Kasebut
geulis Dewi teh ceuk sasaha oge. Tapi anu eces mah Dewi mibanda hiji
kajembaran hate anu rada hese neangan babandinganana dina mangsa ayeuna.
Lamun dipikiran kalayan daria, kuring teh geus ngamomorekeun hiji
kasinugrahan. Dewi disagigireun hade rupana jeung hade basana, katambah
jadi budak nunggal Bapa Haji Ocen Sastranagara. Hiji tokoh anu
pangdipikaserabna di lembur Caringin. Kawentar jelema beurat beunghar.
Hartana bru dijuru, bro dipanto, ngalayah di tengah imah. Tapi Dewi mah
daek ngahiji jeung kuring, anu ngan saukur jadi tukang kuli beusi. Ceuk
sareatna mah hamo bisa diandelkeun pikeun nyumponanan kabutuhan materi
rumah tangga keur pantar Dewi. Eta pisan kawasna mah anu ngalantarankeun
Kang Danu, dunungan kuring baheula, kacida teu panujueunana basa kuring
rek ngaragragkeun talak hiji ka Dewi. Samalah kuring nepi ka
dikaluarkeun gawe sagala rupa, alatan omonganana teu digugu. Duh, Dewi…
Wanci
geus nyedek ka tengah peuting. Dina kasur kapuk meunang meuli Dewi
baheula, kuring ngagolerkeun awak bari diharudum simbut. Tapi keukeuh,
panon teh hese pisan dipeureumkeunana. Kalah implengan anu beuki
manjangan. Ngajamparing nyampeurkeun Dewi anu kiwari teuing di mana
ayana. Nyorang deui mangsa ka tukang. Kokolebatan dina kongkolak panon.
Basa kuring ninggalkeun Dewi dina kaayaan antara sadar jeung teu sadar.
Tapi rek kumaha bae oge, keukeuh anu ngajak pipisahan teh kuring pisan.
Mutlak kahayang kuring. Sabab Dewi mah harita teh mugen, bari satekah
polah ngelingan Kuring.
“Kang
Rangga, naha tega ngantunkeun Dewi?” kitu caritaan Dewi, anu masih
keneh nongtoreng. Manehna ngarangkul awak kuring mani tipepereket.
Cipanonna mudal, maseuhan kerah baju jeung tak-tak kuring.
“Hampura
Wi, lain akang teu nyaah. Tapi ieu teh mangrupa hiji-hijina jalan
pikeun urang. Sangkan urang bisa ngalalanyahan deui kahirupan nu anyar,
bari aya dina jalan bener. Meungpeung Dewi ngora keneh. Masih boga
kasempetan keur neangan lalaki anu sagalana leuwih ti akang,” kuring
satekah polah ngabeberah hatena. Maksudna mah sangkan sagalana
lungsur-langsar kalawan tereh. Pangpangna mah kuring geus nyangcang deui
hiji wanoja sejen. Malah eta pisan kawasna mah anu ngajadikeun kuring
teu pati ambek ka Dewi. Jajauheun wani suntuk-sentak nyarekan laklak
dasar. Komo deui bari jeung ngarogahala mah. Padahal apan Dewi teh geus
ngalampahkeun hiji pagawean anu kacida nircana. Cacak lamun ninggang
ka lalaki sejen, teung kumaha pibalukareunana. Ngan anu jelas mah
kuring lain sieun ku nu jadi mitoha. Pedah kasebutna jelema anu
dipikaserab ku balarea.
Kabuktianna
mah, basa nyanghareupan mitoha anu ngontrog ka imah oge, kuring teu
ngarasa ringrang atawa hariwang. Derekdek bae, kuring nyaritakeun
kajadian anu karandapan. Teu dipindi-pinding. Ngarah mitoha apaleun, mun
yen kuring teh manggihan pangalaman hirup anu pangpeurih-peurihna
saumur hirup.
“Pangalaman peurih kumaha maneh teh?” tanya mitoha harita.
“Aya hiji kalepatan Dewi nu…” kuring teu kebat, sabab mitoha kaburu nempas.
“Yeuh
Rangga, supaya maneh apal, kabeh jalma oge pasti boga kasalahan. Malah
lamun jalma teu boga kasalahan, hartina eta teu normal, nyaho!?”
“Leres upami ditingal palih dinyana mah,”
“Jadi belah mana anu salahna ?”
