twitter



BALIK tandur téh mawa belut opat siki, paméré adi beuteung. Ditalian ku jukut, keur si Nyai. Heug kabeukina téh beuleum belut diawur­an uyah. Puguh geus sababaraha poé mondok di imah, datangna gé  so­rangan bari panon carindul. Kuring surti. Meureun paséa jeung salakina. Tapi teu ieuh tunyu-tanya. Nepi ka kiwari gé  teu ditanya. Baé! Engké gé geus leler mah tangtu nyarita so­rangan.
Ngan salaki nu gereget téh.
“Geura talék si Nyai téh, Iyeung!” omongna basa si Nyai keur meuli sambeleun ka warung.
“Teu kudu ditalék, engké gé ngomong sorangan!” témbal téh.
“Hih, ari nyanéh sok didadago nepi ka nyaritana! Anggursi tanya méh pararuguh. Jeung teu hadé wé awéwé ngejat ti imah, pajar ku urang teu diwarah!” ceuk salaki daria.
“Ké meureun da salakina gé  nyusul ka dieu!” tempas téh.
“Iraha? Ning geus aya opat poéna taya nyusul!” nyureng salaki téh ngomongna. Jep wé teu nembalan. Sangheuk paréréa omong. Da nu leuwih ngageremet na haté mah kuring nu jadi indungna. Ngan nyabar-nyabar manéh.
“Dana! Dana!” kadéngé sora Kang Muhtar di tepas.
“Buka wéh, Akang! Da tara disosi,” kuring némbalan, bari ngisedkeun bujur, ngajauhan salaki.
Reket… panto tepas dibuka. Sup Kang Muhtar ngajing­jing kérésék leutik.
“Ngirim naon, Kang?” ceuk salaki bari nyéréngéh seuri.
“Bako… paméré si Adun,” témbalna bari gék diuk sila tutug gigireun salaki kuring.
 “Sok ngeunah meunang ngabungbuan si Adun mah,” ceuk salaki kuring bari muka kérésék. Ngajewol saeutik, pek diambeuan.
“Bener, mani seungit kieu,” omongna deui. Panasaran, kuring pipilueun ngajewol sagedé sisig. Terus diambeuan. Enya wé mani seungit panéli. Mun kongang mah hayang ngahuapkeun.
“Boga daun kawungna?” Kang Muhtar nanya bari ngarérét ka salaki.
“Aya. Cokot geura Iyeung dina palang dada!” ceuk salaki bari ngarérét. Kuring cengkat. Koloyong ka enggon, nyokot daun kawung meunang neukteukan, terus dibeungkeutan. Celenun dicokot dua beungkeut.
Léos ka tepas deui. Sok daun kawung digolérkeun hareupeunana.
“Dibawa sabeungkeut nya ku uing! Puguh teu boga daun kawung-daun kawung acan di imah téh. Meulian pahpir, ngadat nu di imah,” omongna bari ngalinting bako.
“Sarua awéwé mah di mana-mana gé kitu! Teu kaop kacocéng duit balanja!” ceuk salaki bari ngarérét ka kuring. Kuring jamedud.
“Heueuh. Padahal kudu ngarti, usum ngijih kieu mah hésé ngala daun kawung téh. Nya hese ngalana, nya hésé ngarautanana.” témbal Kang Muhtar daria.
Kuring ngaléos ka dapur nyokot téko jeung kurud gula kawung sésa tadi isuk. Sok disodorkeun.
“Si Nyai di dieu kénéh?” tanya Kang Muhtar rada ngaharéwos.
“Di dieu!” témbal téh heureut.
“Kamari tepung jeung salakina deuk menerkeun cai, nanyakeun si Nyai. Sok tepung jeung si Nyai?”
“Dibéjakeun sok tepung?” tanya kuring panasaran.
“Nya dibéjakeun atuh. Malah tunda talatah, iraha hayang dipapagkeun cenah!” omong Kang Muhtar daria. Kuring ngahuleng. Sarua salaki gé ngahuleng. Na bet nanya iraha hayang dipapagkeun? Belegug béak karep boga minantu téh.
“Nurustunjung nya kalah nyarita kitu. Téang kuduna mah ka dieu!” ceuk kuring kuraweud.
“Heueuh da si Nyai téh puguh indung-bapana. Puguh padumukanana. Lamun geus teu suka sok nyarita. Meungpeung tacan boga anak.” sora salaki ngageter bangun nahan kakeuheul.
“Geus ditanya anak urang aya naon masalahna?” ceuk Kang Muhtar kalem.
“Acan!” témbal téh heureut.
“Kuduna mah tanya heula anak urangna, bisi sual leutik digegedékeun. Malum barudak, tara asak pikir!” ceuk Kang Muhtar bari kop kana gula meunang ngurud, nyomot saeutik terus dibaheum.
“Nya éta acan!” témbal salaki daria.
“Salah kitu téh! Mana kudu diajar ka nu geus boga minantu. Sagala gé  aya téhnikna,” ceuk Kang Muhtar bari seuri. Kuring jeung salaki seuri konéng. Karék nyaho, nyanghareupan minantu gé aya téhnikna. Boa nyaah ka incu gé  aya téhnik, méh teu nyaah dulang.
