twitter



WAWUH jeung Tanteu Méy téh diwawuhkeun ku Si Nana basa rék ngontrak kamar. Leuwih wanoh deui sanggeus sagulung-sagalang saimah. Tanteu Méy jigana mah kaasup kolem geulis keur ngorana mah. Ceuk Si Nana mah, Éva Arnaz taun dua rébu cenah.Randa, hartina kungsi boga salaki, teuing sabaraha kali da tara nyabit-nyabit sual jumlahna najan diselok ogé.
“Pokona, Tanteu apal kana sipat-sipat pameget mah. Tah, tos aya dina dampal leungeun. Kakeupeul.”
“Kumaha kitu, Tanteu?”
“Sami baé pameget mah, resep ngulinkeun istri.”
Tangtu wé paralalaki téh protés. Dilawanan ku awéwé-awéwé séjénna. Tapi ari paréa-réa omong jeung awéwé dina suasana kitu, lalaki mah sok hésé meunangna. Teu cara mun keur paduduaan, paling-paling ngéléhan, da aya pamrih kitu gé.
Supel Tanteu Méy téh, katémbongna mah bisa gaul jeung nu kumaha baé. Bisnis itu bisnis ieu, omongna mah. Milu kagiatan itu kagatan ieu, caritana mah. Ipis biwir, luyu jeung wangun biwirna. Beuki seuri, malah sakapeung mah ku hal-hal anu ceuk kuring mah teu lucu teu sing. Najan kitu, teu ngurangan daya tarikna, komo keur nu anyaran tepung mah. Cara kuring ti heula wé. Aya kesan hadé tur ngartikeun.
“Di dieu mah Cép Dudi, bébas. Anggap di bumi nyalira wé. Apal atuh Tanteu gé ka anak muda mah. Tanteu gé ngora heula atuh,” pokna gé basa kuring mimiti jadi “kulawarga”-na. Puguh saenyana mah salahsahiji sarat ngontrak teu tinulis téh nya éta: jaminan kabébasan.
Nu ngontrak di Tanteu Méy téh mahasiswa-mahasiswi. Mahasiswa opat, mahasiswi genep. Nyicingan kamar-kamar nu kawas kamp tahanan kénca-katuhueun imah puseur, imah Tanteu Méy. Aya tujuh kamar. Kuring, Si Nana, Téh Ais, jeung Héni sakamar ku sorangan. Sésana sakamar ku duaan. Ari peuting, pangpangna bari lalajo “Dunia dalam Berita” tipi, sok ngariung di patengahan imah puseur. Nu matak teu lila asa-asana gé jeung batur sakamp téh. Rélatif singget.
Sapoé dua poé mah, betah wé rarasaan téh. Mémang sual fasilitas mah teu géséh jeung kontrakan séjén. Sual hargana gé prah wé jeung batur. Ngan nya éta, kabébasan éta anu ngabédakeunana téh. Nu jadi hélok mah, éta ku asa merhatikeun pisan Si Tanteu ka kuring téh.
“Biasa wé anyaran mah,” ceuk Si Wawan. Enya sugan. Tapi mudah-mudahan wé kitu satutuluyna. Kuring teu nyaho kumaha mun geus lilana, da can ngalaman. Kana béja-béja ti nu geus lalila téh lain rék teu percaya, ngan sugan wé ka kuring mah aya iwalna.
“Cép Dudi, ieu bilih palay ngaraosan pasakan Tanteu.”
“Nuhun atuh Tanteu, maké ngarérépot sagala,” ceuk kuring bari nampanan rantang, sop jeung sanguna.
“Ah, henteu, Ngarérépot naon? Ka Cép Dudi mah Tanteu téh sok ras wé inget ka anak sorangan.”
“Oh, di mana nya Tanteu?”
“Di Manado anak Tanteu mah, milu jeung akina di ditu.”
“Istri pameget, Tanteu?”
“Awéwé. Sakola kelas hiji ayeuna téh.”
