twitter



“Astagfirullohal ‘adim.” Ceuk Ustad Soléh bari ngusap beungeut. “Enya éta téh Ahdi?”
“Leres Pa Ustad, malah abdi ogé ngiring nganteurkeun ka bale désana,” témbal Si Ahdi.
“Emh, nepi ka kituna,” ceuk Ustad Soléh. Paromanna reueuk. Gék diuk nyarandé kana tihang paimbaran, nyanghareup ka lawang tajug.
“Aya naon di balé désa téh Ahdi?” Mang Ondin nu kakara datang nanya.
“Éta si Otang, digerebeg keur nganjang ka imahna Si Inén, terus dibawa ka bale désa.”
“Alah, sugan téh aya naon, mani ramé. Pilakadar nganjang-nganjang baé, wajar wé atuh, make kudu digerebeg sagala….”
“Wajar kumaha ari Emang?” Si Ahdi motong omongan Mang Ondin. “Wajar sotéh mun nganjangna henteu terus ka pangkéng. Apan basa digerebeg téh kasampak keur barulucun!”
“Masa Alloh, nu bener Ahdi?”
“Maenya uing ngabohong ka kolot, ngabohong ka Pa Ustad!” ceuk Si Ahdi, ngarah diandel. “Mémang ari ukur nganjang wungkul mah apan, tong boroning ti beurang, dalah ti peuting nepi ka bray beurang ogé, tara aya nu ngaharu biru!”
“Kumaha atuh Si Émanna?”
“Nya teu nyahoeun wé. Apan keur euweuh di dieu, keur ka Jakarta milu kuli ngaduk jeung Mang Bakri. Nyéta puguh, uing gé karunya ka Éman téh. Manéhna mah jongjon-jongjon wé usaha di Jakarta, teu nyaho di dieu kebon kacang diranjah batur!”
“Husy, manéh mah ari ngomong téh!” Ustad Soléh ngagebés, tapi bari nahan piseurieun. Si Ahdi jeung Mang Ondin ngahéhéh.
“Mangka kebon ngan sakotak-sakotakna,” Mang Ondin mairan dibarung seuri.
“Sakotak gé léndo lebah dinya mah, Mang, da deukeut kana cubluk,” ceuk Si Ahdi.
“Meugeus, komat kainyah!” ceuk Ustad Soléh.
Ngong Si Ahdi komat. Tiluan salat lohor berjamaah, diimaman ku Ustad Soléh. Réngsé awéh salam, Si Ahdi cengkat, teu ngadagoan réngsé ngadoa.
“Rék ka mana Ahdi, rurusuhan teuing?” Mang Ondin nanya.
“Apan rék ka balé désa, bisi kudu jadi saksi di ditu, da uing gé milu mawa apan.”
“Heueuh ah, Emang gé rék ka ditu engké.”
Duanana kaluar ti tajug, ninggalkeun Ustad Soléh nu masih kénéh ngadoa. Ditéma ku wiridan. Da kitu biasana. Bari ngadagoan wanci asar, mangsa kudu ngawuruk ngaji ka barudak. Tara ieuh nyelang heula balik ka imahna, mun teu penting-penting teuing mah. Tampolana sok parat nepi ka isa. Kitu wé, mun teu wiridan, mukaan kitab, ngaderes Kur’an atawa ngobrol mun kabeneran aya batur. Padahal imahna ngan kahalangan ku jalan désa ka tajug téh, paeunteung-eunteung.
Tapi ayeuna mah wiridanana téh rada kaganggu ku bari jeung mikiran kajadian poé ieu di lemburna. Ceuk Si Ahdi tadi, dicurigana mah lili aya rasiah antara Si Otang jeung Si Inén téh. Nu matak pada ngintip-ngintip. Ari tadi, Si Otang kapanggih ngulampréng ka lebah dinya. Sup ka imah Si Inén, kabeneren Si Inénna keur sorangan, da adi beuteungna, nu sok maturan Si Inén, keur ka pasar. Atuh meureun tumaninah nyacapkeun kasono.
Waktu Si Otang asup, kanyahoan ku Si Jaja, tatangga Si Inén. Buru-buru ngabéjaan babaturanana, sarua budak ngora, kaasup Si Ahdi. Digerebeg ku limaan, teu bisa manggapulia, da bukti. Duanana diabringkeun ka bale désa, bari teu sina dibaju heula. Ukur ulah katémbong bagian-bagian anu pentingna baé. Atuh puguh jadi lalajoaneun batur. Ibur wé, pada ngadeugdeuk ka bale désa. Jadi sabiwir hiji.