“Teu aya nu lepat. Mung ieu mah, euh… abdi teu tiasa nampi kana ketak anu dilakukeun ku Dewi,”
“Naon kitu kasalahan anak aing teh”
“Dewi tos ngagunakeun kageulisanna kanggo…”
“Gandeng siah ulah sagawayah ari ngomong teh. Bisi diduruk ku aing ieu imah teh!” amarah mitoha beuki muncak amarahna.
“Mangga
bae abdi mah bade dikukumaha oge. Nyanggakeun beuheung teukteukeun,
suku genteng belokeun. Anu penting abdi nyarios dumasar kana kanyataan,”
kuring nyarita tatag pisan. Teu nembongkeun kasieun saeutik-eutik acan.
“Dengekeun
ku maneh, Rangga, rek nalak anak aing mah tinggal der weh. Ngan awas
siah lamun diimplik-implikan ku nu teu pararuguh. Komo bari dibeja-beja
ka batur mah, ulah sambat kaniaya. Dikubur hirup-hirup siah ku aing,”
“Sanaos teu diancam oge, kanggo naon abdi nguar-nguar aib nyalira,”
“Nya heueuh atuh, da maneh oge sarua salahna,” kituna teh curukna mani dibentik-bentikeun kana tarang kuring.
“Punten, dupi abdi lepat naon dina sual ieu,”
“Kahijina,
maneh teu bisa ngarahkeun jeung ngabingbing pamajikan. Kaduana aing rek
tumanya, naha maneh milu ngadahar tina ladang pagawean pamajikan
maneh?” keuna pisan pananya mitoha teh kana mamaras hate kuring. Bener.
Bener pisan kuring rumasa milu sukan-sukan tina harta ladang pagawean
nirca pamajikan. Samalah meh sakabeh beubeunangan Dewi dibeakeunana ku
kuring. Tapi da sakanyaho kuring mah eta duit anu dipasrahkeun ku Dewi
teh ladang tina ngajual sertifikat taneuh. Pamere mitoha sakumaha anu
diomongkeunnana. Teu nyangka sacongo buuk saupamana eta duit teh
manahoreng ladang tina ngajual sertifikat … awak. Duh, Dewi…
Panon
geus mimiti beurat. Karasa ayeuna mah datangna pitunduheun. Malah beuki
lila, sawangan kalangkang Dewi mimiti ngiles. Kaganti ku sora hate anu
silih tempas jeung silih salahkeun. Aya sora anu manghanjakalkeun ka
Dewi. Pangpangna mah tega ngalakukeun pagawean anu teu uni. ‘Padahal
kuring mah teu butuh ku kamewahan. Cukup ku kanyaah jeung kadeudeuh’.
Ditema ku sora sejen anu mangmeunangkeun Dewi. ‘Jalan anu disorang ku
Dewi teh demi ngabelaan kuring. Ladangna oge ukur keur kuring’. Dua sora
beuki maceuh pacental-cental dina satungkebing hate.
“Dewi angger ungkluk. Rek naon wae alesannana,”
“Tapi
Dewi ngalakonan kitu teh kajurung ku kanyaah jeung kadeudeuh. Hayang
ngabelaan rumah tangga, sangkan henteu nepi ka tumpur. Dewi mah lain
ngalajur nafsu atawa ngumbar birahi,”
“Kawas euweuh deui jalan, apan boga kolot jegud?”
“Kawas
teu inget bae. Basa baheula Dewi hayang kawin teh apan teu disaluyuan
ku kolotna. Samalah kalahka rek dikawinkeun ka juragan Eman, si bujang
kolot nu beunghar. Lamun Dewi teu nyandiwara, ngakukeun geus hamil,
tangtuna kawin oge moal disatujuan. Sanggeus Dewi kawin, hirupna
dilurjeunkeun, dikumakarepkeun…”
“Geuning basa rek ngaragragkeun talak, mitoha teh siga anu ambek?”
“Lain
ambek pedah rek nalak. Eta mah ambek sieuneun kalakuan anakna
diibur-ibur. Sabab manehna ngarasa cangcaya lamun pangorbanan Dewi nepi
ka kituna,”
“Tapi sabenerna anu dijual ku Dewi teh nyaeta harga diri salaki …”
“Memang bener. Ngan kacida kejemna lamun kasalahan Dewi teu dihampura.”
Kitu
jeung kitu weh, nepi ka lila-lila mah dua sora teh teu kadenge deui.
