twitter


Mangsa lungkawing, Mawa nyérédét kana ati anu rungsing,

raména galecok haté, nabeuhan rasa anu ngahinghing.

Waruga badag ngajega, batin mutmainah ngajaga,

sangkan amarah teu séah. Romadon geus ngalatih diri kana …kasabaran.

 

IMUT Salaya Wistara Asmara Ruum Istri. Kitu basana anu dutulis dina kartu lebaran téh. Di handapeunna aya gambar écéng ditojos ku tumbak. Enya, sasaha ogé tangtu bakal surti kana gambar kitu mah. Tanda cinta. Tanda asih. Hanjakal, teu dicatet ngaran anu ngirimna. Ngabingungkeun pisan. Tapi da sidik, ari kartuna mah ditujukeunna keur ngaran jeung alamat kuring. Écés pisan, piraku rék salah nulis onaman.

Haté dilimpudan ku rasa panasaran. Kartu lebaran téh disidik-sidik tulisanana, digulanggapér nepi ka méh rikes. Tapi keukeuh, teu wawuh kana tulisanana. Nu eces mah, pasti gutrétan leungeun hiji wanoja. Ngan teuing saha-sahana. 

Pikiran jadi ngalayang deui ka mangsa katukang. Nginget-nginget wanoja anu kungsi deukeut jeung kuring. Guswati? Pamohalan. Manéhna mah geus kawin sababaraha taun katukang. Malah geus boga budak sagala. Siti Saadah? Ah, sarua manéhna oge geus kawin. Nindia atuh? Piraku teuing, apan Nindia mah geus maot alatan kacilakaan lalu-lintas. Jeung pangpangna mah, unggal lebaran ogé tara biasa nampa kartu lebaran. Sabab silih kirim kartu lebaran, lain tradisi anu sok dilakukeun ku kuring.  Disagedengeun jahat duit, asa leuwih apdol sasalaman sacara langsung baé.

Ras inget ka kampus. Gebeg, ngaranjug. Haté ngadadak seseblakan. Aya rasa kabungah anu nyaliara dina dada. Aya rasa kapeurih anu minuhan hate. Duanana pagaliwota, piligenti marengan ketugna jajantung. Panineungan basa mimiti asup kuliah, narémbongan deui. Teu hésé nginget-nginget carita asmara kuring di kampus, sabab hiji-hijina wanoja anu kungsi deukeut jeung kuring, ukur …

**

“Mending roko dipareuman, atanapi abdi anu ngalih?” kitu ceuk Iswari, basa keur ngawangkong di taman kampus. Manéhna teu pati resepeun kana haseup roko. Mangkaning kuring mah sabalikna, teu pati resep lamun euweuh haseup roko. Teu bisa majar kumaha, roko dipuragkeun. Tuluy sitincak ku dampal sapatu nepi ka ringsekna. Iswari leuwih penting batan sabatang roko.

“Asa disawér, nya?” Cekéng téh bari tanggah ka luhur. Dangdaunan anu garing dina tangkalna, maruragan katebak angin. Mancawura, sawaréhna neumbagan awak kuring jeung Iswari. Malah aya anu nyangsang dina buuk Iswari anu ngarumbay panjang. Leungeun kuring tapis pisan mangnyokotkeun. Karasa lemesna buuk Iswari. Celepot, dicium geugeut naker.

“Maenya nyium daun?” pokna bari imut.

“Asa nyium Is, puguhan,” témbal téh.

“Rada cunihin, geuning?”

“Mung ka Is wungkul. Salian ka Is mah, tara da…”

“Tara henteu?” Iswari ngabelenyéh némbongkeun kempot pipina jeung barisan huntuna anu teu pati bérés. Naha nya wanoja anu huntuna teu pati bérés mah sok gareulis? Cara Iswari.

