twitter



ANGIN ngadalingding, nyegerkeun kana sakujur awak. Sora kalong tingkarelik. Tatangkalan tinggarupay. Situ Léngkong teu weléh satia ngeueum kadeudeuh ka pulo Nusa Gedé. Mawa rasa sugema kana haté. Kasono jeung kahéman ka bali geusan ngajadi, kiwari geus tamplok deui, sanggeus disidem salila tujuh taun. Puji sukur ka Gusti Anu Maha Agung, kuring bisa balik deui ka lembur kadeudeuh.
Harita, tujuh taun katukang. Basa kuring kakara kaluar ti SD, Bapa dibéré pancén pikeun dines di Peuntas. Ngajadikeun kuring ogé teu bisa baha, kapaksa kudu milu ngumbara nuturkeun anu jadi kolot. Bubuhan bapa kuring mah hiji Dokter. Tangtuna ogé kudu tuhu kana paréntah tugas ti pusat. Malah di peuntas téh lain ukur matuh di hiji tempat baé. Estuning pipindahan, ti hiji tempat ka tempat séjén, tug nepi ka ahirna mah bapa kuring ditugaskeun deui ka tempat bihari. Sadaya puji kagungan Gusti Alloh, Pangéran nu ngawasa sakumna alam.
Situ léngkong, perenahna kurang leuwih saratus méter ti imah kuring. Tilupuluh kilométer ti kota kabupatén Ciamis. Legana mah kira-kira dalapanpuluh opat héktar. Nusa gedé, hiji pulo anu dilingkung cai, legana genepbelas héktar. Ari situna kurang leuwih geneppuluh dalapan héktar. Baheula ogé Situ léngkong téh jadi tempat pangulinan kuring. Tempat niis kuring. Teu anéh upama kiwari kuring kacida sonona. Sono pikeun nyeuseup wangi angin-anginan anu pinuh kasegeran. Aya rasa hélok, bungah, sugema. Malah sakapeung mah asa cangcaya sagala rupa. Situ léngkong ayeuna, geus lain Situ Léngkong anu baheula. Kamajuan pangwangunan geus bisa ngageulisan ieu tempat anu loba ngandung sajarah. Geus diwangun lapang parkir anu kacida legana. Musola, pamondokan, WC umum anu diadegkeun kalayan hadé. Atuh tukang dagang ogé, ayeuna mah mani ngajajar ti mimiti lawang asup nepi ka sisi Situ. Puguh deui ari tukang parahu jeung motor but mah, katingalina asa beuki ngalobaan baé.
“Saatosna aya Présidén jarah ka dieu, Situ Léngkong téh beuki ramé baé,” kitu ceuk pa Tatang bari paciweuh ngaladangan anu balanja ka warungna. Inget kénéh kuring ogé, pa Tatang téh langganan kuring baheula, pangpangna mah resep kana lotékna. Teu anéh lamun pa Tatang katingalina téh sonoeun naker ka kuring.
“Urang mana wungkul éta téh, Pa?” tanya kuring rada panasaran, sabab di tempat parkir téh aya duapuluh beus anu ngajajar.
“Ari seuseueurna mah ti Jawa Timur sareng Jawa Tengah, Cép. Aya anu ti Surabaya, Madura, Tulung Agung, sareng seueur deui baé,” témbalna.
“Jarah panginten, nya?” tanya kuring deui.
“Muhun, jarah. Apan anu ditujuna ogé makam di Nusa Gedé. Numutkeun présidén mah, éta téh makamna Sayyit Ali Bin Muhamad Bin Umar,” témbal pa Tatang, ngajadikeun kuring rada ngaranjug.
“Ké, naha bet bénten? Apan anu dikurebkeun di tengah Situ téh Prabu Dipati Hariang Kancana?” kuring panasaran, sabab ti baheula ogé geus rada apal kana sasakala Panjalu anu sok didongéngkeun ku bapa.
“Ah éta mah gumantung kana kapercantenan séwang-séwangan baé, Cép. Ulah dugi ka papaséaan alatan pabéntar paham,” ceuk pa tatang bari cengkat, sabab aya anu rék balanja.
“Mangga linggih, pa Kadés,” pa Tatang mani daréhdéh naker. Kuring ogé cengkat, tuluy nyolongkrongkeun leungeun ngajak sasalaman. Kakara apal kuring ogé ka pa Kadés téh.
