Lieur
hirup di dunya teh. Sagala rupa teu weleh kudu make duit. Katut hayang
digawe oge angger kudu make duit. Sidik matak hayang gawe teh apan teu
boga duit. Kitu ceuk gerentes hate Amanta bari
ngagancangan leumpangna. Sanajan jalan anu keur disorangna poek
mongkleng buta rata, tapi teu matak mugagkeun lalampahanana. Jarak ti
lemburna ka guha Seda teh kaitung jauh, tapi bubuhan kajurung ku
kahirupanna anu dianggap lieur mah, teu burung tepi. Carek paribasa jauh
dijugjug anggang diteang. Top badak top maung. Ayeuna Amanta geus aya
di tengah-tengah guha Seda, anu kaayaanna geueuman tur pikakeueungeun.
Tiis jempling. Ukur aya sora cai anu nyarakclakan ninggang batu,
katambah ku heorna angin peuting anu nyecep tiis nojosan kulit.
Sabenerna
Amanta ngan ukur ngadenge beja ti batur sapagaweanna, anu
ngadongengkeun perkara kaahengan guha Seda. Cenah mah dina jaman
baheulana, di eta guha teh aya hiji patapa sakti manggulang-mangguling.
Katelahna Sanghyang Prabu Bleg Tambleg Raja Gulingan. Patapa anu maluruh
elmu kaduniawian. Kakoncara jadi jalma anu weruh sadurung winarah.
Samalah nepi ka jaman kiwari oge, Sanghyang Prabu Bleg Tambleg teh
dianggap masih keneh aya di kieuna. Teu aneh lamun loba jelema anu
ngahajakeun ngajugjug eta patempatan. Rek ngadon deudeuheus ka Sanghyang
Prabu Bleg Tambleg Raja Gulingan. Ari anu jadi tujuanna mah taya lian,
malah mandar jeung susuganan elmu kaduniawinana bisa dialap. Sabab dina
jaman kiwari, elmu kadugalan jeung sabangsana, geus teu bisa diandelkeun
deui. Elmu kaduniawian pisan anu ayeuna keur makalangan mah. Loba
jelema anu ngadadak serah bongkokan ku elmu kaduniawian. Loba lalaki anu
sembada kalah jadi tukang ngajaga jelema jugala. Jeung teu saeutik
wanoja rancunit dibeuli awakna ku duit. Malah nepi ka hukum oge bisa
dibulak-balik make kasaktian elmu kaduniawian.
Bejana
mah jelema anu ngabrul ka guha Seda teh kaitung loba. Tapi ngan
sabagian leutik anu bisa panggih jeung patapa. Lolobana mah teu
karuateun nyanghareupan gogoda tur dodoja di satengahing jalan. Di jero
guha teh sok aya anu megat. Sabangsaning siluman oray, siluman babi,
siluman monyet jeung sajabana. Eta siluman-silemin teh ngabibita ka
jelema anu datang, sangkan daek muja-muja ka bangsa maranehna. Loba
pisan jelema anu geus kapincut. Mengkol tina paniatanna. Balukarna
tangtu marengkol tina ageman agamana. Aya anu ngipri, aya anu nyegik,
aya anu ngukut tuyul jeung sabangsana.
“Najis teuing ari aing kudu muja Siluman mah. Kajeun keneh ngabeca. Pararuguh duitna halal….” ceuk Amanta sataun ka tukang.
“Bising hayang weh ieu mah…” babaturan Amanta nembal bari semu anu keuheuleun.
Tapi
dasar jelema atuh. Kasebutna sok keuna ku owah gingsir. Amanta anu
sasarina ngeureuyeuh ngabeca, ngadadak jadi kedul usahana. Ari
kajadianna teh saprak kaluar SK anu nangtukeun asup jalur angkot ka
komplek tempat Amanta ngabeca. Ti harita beubeunangan usahana jadi
ngurangan. Memang ari kituna mah teu maido. Sabab muatan oge tangtuna
bakal milih numpak angkot batan naek beca. Sajabana tereh teh,, jaba
ongkosna leuwih murah deuih. Tapi balukarna sok mindeng aya papaseaan
antara tukang beca jeung supir angkot. Kawas dina sakali mangsa, aya
duaan muatan anu rek naek kana beca Amanta. Lar, aya angkot ngaliwat,
atuh eta muatan teh teu tulus numpak becana. Keclak weh naraek kana
angkot anu geus pasesedek. Teu malire ka Amanta anu ngembang kadu.
