PAMAJIKAN keur marondok di kolotna. Bah Uju, mitoha kuring, gering. Barudak dibawa kabéh, da malem Minggu, isukna moal sarakola. Tadina kuring gé rék milu, ngan melang ninggalkeun imah, mangkaning kacaritakeun keur usum bangsat.
Di imah téh sorangan. Teu puguh gawé, bada isa gé geus ngaringkeb di enggon. Jam sawelas lilir, kakareuwahkeun ku sora ucing nu gugurudugan di para. Keur ngudag beurit kawasna mah. Tapi terus nyileuk teu bisa saré deui. Kalah ka bruh-bréh pigawéeun poé isuk. Sawah nu can dipacul, ngoméan kandang domba, nutuhan tangkal nangka nu ngahieuman buruan. Ras kana kajadian tadi beurang di saung sawah Pa Haji... gebeg téh.
Dipeureum-peureum gé teu daék reup. Kuniang wéh hudang, ngadon udud di tengah imah. Sora sindén tina radio di imah tatangga mani ngéar, siaran wayang golék ti RRI Studio Bandung. Sorana semu kabawa angin, da puguh rada jauh ka imah tatangga téh.
Keur sorangan kieu mah, rupaning lamunan téh mani pabuis minuhan sirah. Tamba huleng jentul teu puguh, kojéngkang ka dapur, rék neruskeun nganyam carangka pesenan Si Darmita. Lumayan keur nambah-nambah meuli deungeun sangu.
Poék di dapur téh. Barang bray ngahurungkeun lampu, nu pangheulana katénjo téh calana panjang dina sasampayan. Lamokot kénéh ku leutak, urut ti sawah, can kaburu diseueuh. Teuing ku naon, bulu punduk ngadadak muringkak nénjo éta calana téh. Nganyam carangka nepi ka bedo. Ongkoh asa kabina-bina teuing deuih, batur mah waktuna saré, ari ieu ngadekul kénéh digawé.
Balik deui ka tengah imah. Gék dina korsi hoé. Ngajentul deui. Siaran wayang ti radio tatangga geus dipareuman. Kaayaan jadi pohara jemplingna.
"Tok, tok, tok..." panto hareup aya nu ngetrok lalaunan. Ampir-ampiran luncat tina korsi awahing ku reuwas. Dédéngéan kitu? Tapi geus kadéngé deui nu ngetrok panto téh, malah ayeuna mah dibarung ku sora nu pupuntenan.
"Punten..." cenah. Sora awéwé.
Najan jelema gedé kawani gedé kawani gé, kawasna ari aya nu nyémah tengah peuting mah, tangtu mikir heula rék muka panto téh. Kuring gé kalah ka hareugeueun, malah maké nyiwit leungeun sagala, bisi keur ngimpi. Nu ngetrokan panto beuki kerep, nu pupuntenan beuki tarik.
Ti baheula teu sieun ari ku jurig mah, ngan kumaha lamun jelema jahat? Mangkaning keur sorangan, mangkaning imah téh rada nenggang.
Béhna mah, méméh ngadeukeutan panto téh ngajéwang heula bedog, bisi aya bancang pakéwuh.
Henteu waka dibuka, ditoong heula tina sela-sela bilik. Katémbong aya nu keur ngajengjen lebah golodog, kacaangan lampu lima wat. Awéwé ngora, ngais budak.
Bedog ditunda, angkeuhan téh, dina enyana gé manéhna boga niat culika, untupan kénéh ari ka pantar awéwé mah. Tulak dilaan, panto dibuka lalaunan.
"Saha, nya?" pok téh, sora ujug-ujug ngadégdég.
"Abdi Ningsih. Kawengian, badé milari bumi Pa Érté." pokna bari tungkul siga nu éra. Buukna nu panjang ririaban katebak ku angin nu ujug-ujug ngaliwat ka lebah golodog.
"Mulih ti mana Enéng téh? Hawatos étah murangkalih katiisan!" cék kuring, neuteup budak nu ukur katénjo réngkolna, da puguh dibulen ku samping.
"Nuju milari bapana budak. Tos tilu dinten. Ari tadi siang teu kiat capé, kalah ka tibra di saung sawah. Barang lilir horéng tos wengi..."
Gebeg téh...
"Naha bet milari ka dieu? Di mana kitu bapa budak téh?"
"Duka..." pokna, tina panonna katémbong aya nu ngalémbéréh maseuhan pipina. Ngagurilap kacaangan lampu.
