twitter




RADA nyenghél basa maca tulisan deukeut panto téh. Teuing saha nu nulisna, da bangun dapon baé, diterapkeunana ogé siga nu rusuh, nyéngsol-nyéngsol acan. Bet babalagonjangan dina haté, sugan Pa Sukri - anu mimiti poé ieu jeneng jadi mitoha kuring - anu ngagawéanana téh. Éta wé, tadi bada asar, Pa Sukri nanyakeun keretas ka Si Adun. Tayohna téh dipaké nulis kekecapan nu matak réhé. Bet hayoh deuih diterapkeunana di deukeut panto, nepi ka saha baé ogé bisa maca.
"Upami badé nepangan pangantén, harap sabelum magrib!" kitu cénah.
Da jeung enyana, rada matih tah tulisan téh. Méméh magrib, kaayaan nu tadina ramé dadak-sakala jadi tiiseun. Tatangga anu tas babantu nungtutan baralik, sanggeus dibahanan berekat saayana. Anu matak kerung, lain ukur tatangga anu baralik téh, Pa Sukri sapiri-umpi ogé milu amitan.
"Imah ieu mah husus keur Ujang jeung Nyai. Keun baé panggung ogé, nya. Bapa mah rék ka imah nu itu, nu deukeut sawah téa. Pék masing jarongjon duaan. Masing awét rumah tangga téh. Isuk ku Bapa dilongok deui, sakalian urang bébérés urut hajat. Hayu, Ambu!" bari ngarérét ka pamajikanana nu ti tatadi kéom baé.
"Di dieu wé atuh, Pa, sawengi mah!" cékéng téh.
"Muhun, Pa. Asa teu puguh, tas raraméan, ayeuna tiiseun!" cék Ningsih - pamajikan kuring téa.
"Pék baé duaan, da geus galedé ieuh!" pokna, bari ngalaléos. Kuring jeung Ningsih ukur silih rérét.
Ari kulawarga kuring mah, ti tatadi ogé geus marulang. Sabada seserahan, dirapalan, disawér jeung buka pintu, terus baé aramitan. Pokna ogé, kolot mah ukur nganteur, milu ngareugreugkeun. Geus salamet mah, nya wayahna ditinggalkeun. Matak geus hayang kawin ogé, meureun geus siap hirup bari teu gumantung ka kolot. Kitu pokna téh.
Palebah kuring ditinggalkeun paduduaan, teu ieuh dipikiran. Cék Si Adun, panyawah kolot kuring, geus biasa cénah di ieu lembur mah pangantén téh sok diantep paduduaan. Kolot mah kajeun nyingkur heula ka mana, nu penting barudak nu tadi beurang dirapalan jongjon, henteu kaganggu, euweuh nu dipikaragab.
"Da euweuh dina sajarohna aya pangantén dikemitan!" cék Si Adun. Nya ari keur kuring mah, atoh wé nu aya. Boa Ningsih ogé sarua. Ngan ari awéwé mah apan bisa nyumputkeun semu, henteu ngatarakeun.
Geus euweuh sasaha mah, gék dariuk di patengahan. Asa lalungsé, bubuhan poé bieu mah satengah dialung-boyongkeun. Kudu itu, kudu ieu. Nincak endog téa, meuleum harupat téa, nepi ka pabetot-betot bakakak sagala rupa.
"Mending bébérés heula, Ning. Ngarah jongjon!" cék kuring, bari panon mah miheulaan ngarérét ka kamar pangantén. Manéhna tibang imut.
"Bébérés di kamar? Parantos bérés da. Apan kénging ngahias Ceu Emin. Baruni deuih. Cénah éta seueur kado numpuk di juru, ah da pantes cék abdi mah. Sakantenan baé urang bukaan,"
"Keun baé ari di kamar geus bérés mah. Ieu wé di patengahan, sakieu matak sareukseukna. Sigana mah nu babantu téh henteu kaburu mérésan tengah imah, da éta Bapa Nining maké nyieun pamplét sagala rupa!"
"Mangga atuh. Tapi abdi mah badé ibak heula!"
"Enya, mangga!"
Ningsih ngaléos. Kuring ngojéngkang ka luar. Ngajanteng di buruan. Balatak ku runtah, can kaburu disapukeun. Balandongan nangtung kénéh. Sigana isukan dirakrakna téh. Ari korsi séwaan mah geus dibérésan, malah geus diringkid ku nu bogana.
Layung ngempur di beulah kulon. Boa hurungna téh lebah kota Bandung, nu geus lawas ditinggalkeun. Rét kana tulisan deukeut panto. Henteu pantes, cék pikir, gancang baé dilaan, digundukkeun jeung runtah séjénna. Gur diduruk.
"Mani rajin pangantén téh!" cék nu ngaliwat, disamping sarung, tayohna mah rék indit ka tajug.
"Barala atuda, Pa. Angkat kamanten?" pok téh. Palebah nyebut "kamanten" bari rada rengkuh, nurutan kabiasaan di éta lembur.