Haté beuki marojéngja. Hayang nalék si Nyai, tapi ti mana mimitina muka obrolan. Moal mungkin lamun ujug-ujug nanyakeun, ku naon maké pundung. Bisa-bisa si Nyai ngadon ceurik aleuk-aleukan, ngagareuwahkeun tatangga.
Na da reup peuting téh taya kangeunahan. Hésé saré. Padahal biasana gé tibra-tibra waé ti entas solat isa téh. Capé apan beurangna. Ari ieu mah capé ogé henteu tunduh. Panon teu bisa saré, haté ngabacéo. Boa si Nyai téh dipangnyaléwéngkeun! Boa si Nyai téh unggal poé dipaséaan! Boa si Nyai téh dikaniaya awakna!
Mun geus boga pikiran kitu, isukna beungeut si Nyai ditelek-telek, bisi aya geuneuk tapak neunggeul. Leungeunna, sukuna, kabéh ditelek-telek nu sakirana teu ka tutupan ku baju mah.
Rebun kénéh si Nyai geus saged. Bangun deuk ngilu ka kebon. Puguh deuk ngaseukan palawija, beak disurungkuy anak bagong.
“Amah, Nyai deuk milu ka kebon!” omongna bari gék diuk dina jojodog hareupeun hawu.
“Hayu wé,” témbal téh bari jongjon nimbel sangu. Deuk mumuluk di kebon, méh ngeunah. Jaba keur loba téspong keur coél sambel. Lakar daék metik.
“Atuh timbelna émbohan deui, da Nyai gé deuk mumuluk di ditu,” omongna bari ngarérét. Sieun ukur mawa satimbel meureun.
“Puguh atuh, da si Apa gé deuk milu ka kebon. Pan comrang, mani mayakpak, sina dialaan keur juaIeun ka pasar,” témbal téh.
“Ngeunah nya Amah angeun lodéh maké comrang,” omongna bari ngoérkeun ruhak. Combrang, kembang honjé téa.
 “Tangtu wé ngeunah mah! Nyai osok kitu ngangeun lodéh maké comrang?” Kuring malik nanya.
“Osok. Pan si Aa mah kabeukina,” omongna daria. Asa mobok manggih gorowong nyebut-nyebut si Aa téh. Geuning manéhna nu muka obrolan téh. Teu kudu lieur-lieur kuring néangan piomongeun.
“Karunya atuh Nyai, si Aa taya anu mangngangeunkeun lodéh dicomrangan!” ceuk kuring bari ngarérét.
“Baé, aya si Lilis sok ka imah!” témbalna bari bangkenu. Meg kana haté téh. Ieu inti pasualan téh. Si Nyai teu sadar mukakeun eusi haténa.
“Teu kudu ambek, da ari jeung tatangga mah biasa sili-anjangan,” ceuk kuring datar.
“Aya leuwihna ieu mah! Kahiji randa gélényé! Kaduana, mun geus ngobrol jeung si Aa téh mani sok poho waktu, uplek naker. Si Aa-na gé mani sok pogot-pogot ngobrolna téh. Jaba tepak-toél, ih sebel Nyai mah!” omongna jejebris.
Kuring ngarénghap. Haté kuring bisa ngarasakeun héabna haté anak. Panas kahuru. Tapi kuring teu meunang némbongkeun katungenah haté ka si Nyai.
“Na Nyai tara milu ngariung?” tanya téh.
“Osok, tapi ukur sakeudeung-sakeudeung, da loba pagawéan. Nyangu téa, kukumbah téa, jajait popoéan. Remenna mah diculkeun wé duaan. Ijid!” omongna teugeug.
“Sok di mana ngobrolna?”
“Di balé, osok ogé ngobrolna di dapur mun pareng si Aa keur di dapur mah. Teu ngarti sakitu Nyai sok buad-baeud téh, haré-haré wé,” omongna bangun gemes.
“Si Aa geus ditanya, aya hubungan naon remen ngobrol jeung si Lilis téh?”
“Remen. Tapi da jawabanana téh, mun urang aya hubungan jeung Lilis moal teuing ngobrol dibawa ka imah, enggeus wé di saung atawa di imah kolot si Lilis. Da taya nanaon cenah gé, ukur curhat si Lilis téh, pédah popotong­anana téh babaturan si Aa keur di ésdé. Sobatna.” témbal si Nyai daria.
Kuring répéh. Leungeun jongjon mungkusan lauk asin jeung sambel oncom.
Haté bisa ngararasakeun panas peurihna, mun kalakuan salaki kawas kitu. Kuring gé kungsi nyorang kapeurih ti salaki, basa si Nyai karék kelas dua ésdé. Salaki katohyan bobogohan jeung si Érma ungkluk kahot pindahan ti kota. Nyingkah sotéh meureun ka lembur pédah di kotana geus teu payu, da geus umuran. Ngan salaki kuring wé lolong mata, ngora-ngora daék ka ungkluk nini-nini. Ari cenah mah kabéh lalaki di lembur téh kaparélét, da puguh beungeutna pinuh ku susuk. Malum awak dagangan, kumaha carana méh payu.
