twitter





Wanci geus nyedek ka tengah peuting. Lembur caringin asa beuki simpe. Estuning rehe combrek. Ukur sakali-kali kadenge sora mobil atawa motor anu pareng ngalalar. Lian ti eta mah taya deui sora nanaon. Rajeun aya oge sasatoan sabangsaning bueuk atawa bebenca, disadana kalah matak jadi muringkak bulu punduk. Kaayaan mutuh matak pikakeueungeun. Keur mah kaayaan di luar mani poek mongkleng, alatan pareum listrik geus aya kana sajamna. Jaba ti wanci magrib mula, hujan ngaririncik meh taya rerepna. Lumrah pisan lamun jalma pada mugen kaluar ti imahna sewang-sewangan. Ngeunahna oge diharudum simbut bari ngadedempes dina enggon. Anu kabagean tugas ngaronda oge, peuting ieu mah kawas anu meunang ngabadamian  kuring bae. Taya saurang-urang acan anu daekeun ka luar. Lamun di lembur kuring mah, wanci kieu teh sok tingkalentreng nakolan sabangsaning kaleng butut, atawa pager imah.
Kuring masih keneh nyileuk. Panon mah taya kabosen, ngulincer ka sakuriling rohangan kamar sare. Cahaya lilin kokolebatan, katebak ku angin anu sakapeung moncor kana luhureun kaca jandela. Kilang kitu, najan runyem-runyem oge, cahaya lilin bisa nyaangan kamar anu ukuranana teu pati lega. Ukur bisa dipake merenahkeun hiji ranjang jeung hiji lomari leutik. Kitu oge semu anu dipaksakeun naker. Karasana matak duk-dek pisan. Kalintang jauhna jeung kaayaan kamar di imah kuring, anu kawilang lega jeung matak tumaninah. Eusina oge pepek ku barang-barang elektronik anu rada mewah. Tapi aneh pisan, kuring ngarasa betah cicing di ieu kamar.
Kakara peuting ieu, kuring mecakan sare dina enggonna. Asa ayem jeung tengtrem. Teuing lamun pedah di gigireun kuring aya Yulis, anu sasatna jadi kembang panyileukan kuring unggal mangsa. Sirahna nyangsaya dina dada. Kuring ngaranggeum ramo-ramona semu diusapan. Hanjakalna kuring teu pati eces nengetan paromanna. Ukur kareungeu sora renghapna anu karasa ngahaneutan kana sakujur awak.
Lalaunan, leungeun kuring ngarampa kana lebah beuteungna. Karasa nambah ngagedean deui. Lamun teu salah mah, saminggu deui oge kandungan Yulis teh jangkep opat bulan.
“Akang bade nyaah ka ieu murangkalih?” pokna bari ngulisik. Horeng manehna tacan sare. Kawasna mah tatadi mula oge ukur peupeureum asu. Tapi teuing ketah, lamun kagareuwahkeun ku kuring mah.
“Tangtos atuh Lis,” tembal teh rada heureut. Celengok nyium tarangna kalayan geugeut naker.
“Nyaan?” Yulis nanya deui, semu ngaharewos. Biwirna meh adek kana cepil.
“Iraha atuh akang ngabohongan Yulis?” ceuk kuring bari ngarapetkeun awakna. Ngajadikeun manehna oge teu daekeun nanya deui. Kalah ngahephep dina rangkulan kuring. Buukna anu pakusut, diusapan pinuh ku rasa kadeudeuh. Nyaah pisan ka Yulis teh. Malah asa kakara ayeuna, kuring manggihan hiji rasa asih anu kalintang beda jeung samemehna.
Hawar-hawar kadenge sora kongkorongok hayam jago. Padahal mah jarum jam pondok oge kakara nunjuk kana angka duabelas. Teuing kumaha mimitina, hate kuring jadi tingsareblak bari teu puguh rarasaaan. Ngarakacak jeung rus-ras kana lalampahan anu geus disorang, keur disorang, tur anu baris disorang. Teuing rek kumaha carita pamustunganana. Nu eces mah tadi beurang, kuring geus ngabejer beaskeun sagala rupa paniatan kuring ka Ema.
“Sukur, ari  geus boga pamikiran ka lebah dinya mah. Memang umur tujuh likur mah, geus waktuna pisan mikiran kawin. Saha jeung urang mana awewena?” mimitina Ema nyarita semu anu bungaheun naker.