Bakating ku mentegegna, Amanta nubrukeun beca kana bujur angkot. Pre,
kaca lampu senna peupeus. Teu antaparah deui, der pasea parea-rea omong.
Tuluy galungan. Burudul tukang beca sejenna daratang. Atuh supir angkot
teh dihurup ku lobaan, nepi ka meh bae pegat nyawana. Teu pati lila
datang anu ngaburudul aya kana sapuluh mobilna. Horeng rombongan ti
terminal angkot anu nyerang ka pangkalan beca. Ti mimiti calo, kenek,
tukang roko jeung sajabana mani ampir tumplek kabeh, ngajorag ka
pangkalan beca. Lamun teu kaburu datang pulisi mah kawasna bakal
nimbulkeun palagan anu rada rongkah jeung rohaka.
Pamustunganna
tina kajadian riributan, Amanta dikerem ku pulisi. Kakara bisa bijil
deui sanggeus aya kana tujuh mingguna. Kitu oge manehna teu daekeun
ngabeca deui, kalah ngabiur balik ka lemburna. Lugah-ligeuh taya
pacabakan. Nya antukna mah nepi ka ingeteun kana dongeng babaturanna
ngeunaan guha Seda.
Peutingna samemeh luluasan ngajugjug guha Seda, Amanta pasea heula jeung pamajikanana. Pasalna mah pedah kahayangna teu digugu.
“Boro-boro hayang kikituan, ah. Angguran geura usaha kadituh…!” pamajikanna nyentak bari ngepeskeun leungeun Amanta anu ngaragamang kana tungtung bajuna.
“Na sia teh kawas lain ka salaki bae. Kaya kieu mah di dunya teh mending perang wae sakalian…” Amanta ngacacang.
“Dasar
belegug. Apan ayeuna oge keur usum perang. Perang ekonomi, perang
resiko. Matakna geura indit kaituh, geura makalangan. Perang
ngaresikoan!”
“Heug, aing rek indit isukan. Tapi ayeuna hayang kikieuan heula,” Amanta neugtreug bari nindihan awak pamajikanana.
“Teu sudi…!” pamajikan Amanta teterejelan bari nyurungkeun dada Amanta. Gubrag Amanta labuh kana palupuh. Atuh geus kitu mah, leos bae indit bari nahan kakeuheul anu lain lumayan. Sup ka kamar mandi. Ragamang kana sabun…
*
Sakedapan
lengkah Amanta ngarandeg basa sakuriling guha ngadadak robah kaayaan.
Teuing ti mana datangna. Aya cahya anu hurung ngempray nyaangan
sabudeureunna. Sajongjongan Amanta ngahuleng bari
nengetan ka sisi ka gigir tur ka sakurilingna. Bulu pundukna mimiti
patingpuringkak. Sananajan patekadanna geus panceg oge, teu burung weh
ari kasieun mah tetep ngukuntit. Malah Amanta beuki pias waktu di
hareupeunna jol aya haseup bodas, kaluar tina jero batu palebah
jajalaneun. Haseup bodas ngelun sarta beuki ngandelan. Pamustunganana
ngajungkiring jadi hiji mahluk anu matak pikainggiseun jeung
pikagilaeun. Awakna jangkung luhur simbar dada. Huntu ranggeteng. Matana
oge burial buncelik matak kasima jelema anu atah burih. Kuku leungeunna
anu paranjang teh dibentik-bentikkeun kana beunget Amanta. Atuh puguh
Amanta mani soak, meh bae manehna katurelengan. Calanana oge oge geus
jemblang balas ngompolan maneh. Hawar-hawar aya sora anjing babaung,
ditema ku sora bueuk anu patembalan jeung suit uncuing.