“Astagfirullohal ‘adim, rék kiamat kitu ieu téh?” pikir Ustad Soléh. Saingetna, asa kakara aya kajadian kawas kieu di lemburna. Katurug-turug boh Si Otang boh Si Inén kungsi kawuruk ngaji ku manéhna, keur barudakna téh. Ayeuna kacerek deleg ngalakukeun pagawéan nirca. Si Inén ngalambangsari jeung Si Otang. Jinah. Jinah anu sanyata-nyatana jinah. Sapatemonna lalaki jeung awéwé anu lain muhrim.
Naon hukumanana keur nu jinah? Dirajam! Ceuk agama Islam, jinah kaasup dosa gedé, sabanding jeung maténi katut murtad. Kaasup anu getihna halal dikucurkeun. Aya dina hadisna. Lalaki anu jinah, sanggeus dipecut saratus kali, ngan pantes kawin jeung awéwé anu geus bukti jinah jeung manéhna. Jadi, Si Otang kudu dikawinkeun jeung Si Inén, sanggeus meunang hukumanana. Da jelas duanana ogé Islam agamana téh. Ustad Soléh uleng mikir bari teu weléh istigfar, “Astagfirullohal’adim.”
Keur kitu, kadéngé anu ayeuh-ayeuhan. Beuki lila beuki deukeut. Kawasna baé rék ngaliwat ka jalan pipir tajug. Ustad Soléh cengkat, nangtung hareupeun jandéla tajug, nyérangkeun nu abring-abringan. Nu mimiti katémbong téh Si Ahdi, keur nyingkir-nyingkirkeun barudak nu ngahalangan jalan. Pahibut jeung rebut kawas nénjo barang langka.
Beuki deukeut, beuki écés kadéngé omong-omonganana.
“Dulur-dulur sakabéh, tah ieu anu jinah téh!” ceuk Si Ahdi, “Pok ngomong deui, abdi jinah, abdi jinah, abdi jinah, kituh!” ceuk Si Ahdi ka nu diabring-abring. Si Otang jeung Si Inén, duanana ukur maké baju jero. Si Inén aya tambahna, disarung bendelah-bendeléh semet tuur, sarung Si Ahdi nu tadi dipaké salat di tajug. Si Otang jeung Si Inén ukur bisa kunyam-kunyem. Beungeutna euceuy, cimatana murubut. Si Inén kaciri inghak-inghakanana. Nu ngabringkeun, lolobana barudak ngora, ngaromong sakacuam-caém, matak rawing ceuli nu ngadéngé.
“Astagfirullohal’adim …,” gerentes Ustad Soléh bari ngusap beungeut. “Nepi ka kituna …,” haténa milu peurih asa digerihan ku hinis.
“Tah, ka Pa Ustad Soléh ngomong, hayoh, hapunten Pa Ustad, abdi parantos ngalanggar hokum agama, kituh!” ceuk Si Ahdi deui. Nu dititah kalah beuki ngeluk tungkul. “Hayoh ngomong! Ulah hayang ngeunahna baé atuh hirup téh! Komo manéh mah, teu inget ka salaki!”
Ustad Soléh ukur bisa neuteup. Teu bisa kukumaha. Neuteup nepi ka abringan téh ngiles lebah péngkolan warung Bi Kénoh. Ay anu haneut mapay pipina. Cimata. Karunya ka nasib Si Otang jeung Si Inén, karunya ka nasib Si Éman …. Ngan enya, naon anu karandapan ku Si Otang jeung Si Inén ayeuna téh alatan amal-amalanana. Tong boro engké, ayeuna ogé geus karasa lara wirangna. Gusti Alloh mahtara nanggeuy di bongkokna. Pikiran Ustad Soléh norowéco sorangan. Ari Si Éman? Manéhna mah keur meunang cocoba. Emh, muga-muga wé sing dipasihan sabar.
Ustad Soléh diuk deui dina urut tadi. Mikiran deui kajadian cikénéh. Paingan aya kasebutna, ceuk pikirna. Papasangan téh lain wungkul awéwé jeung lalaki, beurang jeung peuting, sedih jeung gumbira baé. Aya deui nu disebut kufu, papasangan kénéh éta ogé. Awéwé anu iman keur lalaki anu iman, awéwé anu tukang nyolowédor keur lalaki tukang nyolowédor, awéwé anu munapék keur lalaki anu munapék deui. Hanjakal kalolobaanana jelema mah tara nurut kana totondén Alloh. Mangprung ngaberung ngungudag wates karep, atuh taya kendatna da napsu. Ustad Soléh unggut-unggutan, “Emh, astagfirullohal’adim.”