“Yulis, Ma. Urang Caringin,” tembal teh bari ngarenghap rada panjang.
“Ah, Ema mah ka sasaha jeung ka urang mana bae oge, pasti doa. Anu penting mah balener weh,” kitu pokna, ngalantarankeun hate kuring jadi bungangang. Hanjakalna ukur sakedet netra. Kuring kaburu inget kana kaayaan Yulis, anu hese pisan rek dicaritakeun ka Ema.
“Tapi, Ma, euh, Yulis teh…” keukeuh asa-asa bae rek balaka teh. Bet heurin ku letah.
“Aya naon? Sok bae terus terang, ari aya pasualan mah!” Ema jadi kerung, kawasna mah mimiti panasaran kana rusiah anu disamunikeun ku kuring.
“Yulis teh nuju kakandungan, Ma,” antukna kuring balaka satarabasna. Batan disidem bae, kalah matak jadi rudet kana pipikiran. Puguh bae Ema mani ngaranjug. Sakedapan mah kalah molohok mata simeuteun. Sorot panonna bangun anu nyidem rasa handeueul anu taya hinggana. Pon kitu deui, paroman anu asalna bear marahmay teh, sakedet netra oge jadi kuraweud haseum.
“Teu salah eta teh?” sigana mah Ema hayang ngayakinkeun kalayan leuwih eces.
“Henteu, Ma,” tembal teh bari ngeluk tungkul.
“Hanjakal pisan atuh. Geuning maneh teh henteu bisa ngadalikeun hawa napsu. Kuduna mah sing sabar bae, nepi ka nincak kana mangsana anu dihalalkeun ku agama jeung darigama. Abong barudak ayeuna mah…” kitu pokna, ditungtungan ku humandeuar.
“Ma, abdi mah teu ngalakukeun anu kitu!”
“Ari eunggeus, na ku saha atuh kakandunganana?”
“Nya…pokona mah sanes ku abdi,”
“Oh, jadi maneh teh rek dijieun paneumbleuhan tina geugeuleuh batur? Katempuhan buntut maung tea ana kitu mah. Teu sudi teuing, Ema kudu boga minantu anu kalakuanana nirca kawas kitu!”
“Ma, Yulis mah henteu lepat!”
“Teu salah kumaha? Sidik bukti pisan. Apan eta teh ladang tina kalakuanana, lin?!”
“Aduh, Ema. Mugi ulah lepat sangki ka Yulis. Yulis mah kakandunganna oge sanes tina hasil padamelan anu nista. Yulis mah…”
“Aya anu ngagadabah?” Ema rada reuwaseun.
“Sanes, Ma. Yulis teh kakandungan ku carogena,”
“Salakina?”
“Leres, Ma. Namung hanjakal, basa Yulis nembe kakandungan sasasih, salakina ngiles duka ka mana. Dugi ka ayeuna oge teu aya laratanana pisan,”
“Tapi satungtung tacan ragrag talak mah, tetep bae masih keneh sah jadi salaki pamajikan,”
“Upami nurutkeun aturan administratip mah memang leres. Namung ari numutkeun agama mah apan tos sanes deui,” kuring rada nyanyahoanan.
“Naon alesanana?”
“Salami ieu, Yulis teu dipasihan napkah lair sareng batin,” ceuk kuring kalawan tandes. Sabab apal pisan kana kaayaan Yulis anu diganggayong. Dikungkun teu diawur, cicangcang teu diparab.
“Yeuh, bisi maneh hayang apal, awewe anu keur kakandungan mah teu meunang diceraikeun, jeung teu meunang dikawin, ngarti!”
“Ngartos, Ma. Abdi oge bade ngantosan jabang bayina lahir heula. Tos kitu, nembe abdi bade nikah,”
“Pikirkeun heula sing asak-asak. Ulah kejot borosot kitu bae. Bising kaduhung di jagana. Jeungna deui, kawas lain bujang bae maneh teh. Rupa teu meuli, jaba pagawean oge apan boga. Moal enya euweuh parawan anu daekeun mah. Lamun perelu, ku Ema dipangneangankeun. Daek ka Neng Lina?”ceuk Ema semu anu daria naker.
