twitter


Didin keur soson-soson meresan barang-barang anu pasolengkrah di matrialna. Teu kanyahoan, Iis geus ngajanteng tukangeun.

“Kanggo naon atuh gaduh padamel, ari sagala masih keneh ku nyalira mah.” ceuk Iis bari nyium punduk Didin, anu jadi salakina.
“Karunya atuh si Yayat teh, ti rebun-rebun keneh nepi ka burit ngakutan bata jeung keusik.” tembalna bari ngangkat keramik, tuluy disimpen dina rak.
“Wios atuh, da digajih ieuh.”
“Eh ari Iis, sing digajih oge apan manehna teh lain robot.”
“Ah, akang mah sok mangmeunangkeun bae batur.”ceuk Iis bari jamedud. Sakedapan Didin eureun, tuluy manehna malik ka Iis bari neuteup anteb pisan.
“Is, Ulah sok kitu, sing emut atuh ka zaman baheula. Apan akang oge baheula mah ngan ukur jadi pagawe di matrial batur. Nyasat akang teh lamun teu ngulik kalayan soson-soson mah, moal nepi ka bisa siga ayeuna.”
“Kumaha upami si Yayat oge ngulik kana selah-selah usaha urang?”
“Atoh pisan akang mah, maenya manehna rek hayuh bae jadi pagawe mah.”
“Atuh engke urang bakal kasaingan.”
“Ituh geura ari Iis, apan ayeuna oge teu saeutik matrial anu ngajajar di wewengkon urang. Tapi geuning angger weh urang teu beakeun rezeki. Komo lamun Iis ameng ka pasar beusi Jatayu atawa Kebon Sirih. Geura jug tingali etah tukang beusi pagilinggisik nepi ka hese usik, tapi ku kamurahan Gusti Alloh mah kabehanana oge teu weleh kabagean rezeki.
“Namung ulah sok percanten teuing kang, komo kanu perkawis artos mah”
“Enya, keun ku akang diestokaeun pisan pepeling ti Iis teh, tapi sing percaya si Yayat salila ieu tacan kungsi nyieun codeka ka urang.” kituna teh bari ngaleng pamajikanna dibawa ka luar ti matrial. Maksudna mah rek dibawa ka imahna anu aya di sagigireun matrial. Hanjakal, kakara oge leumpang sababaraha lengkah, kaburu kadenge sora mobil di gerung-gerung. Sihoreng anu datang teh Yayat, pagawena anu kakara balik tos nganteurkeun keusik.
Mobil dipaehan, jrut Yayat turun, tuluy ngeprikan bajuna anu pinuh ku keusik bari nyusutan kesangna anu luut leet maseukan sakujur awak.
“Kumaha beres, Yat ?” tanya Didin bari ngaleupaskeun leungeunna tina punduk Iis.
“Atos, kang. Namung artosna mah saurna engke enjing, bade disanggakeunkeun ku anjeunna.”
“Enya, keun bae lah da tara jalir ieuh pa Among mah. Sok weh atuh ayeuna mah geura dahar bae heula di dapur.” ceuk Didin. Atuh yayat oge teu kaleked deui, komo dititah dahar mah, keur mah eukeur beuteungna geus ngurubuk titatadi mula menta dieusian.
“Bageur budak teh , rapekan digawena.” ceuk Didin ka Iis anu ngan tibang imut. Panonna ngareret ka Yayat nu keur leumpang muru ka dapur. Memang, kacida nyaaheunna Didin ka Yayat teh. Teu munasabah lamun manehna neundeun kapercayaan anu kacida gedena. Eta weh, Didin geus teu asa-asa deui ninggalkeun matrial lamun pareng keur aya urusan . Yayat dipercaya pikeun ngurus sagala rupa anu aya patalinana jeung matrial.
Keur uplek ngobrol, rongheap aya nu datang. Hiji lalaki make pakean laledok, pinuh ku aduk. Geus biasa pikeun Didin mah kasemahan ku nu siga kitu, sabab eta teh biasana tukang tembok atawa laden, anu sok dititah ku dununganna balanja ka matrial.
“Peryogi naon, mang ?” tanya Didin semu darehdeh pisan, sabab sok sanajan papakeanna rudin, ceuk pangrasana tetep bae eta teh anu balanja, sok aya paribasana anu meuli teh apanan raja.
“Dipiwarang ku pa Iding, kintun keusik dua kol deui sareng semen lima sak.”tembalna.
“Mangga mang, namung wartoskeun ka pa Iding, rupina mah ngintunna bakal rada telat kituh. Eta anu didaramelna aruih heula .”