“Bangsa
Manusa, rek naon andika tumorojog asup ka dieu…?” eta mahluk teh kakara
nanya ka mang Eon, sanggeus sawatara lila merong kawas anu rek
ngerekeb. Sorana handaruan, mungguh matak ngaragragkeun jajantung.
“Hap..hapunten,
abdi teh… ba..bade ngadeuheus ka..euh Parbu..aeh prabu
bleg…jubleg…saguling…” Amanta nyaritana mani aga-eugeu. Ngawur teu puguh
pihartieunana.
“Andika montong pararadu ari nyarita teh, bangsa manusa. Bisi dihakan ku kaula…” kituna teh bari molotot , nembongkeun siki panonna anu sagede bal baliter.
“Maksad teh, eu…Parab..aeh Prabu Bleg Tambleg Raja Tiguling, aeh Gulingan….”
“Tah
eta mah rada bener. Matakna diajar artikulasi geura, kawas dina titer…”
ngadenge kitu, Amanta ngahuleng. Sabab omongan mahluk anu pikainggiseun
teh bet papalingpang jeung rupana. Antukna Amanta jadi reugreug., teu
soak teuing cara mimiti. Samalah make jeung wani ngaropea omongan eta
mahluk sagala rupa.
“Sanes titer nun, teater manawi,”
“Aeh
heueuh teater. Geus gandeng barina oge. Aktor lain andika teh lin? Yeuh
bangsa manusa, andika datang rek nepungan Maha Prabu teh meureun boga
maksud jeung tujuan, lin ?”
“Sumuhun.”
“Hayang naon kitu ?”
“Hoyong beunghar.”
“Na lain usaha atuh ?”
“Atos eta oge, namung abdi teh kalahka capena sareng lieurna. Sanaos dugi ka dug hulu pet…”
“Geus
gandeng, kaula bosen jeung geus lieur ngadenge omongan sarupa kitu teh.
Unggal manusa anu ka dieu pasti nyaritana kawas kitu. Kieu ayeuna mah,
andika teu kudu nepungan Maha Prabu, tapi cukup jeung kaula,”
“Teu langkung,”
“Alus lamun kitu mah. Geus siap nyanghareupan saratna ?”
“Parantos,”
“Moal kaduhung ?”
“Moal,”
“Rupa-rupa
saratna teh. Andika dimeunangkeun milih salahsahijina. Dengekeun, ku
ceuli andika, kaula rek nataan kabehanana. Anu kahiji, saratna teh
andika kudu daek sare jeung widadari di ieu guha. anu kadua…” teu kebat,
sabab Amanta kaburu nyeuleukeuteuk.
“Anu kahiji wae, sun !”
“Heug ari rek milih sarat anu eta mah. Ngan… umur andika di dunya ukur tilu bulan,”
“Moal eta ketang.” Amanta reuwas. Ceuk pikirna asa percumah bisa hirup beunghar oge, ari ngan ukur tilu bulan mah.
“Matakna
dengekeun heula nepi ka rengse geura. Sarat anu kadua, andika kudu daek
munjung ka bagong. Sarat katilu, andika kudu daek munjung ka oray.
Sarat ka opat, andika kudu daek munjung ka buta. Sok rek milih sarat anu
ka sabaraha hiji?”
“Euh… teu aya anu sanesna deui, kang aeh sun?”
“Ari hayangna, nu kumaha sih ?”
“Hoyong anu siga sareng widadari, tapi panjang umur sareng ulah munjung,”
“Aya ,”
“Tah anu eta atuh,”
“Tapi beungeut andika robah jadi kawas Si Cepot,”
“Aaaaaalim atuh…”
“Kumaha
atuh ari sagala embung mah. Geus kieu weh, kaula rek mere sarat anu
pamungkas. Lamun teu daek keneh, hartina andika hayang dihakan ku
kaula.”
“Mang…Mangga, sun…” Amanta rada soak.
