twitter



“Nepangkeun, abdi wasta pun Karta,” ceuk éta lalaki ngora, nyebutkeun ngaranna baringasongkeun leungeun ngajak sasalaman ka hiji wanoja ngora, geulis rancunit.

“Shérin Vivian Annisa,” témbal wanoja, bari mésem. Na haténa pinuh pananya, nahakasép-kasép bari ngora ngaranna bet Karta, teu gaul, siga ngaran kampung.

Lamun lain ku lantaran nulungan bari jeung kasép mah teu hayang teuing kudu ”kenalan” jeung nu ngaran Karta téh. Kitu gerentes haté Shérin.

Ngan ku lantaran sieun disebut jalma teu boga étika, teu boga cedo lantaran tos ditulungan teu nganuhunkeun ka nu geus nulunganana, sangeuk teuing kudu turun tina mobil, jaba bararécék deuih.

“Hatur nuhun, Bang Karta, parantos nulungan abdi,” pokna Shérin bari ngaluarkeun duit, saratus rébuan, salambar.

“Sami-sami bu, éh, Néng Shérin,” témbal Karta bari terus ngajauhan, clak kana motorna, biur kabur, ninggalkeun Shérin anu molohok ngembang kadu.

Shérin gugurutu, nempo kalakuan jalma nu nulunganana.

“Huh, balaga amat éta jelema, kadar ogé nulungan sakitu, mani embung dibayar saratus rébu,” ceuk haténa bari tuluy ngagablogkeun panto mobilna. Teu lila geus nyemprung di tengah jalan tuluy asup ka salah sahiji kampus nu aya di Jalan Pakuan. Jrut turun ngadon ka kantin. Di kantin geus nyampak batur-batur kuliahna.

Sapapanjang jalan ka kampusna, Karta ngaheruk. Dirina nulungan téh éstuning ihlas, clik putih clak hérang lain lantaran duit atawa nempo nu naék mobilna geulis.

“Dasar jelema beunghar, nguji téh ku duit,” gerentesna. Teu lila geus tepi ka nu dijugjug, motorna gancang diparkirkeun di sela-sela motor mahasiswa séjénna. Di antara motor nu ngabaris rapih, ukur motor Karta nu pangantikna, teuing kaluaran taun sabaraha. Cétna belang, lampuna ogé ditalian ku tali rapia padu napel, jokna geus loba tambalan. Mun kahujanan caina nyerep, atuh mun didiukan matak baseuh kana bujur. Boro-boro dikonci setang kawas motor batur, da koncina ogé nogél waé. Jigana mun digolérkeun di Jambatan Mérah salila-lila ogé moal aya nu daékkeun mulung, bakating ku butut jeung geus teu puguh rupana.

Sok sanajan ukur sajorélat, kajadian tadi beurang tétéla ngaganggu pikiran Shérin. Manéhna gulinggasahan, teu daékeun saré. Napel kénéh dina ingetanana, basa Karta gelut jeung sababaraha pamuda anu ngahaja ngahalangan mobilna. Aya opatan anu nyampeurkeun manéhna bari ngamang-ngamang péso, ménta sangkan kaca mobilna dibuka.

“Buka kaca jeung serahkeun barang-barang anjeun!” ceuk hiji pamuda garihal pisan. Beungeutna teu pati jelas da make kénéh helm. Shérin pias, ngan pangacianana kumpul kénéh, manéhna geuwat ngonci sakabéh panto mobilna, teu kanyahoan ti mana datangna, nu rék ngarogahala manéhna téh ujug-ujug ting jarungkel. Tétéla aya hiji pamuda anu nulungan manéhna, nyaéta Karta.

“Karta, kunaon ngaranna make Karta, naha heunteu Bram, Réndy atawa Agus atuh sakurang-kurangna ogé,” gerentes haténa. Ké, mun jadi kabogoh tuluy diwawuhkeun jeung batur-batur kuliahna, pasti diseungseurikeun, moal teu ngajeblag dina mading kampus, Shérin dan Karta, pasangan bahagia. Ah, moal teu ramé geura, geus pasti ibur sakampus. Komo si nurustunjung, Vétty mah, moal teu bébéakan ngageuhgeuykeun.
          
