twitter


Naon atuh dosa Ibu téh? Bageur ceuk kuring mah. Sok seuri ka kuring. Teu cara Papih. Teu cara lanceuk. Teu cara si Emang. Teu cara si Iti. Teu cara batur. Ka kuring téh sok nyeungseurikeun. Ibu mah sok ngu¬sapan kana sirah, sok mépéndé, tara sentak sengor. Teu cara Papih. Tapi naha Ibu bet dibawa? Dibungkus kaén bodas, dikubur? Enya diku¬bur. Ti harita kuring can panggih deui jeung Ibu. Padahal kuring téh méh unggal poé nungguan di tempat lbu dikubur. Naha cicing baé atuh Ibu téh?
Papih mah teu ngarti, teu ngarasakeun. Mun kuring cicing di dinya téh sok ditéang. Sok dicerékan. Mun kuring teu daék, sok dirangkét. Papih mah teu ngarti, apan kuring téh keur ngadagoan Ibu.

Tapi basa éta mah, kuring bisa samemena cicing ngadagoan Ibu téh. Enya, di tempat dikuburna. Papih euweuh, si Iti euweuh, si Emang euweuh. Teuing ka marana, da ngagarinding. Lanceuk ogé anu tara ka imah, aya deui basa éta mah. Cenah Papih rék kawin deui. Cenah kuring téréh boga Ibu deui. Cenah ambéh kuring henteu ka kuburan baé. Cenah, teuing naon deui ceuk Papih téh. Da loba nu diomongkeunana. Cenah kuring bakal boga adi awéwé. Tah, harita kuring bisa ngadagoan Ibu saseubeuhna, nepi ka reup peuting. Tapi Ibu euweuh baé.

Kuring néangan pangali, rék ngali kuburan Ibu. Keur naon atuh Ibu téh? Uing hayang panggih. Kuburan Ibu dikali ku awi. Tapi kakara gé sababaraha gecrukan, datang si Emang, Keur naon manéh téh Oyik? Hayang panggih jeung ibu? Moal aya atuh di dinya mah. Aya. Uing gé nyaho di dieu dikuburna téh! Euh, atuh geus euweuh, boa geus jadi ta¬neuh. Jadi taneuh? Ibu jadi taneuh? Sok nu lain-lain baé ari si Emang. Ulah, Ibu mah ulah jadi taneuh. Kuring beuki segut ngali kuburan lbu. Bisi enya, kaburu jadi taneuh.

Oyik, Ibu manéh mah aya di imah. Aya di imah? Enya, karék datang bieu jeung Papih. Ibu uing? Enya.

Cul kana awi. Leumpang gura-giru ka imah. Hayang geura panggih jeung Ibu. Di buruan loba mobil, nu beureum jeung nu bulao mah, nyaho, anu Papih. Enya baé, kasampak di imah téh loba jelema. Aya nu wawuh. Aya nu henteu. Tapi Ibu mah euweuh.

Mana Ibu téh, Mang? Tuh, nu baju héjo gigireun Papih. Nu baju héjo? Kuring nenget-nenget. Lain, éta mah lain Ibu. Anu maké baju bodas, kén¬caeun Papih, dulur maneh éta mah. Dulur uing? Dulur ti mendi? Asa karak panggih. Kuring terus nelek-nelek. Keur kitu, Papih ningalieun ka kuring. Nangtung terus nyampeurkeun.

Ti mana baé manéh téh Oyik? Papih nanya bari molotot. Kuring teu némbalan. Ti kuburan, Kang. Si Emang nu némbalan téh. Kapendak nuju ngali kuburan Aceuk Juag. Hah? Ngali kuburan? Enya, Oyik? Nana¬haonan atuh sia téh? Indung sia mah geus euweuh dikieuna deuleu! Tuh, itu indung sia nu ayeuna mah! Cing, atuh Oyik, sia téh ulah picaca¬pékeun teuing hirup téh! Mandi kaituh! Geus éra aing mah, majarkeun teu ka¬urus! Papih nyeuneu.