2
Si Éman ngahaja diala ka Jakarta. Mimitina mah enya, katémbong napsu ngadéngé Si Inén, pamajikanana, digarap Si Otang téh. Tapi, leler sorangan, taya kajadian nanaon. Si Inén dikawinkeun jeung Si Otang.
Si Éman balik deui ka Jakarta.
“Teu nyangka nya Si Éman, nyolong bade. Ningali kana pangadatanana mah, kudu jadi huru-hara atuh. Ari hég, nya dina seuhseuhanana sabar wé sakitu mah,” ceuk Mang Ondin.
“Nu matak ari ka jelema téh ulah sok mandang lahiriahna wungkul gé kitu,” ceuk Ustad Soléh. “Mun nempo saréatna mah, saha nu nyangka atuh Si Inén make wani ngalakukeun pagawéan nirca? Budak sakitu bageurna keur parawanna mah. Nu matak loba anu manglebarkeun basa pruk kawin ka Si Éman téh.”
“Héh héh, nya pantes wé da tos aya gentosna,” ceuk Si Ahdi.
“Gentosna kumaha ari manéh?” Ustad Soléh nanya semu kagét.
“Di Jakartana téh Si Éman tos kagungan deui istri.”
“Ceuk saha?”
“Bilih teu percanten mah, taroskeun wé ka Si Didin.”
“Si Didin anakna Mang Bakri?”
“Muhun. Pan sareng Si Éman ka dieuna, ti payun téh.”
“Enya, terus kumaha?” Mang Ondin panasaran. “Lain kakara tilu bulan di Jakartana téh?”
“Muhun, salami tilu sasih téh tara ka dieu geuning,” ceuk Si Ahdi ka Ustad Soléh. “Sihoréng di dituna téh kagungan deui istri. Sanggem Didin mah ka putrana tukang warung di padamelanana. Tos dua sasih nikahna ogé, sanggem Si Didin mah.”
Naha atuh meni euweuh anu ngabéjaan ka dieu, nya? Padahal boh Mang Bakri boh Si Didin, asa mindeng balikna téh.”
“Sanggem Si Didin mah, heurin ku létah. Da kacilakaan nikahna ogé, sanggemna mah.”
“Astagfirullohal’adim.”
“Kacilakaan kumaha?” Mang Ondin nanya, hayang yakin pisan.
“Ari Emang, kacilakaan kawas Si Inén baé jeung Si Otang,” ceuk Si Ahdi ka Mang Ondin. “Ngan aya undakna itu mah, digerebegna ku hansip.”
“Saruana atuh ari kitu mah, lain sabar-sabar teuing. Boro mah geus dipuji ku uing téh.”
Sanggeus éta kajadian, teu kungsi sabulan, aya deui kajadian samodél kitu. Ayeuna mah Si Amin, tukang kiridit urang lembur peuntas. Digerebeg keur mondok di imahna Si Isah, randa kakara crét. Peuting-peuting diabringkeun ku ronda ka imah Pa Lurah. Isukna, dibaringkeun bari ukur make pakéan jero.
“Astagfirullohal’adim,” ceuk Ustad Soléh. “Naha totondén naon atuh ieu téh? Totondén ahir jaman kitu?”
Ceuk Si Ahdi mah, Si Amin téh kapanggihna keur ngagolér di tengah imah Si Isah.
“Boa teuing kapeutingan éta mah, Ahdi. Ulah waka nyangka nu lain-lain, bisi pitnah,” ceuk Ustad Soléh. “Manéh ogé nyaho meureun, yén pitnah téh pagawéan anu dila’nat ku Gusti Alloh.”
“Upami leres mah kawengian, naha atuh make mondok di bumina Si Isah? Si Amin téh apan seueur réréncanganana di dieu. Mana kitu ogé panginten, aya maksad-maksad sanés.”
“Ari omongna kumaha?”
“Muhun kitu, kawengian sanggemna mah. Tapi da moal enya aya bangsat ngaku!”
