twitter


Saprak paturay di sisi walungan Ciliwung. Taya deui laratanna. Kawas anu kabawa palid ku cai anu ngamalir. Padahal hate mah nyangsang keneh dina akar-akar anu ngarandakah sisi walungan.
“Sataaun deui, urang bakal patepung di dieu, di sisi walungan Ciliwung,” kitu ceuk manehna. Samemeh lunta ninggalkeun kalakay sukma, mileuleuyankeun hate anu gudawang. Ninggalkeun salaksa kamelang anu hamo bisa kaselang.
Kiwari lain geus sataun lilana kuring nganti di Ciliwung. Samalah geus aya kana lima taunna. Manehna teu embol-embol bae. Kawas anu rek nyieun hate kuring beuki tagiwur. Hese kabalur. Moal bisa lipur.
“Bade ka mana?” aya anu nanya tukangeun kuring. Atuh buru-buru miceun sawangan anu kalah manjangan. Barang dilieuk, breh hiji mojang anu katelah bentang Pasir Batang.
“Bade ka Ciliwung,” tembal teh heureut. Teu pati hayang lila dibawa nyarita.
“Bade ngarungrum rasa kabingung?” tanyana deui. Kuring bingung. Naha make jeung bisa ngarasakeun hate kuring sagala. Kawas anu apal bae. Kuring mah moal unggah balilahan. Bakal tetep nungguan manehna di Ciliwung. Najan anu datang widadari ti langit, kuring moal kabandang. Komo saukur bentangna Pasir Batang.
“Permios, abdi bade ka Ciliwung,” kuring amitan bari ngaleos. Teu ngabohong kuring oge, memang rek ka Ciliwung.
Anjog ka Ciliwung. Teu kadenge aya seahna cai anu ngaguruh. Teu kareungeu aya sora manuk anu sok patembalan. Da puguh ieu mah Jalan Ciliwung, hiji wewengkon anu aya di Bandung.
“Ciliwung nomer hiji?” nanya supir taksi.
“Muhun,” tembal teh.
“leu tempatna, A.” ceuk supir taksi bari ngeureunkeun mobil, palebah hareupeun wangunan imah agreng anu tohaga tur badag. Asa cangcaya lamun kuring diangkir ka eta imah. Bubuhan sasarina idek-liher di kontrakan.
“Bade nepangan saha?” palebah lawang panto aya anu nanya. Kawasna tukang narima tamu.
“Bapa Didin,” tembal teh bari tipepereket nyepengan map.
“Perkawis naon nya?”
“Padamelan,”
“Kaleresan puguh nuju teu aya. Namung tadi teh tos titip saur ka sekertarisna. Mangga bae tepangan Ibu Dewi,”
“Saha?” kuring ngarenjag. Reuwas liwat saking.
“Ibu Dewi…” tembalna bari mencrong,. semu anu hemeng.
“Dewi…” kuring ngagerendeng. Lengkah kuring eureun hareupeun meja tulis anu pinuh ku buku.
“Dupi salira teh, ibu Dewi ?”
“Sumuhun. Mangga calik, abdi tos ngantosan ti tatadi.”
“Lima taun panginten?”
“Kah? Lima taun naon ari ayi,”
“Aeh hilap,” kuring kareuwasan. Bet teu bisa ngadalikeun ucapan. Naha bet asa ka Dewi anu jangji nungguan sisi Ciliwung.
Aneh, naha ngaranna bet bisa sarua. Sarua deuih ngancikna di Ciliwung. Bedana teh, ari Dewj mimiti mah di walungan Ciliwung, Dewi nu ayeuna di Jalan Ciliwung. Kawas nu ngahaja aya nu nepungkeun. Antara manehna jeung kuring. Antara kuring, Dewj, jeung Dewi nu hiji deui. .
Kilang kitu, ari ngobrol mah teu burung pogot. Angot, manehna nembongkeun sikep someah. Beungeutna nu dipulas wedak saheab. Biwima dibeureuman saulas. Bet jadi inget ka Dewi.
“Nembean nya, ka dieu!” pokna sari ngarindat. Etah rindatna, aduh alah jeung, bet asa kungsi wawuh. Rindat tina panon nu herang beresih, nu dipapaesan bulu panon nu carentik.
“Sumuhun,” walon kuring, rada geumpeur.
“Atos lami janten urang Ciliwung?” kuring malik nanya.
“Nembe,” pokna. Jung nangtung. Kawas nu hayang nembongkeun yen manehna teh boga tangtungan lenjang lampanyat. Kop kana telepon, terus mencetan angkana.
Tos aya nu diantosan di Ciliwung?” ceuk kuring, ujug-ujug hayang nyarita kitu.
“Sering. Ngantosan beca. Upami wangsul teh sok tumpak beca,’
“Ah, moal enya. Naha henteu kana mobil?”
Teu gaduh mobil abdi mah,”
“Upami ka nu motor,”
Manehna tibang imut. Imutna siga imut Dewi.
“Ku naon sih, bet nanaroskeun nu kitu sagala?”
Jep jempling. Ukur ketug jajantung nu mapaesan hate sewang-sewangan. Kawasna Dewi moal datang deui ka walungan Ciliwung. Tapi di Ciliwung bet aya Dewi sejen. Jeung rasa kuring oge bet ngadadak robah. Make jeung boga pangharepan anyar sagala. Sanajan aya Dewi anu nganti di Ciliwung, tapi lain hartina keur nganti gurat-gurat hate anu pangjerona. Aya kalana Dewi sok sarua jeung Dewi: Aya kalana Dewi teh tetep Dewi. Dewi beda jeung Dewi. Dewi tetep Dewi.***
Ku DHIPA GALUH PURBA
Dimuat di Majalah Mangle No. 1798

0 komentar:

Posting Komentar