TEGAL eurih téh lain tempat anu merenah pikeun ulin mah. Jalanna tarahal pisan.. Ti lembur mah kudu leumpang mudun, mapay jalan satapak. Ka lebakna gawir nantawing, matak paur téténjoan. Nu ngaliwat ka dinya mah, kudu baé kakarayapan, moal bisa leumpang gancang. Leuheung usum halodo mah, henteu leueur ongkoh. Cacakan lamun usum ngijih, matak wegah neruskeun lalampahan. Anu kakara mah, boa terus balik deui.
Brasna ka pasawahan nu sok disebut Lebok Lamé, pédah di lebah dinya aya tangkal lamé badag naker. Ceuk urang lembur mah loba jurigan, sok aya nu kasambang ti Legok Lamé téh.
Terus meuntas walungan, sasakna tina catang kalapa, dua ngarendeng. Minangka pamuntanagana, awi leunjeuran dipalangkeun. Di sisi walungan jeung peuntaseunana maké tihang. Henteu lega walunganana mah, ngan jero naker, ngabalungbang. Upama kalepasan nyekelan, hég tikoséwad, biheung katulungan deui.
Sanggeus meuntas walungan, nikreuh deui ka tonggoh. Jalanna beuki tarahal. Kénca-katuhu pinuh ku rungkun jeung jukut teklan. Gawirna cadas garing, pacampur jeung batu taringgul. Atuda arang langka anu ngaliwat ka dinya. Ukur anu tas ngarit, atawa tas néangan careuh dina rungkun.
Tapi ayeuna mah, jalan anu disorang téh asa ngabulungbung baé. Henteu karasa capé, sanajan manggih tanjakan sakitu netekna. Teuing lamun kabangbalérkeun ku kolényayna bitis nu keur nikreuh hareupeun. Bitis anu matak sérab nénjona, pédah dibarengan ku haté anu kebek ku kabungah. Ngolényayna kakapeungan, kumaha manéhna ngaléngkah. Upama keur ngarandeg mah, nu ngolényay téh nyamuni satukangeun erok landung. Ngan sakapeung sok nyingkab deui, upama angin ti lebak nebakna rada tarik. Keur kitu mah, maké jeung nganti-nganti datangna angin badag téh.
Manéhna ogé kawasna mah henteu ngarasa capé, da can kungsi ngajak reureuh. Tonggoy baé leumpang ti heula. Padahal iraha teuing atuh manéhna leumpang nanjak kawas ayeuna, sapopoéna turun-unggah mobil. Baheula basa manéhna keur cicing di lembur, da tara kacaritakeun asruk-asrukan. Ku kolotna ogé dicaram digawé ripuh mah. Nya sakitu mah kawilang kuatan, leumpang nanjak bari henteu kungsi nyebut capé. Atawa kawas kuring kitu, haténa keur kebek ku kabungah?
Sakapeung ngarérét ka tukang, imut saeutik. Teu wudu matak ngaranjug, cacakan ngan sajorélat mah. Jajantung teu burung ratug. Bet terus ngadagoan, susuganan manéhna ngalieuk deui. Hayang nénjo deui imutna nu bieu. Imut anu ukur saeutik. Tapi panonna anteng ka jalan sorangeun. Siga nu resep nénjo tanjakan.
Nepi ka anjogna kana dadatar, manéhna teu kungsi ngalieuk deui. Hanjelu, hanjelu mah. Henteu bisa nénjo imutna nu saeutik téa. Bet beda karasana ari di nu nanjak mah, imutna téh asa niruk kana jajantung. Asa newek hulu angen. Padahal sawatara taun ka tukang, kuring mindeng mireungeuh imut sarupa kitu téh. Ngan anéhna, nu ayeuna mah bet béda karasana. Asa leuwih anteb. Leuwih leleb.
Manéhna diuk dina jukut garing, bari nyusutan kesang dina beungeut ku sapu tangan. Panonna melong ka landeuh. Pasawahan keur meujeuhna konéng. Ngampar ka jauhna, nepi ka tungtung lembur. Moal boa, nu keur diimpleng ku manéhna téh kaéndahan pasawahan, atawa langit nu dipulas bulao. Kasempetan keur kuring mah. Kasempetan pikeun Néngetan deui tangtungan anu sakitu lenjangna.
Iraha teuing atuh, bisa neuteup manéhna dina kaayaan paduduaan. Ari ayeuna bet laluasa pisan. Manéhna jongjon deuih, henteu ngarasa aya nu niténan. Atawa kawas ngahaja méré kasempetan ka kuring, ngarah henteu kaganggu neuteup manéhna. Diukna angger, henteu obah. Lamun niat ngagambar téa mah, kari tret baé, da anu digambarna sakitu matungna. Minangka kahalangan téh, lamun aya kalakay murag. Atawa pucuk eurih nu patingarulang katebak angin. Pucuk eurih anu maréncos kawas ramo-ramo leungeunna.
Kuring diuk téh kéncaeun manéhna. Anggangna ukur sadeupa. Lain teu hayang leuwih deukeut. Ngan inggis nu dideukeutan ngiser diukna. Apan sidik tah, henteu hayangeun dideukeutan. Tapi sadeupa mah, henteu kasebut jauh pikeun neuteup manéhna, najan haté hayang leuwih deukeut ogé. Anggang sadeupa ogé, cukup pikeun ngangseu seungit awakna, nu sok melenghir mun pareng angin ngaliwat.
Manéhna diuk handapeun pisan tangkal mahoni. Satengah nyarandé kana tangkal, tapi da awakna mah henteu antel. Untungna panonpoé henteu nyorot ka lebah dinya mah. Kawas ngahaja ngiuhan manéhna, ngiuhan beungeutna nu teu weléh cahayaan.