Ustad Soléh teu nyarita deui. Karasa ay anu robah di lemburna téh. Loba kacuriga. Teu sirikna kabéh jalma jadi detéktip. Nyéko. Intip-intipan. Kawas nu katagihan ngabringkeun jelema satengah bubulucun. Saha nya ayeuna anu kudu digerebeg téh? Si Anu katémbong béda rindatna jeung Si Anu, boa-boa …. Si Anu katémbong sok ngalanto ka Si Anu, aya nu dianjing cai meureun, boa-boa …. Si Anu jeung Si Anu, Si Itu jeung Si Éta, boa-boa …. Mindeng katémbong nu tingkecewis. Ngupat. Apan ngupat téh dilarang ku agama. Komo tigebrus kana nyebarkeun pitnah mah! Komo lamun mitnah jalma anu teu tuah teu dosa ngalakukeun jinah. Mun teu bukti téh, hukumanana sarua jeung nu ngalakukeun jinahna sorangan, beuratna. Aya kahariwang, aya kamelang. Astagfirullohal’adim, ieu téh totondén naon atuh? Totondén ahir jaman kitu?
Enya baé, teu kungsi saminggu ti tas ngabringkeun Si Amin jeung Si Isah, nu ngaronda geus ngagerebeg deui nu keur otél. Ayeuna mah guru nu beunang téh. Pa Édi jeung Bu Ina. Digerebeg keur lalajo TV di kamar Bu Ina. Mémang geus lila dicurigana mah. Pa Édi téh sok katémbong balik peuting-peuting baé ti imah Bu Ina. Cenah keur migawé pancén sakola. Naha atuh bet aya émbohna, paduduaan di kamar? Cenah lalajo TV. Apan biasana ogé TV mah di kamar tengah? Balaham-béléhém. Sarua jeung enggeus-enggeus, terus baé dikawinkeun. Untungna téh sarua pada lalagasan. Katambah guru deuih. Jadi aya tinimbanganana, teu maké jeung kudu diabring-abring sagala. Cukup diréngsékeun di imah Lurah baé.
Ti dinya, pleng wé méh kana dua bulanna taya kajadian kitu deui. Masarakat sarieun rék migawé pagawéan nirca téh, meureun. Kahirupan sapopoé geus méh balik ka sabihara-sabihari deui. Arang nu tingkecewis. Atuh Si Ahdi, nu sacara teu resmi dianggap kapala detéktip husus nu kararitu, kawas nu rék pangsiun otomatis.
Nepi ka hiji mangsa, Si Ahdi nyampeurkeun ka Ustad Soléh, anu mémang natangga, pok nyarita, “Paingan atuh rahayatna rucah, da pamingpinna ogé teu waras, nya Pa Ustad?”
“Naon Ahdi? Saha nu teu waras téh?” ceuk Ustad Soléh nu keur maraban lauk di balongna.
“Har, Pa Ustad teu acan uninga kitu? Apan Pa Lurah téh kénging ku ronda tadi wengi!”
“Beunang kumaha?”
“Muhun kénging digerebeg nuju leleson dina lahunan Si Onah.”
“Ké, ké, can ngarti Bapa mah. Lurah téh digerebeg keur rucah jeung Si Onah?”
“Muhun, kitu lah kacindekanana mah.”
“Astagfirullohal’adim. Ceuk saha Ahdi?”
“Apan abdi anu ngagerebegna ogé Pa Ustad. Bada Isa téh abdi gégéléhéan, reup wé mondok. Kinten-kinten tabuh sapuluh, aya Si Utay ngahudangkeun. Manawi téh aya naon. Ari hég anjeunna nuju ngaronda, tepang sareng Pa Lurah di leresan wates. Biasa wé silihtaros. Saurna mah badé néang cai. Si Utay curiga, maenya néang cai los-los ka wétan, apan sungapanana ogé palih kulon ti dinya mah. Sarengna deui, asa anéh wé cenah Pa Lurah néang cai sosoranganan. Diintip wé. Ti wates teras ngidul, na ari sup téh ka bumina Si Onah. Gura-giru wé Si Utay téh balik deui ka pos ronda. Teras néang abdi …. Dongkap ka ditu téh, muhun wé. Pa Lurah nuju ngedeng dina pingping Si Onah. Ku abdi diintip heula tina bilik. Tos kitu mah, ah, langsung wé digerebeg, teu tiasa mingé deui.”
“Astagfirullohal’adim. Enya peuting téh ngadéngé nu rebut-ribut. Sugan téh lain Lurah atuh. Rék ditanyakeun ka Si Ondin, teu katémbong salat subuh tadi téh.
“Mang Ondin mah apan sareng abdi di ditu, di balé désa, ngajagi Pa Lurah sareng Si Onahna wé sakalian dibandang. Nembé dongkap abdi gé ieu téh.”
“Nepi ka kituna Lurah!”