“Andika
ku kaula bakal dibere duit anu gedena samiliar. Tapi eta duit kudu
dibeakeun dina waktu saminggu. Omat, andika dikudukeun nyieun rincian
pembukuanana sing bener. Unggal ngaluarkeun duit kudu aya buktina
mangrupa bon atawa kuitansi. Laju, eta duit teu meunang dibeulikeun kana
barang anu sakira-kirana bisa dipake jeung didahar ku batur, jeung ulah
dipake meuli barang anu andika teu bisa makena,”
“Kumaha upami ical, atanapi aya anu maling ?”
“Kudu aya bukti surat laporan ka pulisi, atawa sakurang-kurangna kudu aya tekenan ti bangsatna, ngarti ?”
“Ngartos,”
“Tah bawa!” ceuk eta mahluk bari ngagubragkeun peti ka hareupeun Amanta. Kereles, mahluk teh leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.
Sakedapan
Amanta ngahuleng. Tuluy nengetan peti anu ukuranna teu pati badag. Tapi
ari dijieunna mah tina emas. Gog cingogo, tuluy leungeunna muka tutup
peti. Barang blak dibuka, breh… satumpukan duit saratus rewuan.
Diitung-itung jumlahna pas pisan samiliar. Hatena jadi bungangang.
Impian jeung sawangan anu pinuh kaendahan teh mimiti narembongan deui.
Cakakak seuri sorangan, tuluy igel-igelan. Malah awahing ku atohna nepi
ka les kapiuhan. Eling soteh pedah aya cai anu nyarakclakan ti luhur
guha, ninggang kana lebah irungna.
*
Amanta
teu mulang ka imahna. Angkananna rek balik lamun geus rengse meakeun
duit anu samiliar tea. Opat poe Amanta kukurilingan dina raraga
ngabacarkeun duit samiliar. Sagala rupa anu dipikahayangna tangtu baris
dibeuli. Biwirna mani geus hideung, balas teu eureun-eureun ngenyotan
roko djisamsu. Beuteungna mimiti burayot, kawantu unggal barang dahar
sok nepi ka kamerkaan. Tapi lila-lila mah Amanta jadi rudeteun sorangan,
sabab duit samiliar teh hese pisan beakna. Ari rek dibeulikeun imah,
apan saratna teh teu meunang anu bisa dipake ku batur. Kitu deui lamun
dibeulikeun mobil atawa motor, manehna teu bisaeun nyupiranana.
“Enyaan,
sarua lieur ari kieu carana mah atuh.” gerentes Amanta. Dua poe deui
waktu Amanta pikeun meakeun duit. Hatena mimiti dilimpudan ku rasa
tagiwur, ringrang jeung hariwang. Pangpangna mah sok sieun duitna henteu
beak dina waktuna. Mangkaning kakara kapake salapanratus
tujuhpuluhduarebu limaratuslimapuluh perak. Leuwih loba keneh sesana.
Tungtungna mah Amanta meres otak sapeuting jeput di handapeun jambatan.
Pikiranana muter, neangan jalan geusan ngaludeskeun duit. Bari
sajeroning kitu teh, manehna ngarep-ngarep aya bangsat atawa rampog.
Tapi batan aya bangsat datang, kalah kaweur balas loba jelema anu
ngalungan duit receh ti luhureun jambatan.
Cunduk
waktu dina peuting pamungkas pikeun Amanta. Peuting eta duitna kudu
ledis. Lamun bisa, tinangtu manehna baris beunghar saumur-umur. Tapi
lamun henteu, manehna bakal dicalukan pikeun ngahiji jeung bangsa
siluman-silemin. Peuting eta, Amanta sidengdang dina kasur empuk di hiji
hotel anu kawentar pangagrengna. Duitna oge rada ngurangan, dipake
nyewa kamar jeung barang beuli dahareun katut inuman. Sikepna anu royal,
ngondang rasa kataji hiji germo tukang nyalurkeun ungkluk kelas lauk
kakap. Atuh puguh weh Amanta kacida atoheun. Asa mobok manggih gorowong,
atawa aya jalan komo meuntas ceuk paribasana mah. Teu aneh lamun harita
keneh Amanta langsung mesen hiji awewe anu panggeulisna anu tangtuna
oge pangmahalna. Geura weh, rega ngaboking sapeuting jeput, nepi ka
tujuhratus yuta.