"Ka imah Pa Érté, Jang. Kamana atuh Si Éneng? Geuning nyorangan baé?"
"Nyondong di lebet, Pa!"
"Sing betah di dieu téh, Jang. Komo Ujang mah wedalan kota, maksud téh kungsi sakola di kota, tangtu dipikabutuh ku urang dieu. Boa engké mah dijenengkeun jadi kuwu. Aéh, hayu, Jang!"
"Mangga!"
Dekul deui sasapu. Wanci geus reupreupan. Sakeudeung deui ogé poék.
"Atos, Kang. Énjing deui wéh!" aya nu ngagero ti tepas. Basa dirérét, Ningsih mani geus luis. Maké erok bulao, ka luhurna kaos warna konéng sahéab. Buuk dibeungkeut ku pita héjo. Biwirna dibeureuman saeutik. Maké ngaranjug sagala rupa nénjo nu kitu mah. Gancang sapu dialungkeun.
"Enya, mending énjing deui. Akang mandi heula atuh!"
"Andukna tos disadiakeun. Ari baju Akang di mana, ku abdi urang siapkeun?"
"Di mana, nya. Dina koper mun teu salah mah. Tah, ngan koperna di mana?"
"Koper anu dicandak ku Kang Adun téa?"
"Enya!"
"Ku abdi disimpen caket kado. Teu nanaon dibuka? Urang bérésan bajuna!"
"Naha maké nanaon, da euweuh nu perlu dirusiahkeun. Barang nu Akang, nya nu Nining kénéh!"
Manéhna imut deui. Buru-buru asup ka imah, ngarawél anduk, terus ka cai bari héhéotan. Teu pati jongjon mandi téh, da éta, inget baé ka nu maké erok bulao. Pikiran cunihin pabuis dina sirah. Moal teu matak panasaran, cék pikiran cunihin téh, da apan Ningsih mah béda jeung awéwé séjén. Sok nampik upama diambung damis, narah mun dicekelan, kalawan maké alesan klasik nu kaharti jeung kasurti : apan urang téh teu acan kakurung ku tikah. Tah, ayeuna, Ningsih, tikah geus dikurungkeun ka urang duaan, sageuy lamun masih kénéh nampik téh. Apan rindat anjeun bieu, geus matak béda kana rarasaan. Rindat nu sumerah téa.
Awahing kaweur ku pikiran cunihin, nepi ka teu engeuh, odol ogé kalahka dipaké kuramas.
Geus ngarasa lantis mah, asup deui ka imah ngaliwatan dapur. Di patengahan, amprok jeung nu maké erok bulao. Kuring seuri, tapi manéhna kalahka baeud.
"Nining, ku naon?" rada reuwas nénjo kitu mah. Ningsih teu ngajawab. Bus ka kamar nu hiji deui, pagigir-gigir jeung kamar pangantén. Kadéngé panto kamar dikonci ti jero. Kadéngé nu meubeutkeun awak kana kasur. Mimiti inghak-inghakan.
Gebeg téh, mani ngaranjug, bareng jeung ngilesna pikiran cunihin nu ngukuntit ti cai kénéh. Panto diketrokan.
"Ning, buka. Teu ngarti Akang mah, asa teu gugur teu angin. Sok buka geulis, urang ngobrol di dieu!" pok téh, ngahaja sina rada romantis, sugan manéhna léah daék muka panto. Tapi batan dibuka mah kalahka ceurik beuki tarik. Beu, aya-aya baé.
Da puguh ukur disamping anduk, bus baé ka kamar pangantén nu beunang ngahias téa, rék disalin. Mani ngajenghok basa nénjo koper dina kasur. Eusina acak-acakan. Nu matak reuwas, dina kasur, aya potrét beunang nyoéhkeun. Basa sesebitanana ditepung-tepungkeun, sina ngahiji deui, bréh potrét kuring keur patangkeup-tangkeup jeung awéwé - nu sidik mah lain jeung Ningsih.
Sanggeus dibaju mah, eusi koper dibérésan, bari teu wéléh kerung. Aya handphone, diskét sababaraha hiji, visidi, jeung buku "Bercinta dengan Komputer". Kabéh ogé barang-barang nu kuring, euweuh nu anéh. Ngan naha bet aya di dieu, di kamar pangantén pisan.
Kakara kaharti, tangtu pahili sakadang koper téh. Basa rék indit seserahan, Si Adun dititah nyokot koper di kamar kuring. Aya dua apan koper di kamar téh, nu hiji bawa ti kota, nu hiji deui bawaeun panganténan. Si Sadun nanya :
"Koper nu mana?"
"Nu héjo!"
Henteu salah Si Sadun mah, da jeung enyana nu dibawa téh koper héjo. Kuring ogé henteu kaburu nalitian eusina, da kaweur téa. Apan acara seserahan mah sakitu riweuhna. Loba nu kudu diuruskeun, ti mimiti mas kawin, babawaan, nepi ka milang jelema anu rék nganteurkeun. Saha atuh anu baris inget kana eusi koper.