Manéhna anteng nyawang ka landeuh. Kuring anteng nénjokeun buukna nu ririaban. Buuk nu panjang semet cangkéng, sakapeung nyapuan tangkal mahoni. Buuk anu rupana hideung meles. Hideungna kawas areng petingan, hérangna kawas cai ririakan. Mun pareng angin leler, buukna milu cicing, tapi henteu matak bosen pikeun diténjo. Tina embun-embunan nepi kana tungtungna téh, mani bangun ombak banyuan. Mun pareng sirahna obah, ombakna téh lir ngadadak ngagalura, ngajelegur lebah tungtungna.
Beres nénjoan buuk, najan sabenerna mah tacan bosen, pindah ngarérét kana beungeut. Tarang, irung, panon, biwir, pipi jeung gado, sabenerna mah kitu-kitu kénéh wangunna téh. Henteu katémbong béda jeung awéwé séjénna. Ngan éta nu ngadamel-Na, aya ku merenah nyurupkeunana. Mun dina lukisan mah puguh komposisina. Mun dina élmu géométri, simétris pibasaeunana téh. Anggang tina buuk nu dipasieup ku amis cau, nepi kana halis, teuing sabaraha ukuranana. Ngan éstuning merenah katémbongna téh. Tarang henteu lega, henteu heureut. Boa nu kitu nu disebut téja mentrangan téh. Ari nu ngaranna irung, teuing naon atuh pibasaeuanana. Disebut mancung teuing henteu, demes mah sumawonna. Meujeuhna lah, boh kamiringanana, boh ukuranana.
Panonna nu kitu téa mah. Matak ngaranjug mun pareng ngelét (dikira-kira kitu ogé, da nepi ka kiwari ogé, manéhna henteu kungsi kulat-kelét). Panon nu semu ceuleuyeu. Panon anu dipapaésan buluna nu carentik. Panon anu saban ngagiler, kawas nu nyorotkeun cahaya.
Iraha teuing manéhna maké gincu, atawa wedak, atawa pamulas halis. Cacakan sapopoéna idek-liher di kota mah. Kawasna geus leuwih ti cukup ku dadamelan Pangéran anu dibikeun ka manéhna. Naon deui cawadeunana atuh, sagalana geus nyampak di manéhna. Lamun biwirna euceuy jeung semu baseuh, nya ti dituna baé. Henteu dipapaésan ku manéh, éstuning bawa ti ajalina. Wangun biwir téh manjang ka gigir, tapi henteu rubak teuing. Upama nu handap kawas bulan sapasi, nu luhur mah kawas gondéwa.
Ari warna kulit, geus teuing naon deui pibasaeunana téh. Konéng lain, bodas lain, jajauheun kana hideung mah. Katémbongna semu leueur, matak tisolédat reungit. Mun dicabak, ku kira-kira, hipuna moal henteu kawas kapas, lemesna moal henteu kawas tipung nu panglembutna. Kituna mah, iraha teuing manéhna ngasruk ka pasawahan, atawa dirérab panasna panonpoé. Moal boa, cicingna di nu liuh baé, matak henteu katémbong hurik ogé. Warna kulit anu henteu bodas henteu konéng téa, ti baheula ogé geus katara. Ngan ayeuna mah beuki ngelemeng, beuki anteb, beuki matak leleb katénjona. Cacakan lamun kasorot hibarna layung (hanjakal can aya layung) moal boa baris hurung mancur lir emas sinangling. Kitu apan anu sok dipapantes dina dongéng ogé.
Henteu kaburu Nénget-Nénget nu séjénna, lantaran manéhna kaburu ngarérét mantén. Gancang baé ngabalieur, api-api nénjokeun gunung. Padahal, boa ngarérét sotéh awahing cangkeul ti tatadi teu obah-obah, lain pédah diténjokeun ku kuring. Ngarérét téh ukur mindahkeun paneuteup wungkul. Buktina, ngan sakeudeung ngarérétna téh. Geus kitu mah manco deui kawas mimiti. Ngan ramona anu marucuk eurih téa, kalahka mites-mites régang, terus dialungkeun ka lebak, kawas nu pangangguran baé. Tapi da lain ngahaja babalédogan, éta mah ukur tamba cicing baé kawasna téh. Moal hadé meureun ari nanggeuy gado mah, atawa nyoo tungtung baju siga budak. Nya régang anu jadi paneumbleuhanana téh, dipiteskeun, dialungkeun sahayuna.
Salila-lila paheneng-heneng. Manéhna kawas keur ngitung pétakan sawah, da biwirna kunyam-kunyem. Ari kuring kalahka ngitung régang anu dialungkeun ku manéhna. Ti mimiti miteskeun, nepi ka basa manéhna kunyam-kunyem kénéh, geus aya sawelas alungan. Manéhna siga nu bingung rék ngomong téh. Kawas rék sapokpokeun, tapi kaburu nyelek dina tikoro. Kawas rék nyarita, tapi biwir henteu daék engab. Antukna ukur nepi ka kunyem, anu pikeun kuring sorangan hésé ngahartikeunana.
Kuring sorangan, henteu wani ari kudu miheulaan ngomong mah. Eukeur mah heurin ku létah, katurug-turug teu boga niat ngabalakan. Malah geus dikayidkeun jeung haté kuring sorangan, ulah miheulaan nyarita, bisi wiwirang. Keun baé itu sina capétang heula. Ngarah urang bisa ngabadé ka mana maksudna. Lamun miheulaan, bisi anu dicaritakeun ku urang henteu “saidiologi” jeung kereteg haténa. Bisi neunggar cadas. Bisi itu bogapikiran nu lain-lain. Kitu ceuk haté kuring téh.