Kuring gé harita asa rék édan dipangnyéléwéngkeun téh. Nyeriii… moal aya tandingna. Meureun si Nyai gé, moal jauh ti kitu haténa. Asa rék gélo, asa rék édan, dunya asa heureut, langit gé asa dina tuur.
Na atuh lalakon kuring bet kaalaman ku anak?
“Tong waka goréng sangka, bisi enya saukur curhat,” ceuk kuring neger-neger manéh. Tapi da haté teu beunang dibohongan, kuring yakin minantu jeung si Lilis téh aya pakuat-pakait ati.
“Haté pamajikan teu bisa dibohongan Amah. Teu bisa dipaling!” témbal si Nyai daria. Jep wé kuring teu nyarita deui. Timbel jeung bungkusan asin diasup-asupkeun kana boboko. Méh engké datang salaki ti pancuran kari jung indit.
Karék gé  deuk mangku boboko deuk dipindahkeun kana bangku, kadéngé panto tepas aya nu muka. Saha? Da salaki mah sok jalan ka dapur balik ti pancuran téh.
Kuniang kuring nangtung. Karék gé  deuk ngaléngkah, geus rerekétan palupuh di tengah imah. Panon neges-neges nu keur leumpang muru dapur. Ning Jang Sobur, minantu kuring, salaki si Nyai. Na ngadak-ngadak nyel téh ambek. leu Ialaki anu ngaraheutan haté si Nyai téh! leu mangkelukna. Mun teu boga wiwaha mah hayang nampilingan. Hayang nyabok. Hayang ngarangsadan, méh raca beungeutna ku kuku. Tapi minantu ngarawu leungeun kuring bari nyuuh.
“Hampura abdi Amah! Niat mapagkeun si Nyai!” omongna daria.
Biwir cakep teu némbalan. Jung si Nyai nangtung. Katémbong ngahégak nahan kaambek.
“Na maké los-los ka dieu? Sing jongjon wé di imah ngawadul jeung si Lilis!” Omong si Nyai teugeug.
“Heueuh hampura Aa, Nyai!” sora Jang Sobur laun.
“Hampura, hampura, geus seubeuh?” sora si Nyai ayeuna mah dareuda semu rék ceurik.
“Demi Alloh, Nyai! Seubeuh naon? Da Aa mah teu ngalakukeun nanaon. Teu mapagkeun sotéh, éra ku Amah jeung Apa, Nyai balik teu dianteurkeun. Bongan Nyai hayang ka dieu, teu bébéja ka Aa kalah ngabongohan,” omong minantu daria. Sirah asa ngadak-ngadak pinuh ku getih.  Lieur.
Kuring ngaléos, api-api ka luar. Padahal ngajengjen nangtung di pipir bari ngadéngékeun nu hog-hag.
*
Si Nyai teu daék dibawa balik. Jang Sobur ngéléhan, mondok di imah kuring. Saréna teu dibawa di enggon ku si Nyai, tapi ngaringkuk di tengah imah.
Salaki sok ninitah sangkan Jang Sobur saréna di enggon. Tapi si Nyai kalah jejebris, teu daékeun. Kuring mah teu pipilueun, da karasa ku sorangan, mun haté geus raheut ku salaki, dideukeutan gé embung. Mun hayang jejem deui haté téh butuh waktu taun-taun.
Mun isuk-isuk minantu mulang ka lemburna da puguh boga uruseun, ngebon tomat jeung cabé. Seug kudu dipiara diapik-apik tangkal tomat jeung cabé mah. Nyemprot teu meunang sagawayah. Karasa, kuring gé kungsi ngebon tomat jeung cabé, taun tukang mah kalah buntung hayang untung téh, kaburu ngijih mantén.
Bari jeung haté bayeungyang gé ku minantu, teu weléh wé ari deuk indit mah disadiaan sangu haneut anu pulen meunang ngakeul jeung beuleum asin. Da si Nyai mah tara daék pisan mairan. Kalah ngaringkuk wé, dikarimbun samping di enggonna.
Ku kituna mah pantes da asa diteungteuinganan. Nyolok mata buncelik. Moal ngabibisani.
Mun Jang Sobur geus indit, karék si Nyai ka luar ti enggonna.
“Tuluy, Amah?” pokna, nu dimaksud téh salakina.
“Tuluy!” témbal téh bari pépérén piring kalotor. Sup-sup diwadahan kana boboko parantina, boboko buntung taya sokoan.
“Nyeri haté Nyai mah enya gé ari di imah téh saukur ngobrol. Da sok aya béja, aya nu manggihan di émpang Mang Udi keur ngalobrol handapeun tangkal kalapa. Nu kitu taya hubungan nanaon? Sok wé pikiran ku Amah!” omong si Nyai bari ngoér-ngoér ruhak nu beureum burahay.