“Alim, Ma. Kanyaah abdi tos tamplok ka Yulis. Mugi Ema ngawidian. Sareng deui, mudah-mudahan anu baris dilakukeun ku abdi teh tiasa janten hiiji ibadah.” Ceuk kuring kalayan yakin pisan. Ari Ema mah teu nembalan, kalah mengpeos ka dapur. Najan kumaha bae, tina pasemonna katembong emu anu teu panuju. Tapi paniatan kuring geus panceg. Ku kira-kira, hamo aya anu bisa ngahalangan sasaha oge. Sanajan sagala rupa omongan Ema matak gantung dengeeun, moal matak mugagkeun kana paniatan kuring pikeun mileuleuheungkeun Yulis. Kuring ihlas jeung rido. Pedah eta, ayeuna Yulis keur dina kaayaan kakandungan, paduli teuing batur rek nyarita nanaon oge. Anu penting mah, hate kuring balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan.
*
Lembur Caringin teh rada anggang ti lembur kuring. Memang sakabupaten, tapi lembur Caringin mah perenahna di kacamatan anu pangjolokna. Beunang disebutkeun arang langka, kuring nincakeun suku ka Caringin teh. Basa satengah taun katukang oge, henteu ngahaja-haja ka Caringin teh. Ukur nganteur tim volli bal awewe, anu rek ‘pertandingan persahabatan’ jeung tim volli bal Caringin. Eta oge daek soteh pedah kapaksa, bubuhan mobil bak anu sasarina dipake ngangkut pamaen, harita kabeneran keur mogok. Cacakan lamun lain Neng Lina mah anu ngurihitna, kawasna kuring moal daek. Keur mah loba anu balanja, katurug-turug sirah oge rada rarieut.
Tapi sanggeus volli dimimitian, kuring ngadadak cenghar. Panon oge teu lesot, manco ka lapang. Lain pedah resep kana maenna, da ti baheula oge kuring mah rada mumul kana lalajo olahraga.  Geus karuhan deui, ari olahragana mah tara pisan. Waktu kuring mah beak dipake nguruskeun matrial anu ngan hiji-hijina di lembur. Capena nataku, bororaah hayang olahraga jiga batur. Paling oge lamun keur mangsana rineh teh, sok dipake lalajo tivi, atawa ngadengekeun lagu dina radio.
Basa salah sahiji pamaen ti Caringin nyemes bal, hate kuring mani nyeblak. Sabab tatadi mula oge, panon kuring mah ukur neuteup ka eta pamaen. Teuing saha ngaranana, kawantu dina kaosna oge, ukur aya nomber anu ngajeblag lebah tonggongna, angka tilubelas. Sajabana ti pangmencrangna teh, katambah maenna oge hade pisan. Tangtunganna oge kawasna mah pangjangkungna, mapaesan potonganana anu nyanding cara biola. Buukna anu hideung meles, dibeungkeut kalayan digelungkeun. Kawasna lamun dirumbaykeun, panjangna bakal nepi ka samet cangkeng. Pakulitanna anu koneng umyang, matak geregeteun hayang ngusap. Sanajan ngoprot ku kesang, tapi teu matak ngaganggu kana kamulusanana. Keur mah kahandapna make kostim  pondok,  sajeungkal luhureun tuur. Mun pareng katojo panon poe, mani ngagurilap bangun semu leueur. Basa bieu nyemes bal bari ngajleng, bajuna rada nyingkap ka luhur. Nembongkeun pakulitanna anu nyamuni. Matak serab ningalina, cacakan ukur sakedet netra. Ah, pokona mah taya cawadeunana pamaen nomer tilubelas teh. Carek paribasana, geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina.
Kungsi sakali mangsa, manehna ngareret sajorelatan ka kuring. Ngajadikeun hate jadi ratug tutunggulan, jeung ngararey sakujur awak. Kahayang mah manehna ngareret sakali deui bari rada lila. Rek buru-buru dikiceupan, atawa diajak imut. Hanjakalna nu dianti-anti teh henteu kajadian bae. Kalah teu kanyahoan ti anggalna, ujug-ujug aya bal anu nyasab kana sirah kuring. Jebrod, bangkieung, meh bae kuring ngagubrag, saupama teu bisa ngadalikeun awak mah. Untung pisan, teu pati kaeraan.
