twitter



KA mana Iti?
Biasana, mun keur kieu téh sok norojol.
"Geus dahar Kang Upar?" Tara ieuh ditémbalan, da piraku teu apal.
"Tuh, di dapur!"
Tara ieuh loba omong. Koloyong ka dapur, celebek dahar, da geus disampakkeun. Sok ponyo, komo lamun tas nganteur Bapa ka ditu-ka dieu mah, boh urusan kantor boh lain. Lain ngan­teur atuh, nganteurkeun meureun. Ka­sebutna kuring téh supir pribadi Bapa.
Biasana, lamun kuring keur dahar, Iti sok maturan. Atuh dina henteuna ogé, tara jauh ti dapur, bari ngecewis baé sagala dicaritakeun. Pangpangna sagala nu kajadian di imah ieu. Ibu téa, Néng Winda téa, Cép Dasé téa, Bi Onih téa, nepi ka anjing jeung ucingna dica­ritakeun. Kuring ukur mairan, kitu gé saperluna baé. Rarasaan can kungsi kalepasan ngabuka rusiah, anu ceuk kuring mah kudu dipindingan ku supir pribadi. Henteu saeutik malah anu ku­du dikilungan ogé. Sabab raket patali­na jeung katingtriman rumah tangga dunungan.
Ka mana atuh Si Iti téh? Geus aya kana sajamna diuk di dieu, dina korsi hareupeun dapur. Korsi anu biasa di­diukan méh unggal balik ti kantor ata­wa ti mana baé. Ieu beuteung geus na­gih eusi.
"Upar, ulah wara balik nya. Engké so­ré anteur Ibu ka Braga."
Lain Iti, tapi Ibu.
"Bisi rék dahar mah ménta baé ka Bi Onih."
Ka Bi Onih, na bet lain ka Iti?
“Mangga, Bu."
Sup Ibu ka jero imah deui, sup kuring ka dapur.
"Sok Jang Upar rék dahar mah, jong­jon-jongjon baé nya! Ibi mah rék gégé­roh heula ambéh salsé."
"Keun wé Bi lah, da lain sasaha ieuh."
"Enya, tong asa-asa barina gé. Bisi kurang sanguna, éta dina térmos nya." Kuring unggeuk, Bi Onih ngaléos. Celebek dahar, lapar ti tatadi. Ponyo. Tapi karasa aya nu leungit. Enya Si Iti. Poho tadi téh teu nanyakeun ka Bi Onih.
"Ih, geuning prus-pris ieu téh, sakieu keur rariweuhna," kadéngé sora Bi Onih ti pipir.
Kaciptana téh torojol Mang Odo, sa­lakina, sarua deuih ngabadéga ka Bapa.
"Baku ari geus gégéréwékan téh! Aya naon?"
"Pangnyaitankeun popoéan!" Geblig-geblig sora papan katinca­kan. Moal salah, Mang Odo naék ka lo­téng pamoéan, luhureun dapur. Sup Bi Onih ka dapur nanggeuy piring anyar ngumbah. Teu loba.
"Geuning enggeus deui dahar téh, Jang Upar?”
"Wareg Bi."
"Alah hampura wé nya Jang Upar, euweuh deungeunna. Keur Juragan ogé meuli pais lauk wé. Puguh gé asa ripuh euweuh Si Iti téh."
Kabeneran, arék pok nanyakeun pi­san, aya jalan.
"Na ka mana kitu, Bi?"
"Can nyaho nya Jang Upar?"
"Acan."
Kuring panasaran.
"Apan aya nu nyusulan ti lemburna. Mangkukna."
"Aya naon kitu, Bi?"
"Ah, duka da teu nyarita nanaon ka Ibi mah. Ngan cenah aya lanceukna nyusulan, Si Iti kudu balik. Lah, paling-­paling ogé rék dikawinkeun, budak parawan dititah balik mah."
Gebeg téh, bet asa aya nu neumbag kana dada.
"Maenya Ibi, budak-budak rék dika­winkeun?"
"Budak kumaha ari Jang Upar? Geus maju ka dalapan las umurna téh. Di lembur mah atuh geus meujeuhna boga anak dua. Ibi mah komo, saumur Si Iti téh geus béak dua gelempeng," ceuk Bi Onih ditungtungan ngaheuheuh. Ku­ring mésem. Tuluy ngabetem. Asa per­caya asa henteu. Saterusna, asa teu pu­guh rarasaan.