Yu, urang ka cai Oyik. Si Emang nyekei peupeuteuyan, ku kuring di-képéskeun. Ngéwa ka si Emang téh. Sok bébéja ka Papih. Sagala rupa dibéjakeun ka Papih. Kituna téh basa Ibu geus dikubur wé. Baheula mah tara. Da sieuneun ku Ibu.

Leungeun Si Emang ku kuring diképéskeun deui. Lésot. Kuring indit ka cai, sorangan. Mandi. Sup ka kamar kuring. Ganti baju. Baju anu mangmeulikeun Ibu téa ti pasar, jeung kuring meulina gé. Baju kahayang kuring. Ibu, iraha atuh ngajak ka pasar deui ka uing?

Keur kitu, torojol Papih, nu maké baju héjo, jeung nu maké baju bodas. Oyik, enggeus ayeuna mah manéh téh ulah inget baé ka Ibu nu geus euweuh. Ulah ka kuburan baé, nya. Manéh téh ayeuna mah geus boga deui indung. Tah ieu, ka dieu teh manéh kudu nyebut Ibu. Ari ieu, adi manéh, Ita. Ceuk Papih. Kuring nenget-nenget. Jadi éta nyah Ibu kuring ayeuna téh? Tapi geuning henteu seuri? Kalah melong. Éta deuih adi kuring téh? Ditenget-tenget, manéhna seuri. Bet siga Ibu seurina, enya Ibu nu dikubur téa. Kuing gé hayang seuri deui. Ngan sieun ku Papih. Keun engké deui mah, mun manéhna seuri, kuring gé arék seuri deui. Tuh, itu kamar Mang Anang. Tuh, anu deukeut kamar mandi kamarna si Iti. Papih nuduh-nuduhkeun patempatan nu aya di imah. Lega atuda imah téh. Ari itu wangunan naon Pih? Adi kuring téa nanya. Oh, éta mah gudang. Nu sabeulahna deui dipaké kandang hayam ku Mang Anang. Seueur hayamna, Pih? Ih, loba ogé. Aya kana puluhna. Puguh ogé daékan boga adi téh. Maké hayang ngingu hayam sagala. Nya, puguh wé, teu hésé ku endog hayam kampung. Ari sakalieun butuh keur isuk mah, aya. Papih seuri, indung kuring nu anyar téa gé seuri. Tapi lain ka kuring. Adi kuring ngadilak bari seuri. Seurina siga seuri Ibu, tapi lain Ibu nu ieu. 

Tah, Oyik sing nurut nya ka indung manéh. Ceuk Papih. Muhun, tong ka kuburan deui nya? Da ayeuna mah aya Ibu sareng abdi, ceuk adi kuring téa téh bari seuri. Kuring unggeuk, teu karasa.

Tiluanana laleumpang deui. Ningalian imah. Ku kuring disérangkeun tina jandéla. Terus areureun di taman. Dariuk. Kuing mah terus baé da¬har beunang nyayagikeun si Iti. Kuing inget baé ka adi kuring téa. Saha ngaranna téh? Poho deui. Inget téh kana seurina baé. Siga seuri Ibu, tapi lain Ibu nu ieu.

Isukna, kuring dibéjaan ngaran adi kuring téa ku si Iti. Néng Ita, cenah. Bisi poho deui, kuring terus ngapalkeun ngaranna. Mun poho, nanya deui ka si Iti. Néng tta. Néng Ita. Néng Ita. Si Iti mah nyeungseurikeun. Keun baé. Ayeuna mah lain seurina bae nu inget téh. Ngaranna gé inget: Néng Ita. Néng Ita. Néng Ita.