“Amah teu nanaon, kumaha Nyai. Hayang pegat, hempék! Deuk manjang, éta nu diteda, da nu ngarasakeun mah Nyai sorangan,” ceuk kuring bari regeyéng mindah­keun boboko nu dieusi piring kotor ka deukeut lawang panto dapur. Si Nyai ayeuna mah nu sok gégéroh ka pan­curan téh. Nya engké mah si Nyai mulang deui ka salakina, kapaksa wé ku sorangan deui.Si Nyai kalah ngahuleng. Sirahna ngeluk tungkul neuteup lebu tiis hareupeun sungut hawu, dikoér-koér ku régang awi.
Beurat meureun pipisahan jeung salaki nu geus ngahiji aya tilu taunna. Acan sotéh boga anak, bané wé turunan carang. Kuring gé  boga si Nyai téh geus kawin tujuh taun, bari ukur saésé-éséna, geus boga si Nyai téh teu kungsi kakandungan deui. Mana kacida beuratna ku anak téh. Ceuk nu bohong mah kawas nanggeuy endog beubeureum­na, dienod naker. Disusuan gé  nepi ka umur tilu taun satengah. Nepi ka saat cisusu téh lin bobohongan.
Tapi ning ari geus sawawa mah ku batur ngadon dinyényeri. Deuk teu hanjelu kumaha? Enya ari ningali sareat mah ngeunah. Karék kawin dalapan bulan gé  geus dipangnyieunkeun imah ku mitohana téh. Lega, ukuran salapan ka dualas méter imahna gé. Atuh keur dahar sapopoé apan salakina dititah ngagarap sawah jeung kebon ku kolotna. Lakar daék ngaluarkeun tanaga téh lin bobohongan. Tapi nya kitu ari haté rungsing teu ngeunah mah, balik wé ka kolot.
“Amah!” sora si Nyai laun. Kuring ngarérét.
“Naon, Nyai?” pok téh.
“Amah, Nyai téh teu héd bulan ieu. Jaba ngaruy waé sararebel,” omongna bari angger tungkul.
Kakeuheul ka minantu leungit. Haté surak. Biasana mun telat héd bari dibarengan sararebel téh cirining nyiram. Baréto gé  kuring kitu. Tapi biwir teu daék engab, da haté ngaguruh ku kabungah. Boga incu! Alhamdulillah. Tapi ras deuih, kana kaayaan rumah tangga si Nyai, na Gusti mani saimbang méré kasusah jeung kabungah téh.
“Nyiram kitu Nyai téh, Amah?” sora si Nyai tatag naker.
“Enya. Enya nyiram mun kitu téh!” témpas kuring daria.
“Atuh Amah téh bakal boga incu nya!” Omong si Nyai bari seuri konéng. Manéhna gé sarua meureun haténa jeung kuring, marojéngja.
Incu! Kuring bakal boga incu! Bakal ngangais incu. Deuk dibawa balanja sambeleun ka warung si Ipah. Deuk dibawa ulin ka tatangga, diaais. Deuk dibawa ka kebon, digolér­keun dina saung. Ih, ih naba bet dibawa ka kebon? Atuh dicoco reungit digolérkeun di jero saung mah. Seug di kebon mah reungitna gé sagedé-gedé anak bedul. Moal ah, moal dibawa ka kebon. Moal dibawa ka sawah.
Hayang lalaki hayang awéwé incu téh? Baé lah sajolna waé, deuk lalaki deuk awéwé gé  sarua. Nya lamun meunang nawar mah mending awéwé waé. Téréh hideng, téréh aya nu nalang-nalang gawé dapur. Ngan meureun Iamun hayang hajat téh tangtu lila ari anak awéwé mah, ngadagoan welas-welas taun. Lalaki baé kitu? Heueuh méh téréh hajat. Umur opat taun disunatan. Sina naék kuda rénggong, nanggap golék sapoé sapeuting. Kacipta, nyieun balandongan hareupeun imah, maké rarangkén keretas warna-warni. Kaupahan meureun capé jeung tunduh téh. Nya kudu ti ayeuna meureun ngeureut neundeun téh keur nyunatan incu. Ulah gampil ngaluarkeur segon ti leuit. Seug lin waragad saeutik hayang hajat rongkah téh. Domba gé  moal cukup dua.
Pikiran ngalayang, nepi ka rencana dék nyunatan. Nepi ka domba nu aya di kandang gé  geus kabayang téh keur disisit di pipir imah ku si Momod, jago meuncit domba di lembur kuring. Tara kaambeu bau dagingna.
“Amah, ku naon sura-seuri sorangan?” jéntré sora si Nyai. Gebeg, haté ngaranjug. Reuwas asa katohyan.
“Astagfirulloh.” ukur sakitu nu kedal tina biwir kuring.
“Ngalamun naon, Amah? Ngalamun Nyai boga anak taya bapaan? Na da bapana mah sidik aya si Aa.” omongna bari seuri konéng. Ah, tojaiah pisan jeung pamikir anak. Puguh kuring mah keur mikiran nyunatan incu.
“Lin mikiran nu kitu Amah mah Nyai!”  témpas téh bari jung nangtung. Boboko nu dieusi wadah kumbaheun dikélék, deuk ka pancuran.
“Biasana gé  ku Nyai kukumbah mah Amah!” ceuk si Nyai daria.
