twitter


Sabenarna mah Said jeung Si Aki teh geus lila wanoh. Wanoh tapi api lain. Da duanana ge sarua baramaen di stopan simpang tilu. Ngan tadi beurang aya razia ku Satpol PP. Duanana kabur sakalumpat lampet. Duanana lumpat ka lebah nu sarua, sedeng loba babaturanna mah nu katewak.  Kulantaran Si Aki geus teu bisaeun leumpang gancang, lila-lila mah ku Si Said anu masih rada ngora keneh digandong nepi manggihan kuburan Cina nu jauh ti kota tempat maranehanna mangkal.

Maranehanna ngiuhan luhureun makam nu aya saungan. Si Aki mah sila, panonna peureum bari dzikir sorana siga nu ngaharewos. Dzikir lain ngado’akeun nu aya di kuburan eta, tapi da kitu kabiasaan Si Aki lamun keur reureuh. “Jang, sakeudeung deui magrib. Urang kudu neangan cai keur wudu,” cek Si Aki bari ngalieuk ka Si Said nu nangkarak bari peureum hayam, nu aya digigireun manehna. Si Aki nyebut ka Si said teh ujang da pedah sangoraeunna. “Kahade ulah poho ka na sholat sok sanajan kahirupan urang siga kieu” pokna deui.

“Sakalian mandi nya Ki?!” Tembal Said bari cengkat ngagisik matana. Tuluy manehna indit rek neangan cai. Di handapeun makam, sisi sawah aya kamalir nu caina herang. Said luak-lieuk heula nempoan bisi aya jalma nu nempokeun. Manehna muka calana jeung bajuna terus mandi bari nagog. Caina disiukan ku dua leungeunna. Teu make sabun, ukur diruruan ku batu leutik nu aya dina kamalir. Teu lila tuluy hanjat, nagog nuuskeun cai nu narempel dina awakna. Henteu make anduk. Sanggeus rada lila nuuskeun awak, manehna rap make deui calana jeung baju nu ti beureung dipake ngamen. Sanggeus wudu, Said indit ngadeukeutan Si Aki. “Duh mani seger.” Cenahna teh.Ngagereyem.

“Ki, tuh dihandap aya kamalir caina herang,” cek Said bari nujuk ka lebah kamalir.  Mere nyaho ka Si Aki. Tuluy manehna ngamparkeun koran nu rek dijadikeun sajadah keur  sholat. Teu lila ti eta, ti jauhna hawar-hawar sora adzan magrib lir sora mojang nu ngahaleuang. Teuing ti masjid mana eta teh. Tapi Said masih ngajanteng siga nu ngalamun. Manehna ngadagoan Si Aki beres mandi. “Hayang sholat bareng jeung Si Aki,” gerentes hate Said bari ngamparkeun deui koran sisi makam, keur Si Aki ngimaman sholat, pikirana teh.

Kapeutingnakeun. Ukur cahaya bulan kalimpudan halimun nu nyaangan. Said jeung Si Aki ngagaloler bari ngarengkol patonggong-tonggong ngobrol panglamanna masing-masing. “Ari ujang kawit teh ti mana, jeung naha bet nepi ka kota jadi tukang baramaen?” Cek Si Aki bari menerkeun daun cau nu jadi simbut sukuna. Duanana ngahodhod taririseun.

“Pami ka babaturan mah, kuring sok ngaku urang Bandung. Padahal nu saestuna mah kuring teh aslina mah lain ti dinya,” cek Said bari ngarenghap panjang.

“Ku naon ngaku urang Bandung,”  cek Si  Aki motong carita bari malik nyanghareup ka lebah Said.  Kitu deui Said oge malik nyanghareup ka Si Aki.

“Aya sajarahna, Ki.”

“Tah naon sajarahna teh, Jang?” Tanya Si Aki.  Daria naker.

“Harita teh taun 1965. Kuring masih sakola kelas opat di Ibtidaiyah. Waktu peuting balik ngaji ti masjid. Ti jauhna katempo di hareupeun imah ngagimbung loba jalma. Teu lila, imah bapa kuring aya nu ngaduruk,” jep jempe sajongjonan. Si said siga nu nahan katunggara, tapi teu lila Said nyarita deui bari ngarenghap panjang,”Imah bapa kuring diduruk alatan bapa kaasup anggota BTI anu aya dina panangtayungan PKI. Padahal bapa kuring teh ustadz. Eta ku bapa kuwu didaptarkeun jadi anggota eta supaya meunang sumbangan keur ngokola sawahna cenahna teh.”

“Tuluy??” Cek Si Aki semu heran.

“Kuring sieun ngadeukeutan imah. Kuring lumpat ngajauhan. Kabenaran aya mobil treuk nu ngangkut lauk asin keur eureun. Kuring naek ka na treuk bari nyumput sieun aya nu nyahoeun. Tah teuing sabaraha lilana. Basa subuh, treuk geus nepi ka kota. Di kota, teu aya nu kenal keur menta pikumahaeun. Beuteung lapar. Kapaksa jadi baramaen nepi ka ayeuna. Nepi ka ayeuna teu wani balik deui ka lembur. Indung bapa kuring teuing masih aya keneh atawa geus teu aya dikieuna.” Cek Said bari nahan kasedih.

“Aki bisa nebak, lembur ujang teh di Mundinglaya, nya?!” Cek Si Aki bari melong Si Said anteb pisan.

“Naha aki nyaho kitu?”

“Pasti ujang teh lain Said, nya??”

“Lain...” cek Si Said rada heran pedah Si Aki bisa nebak kaayaan manehna. Melong ka Si Aki nu panononna ngembeng ku cimata. Si Aki ngusapan sirah Said.

“Ujang teh ngaranna Umar, lin” cek Si Aki bari ngagabrug Said bari pok ngomong deui,  “Ujang teh Si Umar. Umar ieu teh bapa hidep...” Duanana sili gabrug mani papuket siga nu keur gelut, bakating ku bungah pisan.

Dua manusa luhureun makam Cina pagugulung nyacapkeun kasono jeung kasedih pagalo jadi ngahiji. Tiris ku tiis geus teu karasaeun deui sok sanajan saukur disimbutan halimun peuting. Peuting beuki simpe, nu aya ngan ukur sora nu ngababangingik ceurik balilahan.***

(Ba’da Subuh, 28 Januari 2012).Carita Pondok Pisan: I Djatnika

0 komentar:

Posting Komentar