Karunya, karunyana mah. Ngan piraku kudu ngampihan awéwé tengah peuting, mangkaning keur euweuh pamajikan.
"Hayu ku Akang dianteur ka imah Pa Érté..."
"Wios atuh, bilih ngarépotkeun!"
"Ih, henteu. Piraku Akang ngantep Enéng sosoranganan."
Bedog dijéwang deui. Panto disosi ti luar.
"Hayu!"
Manéhna sina leumpang ti heula. Mapay jalan nu meulah kebon sampeu.
"Ari bumi téh di mana?" cék kuring, bari neges-neges nu leumpang hareupeun. Cacakan di nu poék mah, tangtungan éta awéwé téh mani écés. Buuk panjang, maké erok landung warna bodas nepi ka ngarungkupan keuneung. Leumpangna éstuning tonggoy, teu ngarérét ka sisi ka gigir.
"Abdi mah teu gaduh rorompok..." pokna halon.
"Har, na cicing di mana atuh?"
Manéhna teu ngawalon. Teu ngomong deui nepi ka anjogna ka imah Pa Érté.
Kuring ngalacat kana golodog imah Pa Érté, keketrok rada tarik. Rada lila rék dibuka téh. Malah méméh dibuka téh nanya heula ti jero.
"Saha?" cenah.
"Kuring... Dirja!"
Bray panto muka. Pa Érté katénjo lulungu kénéh. Pamajikanana gé kadéngé milu nyaring. Henteu réa dongéng, derekdek baé dicaritakeun naon nu bieu kajadian.
"Euh, yap atuh Nyai ka jero!" pokna bari ngarérét ka éta awéwé.
"Kuring mah rék terus amitan, Pa Érté. Imah euweuh nu nungguan!"
"Enya atuh..."
Barang rék ngaléos pisan...
"Kang..." cék éta awéwé. "Hatur nuhun pisan. Saréng punten deuih, aya nu kakantun di bumi Akang. Nitip baé..."
"Kakantun naon kitu?"
"Di lancingan, Kang. Di dapur..."
"Pa Érté, dikantun heula!" pok téh bari terus ngagedig. Geus rada jauh ti imah Pa Érté, biur wéh lumpat teu nolih nanaon, nepi ka labuh sagala lebah kamalir. Datang ka imah, muka panto rurusuhan, gajleng ka enggon, terus ngaringkeb bari ngahégak.
Beungeut éta awéwé, bet siga nu kamari kapanggih di saung sawah...
Poé kamari, urang lembur gujrud. Si Icah manggih mayit awéwé di saung sawah. Awéwé ngora, sigana mah tas ngalahirkeun, da gigireunana aya budak, sarua deuih geus maot. Pa Érté hideng lapor ka pulisi. Sabada ditalungtik, éta awéwé dibawa ka rumah sakit. Kuring jeung Pa Érté mantuan ngagotong.
*
ISUK-ISUK, barang hudang, Pa Érté geus diuk dina golodog.
"Matak mun Dirja boga budak awéwé, kudu ditalingakeun." pokna, paromanna ayem.
"Kumaha kitu?"
"Peuting téh éta awéwé ceurik mani kanyenyerian. Cenah kamusibahan, hubungan jeung hiji lalaki nepi ka ngandegna, tapi lalakina henteu tanggung jawab. Tungtungna indit sakaparan-paran, nepi ka anjogna ka saung sawah Pa Haji..."
"Deudeuh teuing..."
"Ngajuru di saung sawah, wanci janari, bari euweuh sasaha. Béakeun tanaga, nepi ka hanteuna. Budakna ngoar sakeudeung, tapi terus nuturkeun indungna..."
"Mugi-mugi sing tingtrim di kalanggengan..." teu ku hanteu ujug-ujug carinakdak. "Terus kumaha, Pa Érté? Naha nu ditepunganana kuring jeung Pa Érté?"
"Harita urang milu ngagotong mayit. Emang nu ngusap beungeutna. Ku Emang terus baé dianteurkeun ka Cisurian, da di dinya lembur téh..."
"Aya ku ludeungan..."
"Dina calana Dirja aya getih sakeclak. Anteurkeun baé ka kuburanana engké tengah peuting..."
"Jih, horéam teuing, Pa Érté!"
Pa Érté mésem. "Ka Emangkeun baé, urang ruang!"
Ti lebah buruan, katémbong pamajikan geus balik, ngiringkeun barudak.***
Ku A. Sundira