“Da ari karaos aya rusiahna mah ti kapungkur Pa Ustad, seueur anu terangeunanan ogé. Mung teu acan aya buktos. Nembé wengi …. Abdi gé badé ka ditu deui, nyelang mandi heula ieu téh. Mang Ondin mah di ditu kénéh. Keun da tos aya Pa Kopral nembé téh.”
“Lurah gé rék diabringkeun nya, Ahdi?”
“Atuh kantenan wé. Diésék-ésékkeun ku Pa Kopral mah. Nurus tunjung, saurna téh, tayoh ka patutna. Jadi pamingpin téh lain nyontoan bener, ieu mah kalah mirucaan teu balég. Sarua jeung ngahucuhkeun rahayat kana lampah teu balég éta téh.”
“Dikitukeun ku Pa Kopral? Kumaha ari Lurahna?”
“Ah, nya ngeluk wé, da rumaos lepat panginten. Malah saur Pa Kopral mah, diabringkeunana ogé kedah bari dikendangan. Kedah aya undakna, apan anu ngadamel aturan kitu ogé, Lurah kapungkur téh. Tamiang meulit kana bitis namina téh nya, Pa Ustad?” ceuk Si Ahdi bari turun ka tampian.
“Emh, nepi ka kituna Lurah,” ceuk Ustad Soléh, halon, ngusap beungeut bari ngucap, “Astagfirullohal’adim.”
Méméh lohor, Ustad Soléh ngajanteng hareupeun jandéla tajugna. Nyérangkeun anu ngaleut ngabringkeun Lurah jeung Si Onah, nu ukur maké pakéan jero. Dikendangan ku Si Dayat. Sakapeung tepak kendangna téh dijaipongkeun. Barudak mah ay anu ngéngklak sagala. Ari Lurah tungkul, alum, teu katémbong urut-urutna jalma anu capétang perténtang pinter nyarita téh. Si Onah pon kitu deui. Ras ka anak pamajikanana. Tada teuing nyerieun haténa Bu Lurah. Nyeri haté ku dua ku tilu. Pangpangna mah ku polah salakina.
“Astagfirullohal’adim.”
Naha atuh bet nirca anjeun téh Lurah? Teu nyaho yén anjeun téh pamingpin? Umaro, anu kuduna mah paheuyeuk-heuyeuk leungeun jeung ulama ngawangun masarakat anu adil mahmur. Asa mindeng, boh diba hutbah Juma’ah, boh upama aya Muludan atawa Rajaban, nerangkeun yén umaro jeung ulama téh mangrupa dwitunggal tanjeur masarakat. Mun salahsahiji tanjeurna bobo, rék bisa ajeg kumaha atuh masarakat téh? Asa mindeng, pangpangna mah dina bulan Rajab, ngélingan ku lalakon Isro jeung Mi’rajna Kangjeng Nabi. Apan dina lalampahanana téh kungsi manggihan jalma anu ngadaharan daging atah, boh awéwé boh lalaki. Saur Malaikat Jibril, éta téh jalma anu mondok bareng, boh awéwé boh lalaki, jeung nu lain muhrim. Ku anjeun dipilampah duanana, Lurah. Ngarempak aturan darigama jeung agama. Ngarempak aturan hirup kumbuh jeung larangan Alloh.
“Astagfirullohal’adim,” ceuk Ustad Soléh, sadar tina galécok haténa. “Mugi Anjeun maparin hidayah ka maranéhna.”
Sanggeus éta kajadian, Lurah dipocot tina kalungguhanana, dumasar kana kasaluyuan warga masarakat. Minangka gagantina, Pa Wakil jadi pejabat sementara Kepala Désa, nepi ka pilihan Lurah engké. Ari Lurah manten, dikawinkeun jeung Si Onah. Pamajikanana ogé, Bu Lurah, ménta diserahkeun. Taya alesan pikeun baha, da puguh lantaranana, kuat alesanana paménta Bu Lurah téh. Salakina nyolowédor.
Pa Lurah manten terus baé pindah ka lembur séjén, kahayangna sorangan. Da euweuh saurang ogé anu nitah pindah atawa ngajurung-jurung supaya ninggalkeun lemburna sorangan. Anak-anakna, tiluanana ogé milu jeung indungna.
3
Kahirupan lumangsung biasa deui. Ngan ayeuna mah beuki mindeng baé aya jalma anu digerebeg téh. Mun lanjang jeung bujang, dikawinkeun, tara ieuh diabringkeun. Tapi mun nu geus rumah tangga, kacerek deleg keur milampah pagawéan nirca, diémbohan ku diabringkeun barisatengah bulucun. Ngurilingan lembur bari dikendangan ayeuna mah. Hukuman téh pikeun nu séjén mah bet kawas hiburan baé.