“SMP?”
“Ih, kelas hiji SMA marukan téh.”
“Wah, atuh tiasa diantosan nya Tanteu?” ceuk kuring, ujug-ujug pok baé.Si Tanteu seuri.
“Ari kersa mah. Tanteu téh sok inget baé, saha nu terang kéh anak Tanteu gé ngumbara jauh ti kolot. Piraku wé ari Tanteu nyaah ka anak deungeun mah, ka anak Tanteu gé teu aya nu nyaaheun.” Kuring ngahaminan.
Tanteu Méy, kitu nyarebutna saha baé ogé, teu bireuk deui di ieu wewengkon mah. Ngaranna mah Méirina saperti anu ditulis dina rékening listrikna. Cenah bibit-buitna mah ti Manado. Lahir di Bandung, gedé di Bandung, kawin di Bandung. Geus asa jadi urang Bandung wé cenah.
Beuki lila, kuring beuki apal kana jero-jerona Si Tanteu téh. Ébréh dina kahirupan jeung sikep sapopoéna.
“Eu ... Cép Dudi, punten wé nya pangwartoskeun ka Cép Nana, da ari Tanteu mah teu wantun,” ceuk Tanteu Méy dina hiji poé.
“Naon Tanteu?”
“Éta, Tanteu téh badé mayar listrik sareng lédeng, tos kaping sapuluh ayeuna téh. Ari telat teuing bilih didengda. Nu sanés mah parantos malayar,” omongna. Gebeg téh, kuring gé da acan mayar, sarébu pérak keur listrik jeung keur lédeng sakumaha perjangjian.
“Mangga Tanteu.”
“Punten wé nya, Cép.”
“Abdi gé, teu acan.”
“Ih, wios Cép Dudi mah. Tanteu gé terang, biasana gé apan Cép Dudi mah tara hararésé ari tos aya mah.”
“Muhun atuh Tanteu, engké wé urang wartoskeun ka Nana.”
Pinter malibirkeun caritana Si Tanteu téh. Urang Sunda gé ayeuna mah carang nu kitu téh.
“Iraha ngomongna, Dud?” ceuk Si Nana basa hal éta dibéjakeun ka manéhna.
“Tadi basa sayah balik kuliah.”
Si Nana seuri.
“Saenyana mah, Dud, tadi isuk Si Tanteu nitah ka sayah mangnanyakeun duit listrik jeung lédeng ka énté. Ngan tadi téh énténa saré kénéh.”
“Oh, kitu?”
Kuring duaan sareuri. Surti wé. Buru-buru wé dibayar, teu boga duit ogé kapaksa nginjeum heula ka Si Rini. Dipasrahkeun bari sakalian lalajo iklan musik Artis Safari. Si Tanteu, éh biasa wé nampanan duit téh. Teu jiga-jiga tas nyiasatan. Manuver yang berhasil, ceuk Si Nana mah.
Ti harita, asa mindeng Tanteu Méy téh ngadoni ka kuring.
“Padahal ceuk Tanteu mah nya Cép Dudi, ngariung mah ngariung wé ulah bari jeung éak-éakan. Isin ku tatangga Tanteu téh. Aya naon cenah di Tanteu Méy meni ramé kitu?” ceuk Tanteu Méy, pédah ka kamar Si Tina loba babaturanana, ngalobrol vari suka seuri. Padahal kuring gé milu némbrong, ngobrol suka seuri. Kuring mah surti wé. Sacara teu langsung sangkan dibéjakeun ka Si Tina. Horéng lain ka kuring baé ngomong kituna téh deuih.
Antukna, méh ka nu ngontrak Tanteu Méy téh méré koméntar.
“Sanaos tos tunangan ogé nya Cép Dudi, tapi ulah kitu-kitu teuing atuh. Ieu mah ari kencan téh sok teu terang di waktu,” koméntar Tanteu Méy ka Téh Ais. Pédah éta meureun Kang Dénina ari apél téh sok nepi ka peuting-peuting baé. Téh Ais mah ukur seuri dibéjaan kitu téh, abong nu cicing. Lungguh munding ceuk Si Wawan mah, kakara mijah lamun sawahna digarap.