Éta ogé, ari nu rék diobrolkeun ka manéhna mah, ti barang indit geus disusun dina rupa-rupa kalimah. Mun manéhna nanya kieu, geus nyampak pijawabeunana anu merenah. Malah ti keur di imah ogé, maké kaburu kénéh mukaan kamus, néangan kecap-kecap anu murwakanti, liris tur ngagalindeng. Anu matak ngeunah kadéngéna. Anu puguh éntép seureuhna. Sapoé kamari mah henteu ngaroko, bisi dina waktuna ngadadak serak, atawa nepi ka ngéhkéh batuk. Najan henteu kungsi diapalkeun, tapi geus moal salah deui, nya éta pisan anu rék dicaritakeun ku kuring téh.
Mimitina, sabada manéhna ngabalakan, meureun kuring téh kudu basa-basi heula. Bubuhan manéhna kakara pisan jol ti kota, sawadina kuring nanyakeun : iraha ti ditu, kumaha kaayaan di ditu, daramang urang ditu. Mun geus kitu, kakara nanyakeun perkara pangabetah. Terus tetelepék, naha bet arang balik ka lembur, geus poho ka “nu di lembur”? Tah, palebah nyebut “nu di lembur”, sakuduna kuring bari seuri saeutik, tapi lain hartina ngahina. Sangkan ku manéhna kajudi, nu dimaksud “nu di lembur” téh nya jelema nu ayeuna keur adu-hareupan.
Tapi, aya hadéna kétang, lamun kuring nyaritakeun heula perkara Tegal Eurih, tempat anu ayeuna dipaké diuk.
“Naha bet ngajak ka dieu, apan Tegal Eurih mah tempat hara-haraeun?” kitu meureun ceuk kuring téh, dina bubuka obrolan. Kitu ogé lamun adegan rék dimimitian tina nyaritakeun Tegal Eurih.
“Ah, da rido dicandak ka tempat hara-haraeun ogé,” moal henteu kitu ngajawabna téh. Palebah manéhna nyebut “rido” ku sora anu pinuh “karidoan” téa, haté kuring moal henteu ngadadak bungangang, teuing diteruskeun ajrag-ajraganana mah.
“Capé panginten, nya. Biasana tara mapah nanjak?”
“Henteu, da aya réncang ieuh!” palebah nyebut “réncang”, sakuduna manéhna bari ngarérét ku juru panon, mun perlu bari imut nu saeutik téa.
“Kumaha, matak betah Tegal Eurih téh?” ceuk kuring saterusna.
Manéhna pasti ngajawab, “Kantenan atuh. Hawana seger, alamna beresih, titingalan bangblas ka jauhna. Tuh tingali, Kang, sawah sakitu makplakna, paréna sumedeng konéng, ngamparna satungtung tingal. Itu deuih aya méga luhur gunung, méga bodas ayang-ayangan,”
“Kumaha mun urang ameng ka méga, urang ucang-anggé di ditu?”
“Alim ah, sieun tigubrag,” nyarita kitu téh moal teu bari nyiwit kana leungeun, ciwit nu matak deudeuieun téa.
*
Panonpoe geus lingsir ngulon. Sabudeureun Tegal Eurih teuing ku simpé. Nu kadéngé ukur récétna sora manuk. Sakapeung kadéngé séahna daun eurih nu katebak angin. Daunna patingarulang.
Bitisna ngolenyay deui, basa erok landung katebak angin ti landeuh. Ngalenyap, ngalenyapna mah. Tapi henteu bisa neuteup lila, sabab angin kaburu leler deui. Jempling deui.
Manéhna angger kénéh diuk di dinya. Panonna angger kénéh neuteup pasawahan. Henteu kungsi ngarérét ka kuring, teuing lamun sabot kuring nénjo gunung mah. Boa manéhna ogé nitetan kuring. Boa antara kuring jeung manéhna téh silih paling rérét, najan henteu kedal sora ogé.
Ngan naha atuh, ieu biwir bet hésé diengabkeunana. Atawa rék tuhu kana kayid baé, moal miheulaan nyarita. Tapi nepi ka iraha, da rarasaan, diuk di dieu téh geus lila naker. Atawa rarasaan baé lila téh, pedah henteu dibarung ngobrol. Pédah papada haré-haré.
Padahal urusan nyarita mah, asana kurang kumaha. Jaman keur SMU kénéh, kungsi sababaraha kali jadi juara pidato. Atuh urusan ngaranggeuy kalimah, malar liris jeung romantis, apan mindeng guguru ka Hadi AKS, beunang disebut saéhuna nyusun kecap nu ngagalindeng mah.
“Ah, tacan waktuna baé sugan!” ceuk kuring, ka kuring sorangan. Kakara gé ngagerentes kitu, manéhna ujug-ujug ngarérét. Pareng deui kuring ogé ngarérét. Manéhna unggeuk. Kuring milu unggeuk. Geus kitu mah kawas samemehna deui. Nu anteng nyawang pasawahan. Nu galécok dina haté.
“Ieu Tegal Eurih téh, Kang?” kahayang mah manéhna terus nanya kitu. Keun baé henteu bari ngarérét ogé, ari horéam pateuteup panon mah.