Enya baé Néng Ita mah bageur. Tara nyeungseurikeun, tara molotot¬an, tara sentak sengor. Osok seuri unggal panggih gé. Osok nanya ung¬gal panggih ogé. Ti mana Oyik? Oyik geus dahar? Oyik geus mandi? Oyik ka kuburan Ibu deui tara? Ibu nu anyar mah henteu kitu. Ayeuna mah kana dahar tara elat, kana mandi tara elat, ulin tara jauh, ka kuburan ogé tara. Néng Ita sok seuri mun kuring ngajawab bener téh. Tuluyna mah kuring ogé sok nanya ka Néng Ita mah, cara ka Ibu wé, tapi lain Ibu nu ieu. Néng Ita ti mana? Kuliah cenah. Kuliah téh naon? Néng Ita ngaja¬wab, kuring teu ngarti. Keun baé. Da Néng Ita sok seuri. Néng Ita ti ma¬na? Ti pasar cenah, ieu mawa oléh-oléh keur Oyik. Kupat tahu sapincuk. Néng Ita ti mana? Ti toko cenah, geus balanja, ieu mawa sapatu keur Oyik. Kuring gé mantuan mangmawakeun balanjaanana tina mobil. Da Ioba. Ayeuna mah kuring tara tinggal sapatu ka mana-mana ogé. Ari saré mah ulah maké sapatu cenah. Ayeuna mah tara dibawa saré sapatu téh.

Ayeuna mah kuring resep di imah. Resep mun aya Néng Ita. Bageur tuda. Nurut kana omonganana, da tara molototan, da tara sentak sengor, da sok seuri. Siga Ibu seurina téh. Teu cara lanceuk kuring. Sok popolotot, sok nyarékan, cara Papih. Siga Papih rupana ogé. Carang ka dieu ayeuna mah. Ari ka dieu sok jeung awéwé, ceuk si Iti mah pamaji¬kanana. Sok mawa budak. Budakna sok resepeun mun ulin jeung kuring téh. Kuring gé resep. Ngan sok dicaram ku lanceuk kuring. Keun baé kétang, da aya Néng Ita ayeuna mah.

Hiji poé Néng Ita datang jeung lalaki. Néng Ita ti mana? Kuliah. Éta saha? Ada ajah. Ada Ajah nanya, saha It? Oyik. Oh, Oyik téh éta? Néng Ita unggeuk, si Ada Ajah seuri. Kuring bébéja ka si Iti. Néng lta tas kuliah balikna jeung Ada Ajah. Si Iti nyeungseurikeun. Lain Ada Ajah, ngaranna téh Cép Dasé. Kabogohna, cenah.

Néng Ita, ari kabogoh téh galak? Henteu. Tara popolotot? Tara. Tara, tara, tara nyarékan? Tara. Kuring atoh. Naha? Lamun galak ku uing rék diteunggeul. Néng Ita seuri. Kuring atoh. Oyik teu boga kabogoh? Henteu. Néangan atuh, da Oyik téh geus déwasa, ceuk Papih mah geus dua puluh opat taun. Ah, henteu. Keun engké dipangnéangankeun ku Ita, nya? Nu cara Ibu? Nu cara Néng Ita? Nya nu kumaha wé, anu bageur ka Oyik. Kuring teu ngarti. Da nu bageur mah Ibu jeung Néng Ita.