“Tong diwartoskeun ka Kang Déni wé nya, Dud!” ceuk Téh Ais.
“Tapi Téh, sakali-sakali mah kudu diwarah!” ceuk Si Héni. Ambek meureun, pédah kungsi dikoméntaran teu bisa masak, neuteuli tayohna mah.
“Diwarah kumaha? Bet saruana atuh!”
“Néng Ais! Néng!” kadéngé di luar Si Tanteu gegeroan.
“Tah, rék aya naon cenah Madame de Cegékan téh!” ceuk Si Héni. Abong budak sastra, pinter nyieun istilah. Kuring seuri.
“Husy, ulah kitu ka kolot téh!” Téh Ais ngagebés, tapi tetep témbong mésemna.
“Néng Ais!”
“Kaaah!”
“Ka dieu geura!”
Téh Ais ka luar.
“Badé aya naon, Tanteu?”
“Ieu bilih palay ngaraosan. Aya nu ngirim cau tadi téh, raos geura. Sok wé candak!” ceuk Si Tanteu, atra kadéngé sab ngahaja ngadédéngékeun. Téh Ais sababaraha kali nganuhunkeun.
Teu lila, sup Téh Ais bari nanggeuy goréng cau sapiring metung.
“Hén, hayang males ka Si Tanteu?” ceuk kuring.
Si Héni unggeuk.
“Pisangna tong didahar! Keun sina ngarasaeun kumaha rasana diacuhkeun!”
“Teu aya wé, atuh raos di Akang teu raos di Ayi,” ceuk Si Héni bari ngarongkong pisang. Dasar!
Tah, mun pareng lalakina karumpul tur salsé, réngsé lalajo tipi téh taya deui gawé: gapléh atawa ngobrol ngalor-ngidul. Ti mimiti sual sapopoé, di kampus, jeung sajabana. Bras wé kana sual awéwé. Tapi anu tetep seger mah angger sual Tanteu Méy.
“Ka sayah Dud, nyebut teu boga pikiran!”
“Wah, nu bener, Na?”
“Tah, tanyakeun ka Si Wawan!”
“Enya. Tadi téh nya urang rék mandi, ngadagoan Si Yanti. Si Éta téa ari mandi téh sawindu. Moyan wé di dinya tah, handapeun jambu. Jol téh Si Tanteu. Cép Wawan teu acan kuliah? Teu acan, engké da siang. Oh, ari Cép Nana aya? Tos angkat, ceuk urang téh. Sanés nya Cép, ari wengi Cép Nana téh bobo di kamar Néng Tina? Duka atuh, ceuk urang téh, da abdi mah wengi téh wangsul jam sabelas, teras wé ngaringkuk. Padahal urang gé nyaho manéh téh saré di Si Tina nya, Na?”
“Heueuh, sayah mah ngan maturan wungkul. Si Tina keueungeun saré sorangan, da Si Dédéhna balik.”
“Lain gé maturan wungkul ari nepi ka isuk mah,” ceuk Si Wawan.
“Heueuh, sual séjénna mah merupakan kosékuénsi logis wé éta mah. Bener, Dud?” ceuk Si Nana ngabéla diri bari aya sari-sari hayang kaalem.
“Kuma dinya wé lah. Ngan ari ceuk sayah mah, kadé euy bisi kalepasan. Boa enggeus kétang. Cilaka wé. Ari perkara moral-moral kitu, da urang téh geus pada déwasa, geus boga pamilih sorangan, geus boga cecekelan sorangan.”
“Alaaah, ari énté siah ti heula ngerem Si Déwi? Ngaku lah! Basa aya pagelaran seni, hayoh! Tong munapék Dud lah!” Si Nana malik nuduh kuring.