Kakara inget ayeuna, koper nu keur panganténan mah warnana hideung, ngan gedéna sarua. Bubuhan ari ka kota sok mawa baé koper héjo, nya éta anu ngolébat dina pikiran, basa ditanya ku Si Adun téh. Keun ari barang-barang séjénna mah, babari nerangkeunana nepi ka kahartieun ku Ningsih. Handphone apan paranti nelepon, moal ngahudang timburu. Ngan édas, maké aya potrét sagala rupa. Hésé néangan alesanana, kumaha sangkan Ningsih ngarti yén awéwé anu keur nangkeup kuring téh, teu perlu dipaké timburu. Nyel téh jadi ambek ka koper. Leuwih keuheul deui, naha potrét kitu patut bet mimilu ka lembur. Apan sarupaning rusiah nu matak riweuh upama geus rumah tangga mah dititipkeun ka Si Samija, babaturan di Bandung. Surat, potrét, catetan poéan, euweuh nu karingkid ka lembur rarasaan mah.
Golédag kana kasur. Di kamar gigireun, tangtu Ningsih ogé keur ngagolér. Tah, kadéngé kénéh sorana inghak-inghakan. Écés pisan, da puguh ukur kahalangan ku bilik. Cacak lamun kamar pangantén henteu dikulibeng ku lawon mah, tangtu kuring bisa noong ka kamar gigireun.
Tungtungna mah ukur bisa neuteup lalangit. Ngarahuh. Pikiran cunihin nu ngolébat di cai téh horéng biheung bisa kakedalkeun peuting ieu. 
RADA lila ngahuleng téh. Bingung kumaha nerangkeun gékgékanana éta potrét. Ari Ningsih, apan ti barang wanoh ogé, geus katangén resep ngingu timburu. Tong boro ayeuna nangénan potrét nu keur patangkeup-tangkep, upama apaleun kuring nganjang ka imah Pa Kuwu ogé, baeudna sok aya tilu poéna. Lain timburu ka Pa Kuwu, tapi ka budakna anu cék béja mah neundeun haté ka kuring.
"Ning, sanés badé murak kado?" cék kuring, nyobaan ngajak ngawangkong. Sugan manéhna geus palér. Tah, geuning, sada rék ngajawab. Maké dédéhéman sagala rupa.
"Akang mah bangor!" sorana ti kamar gigireun, semu sisimekeun. Ogoan budak téh. Kituna mah pantés, da umurna kakara manjing 19 taun. Tamat ti SMU henteu neruskeun sakola, terus baé diajak kawin.
"Bangor lebah manana? Sakieu bageurna!"
"Bohong! Éta geuning aya potrét sareng istri. Akang bobogohan di kota, nya? Boa Akang geus nikah di ditu. Teungteuingeun Akang mah!"
"Henteu, Ning. Akang mah teu acan nikah sajaba ti ka Nining ..."
"Ari Si Éta saha atuh?" palebah nyebut "Si Éta", kadéngé mani bangun nu keuheul naker.
"Nining moal ngambek, upama ku Akang dibéjakeun sajalantrahna?"
"Moal, asal Akangna wé jujur. Apan ti payun mah, cénah Akang teu kungsi boga kabogoh, iwal ti ka abdi,"
"Rumasa harita mah Akang bohong. Inggis Nining ambek. Yap atuh ka dieu ari moal ambek mah, urang murak téa kado!"
"Si Éta, saha Si Éta téh?"
"Emh, na mani keukeuh. Di dieu geura ngobrolna, ku Akang didongéngkeun!"
"Alim. Ti dieu ogé kakuping!"
"Si Éta téh babaturan kuliah. Kungsi hahadéan jeung Akang, tapi teu lana. Ayeuna mah geus enggeusan," pok téh, bari barabat ngadongéng sabisa-bisa, dipilihan nu alusna. Puguh baé, sakur anu dicaritakeun téh, bet béda jeung nu ngolébat dina pikiran.
Mun Ningsih bisa ngobét ingetan kuring, boa terus kabur nepungan kolotna. Teu pamohalan nepi ka ménta diserahkeun peuting ieu kénéh ogé. Ngan naon kasebutna, peuting pangantén ujug-ujug gor-gar paséa, bari ukur masualkeun potrét.
Anjeun mah moal apal, Ningsih, awéwé anu aya dina potrét téh ngaranna Lisa, Lisa Sanitri. Tangtunganana jiga anjeun, jangkung lenjang. Ngan bédana téh, itu mah urang kota anu idek-liher dina rupaning kahirupan kota, anjeun mah urang lembur nu hirup dina tiisna pagunungan. Itu mah capétang pinter nyarita, remen ngajak padungdengan, anjeun mah éraan. Loba nu béda antara itu jeung anjeun téh.