Meureun ku kuring téh dijawab, “Enya, apan itu tingali, kebon eurih sakieu legana. Urang lembur ogé, ari butuh keur hatéup saung, ngala eurihna téh sok ti dieu baé. Nu matak beulah ditu mah rada lénglang!” ngomong kitu téh kuring bari tutunjuk. Geus kitu, barabat kuring nyaritakeun sajarah Tegal Eurih, anu kungsi didongéngkeun ku Aki. Lamun perlu diémbohan ongkoh.
“Tah, di dieu téh baheula mah tempat nyumput gorombolan,” ceuk kuring. Palebah nyebut “gorombolan” rada ditarikeun, sugan baé manéhna sieuneun, terus ngised ngadeukeutan. “Ieu téh kaasup tanah hakulah, henteu puguh nu bogana. Tapi saha atuh anu daékeun tatanén di dieu, apan taneuhna ogé sakieu angarna. Ukur cadas jeung batu taringgul. Nu matak eurihna diantep beron, tara aya nu nyacar. Dipaké ngangon domba, jalanna tarahal teuing. Éta ogé, ari nu ngarit mah sok aya nu nepi ka dieu. Sakapeung sok dipaké tempat kemping ku barudak. Merenah tempatna mah. Tuh di beulah kalér aya cinyusu, caina hérang ngagenyas. Geura urang ameng ka palih ditu, ngadon ngeueumkeun sampéan,”
“Alim ah, sieun tikunclung!” nyarita kitu téh, tangtuna ogé bari semu ogo.
“Moal, apan aya Akang!”
Terus leumpang paduduaan. Leungeunna ditungtun. Karasa haneut jeung lemes. Ngadadak aya nu nyaksrak kana awak. Buukna ririaban, sakapeung napel dina irung kuring. Seungitna teu katulungan. Pareng jalanna leutik, atawa aya nu rumpil, taktakna semu dikenyang.
“Akang, aringgis abdi mah!”
“Muntang atuh kana leungeun Akang!” kitu meureun ceuk kuring téh. Ari hég erok landungna tikait kana cucuk. Manéhna jéjérewetan, ngajerit ogo téa.
“Akang, erok tikait!”
“Keun ku Akang urang laan!” ceuk kuring. Ari ngalaan erok tina cucuk téh, ngahaja sina rada ngusey. Ngarah sabataé nénjo bitis nu ngolényay, ti kadeukeutan.
Tapi ukur ceuk meureun jeung sugan. Da apan manéhna mah angger kénéh diuk.. Sakapeung biwirna ngunyem deui. Kaos bodasna, nu dipakéna sari merecet, sababaraha kali kaeunteupan daun mahoni. Tapi diantep wé, kawasna mah henteu karasa. Kahayang mah kuring nu nyokot kalakay téh, bari semu dikeprukeun.
Régang anu dialungkeun geus henteu kaitung. Nu untungna mah tangkal mahoni, sababaraha kali kasampayan buuk nu hideung tur meles. Régang deui nu untung mah, bisa antel jeung ramo nu mucuk eurih.
Angger manéhna neuteup ka jauhna, kawas nu keur ngumbar panineungan. Atawa enya kitu manéhna keur nginget-nginget mangsa lawas, mangsa sakitu taun katukang. Mun enya téh, anu diinget-inget tangtu tepungna kuring jeung manéhna. Tepung anu ukur salangkung, tapi terus manteng dina angen-angen, tug nepi ka kiwari.
MANÉHNA téh aslina mah urang Cianjur. Datangna ka lembur kuring, éstuning henteu disangka-sangka. Dalah kuring sorangan, henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan baris kaanjangan manéhna.
Cenah manéhna téh alo Pa Kuwu. Kungsi tilu taun lilana cicing di lembur kuring. Ngan nyakitu, cicingeun pisan. Tara pati riung-riung. Sapopoéna ngotok-ngowo di imah. Éta ogé, loba lalaki nu ngahelaran, malah henteu saeutik anu terus nyuratan. Tapi tacan kacaritakeun aya nu nyanggut.
“Lindeuk japati Néng Anis mah,” ceuk Si Diran, babaturan kuring nu kungsi nyuratan, tapi teu puguh balesanana.
“Siga kumaha kitu, geulis?” ceuk kuring, anu harita mah can apal kana beungeutna. Ukur ngadéngé euceuk jeung cenah baé.
“Puguh wé atuh. Di lembur urang mah biheung aya babandinganana!”
“Urang mana cenah?”
“Urang Cianjur. Ngan ayeuna mah rék cicing di emangna,”
“Saha emangna téh?”
“Enya, Pa Kuwu. Béjana mah rék ngadon sakola di dieu!”
Bener pisan caritaan Si Diran téh. Sabab sababaraha poé ti harita, kuring nénjo manéhna di sakola. Inget kénéh, buukna ngarumbay panjang, diuntun dua. Mani pantes naker maké saragam SMU téh. Nyurup jeung tangtungan nu jangkung lenjang. Puguh baé, sasakola kuring mah ngadadak geunjleung. Iburna leuwih ti basa ka sakola aya Mentri Pendidikan.
Kaparengan kuring harita jadi ketua OSIS. Ari manéhna téh adi kelas kuring. Atuh sabataé bisa papanggih. Da apan harita mah geus ilahar, barudak nu anyar asup téh sok “disiksa” heula, diospék mun di Paguron Luhur mah. Manéhna ogé kabagean hukuman. Tapi asa karunya ari ka nu geulis mah. Asa henteu téga. Ongkoh manéhna cicingeun jeung bangun éraan naker. Tungtungna mah, hukuman anu sakuduna push-up dua puluh kali téh, diganti ku nembang. Manéhna henteu burung daékeun.