“Astagfirullah,… aing ngalamun, nyaho gé henteu saha si Karta, urang mana boa, pastina ogé urang kampung lah,” gerentesna bari nempoan jam dingding, geus jam hiji peuting. Shérin tuluy narik simbutna, hawa mimiti karasa tiris.

Sora nu rada samara-samar ngélingan sangkan mariksa panto jeung jandéla, bisi can dikoncian. Jempling minuhan langit Kota Bogor mépénde nu keur sararé.

Lantaran saréna peuting teuing Shérin hudangna kabeurangan. Atuh dina méja paragi dahar ogé ukur aya surat ti indungna, yén poé éta indung jeung bapana kudu ka Jakarta, nganteurkeun bos bapana nu rék kaluar nagri. Shérin gagancangan mandi, boro-boro inget sholat subuh, da geus ampir sabulan manéhna teu pati wawuh jeung cai wudu.

Mukena jeung sajadahna teu pernah robah, angger rapih dina tempatna. Padahal indung bapana omat-omatan ulah nepi ka ninggalkeun anu lima waktu, ma’lum pan duanana ogé geus kungsi munggah haji. Papatah indung bapana ukur hawar-hawar pisan kadéngé ku manéhna téh. Da tibatan maca do’a iftitah, Shérin leuwih apal kénéh lagu Peter pan, Ungu, element atawa Slank.

“Bibi,..Bi Yati..” manéhna gegeroan ti jero kamarna.

“Kaaah..” torojol awéwé tengah tuwuh nyampeurkeun, pembantuna jigana mah.

“Mamah jeung papah titip duit teu keur Shérin?”

“Aeh..bibi hilap néng, ké dibantun heula,” témbal Bi Yati bari ngalengkah ka dapu. Teu lila geus balik deui bari ngagigiwing amplop song dibikeun ka Shérin.

Shérin imut, tuluy ngaluarkeun salambar lima puluh rébuan.

“Tong nyarios ka Mamah, mun Shérin teu sarapan nya…” pokna bari ngeupeulkeun duit kana leungeun Bi Yati anu olohok ngembang kadu. Tara-tara ti sasari méré duit anu sakitu lobana.

Sédan beureum BMW geus nyemprung di jalan tol, tuluy méngkol mapay jalan sisi, bras ka lampus.

Karta anu harita keur aya di pos ménwa jeung batur-baturna, nyérangkeun BMW beureum asup ka kampusna.

“Tuh Ta, mun rék digebér mah, geulis, beunghar jeung pinter deuih,” ceuk Anwar, batur kuliahna anu harita kaparengan keur jaga di pos ménwa.

“Saha euy, budak mana?” Karta panasaran. “Si Shérin budak ékonomi kakara semester 5, wah pokona di Fékon mah béntangna, euy. Loba anu ngadeukeutan. Ngan édas sakapeung lindeuk japati, sakapeung mah mun keur ngadat jiga maung ngamuk,” ceuk Anwar.

“Ah.., silaing mah padu waé ari ngomong téh. Pédah we cintana ditolak, alias bertepuk sebelah tangan, teu boga leungeun sabeulah,” ceuk Adit budak Sastra, batur kuliah AQnwar. Karta ngarasa reuwas basa nempo wanoja anu turun tina BMW beureum téh, asa-asa wawuh. Bener wé, si Shérin anu basa ditulungan rék muruhan saratus rébu.

“Haah, sudi éuy, awéwé éta mah sombong pisan,” ceuk Karta bari tuluy kaluar ti pos rék ka tempat kuliahna, Fakultas Hukum,. Karta téh sabenerna mah geus lulus ti éta paguron téh, keur ngadagoan di wisuda. Ngan ku lantaran aktif di organisasi Pecinta Alam jeung Ménwa, manéhna masih remen ka kampusna. Salian ti éta manéhna sok ngalatih silat mahasiswa-mahasiswa sahandapeunana.