“Ukur ngampihan sayah mah. Manéhna rék balik, geus peuting, euweuh mobil. Kapaksa wé éta mah!”
“Rék kapaksa rék dipaksa, pokona mah manéh ngerem Si Déwi. Titik! Ari nu nempo mah Dud, teu nyaho alesan itu-ieuna. Alesan téa, selalu datang belakangan. Jeung deuih, da sayah gé boga itungan atuh, Dud!” ceuk Si Nana deui.
“Mun urang enya, euweuh kabéjakeunana,” ceuk Si Aang nu ti tadi ngan ukur milu seuri.
“Pantes wé manéh man da kuuleun. Mahasiswa purba, bet jaman féodal gé geus euweuh nu siga manéh mah, Ang,” ceuk Si Wawan. “Kaasup jenis langka manéh mah, geus kudu asup musieum!”
Saréréa sareuri. Si Aang gé milu seuri.
“Terus kumaha, Wan, Si Tanteu téh?”
“Ari ceuk Si Tanteu téh nya, sing gaduh pikiran wé atuh, da di dunya téh sanés mung duaan baé. Enya ngomong kitu, sumpahna gé. Urang mah cicing wé teu ngomong-ngomong. Nya ari keur Tanteu mah, cenah, teu nanaon. Tanteu gé ngora heula atuh, ngan Tanteu téh isin ku tatangga. Meureun ceuk batur téh, éta nu ngalontrak di Tanteu Méy meni barébas kitu. Sok komo upami aya kajadianana, aya kabéjakeunana. Tanteu gé tangtos wé kababawa wirang. Meureun ceuk batur téh, pantes wé da Tanteu Méy mah antepan pisan. Sanés ku nanaon, cenah, Tanteu mah karunya wé bisi kuliahna kagaranggu.”
“Terus ngomong naon deui, Wan?” ceuk Si Nana.
“Nya terusna mah kabéh wé kaparét. Manéh, Dud. Téh Ais, Si Héni. Ah, kabéh wé dikoméntaran. Ngan manéh Ang nu dipuji téh. Resep Tanteu mah ka Cép Aang téh, cenah. Bageur. Ngan urang wé nu teu dikoméntaran téh.”
“Aing téa atuh!” ceuk Si Aang ngalégég. Terus digaronjak.
“Énté mah teu dikoméntaran sotéh, pantes wé keur aya di hareupeunana,” ceuk Si Nana.
Da enya atuh, ku alus budi ari hareupeun mah. Moal aya nu nyangka alus adat atuh. Matak, ceuk béja mah, carang aya anu memperpanjang kontrakanana. Kitu wé meureun.
“Ari urang kumaha cenah, Wan?”
“Ka manéh mah pédah carang saré di dieu wungkul.”
“Lah, enggeus lah! Mending gapléh ayeuna mah!” ceuk Si Nana bari nyokot kartu gapléh, terus dikocok.
“Pasangan, értéan?” Si Aang nanya.
“Értéan,” ceuk Si Nana. “Tante Méy Cup!”
Saréréa sareuri, terus nyokot kartu.
“Balak kosong!”
“Nya di nu hajat atuh!” ceuk Si Nana bari ngalungkeun balak kosong.
“Béda euy, kaciri hayang meunangkeun Tanteu Méyna téh,” ceuk kuring.
“Mun rido mah Tanteu Méyna, moal rék nampik rejeki, nyaan,” ceuk Si Nana kalem.
“Aya béja cenah Tanteu Méy téh baheulana mah ngabadung ogé,” ceuk Si Aang. “Ditilu-tilu, Dud? Euweuh euy, liwat!”
“Ceuk saha, Ang?” Si Nana nanya.
“Urang gé ceuk Si Eulis, tah anu ngontrak di Bu Pardi.”
“Nu bangkok téa, Ang?” ceuk Si Wawan. “Heueuh, da sajurusan jeung manéh nya?”