“Atuh panginten ku bapa ditaekeunna nya?”
“Henteu, da aya saurang deui, mung ayeuna nuju sasarap heula di dapur.”
“Oh kitu, manawi teh bade ku bapa, hanas ku emang bade dibantosan.”
“Teu kedah mang, nuhun pisan.”
“Etana weh, kade hilap.” pokna bari ngiceupan.
“Beres mang.”
“Muhun atuh, bade permios, mangga pa, ibu.” pokna bari tuluy ninggalkeun matrial. Iis anu titatadi ngan ukur ngadedengekeun, tuluy nanya ka salakina sanggeus nu balanja ngiles lebah pengkolan.
“Naonna kang, anu tong hilap teh?”
“Eta, bon na.”
“Bon naon maksadna?” Iis beuki panasaran.
“Enya bon rega keusik, menta diundakeun tina rega asli na.”
“Teras?”
“Nya, paleuleuwihna sok dicandak lamun atos dibayar ku dununganna.”
“Oh, teu jujur atuh ari kitumah nya. Apan ku dununganna oge digajih”
“Nya kitu tea atuh, sok rupa-rupa paripolah anu digarawe teh. Pajarkeun alatan dununganna koret.”
” Ari ku akang sok diturutkeun kahoyongna nya ?”
” Su…sumuhun.”
“Atuh upami kitu mah sakongkol. Panginten matrial urang bakal dianggap awis.”
“Ah, da ku akang mah sok dibalakakeun bae anu sa…” Didin teu kebat, sabab kaburu kapotong ku sora anu uluksalam. Bakating ku antengna ngarobrol nepi ka teu kanyahoan, dua urang pagawena anu disebut baralik heula teh, harita geus araya di hareupeunnana.
“Euleuh-euleuh, timana bae ieu teh, geus karawin heula?” Didin ngabageakeun nu kakara datang dibarung ku ocon sagala. Tapi Iis mah kalahka nangtung bari jamedud, tuluy ngajengkat. Didin metot leungeun pamajikanna, ngan kaburu dikepeskeun. Antukna mah Iis diantepkeun weh, bari manehna nyabar-nyabar karep. Didin ngamaklum kana paripolah pamajikanna anu dianggap bubudakeun keneh. Jeung dina enyana deuih, umurna oge kakara duapauluh tilu taun.
Uus jeung Mamat ngaran pagawena teh, duanana ngaheruk tungkul ningali pamolah dunungan awewena, sabab memang basa baralikna oge alatan dicarekan laklak dasar ku Iis, waktu dunungan lalakina keur ka Jakarta.
“Ulah diasupkeun hate pamolah pamajikan kuring mah, geus kitu adatna, engke oge moal.”
“Teu pisan-pisan, rumaos abdi duaan anu lepat. ” tembal Uus.
“Nya sukur atuh, jig ayeuna mah geura dalahar heula jeung si yayat di dapur geura.”
“Atos di jalan.”
“Har, na teu katabrak mobil ?
“Maksad teh di warung sisi jalan.”
“Enya bae atuh, da eta mah tadi di jalan. Ieu mah di dieu geura dalahar heula. Jung, kawas dimana bae atuh. !”
“Teu acan lapar, sareng aya picarioseun anu langkung utami deuih.” Mamat nyarita kalayan daria.
“Har, urusan naon kitu ? Perkara rek nginjeum duit mah gampang, engke dibere peuting.”
“Sanes, ieu mah perkawis Ibu Iis, euh…” teu kebat, kaburu dipotong ku Didin.
“Ceuk kuring oge ulah diasupkeun hate. Keun engke wang omongan. Ayeuna mah mending rareureuh bae heula ari moal waka dalahar mah.”
“Muhun mangga atuh, dupi ayeuna aya pidameleun naon ?” Uus eleh deet.
“Ke geus reureuh, pangnaekeun keusik dua kol keur ka imahna pa Iding !.” kituna teh bari ngojengkang muru ka imahna.
Di lawang panto, Iis geus saged make pakean, lengkep mawa kantong, siga sasarina lamun rek indit-inditan. Didin kerung bari tumanya pinuh ku rasa kamelang.
“Is, maenya perkara kitu-kitu bae nepi ka rek kakaburan sagala ?”
“Naon ari akang, abdi mah bade balanja ka pasar. Na ujug-ujug nuduh bade kabur. Ari akang hoyong dipangkaburkeun kitu ku abdi ?”