Satuluyna kuring ogé poho deui kana wangkongan séjénna. Nu écés, kuring jeung Iswari téh mindeng pisan babarengan. Pangpangna mah lamun keur mangsana kuliah. Najan béda jurusan, tapi mata kuliah umum mah sok dihijikeun dina sarohangan. Atuh kuring ogé diuk téh pasti sok gigireun Iswari. Aya di antara babaturan saangkatan anu ngarasa curiga, antara kuring jeung Iswari aya hubungan anu leuwih. Padahal leuwih lebah manana?  Pédah sok diuk ngaréndéng? Atawa pédah kungsi paduduaan lalajo pagelaran tari di Taman Budaya. Da lalajo téh éstuning ukur lalajo bareng. Manehna diuk gigireun kuring. Panonna teu leupas tina panggung. Konsén pisan, afrésiator anu hadé. Sigana kuring mah teu pati dipalir]. Boro-boro pagéyé-géyé. Rék ngaranggeum rémana ogé asa-asa. Teu wani. Sieun kalah diképéskeun. Padahal sajeroning lalajo téh, panon kuring mah mindeng kénéh dipake nilik-nilik keureutan rupa Iswari.

“Kumaha pertunjukan teh?” tanya Iswari, sanggeus pagelaran tari réngsé.

“Bagus…” témbal téh bari rada ngahuleng. Pangpangna mah da lalajo téh éstuning henteu beubeunangan nanaon. Teu ngarti. Ukur beuki apal kana karancunitan Iswari. Ukur ngarti, yén kuring beuki kataji ku Iswari.

“Bagus kumaha? Justru artistikna kirang saé. Antara kostum, gerakan, sareng lighting ogé, mani asa papalimpang pisan. Bagus palih manana?” tanya Iswari deui, bari rada kerung, ah… beuki geulis baé Iswari.

“Muhun, euh, bagus sakitu mah. Margi koréograperna siga nu ngahaja hoyong mintonkeun tarian kontempoter. Tangtos baé nyiptakeun kesan anu rada mahiwal…” témbal téh… sakacamplengna. Teuing nyambung, teuing henteu.

Anéhna, maju ka semester satuluyna, Iswari kalah beuki jauh. Pédah geus euweuh mata kuliah umum kitu? Anu antukna Iswari tara kuliah babarengan deui. Tara diuk gigireunna deui. Tara ngawangkong di taman kampus deui.

Rumasa, kuring teu wani ngabalakakeun eusining haté. Sieun itu, sieun ieu.  Batan balaka mah, kalah lunta ninggalkeun kalangkang Iswari. Kuring tara kampus deui, tara kuliah tangtuna. Susuganan Iswari nelepon atawa maluruh laratan kuring.

Hiji mangsa, kuring manggihan Iswari keur mintonkeun hiji adegan tari nu kalintang ngagémbang. Iswari imut ngagelenyu. Ka kuring kitu? Ah, asa enya ka  kuring. Éta wé da panonna ogé neuteup ka kuring. Kuring males imut. Malah teu talangké deui, biwirna langsung disun lalaunan. Hanjakal pisan Iswari teu usik-usik acan. Sabab Iswari anu anu disun téh, ukur gambar anu ngajeblag dina salahsahiji koran harian. Enya, Iswari geus kapeto jadi hiji penari kakoncara. Nurutkeun réportase dina éta koran, Iswari geus mindeng mintonkeun pangaweruhna dina widang tari, sarta pangalamanana geus kaitung lega, da kungsi ngalanglang mancanagara.

Aya rasa kareueus dina haté. Mawa rasa sono pikeun nepungan deui manéhna. Cacakan geus kacida jauhna antara kuring jeung Iswari téh, tapi dina haté mah asa kalah mingkin geugeut. Hanjakal teu pati lila, meunang deui béja ngeunaan Iswari. Cenah mah Iswari téh geus  hahadéan jeung saurang perwira Angkatan Laut. Enya, pantes ana kituna mah.  Iswari téh geulis kajero-jerona. Hadé rupa, hadé basa. Saha lalakina anu moal kabéngbat ku wanoja siga Iswari. Tapi mémang asa lebar lamun enya téh hahadéan jeung angkatan laut. Pantesna mah Iswari téh hahadéan jeung angkatan ’98 baé. Enya, maksud téh jeung saurang mahasiswa angkatan taun 1998.