“Kamana Kar, ka Ekonomi?” Adit ngagorowok ngaheureuyan nempo Karta ngagidig kaluar ti pos téh.

“Balik ah, rék menerkeun motor,” témbal Karta bari tuluy ka tempat parkir motor. Teu lia kadéngé sora motor dodorokdokan, ma’lum wé motor raradutan.

Di kantin, Shérin, hariweusweus ka Asih, yén manéhna inget waé ka jajaka anu nulungan manéhna kamari.


“Kasép, kasépna mah, Sih, ngan édas ngaranna jiga urang kampung, Karta, mani teu nyeni pisan ngaranna téh,” ceuk Shérin.

“Karta,? Anu gondrong, kasép sok kana motor butut?”

“Enya, geuning Asih apal,” Shérin kagét.

“Budak Fakultas Hukum éta téh, mahasiswa pangpinterna, kuliahna ogé ukur tilu taun. Kapiadi éta téh, Rin. Rada nyéntrik jeung sederhana pisan, padahal…..” Asih teu kebat neruskeun.

“Padahal naon, Sih?”

“Heunteu ah. Tah basona datang,”Asih nyalenggorkeun omonganana.

Sok sanajan diperekpek, Asih keukeuh bungkem téu daék mukakeun rasiah saha sabenerna Karta anu cenah dulurna téa.

“Embung ah sieun diambek,” témbal Asih bari tuluy ka musholla rék shalat Lohor.

Pikeun Shérin ngaran Karta anu ceunah mahasiswa Fakultas Hukum ngondang kapanasaran anu luar biasa. Karta?? Saha sabenerna Karta téh, maenya aya mahasiswa jaman kiwari aya nu make ngaran Karta. Na indung bapana teu pernah nongton tipi atawa maca koran,make méré ngaran Karta ka anakna.

Ngaran Karta mah pantesna dipaké ku aki-aki, Aki Karta atawa Bah Karta, pangorana Mang Karta. Pantesna cicing di pasar jadi Bandar cau atawa hui boléd. Komo mun jadi Bandar jengkol mah cocok pisan. Mun lain ngaranna Karta mah tangtuna geus dipaluruh tah nu kasép téh ka fakultasna.

Ngan ku lantaran ngaranna Karta, éngké heula, turun géngsi atuh. Shérin jeung Karta, asa teu pantes, teu patut jeung génjlong, ceuk haténa ampir unggal peuting. Karta….. Karta na manéh téh bet katetempokeun waé atuh!!! Seurina, jakét kulitna anu geus sararoék jeung motorna anu butut. Na kunaon aing jadi kieu, ieu kitu anu disebut cinta téh. Bogoh dina teteupan munggaran?

Sok sanajan mugen Shérin ku indung bapana, Shérin ahirna daékkeun ogé, basa dicaritakeun yén Mang Marno supirna, teu asup lantaran gering.

 “Sing karunya ka papih atuh Rin, éra papih mun teu datang ka imah dunungan papih. Pan panon papih mah geus kurang waras, komo kudu nyupiran ti peuting mah,” bapana ngalengis.

“Tapi tong lami-lami nya, pih, Shérin keur seueur tugas kuliah,” ceuk Shérin basa diajakan ka imah dunungan bapana.

 “Moal atuh Rin, tabuh sapuluh ogé acarana bérés. Teu raos, dunungan papih pan némbé mulih ti luar nagri. Tadi nelepon aya acara ngaresmikeun panti asuha anu aya di gigireun bumina,” bapana Shérin leuleuy.

Sok sanajan ngan ukur ngaresmikeun panti asuhan, tétéla loba pisan tamuna. Malah Bupati jeung Walikota ogé datang. Bubuhan dunungan pa Chéppy, bapana Shérin, Pa Erlan téh salian ti salah saurang pangusaha suksés pituin urang Bogor ogé remen pisan ngayakeun kagiatan sosial, kayaning santunan ka barudak yatim piatu, panti jompo jeung séjénna. Duitna meunang nyisihkeun tina zakat mal pausahanana.