“Dari mana, Mas?” tanya pa Kadés bari nampanan leungeun kuring. Kawasna mah kuring disangka salah sahiji rombongan anu jarah ti Jawa.
“Ieu mah putra pa Dokter,” pa Tatang buru-buru ngawanohkeun.
“Astagfirulloh, ieu téh Cép Amran?” pa Kadés ngaranjug bari ngarangkul awak kuring.
SumuhunPa,” témbal téh bari rada bareureum, sabab anu keur dalahar ogé panonna tamplok ka kuring.
“Inget kénéh ka bapa?” tanya pa Kadés. Sakedapan mah kuring ngahuleng bari nginget-nginget deui jaman katukang, susuganan apal kénéh. Tapi angger baé lebeng.
“Apan cép Amran ogé sok ulin jeung budak bapa,”
“Saha nya, pa?” kuring panasaran.
“Lina,” témbalna bari ngarérét ka lebah mobil sédan anu diparkirkeun teu pati jauh ti warung pa Tatang. Kuring ogé langsung inget ka néng Lina mah. Sabab mémang baheula ogé sok ulin babarengan. Tapi ari ka bapana mah da tibaheula ogé teu nyaho. Éstuning kakara panggih ayeuna.
“Dupi néng Lina di mana ayeuna?”
“Lina mah kuliah di Tasik. Tapi kabeneran keur aya di lembur. Malah ayeuna ogé milu ka dieu,” témbalna bari ngarérét deui ka palebah mobil sédan. Katingali pantona aya anu muka ti jero. Jrut, hiji awéwé turun. Bréh tangtungan anu lenjang, mapaésan rupana anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Néng Lina geus salin jinis, nepi ka kuring ogé hamo bisa wawuh upama panggih di jalan. Pon kitu deui, néng Lina ogé kawasna mah geus pohoeun deui ka kuring. Éta wéh basa geus aya hareupeun kuring ogé katingalina téh haré-haré baé.
“Néng Lina, damang?” kuring miheulaan nanya bari nyolongkrongkeun leungeun.
“Ééh, saha nya?” néng Lina kerung, tapi kituna téh bari nampanan leungeun kuring.
“Hilap deui tangtosna ogé. Abdi, Amran,” ceuk kuring bari ngararasakeun lemesna leungeun néng Lina.
“Amran?!” néng Lina kawas anu cangcaya. Panonna anu cureuleuk téh neuteup kuring semu anu asa-asa.
Moal kacaturkeun kumaha bungahna haté kuring. Panggih deui jeung batur ulin jaman baheula dina waktu jeung kaayaan anu geus kacida bédana. Nepi ka teuing kumaha mimitina, kuring jeung néng Lina geus diuk dina parahu. Diuk ngaréndéng, ngurilingan legana Situ Léngkong bari ngararasakeun angin kahéman anu sumarambah kana bayah. Aya geter-geter katresna anu nyaliara dina satungkebing haté.
“Sabaraha méter, jerona Situ Léngkong téh, néng?” kuring tumanya, tamba euweuh piobroleun.
“Upami teu lepat mah, opat dugi ka genep méter. Atanapi tujuhratus tilupuluhhiji di atas permukaan laut,” témbalna bari imut ngagelenyu.
“Déét nya, dibandingkeun sareng jerona haté néng Lina mah,” ceuk kuring ngabanyolan.
“Rada cunuhin geuningan ayeuna mah,” néng Lina nyiwit leungeun kuring.
“Apan tos déwasa,”
“Alah, nembé ogé kuliah tingkat hiji. Aéh muhun, ari kang Amran kumaha atuh kuliahna?”
“Rupina mah abdi badé neraskeun di Bandung. Margi waktos di Padang, abdi tos lebet ka STSI Padang, mudah-mudahan abdi tiasa ditampi di STSI Bandung,”
“Oh kitu, nyah. Janten akang téh hoyong janten seniman?”
“Senéwen panginten,” ceuk kuring bari ngarérét ka lebah lawang Nusa Gedé anu kabeneran kaliwatan. Aya dua lalaki anu keur cingogo bari diharudum sarung.
“Anu musafir éta téh, kang,” néng Lina kawas anu apaleun kana kereteg kuring.
“Anu jajaluk?” kuring leuwih panasaran.
“Sanés. Sanés anu jajaluk. Musafir téh hartosna jalmi anu ngalalana kalayan badarat. Maksadna mah badé jarah ka makam-makam para Wali sareng karuhun anu ageung jasana dina nyebarkeun agama Islam,”