Kakara bulan puasa kamari, kuring asup deui kuliah. Sanajan kudu milu kuliah jeung seméster handap, kuring teu bisa baha. Batan kuliah jadi mandeg, mending maksakeun sakamampuh. Sanajan dina jero-jerona mah kuring teu pati yakin, naha bener kuliah téh pikeun néangan élmu, atawa ngan saukur hayang panggih deui jeung Iswari?

Sajeroning ngabandungan kuliah, pikiran mah teuing ngalayang ka mana. Gigireun kuring aya Néng Ani, adi angkatan. Sakali mangsa, kungsi kaceplosan nyebut ngaran Iswari ka Néng Ani. Bubuhan sasarina ogé, anu diuk gigireun téh Iswari. Sakalieun Iswari euweuh ogé, kuring sok diuk nyorangan di juru pangtukangna.

“Is…!” teu kebat nyebut ngaranana. Kaburu disurakan mantén ku batur kuliah jeung dipolototan ku dosén. Mangkaning anu keur méré kuliah téh ketua jurusan pisan. Tapi da harita mah lain salah ngageroan ka Neng ani. Écés pisan, aya Iswari ngalalar. Karérét dina lawang panto anu dikeblakeun.

Kuring geus cengkat, rék api-api ka cai, ngudag Iswari. Tapi teu kebat, sabab Iswari mundur deui. Panonna mencrong ka kuring bari imut ngagelenyu. Teu lila. Paling ogé lima detik. Manéhna indit deui, leungeunna ngagupayan ka kuring. Hanjakalna kuring kalah molohok mata simeuteun. Teuing kudu kumaha pipetaeun. Awak lir dibeungbeuratan. Hayang cengkat. Hayang ngudag manéhna. Tapi ukur samet kahayang wungkul.

Sakedapan kuring ngalenyepan kana harti gupay leungeun Iswari. Naha ngageroan kuring sangkan nyampeurkeun, atawa amitan pikeun miang. Asa pamohalan lamun gupayna henteu ngandung harti. Sabab Iswari pamohalan upama henteu surti kana rasa anu nyagkaruk dina jeroning haté kuring. Najan tacan kungsi ngedalkeun, tapi ku sikep ogé asana geus leuwih ti ngabudalkeun kajujuran haté.

Iswari tangtu apaleun pisan, kuring nyidem rasa cinta ka manéhna. Asih kuring, kadeudeuh kuring, kanyaah kuring, pokona anu aya dina haté kuring, ukur…

**

 

…Iswari. Sakali deui, tulisan téh diilikan. ‘Imut Salaya Wistara Asmara Ruum Istri’, hartina mah can pati kajugjugan. Abong seniwati, kalimah ogé mani matak ngajangarkeun uteuk. Untungna kuring rada ahli dina widang nyingget kalimah. Siga tulisan dina éta kartu lebaran, lamun kecap-kecapna disingget, tangtu bakal jadi ISWARI. Naha bener kartu lebaran téh ti Iswari? Cangcaya kénéh. Sabab Iswari geus jauh ti kuring. Kajaba lamun barokah Romadon geus malikeun deui Iswari ka Iswari anu saméméhna. Iswari anu munggaran pisan wawanohan jeung kuring.  Iswari, anu tinggal nuluykeun deui carita katunda. ***

 

Bubat  212


Ku DHIPA GALUH PURBA

Dimuat dina Majalah Manglé No. 1842, taun 2001

0 komentar:

Posting Komentar