“Ku Amah wé! Nyai mah teu meunang loba nanjak-mudun, bisi udulan,” témbal téh bari ngingkig ka lebakeun.
Leumpang rurusuhan naker. Hayang geura-geura tepi ka pancuran. Hayang geura gok jeung nu keur galégéroh di cai. Deuk dicaritakeun yén si Nyai keur nyiram. Deuk dibéjakeun yén kuring sakeudeung deui boga incu. Deuk ngabuis wé nyarita. Moal éléh ku si Kokoy. Ning manéhna gé basa anakna nu cikal ngajuru, mani nepi ka ngacay nyaritakeun incu téh. Teu di mana-teu di mana. Ngan incu jeung incu wé nu dicaturkeun téh. Tangka dijarebéngan ku kuring jeung si Una mah. Bakat ku bosen caritana. Ih, ari pék ning karasa ku sorangan, karek nyiram gé  geus édan sungut. Komo mun geus ngajuru, tangtu bakal leuwih édan batan si Kokoy.
Biwir nyéréngéh sorangan.
Datang ka pancuran téh kosong taya sasaha. Na da mani hanjelu béak tikarep. Diwalah-walah aya si Empat, aya si Jéjén, kalah lowong. Bé lah, engké di warung si Ipah bari balanja. Sugan wé loba kénéh jelema nu baralanja.
Gura-giru naker kukumbah piring téh. Hayang geura ka warung si Ipah. Hayang geura ngumumkeun ka urang lembur, yén kuring deuk boga incu.
Kapopohokeun pasualan si Nyai mah. Kapopohokeun katugenah ku minantu mah. Nu aya na pikiran kuring iwal ti orok lalaki nu bonyo roroésan bari ngéar ceurik hayang nyusu.
Wadah nu geus beresih diasup-asupkeun kana boboko. Sok ditunda na batu lémpar paranti ngagiles seuseuhan. Kalacat naék ka luhur, metik daun sélong keur ngasay. Teu jauh da mun jangkung mah kadongkang da dahanna téh ngaroyom ka pancuran.
Mandi gé  gancang naker. Asal suku jeung beungeut dikasay, méh rada lemes.
“Hih, geuning manéh Inah! Sugan téh kunti kabeurang­an keur mandi,” ceuk si Dédah bari iirihilan. Dasar si Goté. Si Centil. Batur sabangku keur di ésdé manéhna téh.
“Goblog siah Dedah, ngareureuwas batur!!” ceuk kuring, bari ngéprétkeun cai tina dampal leungeun kana sukuna.
“Mani anteng mandi téh. Kawas parawan jekékan,” omong Dédah bari nambrukeun baju kalotor na batu lémpar.
“Parawan jekékan tiono, sakieu susu geus rayud téh,” témbal téh.
“Heueuh, da kabéh gé nu geus boga anak mah sok rarayud!” omongna bari nandékeun émbér karét kana pancuran. Geus pinuh diangkat, dipaké maseuhan seuseuhan.
“Komo uing deuk incuan, Dédah!”
“Hah, deuk incuan? Téréh jadi nini atuh? Sukur wé lah. Batur mah ning sapantar si Nyai téh geus aranakan aya nu dua. Si Nyai mah elat. Sabaraha taun nya kosongna?” tanya si Dédah daria.
“Tilu taun.”
“Jaman kiwari mah kosong tilu taun téh rékor, Inah! Pan kaloloba-anana mah, kawin opat bulan geus brul-brol ngajuru,” ceuk si Dédah bari nyeuleukeuteuk seuri.
“Éta mah nu maké persekot meureun,” témpas téh.
“Heueuh dipersekotan. Da éta ning ayeuna mah di lembur urang téh sok aya nu usaha kana pilem cabul tina pisidi,” ceuk si Dédah daria.
Kuring curinghak. Karék ngadéngé, di lembur aya nu usaha kitu.
“Nu balég nyarita téh Dédah?”
“Daék medu! Aing gé  karék nyaho ti si Érté. Geus kaambeu ayeuna téh ku aparat. Aya bahan digerebeg. Boa dilaporkeun ka pulisi,” omongna daria.
“Urang mana Dédah?” tanya téh panasaran.
“Urang Lembur Cikadu. Inget baréto salaki manéh kagémbang ku ungkluk nini-nini urang Cikadu? Tah, anakna si ungkluk éta nu di imah muter pilem cabul, bari dipéntaan bayaran téh. Mahal mayar na gé  mun hayang lalajo pilem cabul téh, dua létereun béas!” ceuk si Dedah bangun nyaho pisan.
“Manéh sok milu lalajo boa?” tanya téh bari seuri.
“Na ari sia nuduh téh sangeunahna. Aing mah Inah teu kudu lalajo, da sorangan gé sok maén pilem cabul jeung bapana si Ujang!” omongna bari seuri. Kuring gé  seuri, kacipta.
“Ari dina pilem kumaha, nya? Ditémbongkeun beu­ngeut­na? Iy, rujit aing mah!” ceuk kuring bari kecrot nyiduh.
