TAJUG geus réhé. Padahal méméhna, Ustad Patma ngabéjaan yén ayeuna téh peuting laélatul qodar. Simpé sotéh, cék haté Rasmita, boa lain pédah euweuh pangeusina. Boa di jero mah pinuh, ngan keur papada husu nyorang peuting sarébu bulan, nepi ka jempling teu kapireng nanaon.
Jegoh deui, Rasmita batuk. Unggal jegoh, dunya téh sok asa poék, da puguh nu nyeri dina angen seueulna teu katulungan. Tapi ayeuna, siga peuting méméhna, manéhna bisa kénéh nénjo langit nu hieum. Unggal nénjo langit, unggal kumejot hayang hiber, hayang mubus kana belegbegna peuting.
Panto kamar ngarekét. Teu kudu dilieuk, tina hiekna bau parfum, pasti nu asup téh Suningsih, pamajikanana.
“Tutupkeun atuh jandélana, tiris. Pan nyaho keur gering!” sora semu teugeug ti tukangeun, ditungtungan ku nu muka lomari.
“Keun baé, keur resep nénjo langit!” walon Rasmita, alon.
“Da mantangul waé Akang mah. Rék cageur kumaha ari kitu?”
“Sun … teu ngarti Akang mah. Ari cita-cita hayang siga Siti Aisyah, tapi ka salaki suntak-sentak waé …”
“San-san, sun-sun, pan biasana gé Akang téh nyebut Ningsih!”
Jep jempling. Ukur haréwos angin nu kadéngé ku Rasmita.
“Malem laélatul qodar ayeuna téh nya. Sigana pantes mun maot téh dina peuting ieu baé. Meureun rada gedé pahalana.”
“Tuh, nya. Da Nabi mah tara aral subaha, tara ngarasula. Ieu mah kumaha atuda, nu diomongkeun ukur maot jeung maot.”
“Da Akang mah jajauhan tina pasipatan Nabi …”
“Nya kitu pisan, antukna kami gé jajauheun tina pasipatan istri Nabi …”
“Ah, si éta mah. Bisa waé malik-malikkeunna téh.”
“Nya enggeus barina gé, hog-hag kawas kieu téh geus teu kaitung. Bosen. Kadé jandéla tutupan, kami rék indit heula.” kadéngé sora nu ngajablogkeun panto lomari.
“Har, rék ka mana? Pan peuting ieu téh?”
“Iiih, na mani unggal peuting nanya kitu téh? Nya rék ti mana urang dahar mun kami teu ihtiar?”
“Heueuh, jung waé. Ngan kieu maksud téh … mun Akang geus maot mah, pan meureun Ningsih téh jongjon. Bisa kawin deui. Bisa boga budak. Moal kasiksa siga ayeuna. Jeung asa béda kila-kilana ieu téh. Ti beurang kénéh, éta manuk situncuing disada waé tukangeun imah. Paralun, lain percaya kana tahayul, ngan pan geus jadi rusiah saréréa, situncuing téh sok ngadeukeutan nu rék maot.”
Mani ngan sakolépat, geus aya nu ngabelegbeg hareupeun Rasmita. Terus ray-rayan, nyaangan, nepi ka katémbong biwirna nu dipulas lipstik.
“Kitu geuning Akang mah, ukur bisa nyungkun, ukur bisa ngésék-ngésékkeun. Yeuh, Akang, mun téa mah kami miharep Akang euweuh, teu kudu ngadagoan maot, geus wé ménta diserahkeun. Saréréa gé, najan jelema sakumaha bolohona, bakal nyebut wajar jeung meujeuhna mun kami ménta diserahkeun. Ari kawajiban salaki téh apan nganapkahan pamajikan, boh lahirna, boh batinna. Akang mah duanana gé teu bisa. Bari lain itungan sakeudeung, … sapuluh taun. Tapi meureun ku Akang gé katémbong, kami daék kénéh ngurus Akang. Mana kitu gé nyaah kénéh. Haat kénéh.”
“Heueuh, tapi …”
“Geus teu kudu réa tapi … Tuda asa teungteuingan pisan. Pamajikan mah bélaan kumaha sangkan salaki cageur, ditatambakeun ka ditu ka dieu, pulang anting ka rumah sakit. Ari nu diubaranana kalah ngarep-ngarep maot. Kurang kumaha sabar kami téh, Akang …”
Nu ngabelegbeg ngolépat deui. Bluk, sada nu meubeutkeun manéh kana kasur. Hawar-hawar kadéngé sora nu nginghak. Rasmita bep balem sajongjongan, siga béak piomongeun.
