LALAUNAN
panto kamar dibuka. Geuning teu dikonci. Gagabah naker ari Lastri,
kumaha mun aya budak lalaki anu mukakeun panto? Seug si éta mah ari saré
téh mani ngabebengkang, ping-ping ka mana mendi. Ih, dasar si jorok.
Lastri
ngajepat na kasur nu dibungkus ku sepré bungur. Asa hayang
ngageuingkeun, ngarah manéhna hudang, ambih gancang béja ti Kang Wahyu
téh ditepikeun. Tapi geuning mani bangun tibra saréna. Napasna mani
katempo pisan, rénghapna.
“Nenti !” ti luar aya nu ngagegero. Apal, pasti Kang Ganda, mahasiswa téhnik, nu kamarna sabeulaheun kamar kuring.
Panto dibuka saeutik, da puguh bisi katémbong nu keur saré ngabebengkang, heug pingping ka mana mendi.
“Aya naon, Gan ?” tanya téh.
“Tadi aya nu ka dieu, pameget. Titip serat kanggo Nénti !” omongna bari nyodorkeun amplop. Ku kuring ditampanan.
“Nuhun,Gan…” ceuk kuring bari nutupkeun deui panto.
Amplop surat
diilo. Tapi taya tulisan nanaon. Wék, disoékeun, sisina. Hih, geuning
tulisan Bibi. Na saha nu nganteurkeunana kadieu nya? Amang kitu? Ah,
piraku ari Amiang mah maké teu ngadagoan. Jeung pastina ogé nun amang
mah sok barangkirim dahareun atawa duit. Lain, pasti lain Amang. Paling
ogé si Dayat, tatangga kuring nu indekos di jalan Semut, da éta anu sok dlpihapéan surat ku Ema ogé.
Surat diilo.
Alo,
mun tiasa peré dua tilu poé mah, mulang heula ka lembur. Aya perelu.
Katambah tambah Ema ngaringkuk geus aya lima poéna, bengékna kambuh
deui. Apih gé sarua deuih, ngaringkuk. Alo Ikin (lanceuk kuring pituin
), geus disuratan, kudu mulang heula.Usahakeun nya, sangkan bisa peré
dua tilu poé mah.
Sono Bibi, Cicih.
Leng,
kuring ngahuleng. Moal kitu aya papait mah? Leuwih ti gering. Geuning
Kang Ikin, lanceuk kuring anu keur mancén gawé di Sukabumi ogé disuratan
kudu mulang heula! Haté ratug, teu ngeunah cicing. Beungeut kolot,
duanana kokolébatan. Apa nu kalem, tara seueur saur. Ema nu gumbira waé, resep hahariringan. Sainget kuring, Ema mah keur gawé naon baé ogé pasti bari
ngahariring.Kidung-kidung nu pinuh ku kaasih, ku kadeudeuh. Jeung
halimpu deuih sorana téh. Hanjakal teu nurun ka kuring, kalah nurun ka
Kang Ikin, ka lanceuk. Apan 1anceuk mah sakola ogé hayang
ka jurusan karawitan. Laksana deuih, da dijurung ku kolot. Remen miluan
pasanggiri Akang mah. Remen meunang deuih. Mana di tempat indekosna téh
mani ngajajar piala. Malahan sawaréh aya di lembur, da sok dibawa ka
lembur, dipintonkeun ka kolot.
Geuning ari boga kabisa mah, teu hésé gawé. Lanceuk kuring ngajar di és ém p. Asalna mah milu sukwan, ngajar kasenian. Tapi bari
milu sukwan téh lanceuk kuring kuliah di STSI, jurusan karawitan. Geus
tamat kuliah, aya tésting guru kasenian keur és dé, és ém pé jeung és ém
a. Kang Ikin miluan. Lulus téstingna. Ngan dibenumna jauh, di pasisian,
di éS éM Pé Negri tilu Cigarubag Sukabumi. Jauh ti puseur dayeuh
Sukabumi téh. Tapi da pancén ti pamaréntah meureun, nya diinditan wé. Betah ning, da nepi ka kurenan di ditu, da meunangkeun urang ditu.
Surat dikeukeuweuk kénéeh. Lastri lilir. Nyéh seuri.
