twitter



Handapeun tangkal balingbing, Ujang jeung Nyai keur susumputan beling, mani anteng. Ayeuna bagéan Ujang anu nyumputkeun belingna. Nyai dititah malik ka ditu bari kudu meungpeunan beugeut supaya ulah bisa ngalelebah di mana beling Ujang disumputkeunana. Katémbong Ujang cukal-cokél bari rét deui rét deui ka Nyai, bisi ngalieuk atawa bisi mélétét maling-maling nyerangkeun Ujang. Ari Nyai pok deui pok deui nanyakeun enggeus atawa acanna.
“Teu acan,” walon Ujang, “Ké heula, ké, ké, …”
Hayang buni pisan jigana Ujang nyumputkeun beling téh, da mani rada lila kusay-kuseyna ogé. Nyai mah bangun keselen deui.
“Énggal atuh, Ujang!” cék Nyai bangun teu sabar.
“ké heula!” Ujang nyentak bari kerung. Ngajawab kitu téh bari nyeselkeun beling kana handapeun akar balingbing, sabada tadi ku Ujang diruang dina sisi kalang beulah kalér, tapi diludang deui lantaran tayohna baé Ujang ngarasa kurang buni nyumputkeunana.
“Teu kaci lami teuing mah, teu kaci,” cék Nyai.
“Ké heula. Nyai ogé tadi lami,” Ujang kalah ngahualkeun.
“Licik Ujang mah!”
“Sok atuh,” cék Ujang. Kawasna baé Ujang embung ari disebut licik mah.
Sanggeus kitu Ujang ngagesekeun taneuh jeroeun kalang susumputan beling supaya lita, disaksian ku Nyai nu geus mimiti neges-neges jeung nyoba-nyoba neguh di lebah mana nyempilna bubuk beling Ujang. Salawasna Nyai ngawas-ngawas robahna beungeut Ujang nu terus ngagesek taneuh, lir nu keur ngaji kereteg ati Ujang. Sugan baé bisa ngabokér rusiah Ujang ku maca beungeutna—upama leungeun Nyai ngaragamang kana lebah beling nu disumputkeun téa, beungeut Ujang bakal robah semu, beureum atawa api-api.
Tapi Ujang teu éléh géléng, teu éléh taktik. Bari kakawihan “pahérang-hérang gobang”, Ujang katémbongna téh mereketkeun manéh sangkan teu ruak-riuk beungeut. Upama karasa rada teu kuat, tapi sieun katohyan, gancang Ujang ngabedaskeun kakawihanana.
Ujang, Nyai, anaking. Sajeroning nyaksian hidep keur susumputan beling kitu, Apa bet inget kana kalakuan Apa sorangan. Rét ka Nyai anu terus cukal-cokél néangan bubuk beling nu disumputkeun, Apa inget kana kabiasaan Emah.
Apa nu sok mindeng nyumputkeun duit dina lipet-lipet kopéah, dina sarangka bedog, dina tungtung sapatu atawa dina sela-sela buku supaya ulah kanyahoan ku Emah—meureun lir Ujang nu nyumputkeun bubuk beling dina handapeun akar balingbing. Ari Emah nu biasa gawéna téh ngan kurah-koréh sugan manggihan peperenian Apa, persis lir Nyai anu terus cukal-cokél néangan bubuk beling nu ku Ujang disumputkeun.
Sihoréng Ujang, Nyai, di jero imah téh pinuh ku tempat susumputan duit atawa susumputan sagala rupa rusiah Apa—disumput-sumput sangkan Emah ulah nyahoeun
Basa Nyai bisa manggihan bubuk beling nu Ujang, Nyai surak, Ujang ngahéhéh seuri konéng. Kitu tah saperti Emah nu atoh manggihan duit Apa nu disumputkeun dina jero kendi kamari, Nyai téh. Ari Ujang teu béda ti Apa nu kapaksa angkat tangan ka Emah, hahah-héhéh teu bisa majar kumaha.“Si Bedus téh!” cék dina haté mah, “Éta ku kapanggih baé ….”
Tina Anaking Jimat Awaking, Karya Wahyu Wibisana.

0 komentar:

Posting Komentar