“Punten, A!” aya anu ngagorowok ti tengah lapang. Barang dilieuk, hate nyeblak ngadua kalian. Horeng manehna pisan, anu ngalantarankeun bal neumbrag sirah kuring teh. Tayohna mah kasalahan tehnik meureunan. Atuda kuring mah teu pati malire kana bal. Matak basa bal ngabelesur ka lebah kuring oge, panon kuring mah apan keur manco kana lebah bitis manehna.
“Wi…wios…” tembal teh bari rada teu puguh rarasaan. Teu wudu ari beungeut mah mani asa ngandelan. Sabab meh sakabeh pamaen jeung anu lalajo, panonna mani tamplok ka kuring. Anu nyerengeh semu ngalelece oge, sigana mah aya. Tapi teu pati dijieun bahan pamikiran.
Basa dina set katilu kaayaan skor geus 15-19, kuring meres uteuk sangkan bisa ‘nyambung’ ka Si Mencrang. Ret ka gigireun, hiji lalaki keur anteng lalajo. Dipapantes, umurna moal jauh ti dalapan belas taun, atawa paling oge sakola keneh di  SMU.
“Ari Encep, urang Caringin?” kuring ujug-ujug dibere wani tumanya ka manehna.
“Sumuhun, A,” tembalna darehdeh naker. Kabeneran pisan, sigana bakal bisa dibawa badami.
“Osok nyesep?” ceuk kuring deui bari ngasongkeun roko. Ngahaja, dipancing heula, ngarah leuwih loma.
“Hatur nuhun, A,” tembalna bari nampanan bungkus roko. Kop, nyokot sabatang, tuluy cangkangna dibikeun deui ka kuring. Korek apina mah manehna ngodok sorangan tina jero pesakna. Tapi sidik ari rokona mah memang siga anu teu bogaeun, da tatadi mula oge manyun bae.
“Ari itu, anu nomer tilubelas, saha namina nya?” tanya kuring, langsung ka nu dituju ti anggalna.
“Teh Yulis, anu bumina palih ditu,” tembalna. Make jeung tuluy nuduhkeun imahna sagala rupa. Puguh bae, panon kuring nuturkeun curukna anu nojo ka beulah kiduleun lapang. Hiji imah anu ukuranana teu pati gede. Buruanana dipinuhan ku mangrupa kekembangan. Endah tur resik katingalina, matak seger lamun pareng niis dina bangbarung.
Nepi ka rengsena maen voli, wangkongan teh rada panjang lebar. Teuing pedah geus dicocok ku roko, manehna teu asa-asa nyaritakeun Yulis. Siga anu ngartieun ka nu nyangkaruk dina hate kuring. Puguh bae katarimakeun pisan. Samemeh amitan oge, kuring teu ngarasa lebar, mere roko sabungkus ka manehna. Komo deui manehna teu nampik, basa dipihapean ‘kartu nama’ kuring keur Yulis.
Hanjakal pisan, basa kuring geus naek kana mobil, kareret Yulis ngawangkong jeung hiji lalaki. Malah satuluyna Yulis dikaleng, ninggalkeun lapang voli. Heab, hate ngadadak jadi panas. Nyel, ambek ka diri sorangan. Kaduhung geus mihape kartu nama ka budak lalaki anu bieu. Cacakan lamun bisa keneh disusul mah, kartu nama teh hayang dibawa deui. Moal jadi dipihapekeunana. Tapi budakna oge geus ngiles teuing ka mana. Taya deui harepan pikeun meunangkeun Yulis. Nu aya kari rasa handeueul, keuheul, cua, ijid, jeung sabangsana. Ngajalankeun mobil oge nyeak pisan. Teu malire ka nu tumpakna, sanajan sapanjang jalan loba anu tingkoceak tur tingjarerit. Jeun teuing ceuk pikir teh. Taya hiji-hiji acan, anu nyahoeun kana kajadian anu tumiba ka diri kuring.
*
Asa cangcaya mimitina mah, basa sabulan katukang aya Yulis datang ka matrial. Tapi da sidik lain ngimpi. Yulis bener-bener diuk hareupeun kuring, bari ngeluk tungkul semu anu keur nandangan tunggara. Kilang kitu, kageulisanana  tetep mancer tina paroman anu unggal mangsa ngeusian kongkolak panon hate kuring. Mimitina Yulis semu anu asa-asaeun rek nyarita teh. Tapi antukna mah, manehna ngabarabatkeun lalampahanana anu matak ginggiapeun. Enya, Yulis ditinggalkeun ku salakina, basa keur kakandungan sabulan. Rek nyusul, nyusul ka mana. Da puguh kaayaan salakina oge jamburaya. Ngakuna oge, urang Sebrang cenah mah.