Anjeun hayang apal lalakonna? Heug ku kuring dicaritakeun, tapi ukur dina gerentes haté baé, nya.
Nyaritakeun kota, kota Bandung, bet inget ka kolot anu cénah kasohor lega sawah lega tanah. Cacak lamun kuring jadi Si Adun mah, meureun paling ogé dititah ngarit, ngala suluh, atawa naon baé anu geus ilahar dipigawé di lembur. Ku Bapa mah apan kuring téh dititah sakola, Ningsih. Sanggeus tamat SMU di kacamatan, terus baé sina indit ka kota, neruskeun ka paguron luhur. Aya untungna kétang Bapa nitah sakola téh, lantaran kuring bisa tepung jeung Lisa anu ku anjeun ditimburuan téa.
Sigana mah tuturut-munding ka urang kota, da sanggeus ngontrak kamar téh, bet terus hayang meuli komputer, handphone, jeung barang-barang séjénna anu boa keur anjeun mah moal aya gunana. Bapa mah tara itungan, Ningsih, asal kuring nyebut butuh duit, tangtu dibahanan, najan kudu ngajual heula sawah ogé. Di kota kuring bisa hirup senang, indit kuliah maké motor, terus ruang-riung di kamar kontrakan. Ari nu diobrolkeun jeung babaturan, apan pasualan-pasualan badag; kumaha ngahirupkeun budaya daérah, ngaronjatkeun ékonomi masarakat, jeung sajabana. Sabada kuring tilem dina pamikiran-pamikiran kawas kitu, bet ngadadak poho yén kuring téh urang lembur. Bisa jadi Si Adun mah, panyawah Bapa téa, ukur mikiran kumaha carana sangkan poé ieu meunang jukut. Atawa kumaha carana sangkan domba kukutanana lalintuh.
Ari haben ngebulkeun sirah ku rupa-rupa pamikiran mah, sok rajeun bosen. Da éta wé, anu pabuis dina sirah téh pamikiran urang deungeun, tina buku anu ku kuring dibaca. Ngarah henteu bosen teuing, terus wawanohan jeung Lisa. Manéhna téh batur sakampus, ngan béda jurusan. Sarua manéhna ogé sok ngajak diskusi, tapi apan aya bédana ngadu-catur jeung awéwé mah. Béda geregetna. Ari anu diobrolkeun jeung Lisa, mimindengna mah sual panalungtikan. Lisa resep pisan nganjang ka hiji tempat, nengetan kahirupan masarakatna, terus ditulis jadi laporan. Rada anéh, da apan kuliahna mah di Fakultas Kedokteran.
Perkara nyukcruk hiji tempat mah, Lisa téh ahlina. Kungsi indit sosoranganana ka kampung adat Baduy, ka kampung Naga, jeung tempat-tempat séjénna. Geus kitu, lamun manéhna balik ti panyabaan, sok terus ngajak ngawangkong. Sapeuting jeput éta téh, Ningsih. Si Samija, babaturan kuring nu kungsi dititipan saruapaning rusiah téa, sok rajeun maturan.
"Urang téh perlu néangan tarékah, pikeun nepungkeun pamikiran jeung urang lembur," cék Si Samija, dina hiji peuting, bari ngelun udud roko kéréték. "Penting cék kuring mah, sangkan urang bisa hirup dina réalitas. Cék Lisa, dumasar kana palungtikanana, kiwari katémbong pisan ganjorna pamikiran urang kota jeung urang pasisian téh. Bisa jadi éta téh alatan pendidikanana, atawa pangaresep maca. Lisa nyebutkeun, karéréaan parawan di lembur bisa ngajaga kahormatanana sangkan angger suci dina peuting pangantén, lantaran nyekel kénéh tradisi ti karuhunna. Lain saukur tradisi kétang, bisa jadi diémbohan ongkoh ku pangaweruh agamana. Tapi apan bakal leuwih hadé, lamun diémbohan ogé ku pangaweruh maranéhna kana sex education, sakumaha anu jadi kasalempang kolot rumaja di kota,"
"Kungsi aya panalungtikan ngeunaan sex di kalangan rumaja," cék Lisa, nyaritakeun deui panalungtikan. "Méh 90 persén réspondén nyebutkeun, silih cekelan leungeun jeung kabogoh téh wajar, boléh-boléh saja.)1 Hanjakalna, éta panalungtikan téh ukur di kota wungkul, duka téh teuing kumaha pamanggih rumaja di lembur. Ngan cék kuring mah, tina sawatara panalungtikan séks di kalangan rumaja di kota, séks bébas téh geus nampeu pisan,"
"Ari di lembur kumaha?" Si Samija kerung.
"Cék kuring ogé duka téh teuing. Sigana hiji mangsa mah perlu ogé ditalungtik!"
"Kumaha atuh ngungkulanana?"