Na eta mah, ari galindeng téh ngalagu Gandrung Gunung, lagu Cianjuran tea. Kabéh ogé kawas ngadadak kasima. Dipapantes téh rék ngalagu Sandiwara Cinta-na Nike Ardilla, atawa Untukmu Segalanya-na Novia Kolopaking anu harita keur meujeuhna dipikaresep ku barudak awéwé. Keun palebah lagu Gandrung Gunung-na mah, Si Lisna ogé bisaeun, bubuhan indung tukang mamaos. Nu matak dédéngéeun mah sorana, teuing ku halimpu. Palebah rumpaka anu ngageuri, da mani ninggang naker atuh. Bet matak nyeblak kana haté. Kabéh ogé taya nu teu ngajeten. Da éta wé, basa manéhna bérés nembang téh, kalahka patingharuleng kawas ngadadak kasima. Guru PPKN anu harita kaparengan ngabandungan, nepi ka reumbay cimata.
Ti harita manéhna mimiti sohor di sakola téh. Malah ku barudak mah nepi ka dilandi Nyai Gandrung. Pinter deuih, keur geulis téh, di kelasna ogé rengking baé. Sababaraha kali jadi juara umum.
Cicingeun pisan manéhna mah. Tara pati ngobrol. Da éta wé, jeung babaturanana ogé, ukur saperluna baé ngobrol téh. Mun ditanya ku lalaki ogé, ngajawabna téh ukur sakecap-sakecap, “duka” atawa “muhun”. Karesepna kana maca karya sastra klasik. Buku-buku di pabukon sakola mah, kawasna geus kabaca kabéh.
Sabenerna mah henteu kungsi uplek ngawangkong kuring jeung manéhna téh. Jajauheun nepi ka nyarita paduduaan mah. Malah nepi ka ayeuna ogé, kuring mah asa henteu wawuh jeung manéhna téh. Patepung ogé langka. Manéhna kawas nu embungeun diajak bareng indit atawa balik sakola téh. Ongkoh sok dijajapkeun baé ku Pa Kuwu.
Nu disebut wawuh téh, ukur dina surat. Paguneman dina keretas. Manéhna mani bacéo pisan ari dina surat mah. Sagala dicaritakeun. Ti mimiti karesepna kana nembang, nepi ka pangalamanana di Cianjur, basa keur sakola di SMP.
Si Diran, Si Usin, jeung nu sejenna, kungsi nyuratan manéhna, tapi tara kungsi dibalesan. Teuing mun manéhna henteu apaleun étika, yén anu nyuratan mah kudu baé dibalesan, sakumaha teu sempetna ogé. Kuring ogé geus rék tret pisan nulis surat. Da ari urusan pangaresep mah geuning teu bisi disisilihan ku nu séjén. Ngan saméméhna, nénjo heula kopian surat Si Diran, ti dituna mah rék “ngantisipasi” kalemahanana. Palebah mana kurangna, naon anu kudu dibebenah. Barang kuring maca surat ti Si Diran ka manéhna téa, puguh baé hayang seuri mah. Éta atuda kekecapanana, mani kawas nu geus dalit baé. Biasa, sakumaha jurus Si Diran dina nyieun surat, teu weléh dibungbuan ku basa Inggris anu bala di ditu di dieu. Ari dina bubuka surat, bet asa nyeueung nu kakara cacarakan nyieun sajak : tingginya gunung akan kudaki, luasnya samudra akan ku sebrangi, cenah. Teuing naon maksudna.
Ana kitu mah, meureun manéhna téh henteu resepeun basa nu karariritu. Nu matak eusi surat téh pondok baé :
Haturan Anis di Panglinggihan.
Tangkal cucuk, buah leutik
Saha atuh salira téh.
Kitu mun teu salah mah, teu kurang teu leuwih. Dibungkus ku amplop bodas, henteu kekembangan kawas nu Si Diran. Da teu kungsi diisukeun atuh, poe éta kénéh ogé geus meunang balesanana. Henteu ari dibikeun langsung ku manéhna mah, tapi dipihapékeun ka babaturan kuring nu awéwé.
“Deuleu Diran, nu kuring mah langsung nyanggut!” ceuk kuring, bari némbongkeun surat ka Si Diran. Puguh baé mani olohok, kawas nu cangcaya.
Henteu langsung dibuka, dibekel wé ka imah. Solat lohor heula, kakara di buka di kamar. Amplopna konéng sahéab. Mani seungit melenghir, teuing pedah dibarung ku haté anu bungangang.
Nepi ka ayeuna ogé, eusi surat nu mimiti téh inget kénéh.
Meuli entéh reujeung cikur
Manuk anis na ganitri
Abdi téh urang Cianjur
Wasta mah Anis Sulatri
Pisin mah wadah antenan
Diémbohan saliara
Isin mah atuh kantenan
Diwanohan ku salira
Paria kembang kananga
Diseupan jeung kembang waluh
Mugi salira uninga
Pan abdi téh nuju éwuh
Damina anu salaksa
Nya waruga satangtungan
Upami salira kersa
Sumangga atuh waleran
Leng, ngahuleng. Asa kakara manggih surat kawas kitu. Meunang sapeuting mah teu daék saré. Eusi surat terus dilenyepan. Kecap-kecap anu sakirana kuring teu apal, gancang ditéang dina kamus. Pan abdi téh nuju éwuh, bingung ku naon, nya? Ngan nu écés, manéhna miharep sangkan susuratan kawas kitu téh terus manjang. Buktina aya kalimah, sumangga atuh waleran.