Cimata Yulis nyalangkrung, maseuhan dua pipina anu limit. Kahayang mah leungeun kuring mangnyususutankeun, hanjakalna can pati wani. Aya rasa kadeudeuh anu nyaliara dina satungkebing hate. Nungtun biwir kuring kedal ucap, pikeun ningtrimkeun hatena. Ucap asih anu salila ieu, ukur bisa dipendem dina sagara hate. Najan kaayaanana geus beda, tapi kanyaah tur kadeudeuh kuring henteu nepi ka jadi robah.
“Sing sabar bae, Lis. Upami Yulis nampi, Akang nu bakal tanggeng waler kana sagala rupina. Ulah salempang, Lis, margi Akang nyaah ka Yulis.” Kitu aritaan panungtungan kuring teh. Ngalantarankeun Yulis teu asa-asa deui, jol ngagabrug bari ngagukguk ceurik. Cimatana maseuhan taktak kuring. Bet asa ngarumas pisan, tapi hate kuring dilimpudan ku rasa kabagjaan anu taya hinggana.
 Ti harita pisan, kuring mindeng ngalongokan Yulis ka Caringin. Sagala rupa waragad kahirupanna ditanggung ku kuring. Kuring jeung Yulis geus paheut jangji, rek babarengan ngawangun rumah tangga. Tangtuna oge, sanggeus engke budakna lahir. Sakumaha kasapukan dua kolotna. Puguh bae, kuring teu wani nyieun peta anu matak nguciwakeun manehna. Satekah polah nyabar-nyabar karep, nganti mangsana anu baris datang. Lamun mangsana keur ngumbar asmara oge, paling ukur nepi ka silih galentoran dina korsi. Jajauheun sare sagebrug dina enggon mah. Cacakan meuting oge, can kungsi ngalaman.
*
Pangna peuting ieu sare di imah Yulis, lantaran ngarasa keuheul ku caritaan Ema. Pundung tea ti dituna mah kuring teh. Atuh Yulis katut dua kolotna oge, da teu ngarasa kabeuratan, basa kuring bebeja rek meuting teh. Kuring diperenahkeun di kamar hareup, misah pisan ti Yulis, anu sarena di kamar tengah. Tapi bubuhan kuring mah rada borangan, kari-kari ditambah ku listrik anu pareum. Kira-kira jam sabelas peuting,  kuring teu kuat ku keueung. Atuh kuring cengkat tina kasur. Tuluy ngeteyep ka kamar Yulis. Goledag dina tehel, anu diamparan ku samak.
Satadina mah kuring teh embung ngagareuwahkeun Yulis. Tapi kakara oge sababaraha menit, Yulis ngulisik. Tuluy nyampeurkeun kuring.
Naha bet ngalih, Kang?” pokna semu anu ngaharewos.
“Lis, punten pisan. Akang mah keueungan,” tembal teh bari rada reuwas. Inggis Yulis jadi ambekeun.
“Di luhur atuh kulemna,” Ceuk Yulis bari ngaranggeum ramo kuring. Basa kulitna paantel, karasa pisan haneut kalayan semu panas. Matak betah ngararasakeunana.
“Wios, di dieu bae,” kuring satekah polah nampik kana pangajak Yulis. Sanajan ari hate mah mani giak naker, hayang pisan sare di gigireun Yulis.
“Enggal! Asal teu kenging macem-macem bae!” Yulis ngenyang leungeun kuring. Atuh puguh, mani asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Sanggeus Yulis ngagoler deui dina enggon, kuring oge ngagoledag gigireunana. Mimitina mah, antara kuring jeung Yulis, diwatesan ku guguling.
Tapi ayeuna, Yulis mani pageuh pisan nangkeup awak kuring. Tara-tara ti sasarina, hate asa jadi beda rarasaan, make jeung ratug tuitunggulan. Sawangan kuring beuki manjangan, teuing ngapruk ka alam mana boa. Komo basa Yulis ngulisik, teu kahaja bajuna kasingkapkeun. Breh katingali pakulitan anu beresih tur mulus, taya cawadeunana. Ngadatangkeun geter-geter anu mahiwal. Nungtun pikir anu beuki ngarancabang. Kesang badag, kesang lembut, mimiti rarenung maseuhan awak. Hate jadi motah jeung guligah dina rasa gandrung. Lir aya anu neundeun piheuleut kana jeroning dada. Atuh satekah polah, kuring ngebutkerun totopong. Malah mandar henteu ngarempak palintangan.