"Pananya anu geus kliseu. Kadangkala urang sok neumbleuhkeun datangna budaya deungeun jeung canggihna téknologi. Séks bébas di kalangan rumaja, cénah alatan visidi téa, internét téa, buku-buku téa, jeung sajabana. Séks mah apan urusan pribadi, Samija, anu bisa dirusiahkeun jeung disumputkeun. Ngungkulanana ogé, jigna téh kana pribadi séwang-séwangan!"
Tah kitu, Ningsih, obrolan kuring sabatur-batur téh. Pasualan anu boa dina ingetan anjeun mah can kungsi ngolébat. Tapi apan boh kuring, boh Lisa, teu béda jeung rumaja séjén. Dina sela-sela diskusi téh, sok rajeun melentis sacangkrung rasa, mun pareng neuteup beungeut manéhna. Teu ieuh digebahkeun éta rasa téh, najan kuring inget di lembur anjeun keur ngadagoan.
Upama keur diskusi, maké sok boga anggapan kuring sabatur-batur téh mahluk nu sarwa bisa; bisa nembrakkeun pasualan badag, bisa ngedalkeun sawangan, bisa mikiran tangtungan nagara nu jadi panyileukan balaréa. Tapi upama geus balik deui jadi "manusa" saayana, kakara sadar horéng kuring ogé boga pangabutuh nu leuwih pribadi. Sebut baé, salasahijina, pangabutuh pikeun neuteup beungeut Lisa kalawan anteb.
Lisa pon kitu deui, sajaba ti nalungtik masarakat adat téh, boga kahayang pikeun nalungtik diri sorangan. Henteu kudu dibéjér-béaskeun, Ningsih, bisi anjeun beuki timburu. Cindekna mah kuring geus bisa nepungkeun pamikiran sorangan jeung pamikiran Lisa, bari jeung henteu diréwong ku Si Samija.
Sataun katukang, Ningsih, manéhna téh keur nyusun skripsi. Mani langka nepungan ari keur riweuh mah. Puguh baé, asa cuang-cieung, tuman ngawangkong ngalér-ngidul, ari harita tiiseun pisan. Ah, da Si Samija mah teu bisa diajak nepungkeun pikiran atuh.
Hiji poé, isuk-isuk, manéhna ngurunyung. Bangun rurusuhan, da mani henteu diuk-diuk acan. Padahal apan kuring téh sono - bisa jadi manéhna ogé - ngan lantaran riweuh henteu bisa lila ngawangkong.
"Pangmenerkeun komputer!" pokna.
"Ku naon kitu?"
"Teuing, da henteu hurung pisan. Mangkaning keur dipaké nyieun skripsi, kudu bérés minggu ieu!"
Gancang baé ditéang ka kamar kontrakanana, henteu jauh ti kontrakan kuring mah. Saenyana, kuring bisa ngoméan komputer Lisa harita kénéh. Ukur salah nyolokeun kabel pira ogé. Tapi naha atuh, ku kuring kalahka dioprék sina leuwih ruksak.
"Kumaha?"
"Sigana mah kudu disérpis. Aya nu kudu dibeuli, hargana 500 rébu!"
"Aya duit mah. Panguruskeun wé, tapi kudu bérés poé ieu!"
"Sigana mah aya masalah dina hardisk, Lis!"
"Atuh data skripsi bakal leungit?"
"Bisa jadi ..." kuring melong, nungguan réaksina. Enya baé geus mimiti lewa-lewé.
"Kumaha atuh?"
"Kieu ayeuna mah. Kumaha lamun hardisk-na ku kuring dibawa, urang cék dina komputer kuring. Sugan baé data skripsi bisa disalametkeun!"
"Nyaan?"
"Tapi sigana mah, Lisa ngetikna kudu di ditu. Ambéh aya nu maturan wé deuih!"
"Siap. Hayu urang bébérés!"
Peuting éta, Lisa mimiti ngetik di kamar kuring. Teu kudu héran, Ningsih, najan cicing di kamar paduduaan ogé, moal aya nu ngaharu-biru. Bébas di kamar kontrakan kuring mah. Moal cara di lembur anjeun.
Saméméh ngetik, biasa wé sok diskusi heula. Dumasar kana panalungtikanana, Lisa nyebutkeun yén séks bébas di kalangan mahasiswa téh geus matak hariwang. Di kota Y, cék Lisa, 97,05 persén mahasiswi geus henteu virgin deui.)2 Masalah éta pisan anu ku Lisa dijieun skripsi téh. Malah engké-engkéna mah rék dibukukeun sagala rupa. Judul skripsina téh Séks di Kalangan Mahasiswi : Sebuah Tinjauan Keséhatan.