Ti harita susuratan jeung manéhna téh. Ti mimiti surat pondok, nepi ka surat anu panjangna tilu lambar. Abong urang Cianjur, éta basana téh éstuning ngareunah dibacana. Taya nu matak nyentug, jajauheun kana sindir-sampir mah. Manéhna kawas geus paham pisan kana basa Sunda téh. Buktina, kuring sok mindeng mukaan kamus, lantaran manggihan kecap anu kuring sorangan teu ngarti.
Teuing geus sabaraha puluh kali nyieun surat téh. Jejerna rupa-rupa, ti mimiti pangajaran di sakola, kahirupan rumaja jaman kiwari, nepi ka sual pangaresep. Lantaran manéhna resep kana sastra, pangpangna dina basa Sunda, atuh kuring ogé maksakeun macaan buku-buku basa Sunda. Sangkan ulah siga poékeun teuing. Manéhna nyebutkeun kapincut ku karangan-karangan Syarif Amin. Asa napel jeung lelembutan magar téh. Kadangkala, manéhna sok terus ngabahas carita anu tas dibacana. Kumaha wé kritikus sastra.
“Abdi mah resep kana karangan anu romantik, liris, tapi henteu réhé. Sapertos Dongeng Biduan kenging Hadi AKS, atanapi Nu Teu Kungsi Kalisankeun kénging Abdullah Mustappa!” ceuk manéhna, dina surat. Keur kitu mah, bet jorojoy boga cita-cita hayang jadi pangarang. Paling copél bisa nyieun carpon, hég dibikeun ka manéhna. Kungsi éta ogé dicobaan, tapi da puguh euweuh topek téa, kakara lima jajar ogé kaburu mandeg.
Kadangkala, manéhna sok nyempad pamanggih kuring. Der hoghag debat dina surat. Lamun manéhna ngarasa kapépéd, sok terus nyarita : muhun, panginten salira anu leres mah.
Mani asa geus wanoh naker dina surat mah. Obrolan téh lir jeung jelema anu geus dalit. Geus henteu ngawagu. Geus henteu asa-asa. Tapi nepi ka kiwari, ari ngobrol lisan mah tacan kungsi. Boh kuring, boh manéhna, bacéo téh ukur dina tulisan. Manéhna kawas henteu méré kasempetan pikeun patepung, mani bangun lingas naker. Paingan ceuk Si Diran, Anis mah lindeuk japati.
Éta ogé, kungsi diniatan rék ngahaja nepungan ka imahna, ka imah Pa Kuwu téa. Tapi ukur nepi ka buruan imahna. Kandeg mantén, malah saterusna mah balik deui. Atuh wangkongan téh lir batin jeung batin baé, henteu napak dina kanyataan. Dalah Si Diran sorangan, anggapanana téh kuring jeung manéhna henteu kungsi ngajadi. Da iraha teuing atuh babarengan, sumawonna nepi ka ngobrol paduduan.
Kungsi kétang, rada patanya téh basa poéan lebaran. Kaparengan manéhna milu solat idul fitri di balé désa. Palebah nguriling sasalaman, gok jeung manéhna. Ukur harita paantel jeung ramona téh, kitu ogé henteu lila, da loba batur téa. Manéhna ukur nyarita :
“Damang?” cenah, bari mawurkeun imut. Imut anu teu weléh saeutik, tapi matak ngadégdég saawak-awak.
“Pangésto!” ceuk kuring. Katémbong panonna ngagiler. Panon anu ceuleuyeu téa. Ngagiler téh teuing ngadilak, teuing ngelétan, henteu kabadé.
Ari waktu mah apan terus nyérélék. Mani sajorélat kuring geus kaluar ti SMU. Neruskeun sakola ka IKIP Bandung, ngontrak di Geger Kalong. Langka balik ka lembur. Atuh susuratan ogé saheulanan mah kapegat. Ongkoh manéhna beuki riweuh geus kelas tilu mah, nyanghareupan ujian.
Sataun ti harita, manéhna ogé kaluar ti SMU. Tapi kalahka pindah ka Jakarta, neruskeun sakola di Universitas Indonesia. Saméméh indit téh, manéhna kaburu kénéh mihape surat ka adi kuring. Eusina pondok naker:
Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi.
Henteu dibalesan, da manéhna kaburu indit. Henteu méré alamat deuih, di Jakarta téh cicingna di mana. Nyuratan ka lembur ogé euweuh. Lima taun lilana henteu kungsi hubungan. Tadina mah ku kuring téh rék dipopohokeun baé, tepungna kuring jeung manéhna téh, meureun ukur panineungan anu ngan sajorélatan. Ukur bagéan tina lalakon kuring mangsa rumaja.
Tapi anéh, beungeutna bet napel baé dina angen-angen. Nepi ka kuring henteu kungsi dibéré resep ka nu séjén, iwal ti ka manéhna. Angen-angen anu disidem lima taun lilana, ti mimiti kaluar sakola nepi ka bérésna kuliah. Sanajan, nu dianti téh tacan karuhan, da puguh teu kungsi aya kayid antara kuring jeung manéhna. Jajauheun kana nepikeun maksud nu dikemu mah, apan nanyakeun “dupi Anis téh tos aya nu kagungan” ogé teu kungsi. Ku kituna, sanggeusna indit ti lembur, manéhna mah moal kabeungkeut ku jangji pasini. Baris laluasa néangan batur hirup téh, moal aya nu ngahalang-halang. Kuring ogé sarua baé. Lamun niat milih pibatureun hirup téa, moal maké kakagokan ku manéhna.
Tapi apan haté leutik mah henteu beunang disisilihan. Kuring angger nganti manéhna. Nepi ka iraha baé.