“Pa Ustad badé nongton pawéy?” ceuk Si Ahdi bari tuturubun turun ti tajug.
“Si Éman nya ayeuna mah nu beunang téh?”
“Muhun, abong anjing kampong atuda, dihayoh-hayoh kana bistik ogé, ari dileupaskeun mah ceg deui wé kana waduk!” ceuk Si Ahdi bari nyéréngéh.
“Geuning geus mimiti,” ceuk Si Ahdi bari déngdék-déngdék baé ngadédéngékeun nu gembrang-gembrung. Belecet lumpat.
Si Éman téh geus balik ti Jakartana, da pagawéanana geus réngsé. Balikna ngaligincing wé, sorangan. Cenah pamajikanana bobogohan deui jeung nu séjén. Ku Si Éman ditalak. Omongna mah ditalak tilu sakalian, da biheung panggih deui biheung moal. Duda, da pamajikanana nu tiheula, Si Inén, geus bumén-bumén jeung Si Otang. Si Éman kacerek deleg waktu keur indehoy jeung Si Isah, anu keur ditinggalkeun ku salakina nagihan ka unggal lembur, ma’lum atuh tukang kiridit.
Nu gembrang-gembrung bari ayeuh-ayeuhan, geus rék ngaliwat ka tajug Ustad Soléh. Ustad Soléh geus nangtung hareupeun jandéla tajug. Teu kungsi lila, hol abringan anu ngendangan sakitan téh, bari aréak-éakan. Paingan atuh, da lain anu ngabringkeunana baé anu ngéngklak téh, sakitanana ogé, Si Éman jeung Si Isah milu ngéngklak deuih. Dina tepak kendang jaipongan.
“Blaktukna sing merenah atuh, euy!” ceuk salahsaurang ka Si Éman. Ku Si Dayat nu ngendangan, hayoh baé diblaktuk-blaktuk. Ngeplos deui, ngeplos deui nu ngigelanana mah. Abong nu ngigel kapaksa. Nu nénjo ager-ageran.
“Gitekna atuh, gitekna!”
Si Éman ngagitek, teu nincak wirahma. Nu nénjo akey-akeyan.
“Si Isah sina ngagitek atuh! Ngagitek Isah, hayoh ngagitek kainyah! Ulah ngan keur Si Éman baé ngagitek téh atuh, uing gé hayang nyaho gitek manéh!”
Si Isah ngagitek.
“Maenya kitu?”
“Ulah jauh teuing! Sina padeukeut ngigelna!”
Si Éman jeung Si Isah dideukeutkeun. Nu nénjo teu weléh seuri.
“Blaktukna ding nepi antel siah!”
“Pahareup-hareup, hayoh pahareup-hareup!”
“Batur gé hayang nyaho sia blaktuk jeung Si Éman, Isah!”
“Heueuh, ulah hayang di kamar baé blaktuk téh!”
Nu ngaromong teu puguh kadéngéna. Masing-masing hayang méré koméntar. Aya anu mangkarunyakeun, aya ogé anu mupuas. Lolobana mah anu nyeungseurikeun. Ustad Soléh anu nyérangkeun tina jandéla tajug ogé kapiasem tadina mah. Luk tungkul, paromanna alum.
“Astagfirullohal’adim,” ngusap beungeut bari gogodeg. “Barurung sugan jelema téh! Nu salah diéngklakan, nu boga dosa sina ngéngklak. Beu, totondén ahir jaman kitu ieu téh?”
Si Ahdi cuh-cih ngatur barisan, pangpangna mah barudak anu milu ngéngklak.
“Ngigelna ulah bari ngaheureuyan batur atuh!” omongna.
“Manéh deuih, ulah bari heureuy, bisi cilaka!”
Narurut ka Si Ahdi mah. Mémang, ti saprak loba kajadian nu diabringkeun kitu, pamor Si Ahdi jadi ngajaul. Dianggap kokolot pamuda ieu lembur ayeuna mah manéhna téh. Lain baé dina sual nu kararitu. Éta wé basa aya paréntah kudu aya organisasi Karang Taruna di désa, apan méh kabéh nunjuk ka Si Ahdi pikeun jadi ketuana. Tapi teu sakabéh suka nénjo ngajaulna pamor Si Ahdi téh, aya ogé nu teu sukaeun. Nu katémbong terang-terangan mah, Si Jaja. Si Jaja sabatur-batur teu weléh néangan kasalahan Si Ahdi. Geus puguh ari caritaan mah. Manéhna anu nyebarkeun carita yén Si Ahdi ogé kungsi kapanggih kaluar ti imahna Si Katiah peuting-peuting. Éta béja tepi ka Ustad Soléh.