“Hampura wé atuh, Ningsih. Meureun enya Akang téh aral, nepi ka kieu ogé …”
“Kuduna Akang téh tawekal, janglar, narimakeun kana cocoba …”
“Ih, ieu gé kurang kumaha narimakeun asana …”
“Sing inget, Kang, kumaha lalampahan urang sapuluh taun katukang. Ti mimiti Akang brek gering, tug nepi ka ayeuna. Baréto urang geus boga imah, geus bumetah. Tapi Akang ngagugu napsu, der ngadu teu eureun-eureun, bari boa sok ka awéwé ongkoh …”
“Hus, ari taeun téh. Daék samedin, teu rumasa ka awéwé mah…”
“Heueuh, ngan lantaran Akang ngadu waé, tungtungna pakaya béak. Nepi ka imah gé dijual, nepi ka ngontrak sisi solokan. Kami mah sabar geuning, sugan harita ménta diserahkeun, pan henteu. Tuluy geuning tina ngadu téh Akang jadi hiperténsi, nepi ka tungtungna kaserang kasakit struk. Jabaning pakaya geus béak, jabaning …”
“Nya enggeus atuh Ning, tong dionggét-onggét deui. Pan ayeuna mah Akang geus tobat … Enya jung rék indit mah, didungakeun sing salamet …”
Sora nu cengkat tina kasur. Sora nu leumpang. Sora nu nutupkeun panto kamar. Sora …
“Minah …!”
“Nyauran abdi, Ibu? Aya pikeresaeun naon!”
“Tuh urus dunungan manéh. Tutupkeun jandéla kamar, sakalian mawa cihaneut, bisi awakna carepel, sepon deui ku manéh!”
“Mangga, Ibu …”
*
BOA enya geus ngadeukeutan.
Rasmita ngagerendeng sorangan. Jandela ngageblang kénéh. Manuk situncuing asa keur cinggékléng lebah jandéla.
Leuwih apdol, cék pikirna, mun maot téh di tajug, diriung ku nu tadarusan. Naha perlu kitu Si Minah sina nyurung korsi roda ka tajug. Tapi ah, asa kaleuleuwihi teuing. Maot mah meureun di mana waé sarua kitu rasana.
Rasmita masih kénéh ngarasa aya nu keur diuk tukangeunana.
“Minah …”
“Abdi, kulan. Tutupkeun ayeuna waé jandélana?”
“His, ulah waka. Kuring keur resep kénéh nénjo langit. Lain, ari kuring geus solat isa acan?”
“Atos rupina. Pan tadi, saur Bapa basa abdas magrib, badé dipanjangkeun waé dugi ka isa.”
“Heueuh, poho. Kumaha pasakkeun jang saur geus ditataharkeun?”
“Parantos. Manawi Bapa aya pamundut, palay tuang sareng naon?”
“Ah, henteu. Kawas teu nyaho waé kuring mah teu meunang dahar nu dicaram ku dokter. Éta wé, obat téa, siapkeun keur engké saur …”
“Muhun mangga.”
“Ngarah teu kesel mah, jung waé bisi rék lalajo tivi di patengahan.”
“Bapa henteu keueung kitu? Éta manuk situncuing mani teu lirén-lirén…”
“Ah, naha maké keueung. Jung bisi rék ka patengahan mah!”
“Muhun atuh …”
Nyorangan deui. Rasmita ngarasa leuwih bébas ngalamun, bari ngarep-ngarep manuk situncuing beuki ngadeukeutan.
Suningsih, ah, naha manéhna kudu nganuhunkeun atawa kudu nyarékan ka éta awéwé téh. Naha Suningsih téh nyaaheun, atawa ukur ngandelan kayakinan yén ayeuna mah manéhna téh geus lain lalaki. Ukur mahluk nu nganti-nganti dawuh bari taun-taun disalindungan gelung.
Ti mimiti brek gering, Rasmita ngarasa yén Suningsih geus salin jinis jadi lalaki. Usaha beurang peuting—cenah, diancokeun keur ngubaran manéhna. Bari tétéla, tina haliah dunya mah, Suningsih lain ukur hasil néangan pakeun keur tatamba, tapi aya leuwihna deuih. Imah nu tadina ngontrak sisi solokan, pindah ka perumahan, terus pindah deui ka sisi jalan raya. Bari nu sorangan. Bari agréng deuih. Ti dinya maké kabedag mayar badéga. Sapuluh taun, tapi asa gancang pisan robahna, bari Rasmita ukur nyaksian tina korsi roda.
Asa hirup teu neut paéh teu hos. Diganggayong bari nyakséni nu matak kerung. Ijiran dokter taya meneran deuih. Cenah umurna tilu bulan deui. Cenah ukur mimingguan deui. Bari ti sabatawa taun kaliwat éta téh.
Sataun sabada gering, Rasmita kungsi nékad, Suningsih rék diserahkeun waé. Ku cara kitu éta awéwé moal kabangbaluhan ku kasakitna nu mingkin ripuh. Ku cara kitu deuih, cék saréat mah, tangtu leuwih mondokkeun umurna. Sabab manéhna bakal kadungsang-dungsang euweuh nu ngurus, da puguh geus teu sanak-baraya. Boal tuluy ngalempréh sisi jalan, ditapuk laleur jeung reungit, nepi ka hosna pisan.