Mun manéhna geus capé, sok ngagolér sadaékna. Kuring boga kasempetan pikeun mukaan file skripsina. Dibaca imeut naker. Nya kitu, mun manéhna geus saré, kuring sok terus ngoprék komputer. Ari pangaresep téh apan ngolah grafis, ngaropéa gambar. Mimitina mah kuring ngasupkeun potrét Lisa nu satangtung kana komputer. Terus dipapantes, tukangeunana dipapaés ku kekembangan. Bet terus kamalinaan. Lalaunan potrét Lisa téh ditaranjangan. Ah, Ningsih, anjeun mah moal apal, apan komputer téh sagala bisa. Peuting kahiji, kuring mukaan bajuna. Mani hararésé, da puguh kudu bisa ngolah warna, ngarah katénjo "enya". Kakara ogé nepi kana dada, magol mantén. Mouse-na ngadat, siga nu embung dipaké teu uni. Gancang baé file-na disimpen, téang-téangeun poé isuk.
Peuting isukna, naranjangan potrét téh geus nepi kana cangkéng. Teu kebat, kagareuwahkeun ku Lisa anu lilir. Rét ka kuring nu keur neuteup layar komputer. Bet terus ngadeukeutan.
"Saé geuning, cik teraskeun!" pokna.
"Latarna palay warna kumaha?"
"Beureum lah,"
"Palih dieu warna konéng, nya!"
"Enya. Cik ka palih handapna!
TAH kitu, Ningsih. Moal enya éta dongéng dicaritakeun ka anjeun anu sakitu galak timburuna. Keun, da anjeun jeung Lisa mah béda alam ieuh. Lisa cicing di dunya nu pinuh ku pamikiran, kawas mikiran naon sababna mojang lembur bet bisa ngajaga kasucian - kaasup anjeun, sugan. Anjeun mah apan ukur mikiran rasa timburu.
Sakapeung, Lisa téh sok matak kagét. Sok méré "kejutan", cék urang dayeuh mah. Kungsi apan, hiji peuting manéhna meredih, kumaha mun potrét nu ditaranjangan téh sina kawin jeung potrét kuring. Ngarah aya baturna, kitu pokna téh. Gancang baé potrét kuring diasupkeun kana komputer. Tapi basa rék dihijikeun jeung potrét manéhna, listrik ngadadak pareum. Teu tulus wéh.
"Kumaha mun éta potrét bogaeun budak, terus nanyakeun bapa, kamana néanganana. Matak mending sina kawin!" pokna, basa listrik keur pareum.
"Téangan baé alamatna, maké program search. Engké kapanggih!"
"Kumaha mun budakna dipiceun kana recycle bin?"
"Ulah, bisi doraka!"
Nepi ka sabulan campleng, Lisa nyusun skripsi téh. Ngahaja sina lila, ngarah kuring leuwih jongjon ngoprék komputer, ngoprék potrétna téa.
Teuing ku naon, Ningsih, ti harita kuring bet henteu betah cicing di kontrakan. Asa wegah mun kudu panggih jeung Lisa téh. Inggis manéhna meredih potrét kuring sina ngaréndéng jeung potrét manéhna dina komputer. Tungtungna mah kuring pindah kontrakan.
Anéh, Ningsih, pangaresep ngoprék potrét téh hésé leungitna. Si Samija nu kitu téa mah. Bet hayoh kuring sina wawuh jeung Si Susi, Si Linda, Si Marni ... ah, horéam nyebutanana, Ningsih.
Ti harita ngadadak hareudang-bayeungyang cicing di kota téh. Malah jadi remen balik ka lembur. Di lembur kuring mindeng tepung jeung anjeun. Ti méméh indit ka kota ogé, apan urang téh geus pakait pikir. Harita anjeun masih kénéh sakola di SMU. Ah, teu salempang ka anjeun mah, Ningsih. Enya ogé bisa sakola, da cicing di lembur ieuh. Sugan baé pamikiran anjeun mah moal kawas Lisa. Buktina, anjeun masih kénéh boga pamadegan, embung dicekelan leungeun upama can nikah mah. Ari keur kuring apan leuwih matak panasaran. Upama potrét Lisa bisa dioprék dina komputer, piraku nu anjeun henteu bisa. Apan sarua awéwé.
Basa hiji mangsa kuring nyobaan ngasupkeun potrét anjeun kana komputer, rék dioprék siga potrét Lisa, mani loba gangguanana. Komputer héng. Listrik pareum. Nepi ka bedona pisan. Ti dinya kuring boga kacindekan upama anjeun téh béda jeung Lisa.
"Engké ogé moal keur saha!" kitu cék anjeun.
"Naon bédana engké jeung ayeuna?"
"Engké mah jongjon, moal aya kasieun. Ayeuna mah teu jongjon jeung matak salempang!"
"Bakal jongjon mun di tempat sepi!"
"Angger da aya nu uninga. Naha Akang teu boga kasieun kitu?"
Palebah dieu mah, kuring kakara engeuh yén anjeun téh leuwih pinter. Bet terus hayang maluruh, naha sakabéh mojang di lembur boga pikiran kawas anjeun. Bagja kuring téh, Ning, lantaran bisa tepung jeung pamadegan anjeun.