“Nanyakeun ka aing manéh mah, Inah! Teu sudi teuing kudu lalajo nu kitu. Ti jaman baheula gé, lembur urang mah beresih. Ayeuna wé dikotoran ku nu anyar daratang. Pan maru manéh gé  aslina mah ti dayeuh lin?” ceuk si Dédah bari seuri. Kuring baeud.
“Ungkluk nini-nini goblog nya si Érma mah. Amit-amit. Kalakuanana gé  nurun ning ka anakna. Abong uyah mah tara téés ka luhur,” ceuk kuring bari ngajéwang daun sélong tina luhureun bak, sok dipiceun di jalan, da bisi murag kana cai.
“Nya heueuh, da ceuk béja gé  anakna nu awéwé nu geus rumaja, nuluykeun pagawéan indungna, jadi palacur di tempat.”
“Nu mana Dédah?”
“Nu buukna sok dibeureuman. Ah, moal nyaho manéh mah. Da mantogna ka lembur gé  ukur sabulan sakali, setor ka indungna.” pokna, daria naker sora si Dédah téh. Deuk teu percaya kumaha. Jeung pantes si Dédah mah sagala nyaho kalakuan urang lembur Cikadu, apan remen bulak-balik ka Cikadu dagang kutang jeung calana budak. Baréto gé kuring, nyahona salaki kaédanan ku si Erma téh ti manéhna. Da geunjleung atuh. Budak ngora kaédanan ka ungkluk nini-nini. Mani sok ijid mun ngadéngé ngaran Érma téh. Ijid, cua. Komo mun nempo beungeutna. Iy, jiga kumaha nya ayeuna, geus welasna taun teu nempo? Ruksak meureun beungeutna. Da loba diropéa. Loba diomé. Kacipta harita basa keur ngontrog, nempo beungeutna kawas barongsay. Luhureun panon téh hejo, sakuriling sisi-sisi matana hideung kawas bueuk. Ari wedak aya opat dimna, da mani nepi ka maplak bodas. Padahal aslina mah ceuk si Dédah gé  hideung bari loba kokoloteun. Komo ayeuna. Awakna gé geus eunyeuh meureun, urut dipaké lalaki batur.
Nepi ka balikna ti pancuran, obrolan jeung si Dédah ma­sih dédéngétun. Gusti mah bisa nyurupkeunana, indung ungkluk kahot, anakna nu awéwé dibentuk sina jadi ungkluk generasi penerus. Nu lalaki jadi tukang ngaruksak jiwa barudak, muka pilem cabul. Pararantes.
Di tepas, si Nyai keur uplek ngobrol jeung salakina. Angger wé si Nyai mah bubudénna kuraweud hangseur. Tapi aya mendingna kétang, sabada ku kuring di ubar-abér ka nu bisa, jadi robah saeutik. Da puguh duanana diubaran téh. Anak jeung minantu. Anak sina cageur haténa, minantu sina soléh sina tamplok kanyaahna ka si Nyai. Ulah beunang kagoda ku awéwé séjén.
Satadina mah teu hayang uubar ka nu bisa téh. Tapi si Dédah keukeuh ngajak. Da cenah minantu manéhna gé  kungsi kabéngbat ku awewé bangor, tapi ukur bubulanan, kaburu diubaran ka Cigadog, dukun wacis nu geus sohor ka mana-mana.
Mémang teu bohong, da basa kuring uubar gé  semah téh geus loba, ngantri. Malah aya urang kota sagala.
“Na teu ka sawah, Ujang?” tanya téh.
“Geus bérés, Amah. Kari ngadagoan rambéteun. Jeung ongkoh rada muriang ieu téh!” témbal minantu daria.
“Pangmeulikeun ubar atuh, Nyai!” ceuk kuring bari ngarérét ka si Nyai. Tapi nu dirérét angger wé manyun, bangkenu.
“Sina meuli wé sorangan! Boga cokor!” omong si Nyai heuras. Salakina ukur nyéngir.
“Ulah kitu eum, pamali!”
“Wah, pamali téh ka salaki nu kumaha atuh Amah!” ceuk si Nyai bari ngarérét ka salakina. Kuring geuwat ngaléos ka jero. Sangheuk papanjangan. Apan kudu dipahing papaséaan keur kakandungan mah, bisi matak goréng ka nu watek orok.
Léos baé ka dapur. Tacan ngahaneutkeun sangu ongkoh. Lebar sangu kamari soré loba kénéh.
Karek gé  gap kana korék api, deuk ngahurungkeun seuneu, kadéngé panto tepas ngageblug, dibantingkeun.
Astaghfirulloh, tangtu tatéh kalakuan si Nyai! Goréng adat pisan. Kuring lumpat ka hareup. Enya wé si Nyai lumpat ka enggonna bari ceurik. Geuwat disusul, bisi kuma onam.
Si Nyai nginghak dina kasur lépét nu ngagelar na palupuh, nangkuban. Katémbong tonggongna eundeur.
“Ku naon deui, Nyai? Lin bieu téh keur ngalobrol di balé?” tanya téh leuleuy.
“Angger kalakuan si Aa téh, Amah! Aya nu bébéja digawé di kebon téh dibaturan ku si Lilis!” omong si Nyai bari nginghak.