Ngan Suningsih keukeuh hayang ngusahakeun nambaan manéhna. Meureun mana kitu gé ngarah cageur, najan kanyataanana mah, ukur bisa manjangkeun rénghap wungkul.
Beuki dieu Suningsih beuki riweuh usahana, nepi ka tungtungna mah, ngurus Rasmita téh diteumbleuhkeun ka badéga. Ukur ceuk jeung béja, cenah Suningsih boga toko hénpun, boga kios pakéan di pasar, ditambah ku bisnis itu ieu. Ngadéngé kitu téh, Rasmita tambah ngarasa yén jiwa kalalakianana beuki mebes ka langit peteng.
Geus tumamprak, ti béh ditu gé. Rénghapna, kunyemna, geus ditiginkeun sina sumerah Ka Nu Agung, Ka Nu Ngayugakeun. Tapi aambeuanana, téténjoanana nu geus mingkin lamur, teu beunang dibobodo. Hiekna parpum, burahayna biwir Suningsih, asa ngarangsadan urat jeung sungsum.
Réhé, taya sora nanaon ti tajug. Implenganana beuki uleng, asa dibetot ka langit pingpitu. Geus kitu, situncuing asa cinggékléng lebah dadana.
*
MÉH tengah peuting. Sora nu rawah-wirih ti jero kamar.
“Ibu Ningsih … Halow … Halow, muhun, ieu sareng Minah. Bapa … muhun si Bapa … duka atuh, basa digeubig-geubig téh asa oyag kabéh. Kulan? Muhun … ka Pa Érté waé nya. Kumaha atuh? Oh … Ibu badé nyusul ka rumah sakit? Muhun atuh, tepang di ditu waé, nya …”
*
MOBIL sédan warna beureum ngadius ka rumah sakit.
“Nya bingung wé abdi mah, Kang. Naha kudu nyebut innalillahi, atawa alhamdulillah.”
“His, ari nyarios téh, nya innalillahi atuh. Komo ieu mah nu maotna carogé!”
“Nya abdi mah asa ngahelas wé, éstuning muji kana kasabaran Akang. Sapuluh taun ngantosan, bari tos korban nanaon, malih mah tos teu kaétang.”
“Ari Akang mah da niatna gé nulungan. Rido pisan, Ning. Da prinsip Akang mah, lubak-libuk harta téh, mangrupi amanah pikeun nulungan sasama. Atuh mun téa mah salaki Ningsih damang deui, nya éta nu diseja. Akang mah ukur bisa pasrah, meureunan lain jodona. Ayeuna kanyaataan kawas kieu, Kang Rasmita tos dugi kana waktosna. Nya dalah dikumaha, Akang gé moal téga ngantep Ningsih hirup nyorangan …”
“Duh, kumaha nya Kang, mani teu puguh raraosan kieu … Sedih, bingah, asa salah, asa lénglang, asa bangblas, mani ngagulung kieu …”
*
DI lobi rumah sakit.
“Kumaha, Minah? Di kamar mayat kénéh?”
“Euh …”
“Éta ambulanana geus disiapkeun? Tatangga geus dibéjaan?”
“Euh …”
“Nya enggeus, Minah. Da kami gé lain teu sedih. Komo apan kami mah ka salaki, piraku deui teu ngarasa leungiteun. Manéh onaman ukur badéga …”
“Euh … tadi téh dokter miwarang ka rohanganana. Abdi teu wantun nyalira mah, da kedah aya Ibu …”
“Nya paling rék nepikeun hasil pamariksaan. Hayu atuh, barengan wé ku manéh béh reugreug.”
*
DI rohangan dokter.
“Subhanalloh, kaahéngan Gusti mah teu tiasa dibadé!”
“Kumaha dokter téh, aya nu maot disebut ahéng?”
“Kieu, Bu Ningsih. Tadi barang dongkap ka dieu, simkuring tos mastikeun yén tuang raka téh tos ngantunkeun. Nanging, limawelas menit ti harita, bet katingal deui engapanana. Diparios… alhamdulillah, horéng nyawaan kénéh …”
“Euh … Dok …”
“Muhun, kantenan, simkuring gé tos ngajudi Ibu pasti bingah kacida. Nanging, aya nu langkung bingah deui. Sabada diparios, kasakit struk carogé Ibu, bet siga-siga badé damang. Saran simkuring mah, wios dirawat heula wé di dieu, ku simkuring saparakanca urang leukeuneun. Margi simkuring yakin, tuang raka bakal tiasa siga jagjag deui sapertos kapungkur. Masya Alloh. Ieu wengi kacida ahéngna …”
Panon Ningsih bati ngeyembeng bari nyipta-nyipta nu keur ngaléngo ngadago lebah tempat parkir rumah sakit.***
Carita Pondok DADAN SUTISNA