Ari ayeuna, geus lima taun lilana, manéhna datang deui ka lembur. Bet asa nimu deui mutiara anu kungsi leungit harita. Ceuk béja ti tatangga, ayeuna mah Anis téh rék tumetep di lembur kuring. Kuliahna geus bérés, malah geus katarima digawé, di kantor Diknas kabupatén.
Kakara ngadéngé béjana ogé, jajantung geus miheulaan ratug. Bet ngalangkang deui tangtungan lenjang téh, tangtungan anu pikeun kuring mah teu kungsi manggih bangsana. Bet kapireng deui lagu Gandrung Gunung anu ku manéhna kungsi dihaleuangkeun harita. Sorana nu semu ngageuri, nongtoréng kénéh dina ceuli. Bet kadeuleu deui buukna nu panjang diuntun dua, imutna anu saeutik téa.
Tadina mah geus ngagutrut rék nyieun surat. Can wani ari nepungan ka imahna mah. Inggis kawas ti heula deui, ukur nepi ka buruan. Tapi kaburu datang mantén surat ti manéhna. Eusina geus pondok deui baé :
Upami aya widi Manten-Na.
Kumaha upami urang ngalanglang Tegal Eurih.
Enjing pasisiang, diantosan di péngkolan.
Sapeuting éta mah henteu daék saré. Malah terus mikiran picaritaeun, naon anu rék dikedalkeun ka manéhna poé isuk. Surat-surat ti manéhna dibacaan deui, itung-itung ngaguar lalakon lawas. Geus disusun, tah ieu nu rék diomongkeun téh. Mun manéhna nanya kitu, kudu kieu ngajawabna.
Isukna, enya baé manéhna ngadagoan di pengkolan. Buukna angger panjang. Maké erok landung warna konéng saheab. Ka luhurna kaos bodas, rada nyitak awak. Rada kapangaruhan ku dangdanan kota sigana mah. Tapi mungguh téténjoan kuring, asa kéwés baé katémbongna téh.
Barang gok, kalahka paheneng-heneng. Manéhna teu lémék, kalahka tungkul. Sakedapan ngajengjen, kawas dua patung nu anyar dijieun. Tapi lila-lila, manéhna ngarérét. Terus leumpang ka lebak. Kawasna mah geus apaleun jalan Tegal Eurih téh. Teuing ti saha nyahona. Teuing lamun sabot nungguan kuring manéhna tetelepék ka urang lembur.
Di jalan téh estuning jempling, taya nu nyoara. Henteu déhém-déhém acan. Sakitu nyorang jalan gurawés, manéhna mah tonggoy baé. Pantesna néangan pamuntangan, da apan manéhna téh henteu sorangan. Kuring sorangan henteu wani ari hihidenganan nyekelan leungeunna mah. Eukeur mah ti baheula ogé teu biasa, katurug-turug anyar kénéh papanggih. Lima taun téh apan lain waktu anu sakeudeung.
Ayeuna, kuring jeung manéhna geus aya di Tegal Eurih. Ayeuna manéhna neuteup kénéh pasawahan. Sarta kuring ukur bisa maling rérét, nelek-nelek robahna tangtungan sanggeus lima taun teu tepung. Katembongna geus leuwih déwasa manéhna téh. Beungeutna henteu sabaraha robah, kalahka asa beuki pantes baé. Komo apan lila cicing di kota. Ari di kota téa, urusan ngajaga karancunitan mah, dinomer-hijikeun.
Sababaraha kali kuring ngambeu seungit awakna, hihiliwiran sabudeureun Tegal Eurih. Teuing parpum nanahaon nu dipakéna, da mani asa anteb kana irungna téh. Ongkoh apan dibarengan ku pangaresep téa, najan bau késangna ogé, boa seungitna alah manan minyak kastori.
Diuk téh ngised ngadeukeutan. Tina sadeupa, ayeuna mah anggangna téh kira-kira sapanjang leungeun. Tapi manéhna haré-haré baé. Atawa tacan anggeus kitu, ngungkaban lalakon lawas. Lalakon “nu teu kungsi kalisankeun téa”, ceuk Abdullah Mustappa mah.
“Piraku ngahuleng baé, Nis?” ceuk kuring, tapi ari kedal mah henteu. Atuh ana kitu mah, meureun kudu kuring anu miheulaan nyarita téh. Bisi manéhna éra kénéh, atawa asa-asa, atawa henteu daék pok.
Renghapanana katara turun naék. Uyuhan teu cangkeul, ti tatadi ngajentul di dinya. Uyuhan teu bosen neuteup pasawahan. Naon atuh anu dipalar ku manéhna pangna ngajak ka Tegal Eurih téh?
Nu galécok téh kalahka dina haté kuring sorangan. Dipapantes lamun kuring nanya kieu, manéhna baris ngajawab kitu.
“Emut kénéh, Nis, lagu Gandrung Gunung?” tangtu manéhna kagagas ditanya kitu mah. Boa terus ngarérét ka kuring, sarta melong anteb naker. Boa terus ngahariring leutik, nembangkeun éta lagu, dina sora nu sari ngageuri téa.
“Kantenan atuh,”
“Emut kénéh basa urang sok susuratan?”
“Euh, kantenan. Seratna ogé ku abdi disimpen. Nu Akang aya kénéh?”
“Puguh atuh. Moal nepi ka ical. Panineungan éta mah Nis, moal hilap dugi ka iraha ogé,”
“Boa Akang mah tos milarian nu sanés, nya?” mani hayang naker ditanya kitu. Nanya anu semu timburu téa, bari baéud, tapi matak nineung ku baéudna.
“Upami tos aya nu sanés, kumaha?”
