DA puguh asa ngimpi dina wanci sareupna. Hanas geus leuwih tiheula, ngarasa bungah nu tan watesna. Ocrak, pinanggih jeung hiji tangtungan anu salila ieu (kacida) dianti-anti, didama-dama. Gilig pamaksudan, moal diisuk pagétokeun deui, moal diengké-engké deui. Balé nyungcung geus aya dina panon. Lungguh timpuh andalemi. Hadé basa, hadé carita. Mapasan buleudan paroman anu béar marahmay, kalayan salawasna tara leupas dibungkus tiung. Enya, da teu salah titingalian. Teu salah dédéngéan deuih. Apan kitu pisan tangtunganna téh. Nu écés mah, ngarasa agul ku ayana bisa nyandingkeun hiji purnama, anu sasarina mah ukur aya dina impian. Harita mah lain ngimpi. Lain. Lain pisan. Tapi ngajanggélék hareupeun panon. Réma-rémana nu bodas, beresih téh, teu leupas silih ranggeum pinuh katresna.
Inget? Basa panggih jeung hiji sobat. Manéhna teu wanieun neuteup pameunteu anu sakitu (ceuk téténjoan harita) hurung mancer, nandakeun jalma nu tuna tina dosa. Malah Ki Sobat ogé, teu wanieun paantel kulit, basa ngajak sasalaman. Sakitu gedéna pangajén téh. Beuki deudeuh, mingkin nyaah baé, kaluar tina jeroning haté. Taya pangawasa birahi, najan paduduaan di tempat anu singkur. Apan tangtungan anjeun, anu matak sérab kana panon.
Kakara eungeuh, geuning panon téh kacida bolostrongna. Panon anu teu bisa ngabédakeun, mana hiji hal anu ukur pupulasan, jeung mana hiji hal anu nerus kana bayah. Atawa memang sipatna jalma mah, sok keuna ku owah gingsir téa kitu. Tapi kabina-bina teuing. Robahna ukur sakédét nétra, bari jeung robahna téh nepi ka ngajumpalik. Teu nyangka. Sumpah, teu nyangka sacongo buuk. Anu didama-dama téh, geuningan kalah ngajanggélék jadi tangtungan anu siap nganggeuskeun kahirupan. Maké jeung ngahajakeun nyieun raheutna haté. Ngarajétkeun rarasaan. Nguwak-ngawik bayah, nu keur meujeuhna butuh kokocoran asih suci. Atawa mémang, cinta sajati téh enyaan ukur sawangan jalma tukang ngimpi, kitu? Cinta suci ogé, naha bener ukur sawangan para pangarang jeung para panyajak?
Mimitina mah, raheut kabina-bina. Pangpangna mah asa diteungteuinganan ku purnama, anu dianggap bisa jadi batur, keur babarenga silih caangan lalampahan. Teungteuingeun. Datangna purnama kana kahirupan téh, lain ngabalur atawa ngahibur. Kalah nyieun haté anu tagiwur, kalayan hésé rék luntur. Da puguh aya sésa carita, anu kudu diréngsékeun. Tina lalampahan nu kungsi disorang duaan. Tuh, tapak suku ogé masih kénéh ngagurat dina taneuh baseuh, urut léngkah-léngkah duaan. Teu nyana geuningan, lalampahan purnama téh, mibanda patékadan anu sakitu kejemna. Geus talatah éta ogé, ka béntang anu ngabaranang, pangnanyakeun ka purnama. Naon salah jeung dosa anu kungsi dipilampah ka manéhna? Naha kungsi nganyerikeun haténa? Teungteuingeun pisan. Upama téa mah purnama téh ngarasa henteu cocog nyaangan lampah nu keur disorang, naha carana bet kitu? Siga anu ngahaja-haja, hayang ngarajétkeun haté. Padahal, (sakali deui) naon salah ka manéhna?
*
Gigisik kana panon. Bisi salah titingalian. Bisi ngimpi deuih. Tapi da écés pisan. Tangtungan anu (harita) dipikaajrih téh, keur ngagolédag, gigireun hiji lalaki. Na ka mana atuh tiung, anu sasarina nutupan buuk téh? Naha geus pohoeun kitu, kana kedal ucapna sorangan? Nu nyaritakeun perkara cara gaul jeung babaturanana. Nu ngécéskeun kumaha carana, misah ti lalaki, lamun mangsa keur riweuh dina kagiatan. Malah beuki lila téh, siga anu leuwih maceuh deui. Tangtungan anu dipikaajrih, tangtungan anu didama-dama, kiwari kari waasna. Leungit. Ngajénggélék jadi tangtungan anu di sabudeureun ogé, sakapeung mah sok cua ningalina. Kabébasan gaul, antara lalaki jeung awéwé. Atawa bisa jadi kétang, alatan ningalina ku panon anu ditumpangan timburuan. Timburu? Enya, timburu mimitina mah. Tapi da kadieunakeun mah geus henteu deui. Leungit. Bareng jeung leungitna hiji tangtungan, anu kungsi patepung sawatara waktu katukang. Ka mana ngaleungitna.
Paingan kuliah tacan réngsé baé atuh. Da puguh karasa geuningan, kuliah di jurusan téater téh, kurang karasa hasilna. Tacan sampurna, nyukcruk élmu téatér. Kabuktian pisan, masih kawisaya ku acting hiji wanoja, anu rék ngaburak-barik haté. Isuk jaganing géto, panon téh satékah polah rék enyaan awasna. Mun bisa mah, moal kawisaya (deui) ku nu katingali saliwatan. Keun, itung-itung pangalaman keur panon. Panon anu poho, teu inget kana talatah kolot, anu nyebutkeun yén ulah satingali-tingalina, lamun lain tingalieuneunana. Ah, dasar panon téh kurang kalatih. Ieu meureun, anu disebut awas tapi lolong téh. Tapi kétang, apan ari ka jalma téh, teu meunang goréng sangka deuih.
Purnama kari waasna. Tinggal panineungan. Geus leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Horéng tangtungan harepan anu disawang téh, hésé pisan kapanggihna. Arang tur langka kawasna mah. Kabuktian, aya nu datang siga nu disawang téa, geus kaburu katohyan kanyataanana. Mangga baé, cacapkeun sing nepi ka wareg, malah sing nepi ka weureu, uwak-awik ieu haté. Rajétkeun! Sabab (sarua pisan) cucuk jeung peurah hamo bisa neurak, kamerkaan ku tunggara nu taya sudana. *). Kamerkaan!
* Ku DHIPA GALUH PURBA
Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 139, Mei 2003