“Mana gé  balik atuh, ari deuk manjang mah,” témpas téh.
“Nyai téh geuleuh nempo beungeut si Aa téh. Amah!” omongna semu nyéntak. Biwir nyéréngéh.
“Biasa anu keur kakandungan mah sok kitu. Ké gé  mun kakandungan geus opat-lima bulan mah, leungit rasa ceuceub téh. Eta mah gogoda, Nyai!”  ceuk kuring bari mencétan sukuna.
“Jeung lamun rumah tangga ulah sok sadéngé-déngéna, Nyai. Boa tatéh nu hayang ngaruntagkeun rumah tangga Nyai. Nu sirik nempo Nyai rumah tangga anyar geus boga imah, boga pacabakan. Saha nu nyaho eusi haté jelema.”
“Da Nyai mah ceuk sobat,” témbalna heureut.
“Eta sobat Nyai téh nu sok ka dieu? Kutan boga kurir Nyai téh? Tong percaya teuing, saha nu nyaho éta sobat téh boga haté béngkok. Urang teu bisa ngabadé,” ceuk kuring daria. Ah, na bet mangmeunangkeun minantu? Lin keuheul ka minantu téh? Atawa pédah si Nyai reuneuh, rék boga anak kudu aya bapana?
Mémang sakumaha ambekna gé  ka minantu, moal bisa ambek pisan, sabab tacan yakin enya henteuna minantu téh nyéléwéng.
Kuring ka luar ti enggon si Nyai, nyampeurkeun Jang Sobur nu keur ngahuleng di balé sorangan.
Gék diuk gigireunana.
“Apa ka mana, Amah?” tanyana bari ngarérét. Mani ngadak-ngadak ratug haté téh, inggis nyérénkeun si Nyai ka bapana. Seug si Nyai téh keur kakandungan. Kumaha lamun diserahkeun?
“Ka kebon deuk ngagemuk céngék. Melak céngék lima puluh tangkal, sugan wé kajadian. Seug ayeuna gé  keur ngaraja regana!” témbal téh.
“Sukur wé Amah melak céngék mah, da di ditu mah teu ngebon céngék, keur usum cacar daun.”
“Heueuh barina gé  tong sarua ngebon téh, méh bisa silikirim.” ceuk kuring bari nyéréngéh, manéhna seuri.
“Enya, ngan moal bisa silipentaan obat-obatan.” témpasna.
“Na teu maké gemuk kandang?” tanya téh daria.
“Ari gemuk mah dicampur, nya ti toko nya gemuk kandang. Ngan obat nu disemprotkeun mah pasti ti toko.”
“Heueuh da urang mah tacan bisa nyieun sorangan! Lain, Ujang. Amah mah teu daék pipilueun kana urusan rumah tangga Ujang, ngan dék nanya ka Ujang!” ceuk kuring daria. Ayeuna giliran minantu nu reuwaseun ku omongan kuring.
“Aya naon, Amah?”
“Ari Ujang atoh si Nyai keur nyiram? Deuk boga anak?” tanya téh bari mencrong beungeutna.
“Puguh wé atoh mah, Amah! Lalaki gélo deuk boga anak teu atoh mah. Komo ieu ngadagoan tilu taun,” omongna teu éléh daria. Plong haté rada ngemplong.
“Sukur we, ngan meureun Ujang kudu nyaho. Nu keur nyiram mah sok unggah adat, sok teu pikahartieun adatna. Amah gé baréto kitu, keur nyiram ku si Nyai. Mun saré téh embung dideukeutan. Hayang papisah paparahna mah. Da ngambeu késang salakina asa cua, asa geuleuh. Komo nempo beungeut salaki mah embung pisan. Ah, teuing kumaha bet sok kitu. Ké eureun-eureun panyakit cua téh geus beuteung opat atawa lima bulan,” ceuk kuring bari ngarénghap heula. Nempo minantu cicing waé, kuring neruskeun deui nyarita.
“Komo mun salaki aya kasalahan, dalah taya kasalahan gé  sok ceuceub jeung rujit wé.”
“Kutan kitu, Amah?” tanyana bangun panasaran.
“Enya.”
“Paingan si Nyai embung waé dibawa balik.” omongna lalaunan.
“Wayahna. Komo, lin boga pasualan jeung si Nyai téh?’’ tanya kuring. Minantu tungkul.
“Rumaos abdi salah, Amah. Bébas teuing jeung babaturan. Satadina da pira ngobrol, ngadédéngékeun nu keur ngumbar kasedih. Sugan téh moal jadi mamala. Tapi da abdi téh geus sundak-sanduk ménta dihampura, najan abdi teu ngalakukeun nanaon gé. Ngan si Nyai teuas pisan haténa.” omong minantu bangun nu sedih. Rét ditempo beungeutna, enya wé ning nguyung. Panonna carelong, kurang saré. Saha nu ngeunah atuh saré saukur ngaringkel di juru imah, bari dikarimbung sarung. Da kuring mah yakin, lin saré tapi nyileuk bari ngaringkuk.