“Niat ibadah, tong dikotoran ku pagawean anu nirca!” aya anu ngaharewos kana cepil katuhu.
“Naon salahna? Justru hal eta teh baris nimbulkeun kanyaah ka budak anu baris lahir!” ditema ku nu ngaharewos kana cepil kenca.
“Ulah! Dosa! Bakal cambal niat ibadah teh!”
“Kudu ketang! Ari milu nyorang mah, moal panasaran engke ngurus budak oge!”
“Ulah…”
“Kudu!” Kudu pisan! Bakal kaduhung, lamun henteu ngasaan teh!” Beuki nongtoreng bae anu ngaharewos kana cepil kenca. Malah kadengena oge geus lain ngaharewos deui. Tapi ceuceuleuweungan tarik naker.
Kuring cengkat lalaunan. Awak Yulis dibebenah, ngarah ngareunaheun cicingna. Yulis ngulisik deui. Panonna meletet semu anu ceuleuyeu. Cacakan hudang sare, katara sari-sari kageulisanna mancer bae. Abong geulis bawana ngajadi. Nu kieu meureun anu disebut alus laur hade ome teh. Nepi ka panon kuring oge, teu hayang leupas neuteup sabuleudan rupana, tur sakujur awakna anu sampulur. Sakedapan mah kuring kalah ngahuleng ngaraga meneng. Komo deui, basa aya pananya anu datangna tina jeroning hate leutik. Naha kuring teh bener-bener rek niat ibadah? Atawa kataji ku kageulisanana? Naha bakal daek, lamun Yulis henteu geulis?
Hayam jago beuki roong kongkorongok. Ampir patembalan ti saban imah. Tapi tacan kadenge aya sora anu ngaji tina sepeker masigit. Sasarina lamun di lembur kuring mah, kongkorongok hayam jago teh sok bareng jeung anu pahibut rek ka pasar. Tapi ayeuna mah, kalah dibarengan ku humarurungna Yulis, semu anu dipengkek.
“Akang mah ngotoran…” kitu pokna bari nginghak ceurik, kalayan siga anu ditahan.
“Wios atuh, Lis. Da bakal diurus ku akang ieuh.” Ceuk kuring bari ngagoledag gigireunana. Hate ngarasa sugema, najan awak karasana mani lalungse. Kesang oge ngoprot keneh. Biasana mah wanci kieu teh, kuring sok ngarasa tiris. Komo deui bari jeung awak anu teu ditutupan ku kaen salambar-lambar acan mah.
*
Wirahma gamelan, marengan sora sinden anu sorana halimpu. Kadengena mungguh matak hegar sabuana. Lenglang gumayang panyawang. Kawas kaayaan langit dina poe ieu, anu lenglang taya aling-aling. Asa beuki nambah kabagjaan, nyaliara dina satungkebing hate. Poe ieu pisan, cunduk kana waktu, ninggang kana mangsana, kuring mungkas mangsa lalagasan. Unggah ka bale nyungcung. Kalayan baris muka lambaran anyar dina kahirupan rumah tangga.
“Wilujeng…” kadenge aya sora awewe anu nyarita gigireun kuring. Barang dilieuk, breh hiji tangtungan anu geus moal bireuk deui dina panon kuring. Gebeg, kuring ngaranjung. Hate ngadadak patingsareblak, dibarung ku rasa anu marudah. Komo deui, basa neuteup budak orok anu keur diaisna.
“Kunaon, Kang?” Neng Lina ngaharewos. Awakna rapet pisan jeung kuring. Karasa baju pangantenna mani ngageleser kana kulit. Matak tingsariak kana rarasaan. Peuting engke, kuring baris nyanghareupan ‘malam pertama’ jeung Neng Lina, anu kakara bieu rengse disahkeun jadi pamajikan kuring.***

Peso Pangot, 2002

           
Dimuat dina Majalah Mangle, namung nomorna hilap deui. Manawi aya nu uninga, mugia lungsur galih ngawartosan. Hatur nuhun pisan.

0 komentar:

Posting Komentar