“Astagfirullohal’adim. Mun enya téh, euweuh sahulueun ….”
Ustad Soléh kungsi nanyakeun éta hal ka jinisna. Si Ahdi susumpahan, teu ngaku. Mémang kungsi ka lebag dinya mah, ti peuting. Tapi da lain rék nganjang ka Si Kartiah, puguh nuturkeun jelema anu pikacurigaeun.
“Rigigna mah sapertos di Jéjén.”
“Lanceukna Si Jaja?”
“Muhun, namung leungiteun tapak abdi téh.”
Ustad Soléh ngahuleng. Éta jeung batur salembur, jeung papada batur ulin, nepi ka silihcuriga kitu. Padahal, Si Ahdi jeung Si Jéjén téh, ari bau-bau sinduk baé mah aya. Kasebut dulur, najan geus laér ogé.
Nepi ka hiji mangsa, rék salar subuh.
“Si Ahdi beunang,” ceuk Mang Ondin ka Ustad Soléh.
“Saha Ondin?”
“Si Ahdi, kacerek keur di pipir imah Si Kartiah.”
“Astagfirullohal’adim.”
“Sanggem Si Jaja mah, Si Ahdi téh badé lebet pisan ka dapur Si Kartiah ….”
“Ceuk saha?”
“Si Jaja.”
“Oh, Si Jaja.” Ustad Soléh unggut-unggutan.
“Muhun, sanggemna téh badé lebet pisan kagareuwahkeun. Badé lumpat, teu aya jalan da tos dikepung. Ti kidul Si Éman, ti kalér Si Jéjén. Badé mundur, apan jungkrang di dinya mah. Diraponan wé ku tiluan, teu tiasa mingé deui. Nya dicandak wé ka balé désa.”
“Ari Si Kartiahna kumaha?”
“Wengi gé teras diala. Ditaros téh, muhun sanggemna, parantos aya jangji sareng Si Ahdi. Sanaos Si Ahdi susumpahan ogé, teu ngaku, teu tiasa majar kumaha, da ari jalmi mah guru bukti apan.”
“Astagfirullohal’adim. Nepi ka kituna Si Ahdi,” ceuk Ustad Soléh, “Manéh percaya, Ondin?”
“Puguh gé percanten teu percanten. Percantenna da aya saksi, malah sareng susumpahan sagala sadayana ogé. Ari teu percantenna, muhun da sanés sakatiga atuh kenal sareng Si Ahdi téh. Asa tetebiheun kana kitu. Komo sareng Si Kartiah, enya ogé aya rupa, da tos pada apal kana kalakuanana atuh, nu mawi sok cruk-crek ogé. Sedeng Si Ahdi, kitu-kitu ogé cegékan, teu resepeun pisan ka nu kararitu téh.”
“Ari ayeuna kumaha? Rék diabringkeun deuih?”
“Nya muhun, wengi téh kitu. Sanggem Si Ahdi téh, diabringkeun mah heug baé, najan dua poé dua peuting ogé, ngan laum aing kudu kawin jeung Si Kartiah, kajeun narohkeun pati. Najis teuing kudu kawin jeung tukang pitenah, awéwé palacuran, kitu sanggemna téh,” ceuk Mang Ondin. “Kawitna mah nu tiluan téh maksa, kudu dikawinkeun baé, namung Si Ahdi ngancam, lamun kudu kawin baé jeung Si Kartiah, heug, tapi saméméh kawin urang ijén heula jeung aing nepi ka ay anu paéh. Saha wé ieu mah. Rék Si Jaja, rék Éman, rék Si Jéjén, ku aing moal dipanglumpatkeun. Dikitukeun mah jarempé.”
“Astagfirullohal’adim. Emh, nepi ka kituna ….”
Wanci pecat sawed, jelema geus ngagimbung di balé désa, rék ngabringkeun Si Ahdi.
“Geus siap ieu téh?” ceuk Pa Kopral.
“Ké, tukang tarompétna can datang,” ceuk Si Dayat.
“Na maké ditarompétan sagala? Prak tabeuh wé atuh!” ceuk Si Jaja.