Oh, ari sugan teh…” ceuk Didin bari nyium tarang Iis, manehna ngarasa kapiasem ku omonganna sorangan.
“Isin atuh, kang.” Iis ngagilek, bari beungeutna semu bareureum, sabab dihareupeunna Yayat geus ngajanteng.
“Ayeuna, Bu ?” tanya Yayat mani rengkuh.
“Enya, hayu bisi kaburu burit . Kang, abdi angkat heula.”
“Enya sok, kade mawa mobilna ati-ati, Yat !”
“Mangga, pa.” tembal Yayat bari tuluy ngaleos, muru ka tempat markirkeun mobil pribadi dunungan awewena. Clak duanana naraek, biur mobil maju.
Didin imut, ingeteun keneh kana kajadian sakedet netra. Kirining, sora telepon disada. Satengah lumpat Didin muru ka jero imah, tuluy ngangkat gagangna.
“Hallow..”ceuk Didin.
“Hallow deui, bisa bicara dengan sakadang Didin ?”
“Ah baku maneh mah ari geus heureuy teh Wan, dimana ieu ? Didin nyarita bari seuri leutik, sabab anu nelepon teh nyaeta Wawan. Sobat dalitna tileuleutik
“Di Bandung, keur pangantenan jeung kabogoh anyar.”
“Na, iraha kitu ti Jakarta ?”
“Tadi peuting, hampura kakara ngabejaan ayeuna, kakara hudang puguh ge, balas…”
“Geus gandeng lah, da urang oge geus boga pamajikan, moal kabita ieuh.”
“Aeh enya nya. Kadieu atuh jemput euy, hoream naek angkot .”
“Sare dimana maneh teh ?”
“Alah piraku poho, biasa…di hotel anu biasa.”
“Kamer nomer sabaraha?”
“Nomer 19.”
“Oh, enya atuh, dagoan sakeudeung nya.”
“Heug, asal ulah lila teuing.” tembalna. Gagang telepon ditutupkeun, tuluy Didin ngojengkang ka luar imah satengah rurusuhan. Kalacat kana mobilna, biur maju ka beulah kulon.
Leungeun Didin keketrok kana panto kamar hotel nomer 19 . Blak, panto kamer sabeulahna aya nu muka ti jero, Wawan ngelol bari seuri nyakakak
” Katipu siah, di dieu kamer uing mah, euy !” Wawan ngagorowok.
“Ah maneh mah ari heureuy teh sok kamalinaan.” didin kaeraan, tuluy muru ka lebah panto kamer Wawan.Tapi barang Didin nukangan panto kamer nomer 19, kadenge panto teh ngulutrak, aya nu muka ti jero. Didin malikeun deui awakna. Maksudna mah rek menta dihampura alatan salah ngetrok. Tapi barang kareret anu ngelol ti jero , didin kacida ngaranjug. Ngadadak beungeutna jadi beureum euceuy, dadana ngaguruh lir anu keur nahan pinafsueun anu ngagulidag. Teu beda jeung sagara anu keur caah. Sorot panonna pinuh kaceuceub anu taya hinggana.
Lawang panto kamar 19 ditutup deui bangun rurusuhan. Kojengkang Didin nyampeurkeun bari najong pantona sataker kebek. Blak panto muka. Amarahna beuki ngabebela, ngagolak nepi ka tulang sandi.
“Setan siah…!” Didin ngagorowok bari ngarieuskeun beungeutna. Tuluy ngagedig ninggalkeun eta rohangan. Teu malire ka Wawan anu molohok mata simeuteun. Lengkahna bangun anu katumpangan.
Kabawa ku rasa kapanasaran, Wawan ngalengo ka kamar nomor 19. Breh katingali, hiji awewe keur ngahephep sisi kasur bari diharudung simbut. Paromanna pinuh ku rasa kasieun. Wawan ngembang kadu. Hawar-hawar ti jero kamar mandi aya sora gegejeburan.
“Aya naon Yang ?” kitu pokna, bareng jeung sora gayung anu murag kana lante. Sora lalaki anu teu dipikawanoh ku Wawan.
“Bagean aing nu kieu mah…” gerentes hate Wawan. Dadak sakala awakna ngeleper, dibarung ku tanaga anu ngabedasan. Peureupna geus dibuleud-buleudkeun, marengan amarah anu ngagedur dina jero dada. Lir anu milu ngarasakeun kana kanyeri sobat dalitna. ***
Ku DHIPA GALUH PURBA
Ranggon Panyileukan, 2000
Dimuat dina Majalah Manglé No. 1798

0 komentar:

Posting Komentar