“Ari karulemna di mana?”
“Justru éta anu janten masalah di dieu téh. Apan Apa ogé dugi ka turun tangan kanggo ngusir para musafir anu tos lami teuing nganjrek di dieu,”
Naha bet diusir?”
“Ah, rupina mah ngaganggu katengtreman baé. Utamina mah ngaganggu pamandangan. Apan ieu téh obyék wisata,” témbal néng Lina bari ngabileur, basa hiji musafir ngajak imut ka manéhna. Musafir? Kuring jadi panasaran.
*
Dina téras Musola anu aya wewengkon Situ Léngkong, kuring ngawangkong jeung tilu urang lalaki anu ngakukeun para musafir. Ngaranana Majid, ngakukeun urang Tulung Agung, Sidik ngakukeun urang Padang, jeung Salim, urang Madura. Umurna masih kaitung ngarora kénéh. Malah ari Salim mah kawasna sababad jeung kuring.
“Kalau dalam perguruan tinggi, musafir itu merupakan mahasiswa yang sedang prakték kerja lapangan,” ceuk Majid.
“Berarti para musafir itu adalah santri tingkat akhir dari sebuah pesantren,” kuring mairan.
“Mungkin kurang lebih seperti itu. Namun tetap saja, perbédaannya jauh sekali,”
“Lalu, bagaimana tanggapan Mas, atas pengusiran yang dilakukan oléh aparat pemerintahan di sini?” tanya kuring.
“Kami tak memiliki kekuatan apa-apa. Kalau mémang kehadiran kami tidak berkenan, maka kami pun akan segera angkat kaki dari tanah Panjalu ini. Mémang, kami merasa tidak pernah membuat masalah di sini. Walau para musafir sangat miskin, tetapi pantang untuk meminta. Bila musafir sudah sangat lapar, jalan satu-satunya adalah ngedom,”
“Apa itu ngedom?”
“Mengambil sisa-sisa makanan orang lain,” témbalna kalayan daria. Ngajadikeun kuring ngahuleng sakedapan. Panon neuteup ka lebah abrulan anu kakara turun tina beus. Hawar-hawar kadéngé nyaritana ngagunakeun basa Jawa. Ditéma ku sora tukang dagang anu patarik-tarik nanawarkeun daganganana. Tukang nyéwakeun payung ogé geus tatan-tatan di beulah kalér, sabab kaayaan geus mimiti ceudeum.
Sadaya puji kagungan Alloh. Sareatna mah Makam di Nusa Gedé, anu geus bisa mérépakasaban ka jalma-jalma kalayan teu saeutik jumlahna. Ti mimiti supir beus jeung kenékna, tukang parkir, tukang béngsin, jeung tukang-tukang séjénna nu ngagantungkeun hirupna di Situ Léngkong. Éstuning anu daratang ka Situ Léngkong téh kalolobaanna mah anu rék jarah, lain anu rék wisata atawa arulin. Tapi naha Situ Léngkong bet disebut obyék Wisata? Nepi ka para musafir diusir ? Naha moal jadi mamala pikeun urang Panjalu?
Upama anu jarah geus teu daékeun nincak deui Situ Léngkong kuayana musafir anu diusir, sabaraha jiwa anu bakal kaleungitan pakasabanna di Situ Léngkong?
“Astagfirulloh…!” kuring ngaranjug, sabab beungeut aya nu manjur ku cai entéh. Ari anu manjurna kalah nyeungseurikeun bari ngaléos ka beulah kulon. Puguh baé, amarah geus teu kaampeuh deui. Tapi barang kuring rék ngudag, Majid nyepengan taktak kuring barinyarita kalayan halon.
“Jangan marah, Dé. Justru adé harus berbahagia. Sebab yang melakukan itu adalah musafir zadab atau mazdub.” Pokna bari imut ngagelenyu. Zadab? Mazdub?. Bener henteuna anging Alloh SWT anu maha uninga. ***

Ku NURMAYASitu Panjalu, 2001

Ieu carpon kapilih minangka Juara II dina PASANGGIRI NGARANG CARPON RUMAJA DI MAJALAH MANGLÉ TAUN 2001, DINA RARAGA MILANGKALA MAJALAH MANGLÉ ANU KA-44

0 komentar:

Posting Komentar