“Surat ti saha, Nén?” tanyana.
“Ti lembur,” tembal téh heureut.
“Nitah mulang?” tanyana bangun hayang nyaho.
“Enya, ema jeung apa ngaringkuk…” témbal téh datar.
“Mulang
wé atuh, Nén! Gering mah kembangna maot. Kumaha mun ngabongohan, kawas
Mamah Lastri. Nyeri tepi ka kiwari. Datang ka lembur geus jadi layon.
Teu kaburu ngobrol heula. Teu kaburu ruang- ruing heula. Mani asa
handeueul téh, Non!” omongna bari
kuniang hudang. Gap kaina sisir, jung nangtung hareupeun eunteung nu
digantungkeun deukeut lomari plastik. Buukna nu samet taktak disisiran,
ditalian ku karét, dibuntut kuda. Manis wé dikumaha kumaha gé, da geus
bawaanna manis.
“Iraha rék mulang, Nen ?” tanyana bari lung ngalungkeun sisir kana luhur kasur.
“Isuk
wé lah ! Poée ieu kudu ka réntal heula, nganggeuskeun tugas ti Pa
Sukirno. Isuk deuih kudu kumpulna téh.” Ceuk kuring daria.
“Keun wé ku Lastri dibawa! Jung wé dék indit mah!”
“Ka réntal mah kudu ku sorangan, sabab loba nu saralah. Kecuali mikeun ka dosénna, bisa titip ka Lastri !” ceuk kuring bari
méréskeun keretas nu balatak di handap. Dipilihan bisi aya pupurianeun,
da éta téh urut peuting ngoprék. Nu sakirana bisa dipulungan eusin, ku
kuring diasupkeun kana map.
Teu inget kana dahar, teu ngingetkeun dikacapé, pasosoré kuring indit deui ka réntal , nganggeuskeun tugas.
**
Mawa
salin téh ukur dua setél. Kitu gé calana jeans wungkul, ngarah tahan
kotor. Ongkoh deuih moal lila-lila di lembur téh, teu betah, tiiseun,
réhé combrék. Komo mun tas Magrib, hih da kawas di kuburan wé lembur
téh. Tara
aya jalma ngulampreng, ari lain nu entas saralat di tajug mah. Kétang
ayeuna onaman leuheung, geus aya listrik. Baréto mah keur tacan aya
listrik, da pikasieuneun, reup peuting téh. Kitu sotéh keur nu nyéemah,
da ari kuring mah manukna di dinya, nya betah wé. Ngan ayeuna, ayeuna,
saprak loba hirup di kota, mun mulang ka lembur téh tara betah. Tuda ti asup SMA kelas hiji cicing di kota téh. Mulang ka lembur paling ogé ari pakanci. Kitu gé tara parat, da kaburu hayang mulang deui ka kota, resep loba ténjoeun, loba tempat hiburan jeung loba batur di kota mah.
Datang
ka lembur téh méméh Lohor. Rada pangling sajajalan téh, da ayeuna mah
jlug-jleg gedong sisi jalan désa téh. Malah jalan gé geus dikoral, cenah
mah rék diaspal. Laaah teuing taun mana ngaspal jalan desa! Tapi mun
aya, urang désa ieu mah nu jadi wawakil rahayat, tangtu diheulakeun
diaspal. Tuh geuning désa Cimaras, da aya nu jadi gegedén, wakil ti
salah sahiji partéy di DPR, apan sagala. diperhatikeun. Jalanna,
pangwangunanna, pangairan, ah… pokona mah diperhatikeun wé. Da di désa
kuring mah taya nu jadi pupuhu partéy, mana taya nu jadi wawakil
rahayat.
Katempo Apa keur kalantang-kulinting di buruan, make sarung. Ning cageur Apa mah. Nuhun lah!
“Apa!”
“Iiiih…
geuning Nénti. Tuh geura tempo, Ema ngaringkuk waé!” ceuk Apa bangun
atoh nempo kuring datang téh. Geus sasalaman ka Apa, leos baé ka jero,
muru enggon ema.
Enya wé, ema ngaringkuk na kasur. Napasna asa teu normal. Sakapeung asa gancang teuing, sakapeung asa lambat naker.