***
KARASA ayana sanggeus euweuh. Aya dina pikiran, aya dina kongkolak mata, aya dina rasa. Horéng bet aya di mana-mana.
Tadina mah sugan téh leungiteun biasa baé, pédah geus aya taunna ma­turan dahar, ngadéngékeun galécokna, ngadéngékeun ceuleukeuteukna. Saeutik-saeutik kapaliré tingkah pari­polahna. Saeutik-saeutik katémbong babagéan beungeutna, awakna, jeung sgjabana. Anu tadina biasa téh, ayeuna mah bet asa dédéngéeun, bet asa deu­deuleueun, bet asa gembleng. Iti. Su­narti.
Angger samar rasa mun inget kana caritaan Bi Onih. Na enya kitu rék dikawinkeun? Mun enya kumaha? Mun henteu, moal talangké deui kuring rék balaka. Susul baé kitu ka lemburna? Pilakadar Ciamis, ti Bandung mah bisa pulang poé. Di ditu balaka. Mun enya rék dikawinkeun, sina ménta bolay. Geus siap kitu kuring jadi salakina? Kumaha engké baé. Batur gé nu saréat­na mah sahandapeun, teu burung hirup.
Ké, kira-kirana daekeun kitu Itina? Ceuk rarasaan mah kudu daékeun. Bé­da dina rindatna. Béda dina imutna. Béda dina sagalana wé ka kuring mah. Omongna gé, jeung kuring mah bisa ngobrol sagala rupa.
Sing percaya baé, Iti. Engké mah ku­ring gé moal ukur ngadéngékeun, moal ukur mairan saperluna. Puguh gé han­jakal. Lamun seug sarua galécokna, meureun aya kasempetan pikeun silih­jugjugan haté. Pikeun nembrakkeun enas-enasna kereteg ati kuring. Loba kasempetan pikeun kitu téh. Tur ku­ring yakin Iti bakal kataji.
Cara basa manéhna nyaritakeun sual Ibu meuli ali mata berlian, na atuh ku­ring téh bet ukur mairan? Bet loba nga­betemna? Coba mun harita kuring nya­ritakeun, Bapa ogé sarua meuli ali nu matana berlian, tapi lain keur Ibu. Keur Néng Évi, mahasiswi saumur jeung Néng Winda. Éta baé lamun Bapa bébéja rék rapat ka Ibu, bisa rapat di kantorna, bisa merapat di imah kontrakan Néng Évi. Ceuk kuring téh meureun, Akang mah moal kitu. Moal kawas Ba­pa mani teu cukup ku hiji. Asal jadi ka Iti.
Cara basa manéhna nyaritakeun sual Néng Winda anu nyaretél vidéo di ka­mar sagebrug jeung babaturanana awéwé-lalaki. Atawa basa nyaritakeun Cép Dasé balik subuh rarampéolan ma­bok. Ceuk kuring téh meureun, karu­nya barudak teu kapaliré ku kolotna. Bapa sibuk Ibu sibuk. Akang mah moal kitu ka budak téh. Rék diperhatikeun sagala rupana, kaasup barang-barang anu didaharna. Ceuk Ajengan Mamat ogé, mun barang hasil karinah, komisi, sasatna barang haram dipaké ngabayuan anak­-pamajikan, moal waras kana rumah tanggana. Ari hayang boga anak soléh, ari dibayuan ku duit haram, nya moal bisa atuh. Meureun ceuk manéhna téh, ari Bapa kitu kituh? Moal, moal dipin­dingan deui, barabat atuh kuring nya­ritakeun usaha Bapa di luar jabatana­na, anu jelas ngamangpaatkeun éta ja­batan. Kuring mah moal kitu, karunya ka anak-pamajikan, karunya ka anak­-incu. Kgjeun hirup basajan, asal aya di­na rido Gusti. Iti daék ka supir?
Cara basa dititah nganteur manéhna ka Pasar Baru, mangka lain sakali dua kali tatéh. Naha atuh maké salancar baé pikiran téh? Engké mah kasempet­an samodél kitu téh moal diantep. Loba saenyana mah kasempetan téh, loba pisan. Di dapur baé, apan mindeng ukur paduduaan. Paduduaan jaba di luar hujan, mindeng deuih. Malah pa­duduaan di imah ogé, lain sakali dua kali. Jaba di luar hujan ogé kungsi. Na­ha atuh bet diantep? Ayeuna kari ka­duhungna.
Lamun teu diantep, Iti bakal daé­keun kitu? Nempo ulat jeung semuna mah kudu daékeun. Malah kakara ka­pikir ayeuna, kungsi sababaraha kali kawas nu ngahajakeun sangkan ulah diantep. Nyaho kuring keur dahar di dapur, der maké asup ka dapur ukur dibabasah. Éta baé ari ngaharéwos, da mani antel-antel baé biwirna kana ceu­li. Ari nyarita, remen bari ngadayagdag dina korsi atawa beungeutna nampeu­-nampeu baé kana beungeut kuring. Lain totondén hadé ari kitu? Jelas, pas­ti daékeun!
Ngan lamun enya téh rék dikawin­keun, asa taya iber ti anggalna. Lamun enya téh, bisa jadi Iti mah kapaksa ata­wa dipaksa. Da tara ngobrolkeun sual kabogoh jeung kuring mah. Kuring gé kitu deuih, tara ngomong-ngomong soal awéwé. Rumasa wé, umur nincak lima likur gé, can kungsi ari serieus ha­hadéan mah. Tadina loba karumasa.
Lamun teu dipaksa ku kolotna, moal kitu kapaksa ku kaayaan? Saha nu nyaho Iti téh.... Gusti, teu wasa mikira­nana ogé. Saha atuh anu ngaruksak Iti téh? Bapa? Cép Dasé? Bisa jadi duana­na ogé, buaya jeung bayawak. Cenah disusulan? Bisa baé akon-akon.
Taya deui jalan, isukan kuring kudu muguhkeun. Lamun perlu nyusul ka lemburna, nyusul naha. Dadakuna ka Bapa mah, kumaha engké.
Parat sapeuting henteu saré, mikiran Iti.