Aya rasa karunya. Tapi nu kuat lain rasa karunya ka minantu, da bongan geus cohék kalakuanana ngaraheutan haté si Nyai. Éta rasa nu kuat téh, karunya ka incu bisi gubrag ka dunya taya bapana, da geus papisah! Tah rasa éta nu nyababkeun kuring ayeuna daék diuk ngaréndéng bari ngobrol pipilueun kana urusan rumah tanggana. Sakumaha geus kuciwana gé  ka minantu, ditahan wé.
“Geus aya sawelas poé si Nyai di dieuna téh, nya?” ceuk kuring datar.
“Tos badé dua minggu, Amah!” témpasna.
“Hih, asa cikénéh rarasaan téh.”
“Abdi mah puguh asa tos mulan-malén ditinggalkeun ku si Nyai téh. Imah tiiseun. Hawu tiis, da tara aya nu niup seuneu. Asa kiamat sugro!” omongna semu nalangsa.
“Tah kitu awéwé mah, Ujang. Lamun meunang kateungeunah téh sok poho kana nanaon. Dalah imah ublug-ablag gé  tangtu bakal ditinggalkeun! Da kabéh awéwé gé bakal kitu, ari rumah tangga téh néangan kasukaan, kabagjaan haté, katengtreman batin. Mana Amah peupeujeuh ka Ujang, ulah sok ngamomorékeun haté awéwé. Lin mangmeunangkeun si Nyai pédah sarua awewé atawa pédah anak Amah, lain! Ngan diajar tina pangalaman hirup mah kitu! Tapi hampura, nya. Lin maksud Amah deuk pipilueun kana urusan rumah tangga Ujang jeung si Nyai! Da teu bisa didikté ku batur kangeunahan rumah tangga mah. Teu karasa ku batur deuih. Ari kolot mah sakadar ngélingan bisi kadalon-dalon!” ceuk kuring bari ngaréng­hap panjang. Da mani asa plong haté téh longsong, sagala anu diheungheum welas-welas poé téh, kaluar kabéh, budal.
Katémbong panon minantu carinakdak.
“Nyai! Nyai! Ka dieu?” rada tarik ngageroan si Nyai téh bisi teu kadéngéeun.
Lila naker, karék nyampeurkeun. Gek diuk, ngaréndéng jeung kuring. Si Nyai diteuteup salila-lila. Kahayang mah si Nyai téh cicing di dieu. Saimah jeung kuring nu kungsi ngakandung, nu kungsi tihothat ngurus sagalana. Tengtrem aya anak téh. Tapi teu meunang égois! Teu meunang hawek! Si Nyai geus boga salaki, geus boga rumah tangga sorangan. Malah sakeudeung deui si Nyai téh bakal jadi indung. Kuring teu meunang ngeukeuweuk waé si Nyai. Entong jadi jelema katilu anu ngaruksak rumah tangga. Kadar minantu aya kasalahan, nya hampura wé, asal ulah deui-deui. Piraku si Nyai teu bisa ngahampura, ning kuring gé baréto bisa ngahampura ka salaki. Éta nu kudu dipelakkeun kana haté anak téh. Lain amarah jeung dengdam.
“Nyai, geus lila teuing ninggalkeun lembur téh, pamali! Lin Amah ngajujurung. Ngan teu pantes awéwé ninggal­keun salaki, ninggalkeun imah tanpa sabab. Sok wé urusan Nyai jeung salaki béréskeun di imah. Sing karoloteun, pan urang téh deuk boga turunan. Sing nyaah kana turunan. Éta téh titipan ti Gusti nu kudu dimumulé ku duaan. Jung geura marulang. Silihampura, da urang mah umat muslim,” ceuk kuring daria. Si Nyai nyegruk ceurik. Salakina gé bedah cimatana. Sarua kuring gé hayang ceurik, tapi ditahan. Maenya indung kudu épés méér nyanghareupan pasualan anak. Indung kudu jadi conto anak dina nyanghareupan ombak kahirupan rumah tangga, anu sakumaha gedéna gé. Sabab rumah tangga anak karék sirungna, saha nu nyaho ka hareupna bakal manggih ombak nu leuwih gangas.
Bari masih ngaringhak si Nyai ngaléos ka enggonna, nyokot kantong wadah pakéan.
Basa duanana paramitan, katémbong si Nyai juuh deui cimatana.
“Ka Apa wartoskeun, Amah. Si Nyai dicandak ku abdi!” Ceuk minantu daria.
“Heug da ku nu hakna. Ngan mihape, pangjagakeun haténa. Pangjagakeun awakna. Seug keur kakandungan.” ceuk kuring daria. Minantu ukur unggeuk. Leos duanana arindit.
Cimata juuh teu kabendung. Cimata kabungah. Kuring geus salamet bisa jadi indung anu bijaksana. Bisa jadi indung anu teu égois. Bisa jadi indung anu adil, teu biluk ka anak sorangan.
Haté surak ayeuh-ayeuhan balap jeung cimata anu beuki juuh.

Carpon HOLISOH MÉDimuat dina majalah Sunda Midang No. 40, 41, 42 taun  2008

0 komentar:

Posting Komentar