoja. Nya, sanggeus maca SMS éta, kuring teu hayang maca SMS satuluyna. Barang nepi ogé, SMS susulan ti Irma langsung baé dipupus, kalayan henteu kungsi dibaca heula. Sababaraha kali nelepon kana HP, kuring ogé henteu hayang ngajawab.
Hukum karma cenah. Puguh baé kuring kacida gimir, ngadéngé kecap hukum karma téh. Ras ka Diah, anu sakitu satia babakti ka kuring. Rét kana rupana, nu keur meujeuhna tibra; tenang, santéy, nandakeun jiwa nu panceg ku kayakinan. Diah nu ngarasa yakin, yén kuring moal nepungan deui wanoja mana baé nu kungsi papacangan saméméhna. Upama kuring nepungan Irma, tangtuna kuring geus ngahianat kana kapercayaan Diah. Kuring teu hayang nyorang hukum karma ti Diah. Sabab, Diah kiwari geus paheut jangji jeung kuring, ngubur lalakon mangsa katukang.
*

BARANG inget kana hukum karma, kuring beuki panceg; moal méré kasempetan ka anjeun pikeun tepung deui jeung kuring. Upama sakali mangsa rék nepungan ogé, kapaksa kuring kudu bareng jeung Diah. Sakitu surat ti kuring. Teu kudu nga-SMS deui, da moal dibaca ieuh. Teu kudu nelepon deui, da moal dijawab ieuh. Anjeun geus apal pan; kuring boga hak nangtukeun pilihan kuring sorangan. Anjeun ogé kudu jujur, kuring teu kungsi ngaruksak diri anjeun! Upama anjeun ngarasa raheut haté, nya kudu gancang néangan piubareunana. Ditinggalkeun lalaki, gantina lalaki deui. Ditinggalkeun wanoja, gantina wanoja deui. Basajan pisan. Kajaba mun anjeun rék angger jadi wanoja céngéng. Nepi ka iraha ogé, kuring moal bisa ngahiji jeung anjeun, najan hiji mangsa Diah “ninggalkeun” kuring, atawa kuring “ninggalkeun” Diah.***

Tanjakan Simpar, Sapar 1426 Hijriah
 Ku DHIPA GALUH PURBA
Dimuat dina Majalah Seni Budaya No. 162, April 2005

0 komentar:

Posting Komentar