“Enya ceuk Si Éta. Manéhna gé cenah ceuk Bu Pardi. Malah tah imahna gé cenah dipangnyieunkeun ku Pa Imang, pejabat, teuing pejabat nahaon, pokona mah pejabat wé. Pa Imangna maot, ganti deui. Ditilu-tilu deui, Dud? Ah, aya sentimén pribadi Si Dudi mah ka aing téh. Liwat lah!”
Kuring saréréa sareuri, ngeunah, tapi Si Aang seuri maur.
“Léwat lagih, sudah ada kila-kilanyah ari piértéeun mah. Mangkaning érté mah kabagéan nyusutan urutna, urut pejabat!” ceuk Si Wawan.
“Baheula mah cenah, turun mobil unggal mobil Si Tanteu téh.”
“Kenék meureun nu kitu mah,” ceuk kuring. “Liwat Na? Nya sayah atuh poldan,” lung tilu-genep, tilu téa atuh stok sorangan.
Si Aang kukulutus pédah balak genepna kabebeng, diseungseurikeun ku tiluan. Terus ngocok, terus ngabagi kartu.
“Heueuh, sigana mah Si Tanteu téh kesepian nya. Naék kana sungut. Bisa jadi éta téh! Apan ceuk Freud ogé, tingkah manusia itu dipengaruhi oléh libido séksnya. Sabaraha tatéh?”
“Kosong-dua!” Si Wawan némbal.
“Hayang nyaho wé nya mun ku sayah dilalanyah,” ceuk Si Nana deui bari ngalungkeun kartu dua-hiji.
“Daék kitu manéh?”
“Ceuk sayah gé Dud, sayah mah moal rék nampik rejeki. Kacipta wé nya, euy, mun keur kiru téh torojol Tanteu Méy. Cép Nana, Cép Dudi, Cép Wawan upami teu aya damel mah sareng Tanteu wé urang sparing. Keun wé Cép Aang mah bagéan beberesihna!”
Kuring saréréa sareuri, Si Aang nyereng. Mémang dina riungan mah biasana sok aya anu jadi korban pikeun kasenangan nu séjén. Di dieu, biasana mah Si Aang. Mun awéwéna Si Héni. Teuing atuh, kitu ditakdirkeunana wé meureun.
Nepi ka jam dua, gapléh bari éak-éakan. Moal henteu isuk bakal aya béjana. Carita ngeunaan Tanteu Méy terus mekar, disusurup, dipapantes. Dihenteu-henteu ogé mémang pantes rék loba caritakeuneunana téh Tanteu Méy mah. Tina saréatna wé, sanajan geus teu ngora deui masih kénéh témbong geulisna, ménorna. Komo keur ngorana meureun. Encan tina hal-hala séjénna, saperti ceuk béja jeung sajabana.
Hiji peuting, kuring ngajenghok ogé nempo Tanteu Méy ngajanteng hareupeun kamar Si Nana. Keketrok, Si Nana mukakeun panto, sup Tanteu Méy asup. Gélo! Lain heureuy jigana Si Nana téh. Rék naon atuh Tanteu Méy peuting-peuting ka kamar Si Nana? Kuring inget kana omongan-omongan Si Nana. Sayah mah moal rék nampik rejeki, cenah.
Bener-bener édan Si Nana mah. Ah, Si Tanteunawé deuih teu boga pikiran. Bisa ka batur! Teu sieun kanyahoan kitu? Boa enya nu dicaritakeun ku Si Aang téh. Gélo, duanana gé geus garélo! Arédan!
Salila-lila kuring mikiran Tanteu Méy jeung Si Nana. Wah, kabutak-butak mikiran nu teu aréling mah! Tapi kacipta wé Si Tanteu, ibarat nu kahalodoan manggih hujan. Si Nana …. Gélo! Édan! Geus lah, mending liar, cicing di kamar gé kalah lieur teu puguh.