Cép Dasé datang deui, bada magrib ayeuna mah. Papih euweuh, ceuk si lti mah ka ondangan, teuing di hotél nahaon. Si Emang mah ti kamari ogé, teuing ka mana. Cép Dasé jeung Néng Ita ngobrol duaan di tepas. Écés tina jandéla kamar kuring mah. Si Iti lalajo tipi. Cép Dasé jeung Néng Ita pagégéyé. Ngobrol suka seuri. Up!ek. Cép Dasé jeung Néng Ita turun ka taman. Meureun rék ngala kembang. Geuning terus ka wétan? Apan di lebah dinya mah euweuh lampuan. Meureun ngala kem¬bang campaka. Geuning teu datang-datang deui? Panasaran, kuring ngeteyep ka taman, hayang nganyahoankeun Cép Dasé jeung Néng Ita. Bisi kumaonam. Geuning euweuh? Kadéngé aya nu ngorosak. Ditelek-telek. Enya wé Cép Dasé jeung Néng Ita. Keur naon hah? Ngagalolér dina jukut. Cép Dasé nindihan Néng Ita. Kuring karunya ka Néng Ita, teu bisa hojah. Ngeteyep ngadeukeutan. Cép Dasé ngégélan Néng Ita, di¬sogotan. Rék dihakan? Kurang ajar, Cép Dasé jahat. Kuring nyampeurkeun. Néng Ita pepereket. Karunya. Kuring ngarabut pancuh. Teu antaparah deui, habek diteunggeulkeun ka Cép Dasé. Cép Dasé ngagoak. Néng Ita ngagurinjal. Oyik nanaonan ari sia? Kuring terus nyehcer Cép Dasé. Nepi ka ngaréngkol na akar tangkal campaka. Tulung, tulung! Si Oyik ngamuk! Kuring atoh geus nulungan Néng lta. Tulung, tulung! Si Oyik ngamuk! Néng lta tulung-tutungan. Torojol si lti. Si Oyik rigamuk, teu pupuguh ujug-ujug neunggeul Kang Dasé. Gurujag Papih jeung Ibu datang, tina mobil teu sirikna ngajleng nyampeurkeun. Aya naon ieu téh? Ceuk Papih. Si Oyik ngamuk. Neunggeulan Kang Dasé. Kurang ajar! Na sia téh ngan ngeselkeun aing baé Oyik? Gampleng-gampleng, Papih nampilingan. Kuring ngagoak. Da uing mah nulungan! Gampleng deui. Bangkieung. Gaplok najong. Atos, Pap, atos! Gaplok deui. Atos Juragan, atos! Gaplok. Leng, leng, kuring teu inget nanaon deui. Inget-inget geus di kamar, nyareri satulang sandi.

Isukna, Néng Ita jadi béda. Ka mana Néng Ita? Baeud. Ti mana Néng Ita? Miceun beungeut. Boro-boro seuri, némbalan ge henteu. Abong-abong nu teu waras, dibageuran téh kalah nincak hulu, cenah. Kuring teu ngarti. Da uing mah rék nulungan. Ti mana Néng Ita? Cuih, nyiduh. Ayeuna mah Néng Ita geus tara seuri. Sok molototan.

Kuring teu betah di imah. Ari rék ka luar, si Ernang atawa si !ti sok nyingsieunan. Dibéjakeun ka Papih geura. Dibéjakeun ka Juragan geu¬ra. Kuring sieun ku Papih. Sieun ditampiling deui, sieun ditajongan deui. Nyeri, nyeri pisan. Ayeuna gé karasa kénéh urutna. Ngan ti harita Cép Dasé tara datang deui. Gara-gara Oyik, Cép Dasé putus jeung Néng Ita. Putus? Kuring teu ngarti. Da uing mah rék nulungan. Tapi naha Néng Ita jadi kitu?

Kalantang-kulinting sorangan di imah. Kesel. Bus ka gudang. Nyoo naon baé. Ulin jeung hayam. Si Emang jeung si Iti ogé henteu nanaon kuring ulin di dinya mah. Tah, di dinya wé ulin mah, ulah ka luar. Moal dibéjakeun ka Papih? Moal.