“Ema…!” ku kuring awakna dirontok. Ditangkeup. Nyah, panonna beunta. Belenyéh imut.
“Nénti? Mana Akangna?!” tanyana. Akangna téh lanceuk kuring, da sok kitu ngabasakeunana Ema mah.
“Tebih tuda Sukabumi mah, ema! Tapi boa dijalan kénéh!” témbal téh bari jeung rada teu ngarti, naha ari lanceuk kuring disuratan kitu ku Bibi atawa henteu?
“Keun waé, karunya seug bisi teu bogaeun duit…”
“Pasti kadieu, Ma! Sareng istrina geura…” témbal téh.
“Na bogaeun duit kitu ?” tonyana bari imut.
“Apan gaduh gajih, Ema,,” témpas téh.
“Cenah gajih guru mah saeutik, tara mahi saminggueun-saminggueun acan! Karunya si Akang !” sora Ema bangun hareneg pinuh kanyeri. Bangun nalangsa.
Kuring
teu nembal. Ngan kuring gé rada ngarti kana kahariwang indung, sabab
sok ngadéngé kuring gé, yén gajih guru mah dipoponténg pisan. Pancén wé
beurat, kudu minterkeun anak bangsa, kudu ngoméan ahlakh anak bangsa,
ari gajiih séd saeutik ti pagawe kuli pabrik. Kuli pabrik anu
panghandapna, da ari dibandingkeun jeung kuli pabrik setapna mah, éléh
gajih guru téh.
”Enén, Ema téh ngarang kawih. Tapi tacan kaburu ditulis, da kaburu nyeri sirah jeung bengék,”
“Tos ka rumah sakit?” tanya téh. Ema gideug.
“Teu
ka rumah sakit, Enén, sieun ema mah. Ka dinya wé, ka Puskesmas. Tapi
geuning kalah nitah dipotrét sirah. Laaah, hoream teuing. Anéh aya sirah
bet kudu dipotrét, ” omongna semu sedih. Kuring nyéréngéh. Tapi haté
ngageder. Boa Ema téh radang ateuk? Boa kanker? Boa…. lah, Gusti Muga
sing panjang umur indung abdi téh. Ngarah abdi bisa mulang bumi ka
kolot. Bisa nyenangkeun heula ka kolot. Bisa mulang tarima heula.
“Kumaha eusi kawih téh, ema? Sok ku Enén diserat!” ceuk kuring bari nyokot pulpén jeung notes tina kantong.
“Yeuh, reungeukeun!” omongna bari ngarénghap heula panjang. Ngong ngawih, mani halimpu naker.
Basa panon poé surup
Bumi oyag, gunung bitu, walungan caah
Umat Gusti patingkocéak
Gusti bendu! Gusti bendu!
Bongan umatna nuking nonggong
Reg heula ngarandeg. Panon ngarérét. Ema ngahegak napasna. Tapi barang diteuteup, belenyéeh imut. Katempo maksakeun.
“Panjang kénéh, Ma? Atos wé lah capé mah. Enjing deui nya?!” ceuk kuring satengah ngolo. Tapi Ema kalah gideug.
Gap deui kuring kana pulpén jeung notes. Témbong panon Ema bangun gumbira.
maksiat jadi pagawéan sapopoé
korupsi jeung kasawenang-wenangan mahabu
kahade omat, anaking
sinng pengkuh kana agama, tong kabawa sakaba kaba.
sing pengkuh… sing pengkuh…
Sora
Ema ngaleungit. Napasna ngahégak. Bangun eungap. Lung notes jeung
pulpén nu keur dicekel téh dibalangkeun, gabrug awak Ema nu keur
ngahanju ditangkeup.
”Ema !
Emva…!” beuki pageuh ditangkeup.Tapi napas ema geus dina elak-elakan.
Kuring ngocéak maratan langit, basa rénghapna eureun. Breg, jelema
arasup ka enggon.Mani pinuh. Tapi kuring teu ngarasa hareudang ku hawa
jelema, teu nempo awak Ema nu pada ngagugulung, sabab dunya karasa poék
meteng. Poééék. Ngan nu kadenge téh hariring Ema nu geus kacatet dina
notes leutik.***
Ku HOLISOH MÉ