Ceg kana jékét, lalaunan kaluar ti kamar. Mending ngéndong di Si Yayat lah, loba sarana pikeun ngabrangbrangkeun haté, rasa anu teuing kumaha mah. Keuheul aya, sebel aya, jeung sajabana. Pokona aya rasa tujuh rupa wé, nu négatif wungkul.
Balik téh isuk-isuk, niat téh rék terus saré nebus urut bagadang peutingna. Karék gé rék ngedeng, panto kamar aya nu ngetrok. Saha deuih? Ngaganggu pisan! Bray panto dibuka. Gebeg. Tanteu Méy ngajanteng imut.
“Cép Dudi teu kuliah?”
“Teu Taneu, da teu aya kuliah dinten ieu mah. Mangga ka lebet Tanteu,” ceuk kuring.
“Punten wé nya, ngaganggu,” ceuk Si Tanteu bari asup. Gék diuk dina korsi. Jempé sajongjonan, teuing haté téh maké ngageter sagala.
“Oho oho (Si Tanteu batuk), Tanteu téh badé aya kaperyogian ka Cép Dudi.”
“Kaperyogian naon, Tanteu?” Haté téh geterna rada leler. Tapi ingetan ka Si Nana mah can leungit kénéh.
“Isin-isin gé maksakeun Tanteu téh oho oho. Ka saha deui atuh, da mung ka Cép Dudi wé wanton téh, tos teu asa-asa deui oho-oho (Tanteu nyekel dadana). Tanteu téh badé ka dokter, bronchitis saurna mah, kedah diparios deui. Ehem, tulungan wé Tanteu téh, nambut artos upami aya mah oho, sapuluh rébu wé. Di Tanteu tos teu aya pisan oho-oho-oho, dianggo mayar listrik sareng lédeng kamari.”
“Aduh, teu aya atuh Tanteu ari ageung-ageung kitu mah. Nya upami lima rébu mah aya wé panginten.” Haté geus biasa deui, sugan téh rék naon tuda.
“Sawios lima rébu gé oho-oho, ehem kirangna mah sugan kénging ti Bu Engkom, kagungan sambetan dua puluh rébu ka Tanteu téh. Oho-oho jangjina mah kamari. Ari kamari ditagih, cenah énjing wé teu acan oho kénging. Tungtungna mah icuk colé-icuk colé wé oho-oho ehem.”
Golosor wé lima rébu pérak, karunya ogé nempo kitu mah. Kabeneran wé karak nampa wésel. Tapiari hate mah aya ngutrukna ogé. Na atuh lain ka Si Nana nginjeum duit téh? Duit ditampanan ku Si Tanteu, nganuhunkeunana ogé duka sabaraha kali mah, teu diitung ieuh. Diselang ku oho-oho, batuk bronchitis cenah.
Teu ngeunah puguh gé, ari ngeungeunahna keur Si Nana, kuriang bagéan riripuhna.
“Ngeunah naon?” ceuk Si Nana basa didakwa ku kuring. “Si Tanteu mah ka kaar sayah téh rék nginjeum deuit, cenah keur ka dokter, nyeri dada!”
“Dibéré?”
“Dibéré wé da karunya, lima rébu pérak, hayangna mah sapuluh rébu. Sayah gé ngan boga sapuluh rébu deui duit téh, saminggueun deui,” ceuk Si Nana, “Mangka ayeuna téh karak tengah bulan.”
“Ka urang gé nginjeum duit deuih. lima rébu sarua. Sarua deuih méntana mah sapuluh rébu. Sarua deuih keur ka dokter. Ngan panyakitna bronchitis ka urang mah,” ceuk kuring bari seuri.
“Iraha?”
“Tadi isuk-isuk.”
“Ari peuting énté ka mana, Dud?”
“Ngéndong di Si Yayat,” témbal kuring. Can dibéjakeun sabab-musababna mah. Keun engké gé aya waktuna keur terus terang mah, mun aya deui Tanteu Méy Cup.
Bandung, 1986.
(Katumbiri jilid 2, 1986)

0 komentar:

Posting Komentar