“Abdi rék wangsul deui!” bari api-api cengkat, tapi terus diuk deui.
“Lima taun Akang ngantosan téh …”
“Naha henteu dijejegan genep taun?” manéhna ngadilak.
“Urang kota mah garandang, nya!”
“Duka, ah!”
“Ari Anis sok maca kénéh buku sastra?”
Manéhna ngarérét, asa diingetan. Terus unggeuk bari imut.
“Di rorompok Akang seueur, ngahaja haturkeuneun ka Anis!”
“Buku Galuring Gending aya?”
“Kantenan …”
“Tapi urang mah ulah kawas Saras sareng Panji, nya!”
*
Layung geus mimiti hibar di beulah kulon. Ngahibaran beungeut manéhna nu masih kénéh neuteup pasawahan. Katémbong ayeuna mah, kulitna nu kasorot layung, beuki ngempur cahayaan. Buukna angger kénéh ririaban. Sakapeung nyapuan tangkal mahoni.
Bet kawas patung sarérétan mah. Teu usik teu malik. Atuh kuring ogé bet milu ngajeten.
Naha bet asa-asa, ceuk kuring sorangan. Apan ayeuna mah geus papada déwasa. Naha maké jeung pabetem-betem. Manéhna tangtu capetang nyarita, piraku da mahasiswi UI. Kuring sorangan apan kungsi jadi juara pidato. Lamun pareng sina ngawangkong, piraku henteu nyekrup. Piraku aya waktu nu simpé tina obrolan.
Iraha deui atuh aya kasempetan nu alus kawas ayeuna. Paduduaan, di Tegal Eurih, jauh ka ditu ka dieu. Paling ogé dilalajoan ku pucuk eurih. Mun éra, éra ku saha. Mun sieun, sieun ku saha. Paduduaan ieuh, ukur kuring jeung manéhna.
Matak manéhna ngajak ka dieu ogé, meureun haténa téh geus méréan. Saha awéwéna atuh, anu daék dibawa ku lalaki ka tempat hara-haraeun kieu, lamun henteu dibarung ku kapercayaan. Apan tina sorot panonna, manéhna mah kawas yakin pisan, najan paduduaan di tempat sakieu sunina, kuring mah henteu boga niat goréng.
Geus meujeuhna ngedalkeun kereteg haté, satutas sakitu taun lilana diteundeun dina rasa nu pangjerona. Atuh upama kuring balaka, jawabanana téh ukur dua kamungkinan, narima atawa nolak. Duanana ogé rék ditarima ku kasadrahan, ti batan ngerém katugenah, ti batan jadi pikiran. Lamun manéhna narima, hartina daék dipileuleuheungkeun ku kuring, meureun danget ieu téh jadi mutiarana wanci pikeun kuring mah. Mutiara anu tacan kapanggih saméméhna, jeung teu kungsi dikedalkeun ka awéwé séjén. Mun manéhna terus unggeuk, nyebut muhun atawa ngaenyakeun kana pamaksudan kuring, leungeunna tangtu dicekelan, moal asa-asa. Boa manéhna terus ceurik dina lahunan, ngabedahkeun cimata dina rupa-rupa rasa. Boa haté manéhna henteu béda ti kuring, keur ditalingkung bangbaluh, ditalikung héséna ngedalkeun kecap. Moal henteu beuki hibar layung téh, lamun manéhna kabiruyungan ceurik dina lahunan, inghak-inghakan sari ngageuri. Moal teu ngadadak cangra alam dunya téh, lir béngrasna langit nu keur ngiuhan ayeuna, ngiuhan kuring duaan.
Upama manéhna nolak, ku basa anu lemes tur henteu matak nyentug, meureun pasini téh henteu kungsi dikayidkeun téa. Turta kuring sorangan baris narima éta kaputusan, dibarung karumasaan. Rumasa yén anu dikemu salila ieu téh éstuning nogéncang, nyorangan, taya papasanganana. Naon anu perlu dipikasieun, da ceuk kolot ogé, lalaki mah ditampik paranti ditolak biasa. Moal bisa maksa kahayangna, lamun enya rék miceun téh. Malah bisa jadi panggeuing pikeun kuring, yén kuring téh henteu merenah nyandingkeun manéhna.
Nu matak ayeuna mah geus nyieun kaputusan, kuring téh kudu nyarita ka manéhna. Boa manéhna téh ayeuna keur nganti-nganti, da puguh awéwé mah dulang-tinandé, tara wani miheulaan.
Maké jeung babacaan heula rék nyarita téh, bisi salah pok. Geus diajam, rék ti dieu ngamimitianana téh. Moal loba ngalér-ngidul heula, rék langsung baé kana pokona. Ongkoh wanci beuki nyedek ka burit. Kumaha lamun poékeun di jalan. Moal hadé paduduaan di dieu nepi ka peuting mah, kuriak disangka nu lain-lain.
Tapi kakara ogé rék engab, geus sapok-pokeun pisan, manéhna kaburu ngarérét mah. Atuh ngelok mantén picaritaeun téh. Mabur teuing kamana. Da manéhna kalahka neuteup ku panon anu semu ceuleuyeu téa. Teuteup anu hésé ngahartikeunana, naha sumerah, atawa narah.
Lila ogé neuteupna téh, nepi ka kuring ampir-ampiran bobor karahayuan, samar polah teu puguh rasa. Ngan biwirna katémbong imut. Imut anu saeutik téa. Atuh kuring ogé ukur bisa ngabales ku imut deui. ***
Ku DADAN SUTISNA
Peuting Tepung Taun, 21-22 Pebruari 2002