Boa éta alesanana, pangna kuring hayang buru-buru kawin jeung anjeun téh. Katambah dirojong ku Bapa, anu geus teu kuat hayang boga minantu. Kolot anjeun ogé sarua, bakal jongjon cénah mun urang geus salamet. Terus baé dirarancang waktuna. Diitung palintanganana, iraha repokna.
Anjeun mah mani jigrah naker rék panganténan téh. Meureun pédah babaturan anjeun geus papada boga salaki. Boa anjeun ngarasa bungah, lantaran nepi ka waktuna kawin can kungsi dicekelan ku nu lain muhrim. Boa anjeun ogé boga pikiran cunihin kawas lumbrahna rumaja nu geus balég. Ngan anjeun yakin kénéh, éta pikiran cunihin téh ukur bisa dikedalkeun upama geus boga salaki.
Mun anjeun katémbong jigrah, kuring mah sabalikna. Ti béh ditu kénéh, Si Samija neleponan baé.
"Parman, Si Lisa bureuyeung!"
"Cik atuh akalan, loba alatna ieuh!"
"Moal daékeun, Si Éta mah apal étika kedokteran!"
"Terus naon kahayangna?"
"Silaing kudu tanggung jawab!"
"Lain silaing ogé milu ngasaan, Samija?"
"Sumpah, déwék mah henteu miluan. Apan jeung silaing mondok-moékna ogé!"
"Ari Si Susi kumaha?"
"Da Si Éta mah teu apaleun étika kedokteran!"
Geus kitu, kuring ngabiur ka kota nepungan Si Samija. Rada susulumputan, bisi aya nu nangénan.
"Silaing sanggup méréskeunana, Samija?"
"Kumaha?"
"Di lembur, déwék rék kawin. Waktuna geus paheut, moal bisa dirobah deui. Déwék nyérénkeun sagala rupana ka silaing. Tah ieu duit!"
"Ké heula, naha silaing mah kawas lain pemikir besar baé. Rusuh teuing tah, nyieun kasimpulan téh. Cék déwék mah béréskeun heula masalah di dieu, kakara mikiran kawin!"
"Enya, silaing nu méréskeunana. Déwék mah moal ngalanto deui ka kota. Kuliah geus bérés, rék naon deui?"
"Népakeun jurig pateuh atuh. Kieu cék déwék mah, mending tepungan Si Lisa, sok ngawangkong paduduaan, téangan solusina. Lain tukang diskusi silaing téh?"
"Sugan silaing boga pamanggih?"
"Heueuh kitu pamanggih déwék mah. Urang telepon, nya!"
"Enya, tapi ngobrolna baturan ku silaing!"
Sanggeus ditelepon, ngadagoan heula satengah jam, Lisa ngurunyung. Teu wudu maké jeung ratug jajantung. Barabat dicaritakeun sajalantrahna. Anéhna, Lisa mah henteu riuk-riuk sedih. Sumawonna timburuan siga anjeun.
"Iya, saya terima. Najan alesan di dinya, sieun ngawiwirang kolot, leuwih kliseu ti batan carita klasik. Terus, budak nu keur dikandung ku kuring kumaha?"
"Kumaha, nya?" ngarérét ka Si Samija.
"Déwék mah teu ngarti, para pemikir besar nepi ka baluweng ku masalah kieu. Piraku ari mikiran nagara bisa, nu kieu-kieu baé dipaké bingung,"
"Kuring mah moal wirang najan boga budak bari teu boga salaki ogé. Ka kolot jauh, tatangga geus cuék, naon deui. Digugurkeun? Jalan sesat éta mah. Pagawéan jelema nu geus henteu daék mikir,"
"Ari kahayang Lisa kumaha?"
"Kuring mah moal céngéng. Tapi di dinya ogé ulah milu céngéng!"
"Maksudna?"
"Di dinya kudu nyieun putusan nu imbang, ulah déngdék ka kuring, atawa sabalikna. Moal mungkir, peuting éta, basa kuring keur nyieun skripsi, kuring keur butuh ku di dinya. Mun ayeuna di dinya boga maksud mundur, pisah jeung kuring, teu nanaon. Ngan naha éta putusan geus imbang? Kuring kudu ngurus budak nepi ka gedé, tacan mikiran virginitas anu masih kénéh jadi tungtutan kaom lalaki. Ari resiko keur di dinya naon?"
"Enya, teu imbang ..." Si Samija mairan. "Anu imbang mah, lamun silaing kawin ka Lisa, budak diurus ku duaan,"
"Teu nanaon! Hayu ayeuna kénéh kuring kawin. Keun anu di lembur mah urang putuskeun!" rada nyeuneu ngomong téh.
"Sabar heula, Parman!"
Sajongjongan mah pahuleng-huleng.
"Oké, lah. Saya sudah tahu caranya!" Lisa ngajéngkat. Teu beunang digeroan, ngungkug wé siga nu pundung.
"Kumaha, euy?"
"Keun ku déwék dibéréskeun. Silaing mah jung balik deui ka lembur. Mun aya nanaon mah tangtu ditelepon deui!"
