twitter





“Neng Opi, dunya teh buleud.” Ceuk kuring bari ngaranggeum ramo-ramona anu lemes. Langit lenglang taya aling-aling. Najan wanci geus nyedek ka tengah peuting, tapi kuring beuki anteng ngumbar rasa kaheman jeung Neng Opi. Dicaangan ku bulan sapasi jeung bentang anu ngabaranang.
“Abdi tos cape, Pi. Abdi cape nyorang ieu kahirupan. Wengi ieu, umur abdi jejeg duapuluh opat taun. Tapi abdi teu acan gaduh nanaon kanggo masa depan. Seueur pisan lengkah abdi anu kapiceun ku nyerelekna waktu. Kakara sadar, abdi teh salah jalan geuningan, Pi. Abdi egois.  Abdi sombong. Duka kedah kumaha abdi mayunan sesa-sesa kahirupan abdi ayeuna. Sesa…” teu kebat caritaan teh, sabab aya sora ngirining tina kantong Opi. Sigana mah sora HP.
“Ieu, aya telepon kanggo Aa,” ceuk Opi bari masrahkeun HP kana leungeun kuring.
“Ah, moal enya kanggo abdi? Telepon ti saha?” kuring ngahuleng. Teu kaharti.
“Teuing atuh. Tampa bae heula!” Opi jadi rada kasar nyaritana, tapi kadengena asa hawar-hawar.
“Ti saha sih?”
“Enya, tembalan heula matakna oge!” sora Opi ngadadak robah. Malah Opi jadi ngiles teuing kamana. Bray, panon kuring beunta. Breh, lanceuk kuring keur ngasong-ngasong HP bari nulak cangkeng.
“Dibanjur siah lamun teu hudang bae mah!” pokna deui. HP ditampokeun kana cepil kuring.
“Na atuh, peuting keneh geus ngaganggu anu sare,” kuring ngacacang bari ngumpulkeun pangacian. Ngimpi geuningan panggih jeung Neng Opi teh. Ari sugan enyaan. Hanas kuring geus bungah, bisa reureujeungan jeung hiji mojang lenjang, anu katelah pangmencrangna di kampung kuring.
Serelek, hordeng jandela dibuka ku lanceuk kuring. Bray, cahya panon poe nobros kana kaca. Panon kuring mani keukeureuceuman alatan serab. Sugan teh peuting keneh atuda. Asa kakara bieu sare teh.
“Telepon ti saha, teh?” kuring kakara sadar lamun leungeun kuring keur nyepengan HP.
“Tanya ku sorangan! Matakna ari sare teh ulah peuting teuing geura. Jaba komputer teu dipareuman deuih. Nyaho mayar listrik teh mahal pisan!” tembalna bari ngaleos ka luar ti jero kamar.
“Hallow, wilujeng enjing, A Imong,” kadenge aya galindeng sora anu halimpu tina HP.
“Euh, wi..wilujeng enjing deui. Sareng saha ieu nya?” tembal teh rada asa-asa. Kuring asa kungsi wawuh kana eta sora.
“Hilap deui, nya?”
“Muhun, tapi asa emut ieu teh. Saha nya?”
“A Imong, selamat ulang taun…semoga panjang yuswa,” pokna kalah nyalenggorkeun pananya kuring. Tapi ketang, bener pisan. Poe ieu teh umur kuring jejeg duapuluh opat taun. Ngajadikeun aya rasa kabagjaan anu nyaliara kana hate. Kakara hudang sare oge geus dibageakeun ku pangwilujeng hiji wanoja. Hanas poe kamari mah mani hariwang, sok sieun euweuh anu ngucapkeun ’selamat ulang taun’.
“A Imong, emut keneh ka Mega?” pokna deui semu daria naker.
“Mega?!” antara rasa bungah jeung rasa cangcaya, kuring nyambat ngaranana. Mega. Bener pisan, kuring kakara inget. Manehna Mega. Moal. Moal salah. Sabab ceuli kuring oge masih keneh normal. Narembongan deui sagala rupa ingetan kuring. Sora galindengna anu halimpu nongtoreng deui dina dua cepil kuring. Tapi, timana Mega bisa apal kana nomer HP lanceuk kuring? Dalah kuring oge sabenerna mah can pati apal. Boro-boro nyaho kana nomberna, nyabak barangna oge kakara ayeuna. Jeung pangpangna mah teu hayang nyaho bae. Sabab kuring mah paling anti tulupan-telepon kana HP teh. Kahiji Wegah mayarna, atuh kaduana sok tuluy kabita, hayang meuli. Mangkaning kuring mah boga duit ti mana.
“Mega, ti saha terang nomber HP ieu?” kuring panasaran.
“Tadi wengi, Mega nelepon kana telepon anu kapungkur. Tapi saurna, Aa tos ngalih. Untungna masihan nomber HP anu Teteh,”
“Oh…” kakara kuring bisa surti. Sigana si Teteh mihape nomber HP ka nu ngontrak imah kuring, aeh imah lanceuk kuring. Atuda loba keneh anu sok narelepon ka imah. Keur mah pindah ka dieu oge kakara kaitung kurang-leuwih dua bulan. Can boga telepon imah deuih. Cenah mah Telkomna keur loba kasus. Boro-boro lanceuk kuring, anu kakara ngajukeun poe kamari, dalah anu ngajukeun ti taun 1997 oge tacan diladangan.
“A, hapunten Mega, nya…” Mega nyarita deui semu anu nalangsa. Ngajadikeun kuring ngaranjug. Reuwas pacampur jeung bungah. Teu nyangka sacongo buuk lamun Mega bakal nyarita kawas kitu. Tapi tetep bae, hate kuring masih keneh dilimpudan ku rasa cangcaya. Sabab ingetan kuring tacan poho kana lalakon anu kungsi disorang ku kuring jeung Mega, genep taun katukang…