“Kumaha aing wé atuh, Kaja, aing apan nu rék dikendanganana ogé!” ceuk Si Ahdi nu geus buligir, ukur maké calana jero. Paromanna teu kaciri alum. Malah siga nu hayang ngahajakeun ka Si Jaja sabatur-batur. Anu matak basa peuting ngaharéwos ka Si Dayat, dina waktuna, kudu dkumplitan tatabeuhan téh. Ulah kendang indung jeung kempul wungkul. Kendang kudu kumplit, indung jeung rincikna ditambah kulantérna sakalian. Kempul jeung goong, ketuk, ditambah ku tarompét. Si Dayat nyanggupan.
Torojol Mang Ocim mawa tarompét.
“Tah, geuning datang. Sia gigreun aing cicingna Kartiah!” ceuk Si Ahdi. “Prung, ah! Minangka bubukana, Kembang Gadung, Mang!”
Térétét Mang Ocim ngalagukeun Kembang Gadung. Si Dayat ngendangan ku tepak kendang jaipongan, Si Utay ngagoongan, Si Umam kendang leutik, ketukna ku Si Édod. Can ay anu ngigelan, sabab keur urang kalér mah Kembang Gadung téh minangka sanduk-sanduk, teu meunang aya nu ngigelan. Réngsé Kembang Gadung.
“Ayun Ambing, Mang! Kadé sia Utay, ulah ngeplos deui ngagoongan téh!” ceuk Si Ahdi. Si Utay nyéréngéh. Térétét Ayun Ambing.
“Mangga ka payun Jang Ahdi!” ceuk Si Édod.
Si Ahdi ngigel, dingeunah-ngeunah. Teu kapalang gélo. Salila ngigel téh maké jeung ngadegung-degungkeun sirah Si Kartiah sagala, meneran jeung plaktukna. Nu lalajo sareuri.
“Ganti euy ku kendang penca, asa geus lila henteu ulin!” ceuk Si Ahdi. “Tepak tilu, Yat!”
Pakdudingkleung tepak tilu. Si Ahdi meta, bari angger ngaheureuyan Si Kartiah. Dicabakan bujurna, didegungkeun sirahna. Si Kartiah ngégél biwir nahan piceurikeun. Si Ahdi terus menca. Sakapeung dina gerak nangtang ménta lawan, peureupna buleud-buleud baé disanghareupkeun ka Si Jaja, Si Éman, atawa Si Jéjén.
“Lawan, Ja, lawan!” ceuk Si Utay. Si Jaja rampang-reumpeung.
“Hayam kabiri, euy, hayam kabiri!”
Ayeuna mah anu penca téh lain Si Ahdi baé. Babaturan Si Ahdi ogé milu parenca. Pahibut wé. Lain baé milu ngareuah-reuah. Tapi sakapeung mah bari nyiku, nyigeung, atawa ngabadug Si Jaja, Si Éman, atawa Si Jéjén. Nu tiluan teu wani ngalawan, sabab balad Si Ahdi leuwih loba. Si Kartiah mah komo, teuing sabaraha kali menerkeun sampingna ogé, morosot aya nu ngabetot.
Nu lalajo beuki ayeuh-ayeuhan. Si Ahdi beuki motah. Nu tiluan beuki ngeluk. Si Kartiah inghak-inghakan, terusna mah ceurik tarik.
“Méwék siah!” ceuk Si Ahdi bari ngadegungkeun sirah Si Kartiah.
“Astagfirullohal’adim,” ceuk Ustad Soléh anu nyérangkeun tina jandéla tajug. “Meni ka hésé ngabédakeunana mana anu salah jeung mana anu bener.”
Saha saenyana anu diabringkeun téh? Si Ahdi jeung Si Kartiah? Atawa Si Jaja, Si Éman, Si Jéjén, jeung Si Kartiah? Da geuning Si Ahdi mah kalah motah. Balikanan anu opatan, kawas bueuk beunang mabuk téh lain bohong.
“Nyaan, geus témbong tanda-tanda ahir jaman téh. Geus hésé ngabédakeunana anu salah jeung anu bener. Nu salah bisa meunang ganjaran, anu bener bisa meunang hukuman. Jelema téh geus teu maké deui kana papagon bener jeung salah, boa. Dapon dirina senang baé. Nu salah bisa dirugal-rigel nepi ka bisa dianggap bener. Naon atuh ukuran salah jeung bener jalam ayeuna?” pikiran Ustad Soléh norowéco. “Kawasna mah geus lain papagon agama ….”
Tatabeuhan beuki motah, kadéngéna téh. Ustad Soléh sujud dina paimbaran tajugna.
“Astagfirullohal’adim. Mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya. Sareng mugi Gusti maparin hidayah ka abdi sadaya ….”
Isola, 1991
(Dicutat tina Manglé No. 1316)

0 komentar:

Posting Komentar