*
"Kang ..." aya sora halon ti kamar gigireun. "Ku naon jempling baé, bendu ka abdi?"
Kakara engeuh, horéng kuring téh keur aya di kamar pangantén. Bieu Ningsih geus dibéré dongéng ngeunaan éta potrét, tur sigana mah kahartieun.
"Capé Akang téh, Ning!"
"Hapunten abdi nya, tos lepat sangka. Janten éta potrét téh tilas kabogoh Akang, tapi teras pepegatan kumargi anjeunna tos nikah ka nu sanés. Enya kitu, Kang?"
"Enya ..."
"Di mana ayeuna?"
"Duka téh teuing. Keun lah, tong di émutan!"
Rét kana handphone. Inget ka Si Samija. Ti harita can aya nelepon. Nuhun, Samija.
"Kang ... tos tabuh sabaraha?"
Rét kana jam.
"Jam dalapan!"
"Abdi teu acan solat isa. Enya Akang téh henteu bendu?"
"Henteu ..."
Kadéngé di kamar gigireun aya sora risbang ngarekét. Sigana Ningsih cengkat tina pangsaréan. Tah, geuning, kadéngé gebligna nincak ubin.
"Keur naon, Ning?"
"Nuju nyisiran. Aéh, Kang, sada aya nu pupuntenan?"
Sirah didéngdékeun. Enya baé, aya nu keketrok. Si Adun kitu? Pédah tadi dititah nganteurkeun buku, keur bacaeun di dieu.
"Nining mah antosan di dinya, nya. Keun ku Akang urang buka!"
Rada asa-asa basa ngadeukeutan panto hareup téh. Bet tuluy boga sangkaan nu lain-lain. Méméh panto dibuka, noong heula tina sela-sela hordéng. Plong, mani asa longsong. Enya baé Si Adun.
Bray panto dibuka.
"Nganteurkeun buku téa, Dun?"
"Muhun, Jang. Anu ngagunduk caket komputer?"
"Enya. Naha atuh mun isuk deui. Sorangan?"
"Numawi, aya tamu ti kota, ku abdi dianteur da saurna peryogi tepang ayeuna. Cép, ka dieu atuh!"
Kurunyung ti lebah nu poék aya nu nyampeurkeun, duaan. Nu hiji mah katémbong ngais budak.
"Samija?"
"Enya, euy. Ti kamari rék ka dieu téh, ngan kalahka sasab ka lembur batur. Teu kudu dititah asup, da moal lila ieuh. Sok atuh Lis, geura ngomong ka dinyah!"
"Parman, ku kuring kakara kapikir, kumaha carana nyieun putusan nu imbang téh. Kahiji, kuring geus kawin jeung Samija. Manéhna mah henteu nungtut virginitas, tapi ieu budak wayahna kudu disérénkeun ka anjeun. Sok tarima, itung-itung kado ti kuring duaan!" cék Lisa, bari ngasongkeun budak nu keur saré mani ngageubra.
"Lisa, naha manéh henteu apal kuring keur panganténan?"
"Apal. Tapi sigana ayeuna pisan waktu anu mustari!"
"Manéh téh awéwé, Lisa. Piraku henteu boga parasaan jadi indung, piraku téga ninggalkeun budak nu leutik kénéh?"
"Apan di dinya ogé lalaki, Parman. Tangtu boga rasa hiji bapa. Ayeuna kuring keur nyiram. Tah, budak nu keur dikandung ayeuna mah lain tanggung jawab di dinya, tapi tanggung jawab kuring jeung Samija,"
"Maranéh mah rék ngawiwirang déwék. Naha euweuh cara séjén, euy?"
"Aya!" Si Samija semu muncereng. "Kumaha mun ieu budak urang podaran ku tiluan, ngarah adil. Rarasaan, déwék mah geus méré ombér ka silaing. Déwék daék kawin ka Lisa, keur nyalametkeun silaing. Ayeuna silaing masih kénéh hésé diajak badami. Geura ku déwék urang podaran ... ngarah silaing jongjon!"
"Ulah!" aya nu nyerenteng ti lawang panto. Budak direbut, di bawa ka jero. Hawar-hawar, ti jero imah, kadéngé aya nu ceurik. Neuteup beungeut Lisa, bet sarua geuning manéhna ogé boga cipanon.**

 Ku Dadan Sutisna
)1 Majalah Gatra, 3 Januari 1998
)2 Koran Kompas, 6 Séptémber 2002


12 komentar:

  1. baguss bangettt carpon nya, terima kasih.

  1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
  1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
  1. Waw baguss bingitttt

  1. Sangat bermanfaat

  1. Sukses selalu Min salam dari pamuda Pancasila

  1. Rancaekek kondusif pokokna mah..

  1. Mantap

  1. Wow

  1. salam dari team iwik

  1. Iwik kon

  1. hayu mau gabung sama team iwik ga. dari rancaekek

Posting Komentar