*
Munggaran patepung jeung Mega teh basa kuring keur kelas dua SMA (ayeuna mah SMU). Kuring aktip dina kagiatan ekstrakulikuler sakolaan. Matak teu aneh lamun kuring loba hubungan jeung adi kelas. Mega oge salah sahiji adi kelas, anu kaitung aktip dina unit kagiatan sakola pingpinan ku kuring.
Acara ‘Pekan Tadarus Islam Pasundan’ anu jadi cukang lantaran padeukeutna kuring jeung Mega. Sabab kuring jeung Mega kapilih minangka wawakil sakolaan, pikeun jadi pamilon eta acara anu diayakeun ku YPDM Pasundan.
Meunang saminggu, kuring babarengan jeung Mega. Ngadatangkeun galura rasa katresna anu nungtutan nyaliara. Kuring katarik ati, kapentang asmara ku Mega. Imutna, gilekna, teuteupna, ah pokona sagala rupana oge kabayang bae. Lain bobohongan kabayang unggal mangsa wanci beurang jeung kaimpi-impi unggal mangsa wanci janari teh. Cinta munggaran kuring tamplok ka Mega. Nepi ka hiji mangsa kuring ngedalkeun rasa kaasih kuring anu ngancik dina asmara. Na hate kuring ukur aya Mega. Kanyaah kuring ngan keur Mega. Pokona mah sagalana oge siap dipasrahkeun ka Mega. Kuring ngarasa mun yen diri kuring geus nincak sawawa. Geus waktuna nangtukeun pilihan geusan pibatureun hirup keur mangsa jaga.
Hanjakal pisan. Papasten anu tumiba kana diri teh, teu luyu jeung sagala rupa anu dicipta-cipta dina hate. Kuring ambon sorangan. Sabab dina kanyataanana, Mega mah papalimpang pisan jeung kereteg ciptaning ati kuring. Asih teu ngajadi. Asih teh ukur nepi kana tungtung sawangan. Kalayan eces, Mega nampik kana kacinta jeung kadeudeuh kuring.
“Mega mah tos ngangken raka, ka Aa,” kitu caritaan Mega anu pamungkas. Anu sarerea oge geus pada apal. Omongan sarupa kitu mah ukur pikeun ngabeberah hate anu gudawang. Hate anu raheut. Peurih. Jeung sagala rupa rasa ngageurihan satungkebing hate kuring.
Najan satekah polah dipopohokeun oge, tetep bae Mega masih keneh kokolebatan dina sawangan. Ngawanohkeun  kuring kana hiji kecap anu katelah ‘prustasi’. Teu ngeunah sare, teu ngeunah dahar. Kieu salah, kitu lain.  Ah, pokona mah kuring kagegeloan ku Mega.
*
Mega nyangsaya dina lahunan kuring. Buukna pakusut keneh balas diranggeuman ku ramo-ramo kuring. Biwirna baseuh keneh. Malah dina beuheungna aya anu ngagelempeng beureum.
“Bakat ku sono, Ga. Genep taun Aa nganti-ngantina hayang kieu teh,” ceuk kuring bari nyusutan biwirna. Geus teu kacatur rasa kabagjaan jeung kabungah anu pagaliwota dina jeroning dada. Najan anu dilakukeun ukur samet dinya, tapi anu penting mah Mega geus ngabuktikeun rasa kacintana ka kuring. Jeung memang kuring teu boga niat pikeun ngaruksak Mega. Moal. Mega moal dikotoran. Sabab kuring hayang nganti tug nepi ka cunduk kana wanci anu mustari, ninggang mangsa nu utama.  Mega masih keneh suci. Malah kuring ngarasa kotor di hareupeun Mega.
“Kunaon Mega bet alim ka kang Dani? Padahal mah naon deui atuh kang Dani mah. Tadi oge saur Mega, apan kang Dani mah tos gaduh padamelan, tos gaduh bumi, tos gaduh mobil. Sedengkeun abdi? kuliah oge dua taunan deui kakara rengse,” kuring nuluykeun deui wangkongan anu samemehna kapotong.
“Memang, sih. Tapi Mega mah alim nikah ka duda. Mega hoyong nikah ka pameget anu teu acan ngalaman nikah. Jadi, bakal sami-sami ngaraoskeun, kumaha pait-peuheurna ngarintis hiji rumah tanggi…” tembalna bari cengkat. Tuluy neuteup kana lawang jandela kamar anu ngeblak. Bulan sapasi lir anu embung ingkah tina tempatna. Lain bulan dina impian peuting kamari. Bentang anu tinggurilap, lir anu hayang nobroskeun jajantung kuring.
Panon Mega anteng keneh neuteup bulan. Teu eungeuheun lamun panon kuring ngadadak ngeyembeng ku cimata. Mega moal apaleun, kunaon pangna bulan dina peuting ieu ngan ukur sapasi. Ukur kuring nu nyaho. Tapi kuring moal mere nyaho. Sabab kuring embung kaleungitan Mega. Kuring embung kaleungitan deui.
“Deudeuh teuing, Mega…” aya gerentes hate anu pamohalan bisa dikedalkeun ka Mega. Aya kalangkang anu buru-buru disieuhkeun tina tungtung sawangan. Jeung aya rasa dosa anu ngukuntit saban engapan kuring. Ulah! Balaka! Duanana silih tempas. ***

Ranggon Panyileukan, 25-09- 2001
 Ku DHIPA GALUH PURBA
Dimuat di Majalah Manglé No 1862, 16-22 Méi 2001

0 komentar:

Posting Komentar