***
LENDENG urut peuting kurang saré beuki karasa pabeubeurang mah. Diuk dina korsi ngadagoan waktu nu tepat, rék bébéja ka Bapa, isukan rék peré. Rék ka Ciamis, bisi teu kaburu mulang poé-poé ieu.
"Kang Upaaar....!" aya nu ngagero­an ti jero imah. Wawuh kana sorana mah. Dilieuk, teu salah. Iti! Haté ratug ngadulag. Teu sadar kuring nangtung. Iti nyampeurkeun. Gep dua leungeun pataréma, sasalaman. Karasa aya nu sur-ser. Teu dilésotkeun deui, leu­ngeunna dikeukeuweuk. Iti imut leleb. "Ti mana baé Iti teh?"
"Ti lembur," témbalna. Katémbong paromanna marahmay. "Kang Upar ka ditu, nya?"
"Ka ditu ka mana?"
"Muhun ka abdi, ka Ciamis."
Gebeg.
"Insya Alloh, asal kahartos we." Leungeunna masih kénéh dikeukeu­weuk.
"Dijamin lah," omongna angger bari imut.
"Aya naon kitu?"
"Apan abdi badé nikah," omongna teteg.
Jedug! Teu karasa leungeunna lésot sorangan tina cekelan kuring. Teuing asa kateumbrag naon mah.
"Ku naon Kang Upar?"
"Henteu, ieu lieur kurang saré."
"Atuda bagadang bae Kang Upar mah."
"Sareng saha?"
"Sareng urang ditu deui wé, batur sa­lembur. Mung didamel di Jakarta, di pabrik gelas."
"Geuning teu wartos-wartos badé ni­kah téh?"
"Atuda rusiah," omongna deui bari angger imut, paromanna marahmay, beuki marahmay. "Tos lami da hubu­nganana mah."
Kuring gogodeg. Saenyana mah sa­mar polah. Mireungeuh paroman Iti, teu riuk-riuk anu nguyung. Marahmay. Cahayaan. Perbawa bagja. Na atuh ku­ring téh bet ngarep-ngarep Iti nguyung? Iti kaduhung pédah rék kawin?
"Wilujeng atuh."
"Ka ditu nya? Da Bapa, Ibu, Néng Winda sareng Cép Dasé ogé baradé ka daritu."
Kuring unggeuk. Kakara sadar, aya nu kaliwat nu tara dicaritakeun ku Iti ka kuring téh: dirina sorangan. Haté, teuing kumaha, rasa, teuing kumaha. Anu jelas pikiran mah muter: ka Cia­mis atawa ulah?
(Galura, Minggu III, Juni 1992)

0 komentar:

Posting Komentar