Keur
anteng nyawang anu baris kasorang sakedet netra deui, lawang panto aya
anu ngetrok ti luar. Mani tibuburanjat Amanta ngarongkong remot paranti
muka panto. Blak panto muka. Breh… hiji awewe geulis camperenik.
Tangtunganna jangkung leutik, mapaesan awakna anu lempay. Manehna
Nangtung dina lawang panto bari
nembongkeun imut anu kareueut. Meh bae Amanta katurelengan, kawantu
karek waktu eta pisan ngalaman amprok jeung awewe anu geulisna tanding
artis atawa bentang filem. “Saderek Amanta…” ceuk eta awewe bari
ngalengkah ka jero. Tuluy muru ka palebah Amanta. Gek diuk di
gigireunana. Amanta molohok mata simeuteun. Komo sanggeus ngambeu
seungit anu nyambuang tina awak eta awewe. Amanta lir anu kasima. Nepi
ka remot panto oge dipencet ku eta awewe. Bluk, panto nutup deui.
Hate
Amanta beuki ratug tutunggulan. Komo sanggeus ramo leungeunna
diranggeum kalayan geugeut naker ku awewe anu sakitu geulisna. Ngan
sakilat, Amanta ngarontok awakna. Eta awewe teh teu dibere kasempetan
pikeun nyarita sakemek-kemek acan. Amanta badis anu kasurupan. Tanagana
anu bedas, ngagulanggaper awak eta awewe. Teu beda jeung maung kalaparan
anu keur nyasaak sato kabeukina.
“Kang Amanta…” pokna rada halon.
“Gulan,” tembal Amanta bari ngagulitik. Renghapna haroshos keneh..
“Dupi abdi teh parantos dibayar ?”
“Teu acan. Tapi tong sieun lah, pokona ku akang baris dibayar langkung ti nu sanes, geulis…” ceuk Amanta bari ngararasakeun kanimatan anu taya hinggana. Hatena bungangang, sabab duitna bakal beak dipake mayar eta awewe.
“Kang
Amanta, abdi teh memang istri teu leres. Unggal wengi abdi teh pasti
gentos pameget. Namung nya kitu tea. Unggal pameget oge ngan ukur gaduh
napsu anu ageung. Ari dina prak-prakanna mah geuningan… geledug ces,”
“Maksadna kumaha, geulis ?”
“Sumuhun,
abdi oge normal, Kang. Abdi peryogi kapuasan batin. Saumur dumelah,
nembe ayeuna pisan abdi tiasa ngaraoskeun anu disebat kabagjaan batin.
Moal hilap abdi teh ka Kang Amanta mah. Endah pisan geuningan. Abdi
ngahaturkeun nuhun ka Akang,” kitu pokna. Irung Amanta mani rebeh-rebeh
bae. Ceuk rahulna mah ampir ngapung.
“Salajengna, mugi Akang ulah rengat galih, abdi moal nampi artos ti akang,”
“Naha ?” Amanta ngagebeg.
“Hapunten,
Kang. Sanes abdi bade ngahinakeun salira. Namung, abdi parantos jangji
ka diri abdi nyalira. Upami hiji waktos mendak pameget anu tiasa masihan
kabagjaan batin, abdi moal nampi bayaran sabaraha wae oge. Malihan abdi
baris masihan pangdeudeul artos anu ageungna samiliar. Henteu dipotong
ku PPN.” ceuk eta awewe bari
ngarangkul Amanta mani tipepereket. Sedengkeun Amanta reuwasna liwat
saking, kaget kabina-bina. Awakna ngadadak ngeleper. Leuleus satulang
sandi. Teu pati lila, les Amanta kapiuhan. Teu inget di bumi alam. ***
Wanci Sariak Layung di Situ Panjalu, 1421 H
Ku DHIPA GALUH PURBADimuat dina Majalah Manglé