Kuring jadi resep ulin di gudang. Resep ulin jeung hayam. Resep ningalikeun si Bodas. Anakna loba. Mun keur mépéndé anakna, kawas Ibu. Ibu gé sok mépéndé kuring. Kuring nyampeurkeun. Mimitina mah Si Bodas siga nu sieuneun. Uing mah moal nanaon Bodas. Nyabakan buluna. Lemes, kawas kulit Ibu, kawas buuk Ibu. Haneut kawas awak Ibu. Si Bodas. Ibu. Si Bodas. Ibu. Lemes. Haneut. Aya ku genah. Reup saré. Kahudangkeun ku Si Iti. Itu Juragan, Oyik bobo di kandang hayam. Torojol Si Emang. Oyik ulah saré di dinya, mérang! Si Emang metot leungeun kuring. Dibawa ka kamar.

Tapi lila-lila mah Si Iti jeung Si Emang gé tara ribut mun kuring saré di dinya téh. Jeung si Bodas. Ulin jeung anak-anakna. Narurut ka kuring, da sok diparaban. Gogolédagan. Sasaréan jeung kuring. Si Bodas agé sok mépénd[ anakna. Mépéndé kuring deuih. Kuring sok nulungan mun aya nu ngaganggu ka Si Bodas téh. Si jago nu sok ngudag-ngudag, sieuneun. Si Jago Beureum. Si Jago Hideung, sieuneun duanana gé.

Hiji poé, kuring ningali si jago keur ngudag-ngudag Si Bodas. Si Jago Beureum jeung si Jago Hideung, ngudag-ngudag. Anak-anak Si Bodas tingkocéak. Kuring ambek. Digebah, angger baé. Dibalédog, angger baé. Kuring nyokot paneunggeul, kai sagedé leungeun. Si Jago Beureum diudag-udag. Habek-habek diteunggeulan. Kékéakan. Si Jago Hideung diudag-udag, habek deui, kéak wé. Lulumpatan ka ditu ka dieu. Ngaheureuykeun kuring. Ku kuring terus diudag-udag. Si Iti datang gegedor kana panto gudang. Oyik, buka! Aya naon Iti? Oyik ngamuk Juragan, ngaburak-barik gudang. Panto gudang aya nu neumbrag. Kuring terus ngudag Si Jago Hideung, da Si Jago Beureum mah geus ngajehjer. Oyik, nanaonan ari sia? Papih nyampeurkeun. Kuring neunggeulan Si Jago Hideung, Papih nyurungkeun kuring. Kuring ngabangkieung. Ajeg deui. Ngabubat-babit paneunggeul. Si Jago Hideung. Papih. Papih. Papih. Si Jago Hideung. Tulung! Tulung! Oyik ngamuk! Si Iti gégéréwékan, lurnpat ka luar gudang. Torojol Si Emang, néwak leungeun kuring. Papih jeung si Jago Hideung ngajehjer. Gampleng, gampleng, jebot, jebot! Si Emang nampiling jeung neunggeulan kuring. Kuring ampun-ampunan. Tapi Si Emang henteu eureun. Leng, leng, teu inget nanaon. Inget-inget, suku jeung leungeun geus ditalian.

Geus ripuh pisan si Oyik téh, Adi. Muhun, Kang, kedah dicandak ka rumah sakit jiwa. Papih jeung si Emang nangtung hareupeun. Sirah Pa¬pih dibulen perban. Enya, lamun euweuh Adi mah, boa geus paéh Akang téh. Da baheula mah tara ngamuk kitu atuh. Enya, diogo teuing ku Aceukna. Nyaho budak teu jejeg. Oyik, ku naon maké neunggeul Papih? Neunggeul Papih? Da uing mah neunggeul si jago. Bongan ngudag¬-ngudag Ibu. Tuh, nya Kang, tos parna pisan.

Isukna, kuring dibawa kana mobil ku Papih jeung Si Emang. Teuing rék ka mana. Ibu nu ayeuna jeung Néng Ita, nganteurkeun nepi ka la¬wang pager. Leungeun jeung suku kuring ditalian.

(Galura, 1992, Pinunjul I Hadiah Sastra LBSS taun 1991/1992)

0 komentar:

Posting Komentar