Kaganti ku patingbaranyayna harepan jeung kahayang. Les, eta oge
leungit. Bras ka alam anu teuing di mana. Breh…Dewi. Nembongkeun imutna
anu kareueut jeung pipi kempotna. Lir anu bisa ngarampa kana kasono
kuring anu mindeng ngamuk dina dada. Dewi ngagalindeng dina wirahma sora
anu ngandung pangirut. Matak hegar sabuana. Lenglang gumayang
panyawang. Pajarkeunna teh, ‘Kang Rangga jungjunan buah ati di
pawenangan. Nyanggakeun raga katineung anu ngancik dina asmara.’ Kituna
bari nyangsaya dina dada. Leungeunna ngaranggeum rema-rema kuring.
Malah diusapan tur digalentoran sagala.
“Dewi…”
ceuk kuring bari ngusapan buukna. Pinuh ku rasa kadeudeuh. Asa enya
jeung asa nyata. Kabagjaan anu baheula teh kiwari ngadadak kasorang
deui. Hanjakalna basa kuring rek namplokkeun sagala kereteg anu minuhan
dada, ngadadak Dewi cengkat. Tuluy ngajauhan. Siga anu miceun katresna
jeung ngaleungitkeun duriat. Caritaanana bet robah. Beda jeung anu
kadenge sakedet netra. Kecap-kecapna jadi nungtun sungkawa.
“Akang
Rangga, sigana ngan samet dieu urang tiasa silih anteurkeun kaasih.
Urang kedah paturay paanggang tineung. Bingah teh kasapih ku sedih.
Dalah dikumaha. Papasten nu tumiba ka urang bet sulaya tina ciptaning
ati. Mugia akang sing sabar tawekal, dugi ka titis tulis ayeuna, urang
tiasa patepung sukma,”
“Dewi….”
ngan kecap eta anu bisa kaluar tina biwir kuring. Tuluy kuring ngeluk
tungkul nahan kasedih. Barang cengkat deui, sajorelat Dewi ngiles.
Indit teuing ka mana.
“Dewi…!”
angger keneh kecap eta anu kaluar. Ngan ieu mah tarik naker. Kawas
dina dongeng bae. Tatangkalan oge jadi daroyong, hujan angin dor-dar
gelap. Kaayaan mutuh matak geueuman. Kuring ngagubrag, rag-rag
tina…kasur. Simbut jeung bantal mani patulayah dina tehel. Ngimpi kuring
teh. Duh, Dewi…
Dipikiran
deui eta impian. Beuki lila. Hate mingkin tagiwur. Asa malelang jeung
hariwang ka Dewi. Palangsiang Dewi keur katalangsara di lemburna. Dewi
datang dina impian, lain ngabalur jeung ngahibur. Kalahka nyieun hate
nu leuwih tagiwur. Hawar-hawar sora kongkorongok hayam jago disada.
Nandakeun wanci geus maju ka isuk-isuk. Surya oge geus medal, mintonkeun
cahya nu gilang-gumilang. Salasap-sulusup kana bilik imah kontrakan
kuring.
Niat
kuring geus buleud jeung panceg. Hamo bisa dihalangan deui dina nyorang
pilampaheun. Saged pisan. Kuring rek miang ka Caringin, tempat
padumukan Dewi. ngaguruhna rasa kasono kuring, bisa ngelehkeun rasa
geuleuh jeung ijid anu ngancik amemehna. Malah kuring jadi tumanya ka
diri sorangan, naha ieu anu disebut cinta sajati teh? Asih kuring ka
Dewi, teu bisa luntur ku dodoja anu kacida rohaka.
*
Rurusuhan
kuring muru ka terminal. Ngarah kabagean beus anu pangheulana miang.
Jaba kuring rek nyimpang heula ka imah urut dunungan, anu dumukna
kabeneran deukeut terminal. Maksud teh rek nginjeum duit sakalieun keur
ongkos. Puguh bae, barang anjog ka pakarangan imah Kang Danu, kuring
rada rada mandeg-mayong. Sieun teu dibere nginjeum pangpangna mah.
Kalahka matak era. Tapi awahing ku butuh mah, ahirna kuring lahaola
ngawani-wani karep.
Hanjakal
pisan Kang Danu keur suwung. Tapi sanajan aya oge, angger kuring mah
moal tulus indit ka Caringin. Di imah Kang Danu aya pamajikannana nu
anyar. Memang kuring oge ari hawar-hawar mah ngadenge, Kang Danu
pipisahan jeung pamajikanana. Tapi waktu kang Danu kawin deui. Taya
bejana pisan. Kakara ayeuna kuring bisa surti. Kunaon pangna kuring teu
diondang. Samalah teu dibejaan -bejaan acan.
“Hariring dangding
Kiwari geus lain nu kuring
Haleuang sora
Ayeuna teu miboga …”***
Ranggon Panyileukan, 2001
Ku DHIPA GALUH PURBA