“Alhamdulillah
akang, teu kedah hariwang da abdi henteu kunanaon. Singm atosu-atosg
dii perjalanan, ulaha kekebutank, ulaha nyandakn motorg bari nyesepi
bilihh nincakl lobanga. Abdis ogé deudeuh pisan ka akang. Mugia Alloh
marengkeun sagala rupi cita-cita urang, amiiin.”
Kitu
SMS Déwi anu pamungkas, basa kuring kakara nepi ka wewengkon
Tasikmalaya. Karasa hapé ngageter. Motor dikasisikeun, disetandarkeun,
da panasaran hayang maca heula SMS. Tuh, bener pisan SMS ti Déwi. Kakara
dibales, sanggeus sababarah jam. Padahal, kuring geus aya tilu kalina
nga-SMS téh. Mimiti, basa masih kénéh di Bandung, jam satengah tilu. Anu
kadua, basa kuring geus nepi ka Nagrég. Anu katiluna, basa kuring geus
anjog ka Pamoyanan. SMS anu tilu téh, intina mah sarua, hayang apal
kaayaan Déwi, sarta ngabéjakeun yén kuring rék ka Masawah. Kungsi éta
ogé ditelepon, ngarah bisa ngobrol, tapi henteu ditarima baé.
Wanci
sareupna, Déwi kakara ngabales SMS. Tapi, henteu nanaon, da geuning
jawabanna matak reugreug. Tapi kahariwang mah tetep teu ngurangan,
hayang geura-geura nepi ka Masawah. Lini jeung tsunami di sabudeureun
Pangandaran, anu ngajurung kuring pikeun miang ka Pangandaran, lembur
matuhna Déwi. Mangkaning, imah Déwi téh henteu pati jauh ti basisir.
Rupaning boa-boa ngalimpudan haté, sanajan rada kaubaran ku SMS anu
kakara katarima.
Ti
Tasikmalaya buru-buru nuluykeun deui lalampahan. Bras ka Ciamis, bareng
jeung mangsana adan Magrib. Motor dipéngkolkeun ka masjid, milu solat
berjamaah. Kuring muntang ka Nu Maha Agung, neda kasalametan Déwi
sakulawargi tina musibah tsunami. Réngsé solat, kabeneran panggih jeung
Kang Endang, tukang sorabi anu awakna tanpa daksa. Wawuh pisan, da méh
saban ngaliwat Ciamis wanci peuting, sok ngahajakeun jajan sorabi. Kang
Endang, anu suku jeung leungeunna buntung, tapi masih kénéh parigel
nyieun sorabi. Teu kaharti dipikir saliwatan mah, tapi da kuring
nyaksian sorangan. Matak, asa harianeun upama aya jalma jagjag waringkas
anu jajaluk, bakal kalintang wirangna upama dititah ngabandungan Kang
Endang nyieunan sorabi.
“Kumaha tsunami téh, Kang?” tanya kuring ka Kang Endang.
“Numutkeun
wartos mah rada parah. Seueur nu janten korban…” témbalna. Jawaban anu
kawilang standar. Dina tivi ogé siga kitu warta téh.
“Éta, anu katingali dina tivi, lembur mana baé anu dirurug tsunami téh?” tanya kuring deui.
“Duka,
da basa emang nongton mah, teu acan aya tivi anu némbongkeun gambar
Pangandaran…” témbalna. Enya, kaharti, da tangtu bakal bangga
kabina-bina ngajugjug lokasina ogé.
Ahirna
kuring teu kapapanjangan,da sieun kapeutingan. Mangkaning lalampahan ti
Ciamis ka Pangandaran téh jauh kénéh, 92 KM deui mah aya, duajameun lah
dikira-kira mah, sanajan Pangandaran kaasup kabupatén Ciamis. Kuring
amitan ka Kang Endang, bari nuhunkeun pidu’ana. Sok atoheun Kang Endang
mah dipénta du’a téh. Malah Kang Endang mah sok tara poho, ngadu’akeun
kuring sangkan buru-buru unggah ka balé nyungcung. Ulah éléh ku emang
paribasana téh. Mémang, Kang Endang mah najan awak tanpa daksa ogé, apan
geus rarabi. Malah, ceuk panon kuring, pamajikanna ogé pantes sakitu
mah. Mungguhing Alloh Nu Maha Welas tur Maha Asih. Palebah jodo jalmi,
minangka rusiah-Na. Ceuk saréat mah, saha awéwéna anu daék rarabi jeung
Kang Endang? Tapi sakali deui, Alloh Maha Welas tur Maha Asih.
*
WANCI
geus nyedek ka tengah peuting. Kaayaan lembur Masawah poék mongkléng
buta rata. Ti Cijulang mula, kuring geus manggihan kariweuhan masarakat,
sabada katarajang tsunami. Kuring bingung néangan lebah-lebah imah
Déwi, da kaayaan lembur geus burakrakan.Lain ku tsunami, tapi katarajang
lini. Ah, sarua baé, temahna mah ngalantarankeun pakéwuh.
Di
mana Déwi? Ka saha kudu nanyakeun? Suku geus pegel, balas leumpang
sakitu jauhna. Apan ban motor bocor, nincak paku. Tadi ogé dipihapékeun
ka posko rélawan. Bingung, salempang, sedih, pagaliwota minuhan dada.
Komo barang ngadéngé anu tingkocéak, ceurik balilihan alatan kulawargana
anu perlaya.
Sinyal
hapé milu leungit. Mémang tara aya sinyal kétang di masawah mah, kudu
ngajugjug ka tempat anu rada luhur, kakara bakal aya. Ka mana meuli
sinyal? Na, kawas anu lieur. Jeungna deui, najan aya sinyal, apan tatadi
mula ogé geus ditelepon, tapi anu ngajawab ukur sakadang mailbox. Ari
Déwi cicing di mana atuh? Padahal mah buru-buru lumpat ka tempat anu
rada luhur, nyingkahan balai jeung sangkan aya sinyal.
Ras
inget kana SMS Déwi. Tuluy dibaca deui kalayan gemet. Gebeg, reuwas
kareureuhnakeun. Kakara sidik, SMS Déwi téh loba kasalahan ngetik.
Padahal, lamun Déwi nga-SMS, asa langka salah ngetik. Kuring apal pisan,
Déwi mah nga-SMS téh tara disingket jeung arang salah ngetik. Salaku
sarjana lulusan sastra Indonésia, Déwi mémang salawasna sok ngabiasakeun
nulis anu bener, sanajan ukur SMS.
SMS Déwi dibaca sakali deui, bari ditengetan anu salahna: “Alhamdulillah akang, teu kedah hariwang da abdi henteu kunanaon. Singm atosu-atosg dii perjalanan, ulaha kekebutank, ulaha nyandakn motorg bari nyesepi bilihh nincakl lobanga. Abdis ogé deudeuh pisan ka akang. Mugia Alloh marengkeun sagala rupi cita-cita urang, amiiin.”
Aya sababaraha kecap, anu dileuwihan sahuruf. Enya, lamun hurf-huruf leuwihna dihijikeun, tétéla ngandung pesen.***
Ku DHIPA GALUH PURBAPondok Mustika, 18 Juli 2006