Shérin rada kagét, basa Asih jadi panarima tamu.

”Geuning?” Shérin teu kebat kaburu Asih napelkeun curuk kana biwirna.

“Lumayan meunang order keur ngabaso,” témbalna bari seuri. Shérin imut kapiasem tuluy ka jero nuturkeun indung bapana. Teu lila Pa Erlan nyampeurkeun.

“Hatur nuhun Pa Chéppy kersa sumping,” ceuk Pa Erlan bari ngjak sasalaman. Duanana tuluy ngobrol ngajauhan Shérin jeung indungna.

“Emhh, pantes gagah dunungan bapa aing téh,” gerents Shérin dina haténa.

“Assalamualaikum, hapunten bapa-bapa sareng ibu-ibu ngaganggu sakedap,” ceuk panata acara. Teu lila, Pa Erlan naék ka panggung, biantara, eusina nganuhunkeun kana kadatangan tamu tamu.

“Hadirin sadayana wiréhna abdi ngulem téh teu aya sanés nyaéta ngalaksanakeun syukuran pun anak anu parantos lulus kuliah sareng panginten ti wangkid ayeuna pun anak anu badé nyepeng pausahaan téh,” ceuk Pa Erlan bari tuluy ngageroan anakna.

“Nepangkeun pun anak Réynaldi Wiradikarta,” ceuk Pa Erlan bari ngagéndéng anakna anu dangdanana basajan pisan, make kaos jeung calana jins belél. Shérin reuwas kacida, ampir kapiuhan basa Réynaldi Wiradikarta, SH, naék ka panggung. Pan éta mah Karta, enya Karta anu teu weléh kaimpikeun beurang jeung peuting. Karta anu ngabarungsinangkeun pikiranana sababaraha poé ieu.

Komo deui basa Karta alias Réynaldi nyampeurkeun ka kulawargana dibarengan ku Pa Erlan anu tétéla dunungan bapana. Shérin beuki ngayekyek, nangtung asa teu napak..

“Nepangkeun abdi, Karta,” pokna ka Shérin bari imut. Beungeut Shérin reup geuneuk ray pias, awakna ngadégdég. Jigana mun teu katulungan ku lampu anu reup bray mah, beungeutna kaciri beureum euceuy, nahan kaéra. Ras inget kana kalakuanana basa rék méré duit saratus rébu ka Réynaldi atawa Karta nu kungsi nulungan manéhna. Paingan Asih teu daékkeun terus terang.

Tétéla Réynaldi Wiradikarta, leuwih reueus make ngaran Karta, tinimbang make Réynaldi, ceuk haténa.

“Nepangkeun, abdi wasta pun Karta,” Shérin ngamimitian ngetik dina komputerna. Karérét ku juru panonna Réynaldi, ehh, Karta keur saré mani ngageubra.

Sanggeus welasan taun rumah tangga jeung boga anak tilu kakara manéhna aya niat nyieun carpon deui, kabiasaanana basa keur rumaja. Da sanggeus rumah tangga mah teu kaur pisan, lian tin gurus budak kudu milu jeung salakina mun aya acara-acara jeung gegedén. Pan salakina téh Diréktur Utama, PT. Sampurna Jaya Perkasa, salah sahiji pausahaan percétakan nu panggedéna di Jawa Barat.

Teuing kunaon kabéhdieunakeun Shérin leuwih reueus disebut Ibu Karta tibatan Nyonya Réynaldi, karasa nyundana ceunah. Komo deui salakina mah, ngaranna sok disingget R.W. Karta, jiga jabatan kadua ti handap di masarakat. Ised saeutik tina RT.***

Margajaya, Mangsa Puasa Munggaran
 Carpon Dadang H. Padmadiredja

Dimuat dina Majalah Sampurasun (medal di Bogor), édisi II.

0 komentar:

Posting Komentar