twitter


LANGIT kasumba. Rambut-rambut matapoé tingkélébét  ngagurat ngahirid wanci nu méh surup. Tihang-tihang la­ngit, jurungkunungna gunung-gunung sagolédagan deui kana bantal jeung guguling peuting. Semu hideung poék mongkléng. Semu pirang, ongkoh. Sariak layung nu ngungun suwung. Asa nyorang lukisan-lukisan Van Gogh mangsa manéhna rumanggieung sanggeus ngeureut ceulina. Ngan langitna, langitna tungtung panon nu kahalangan rewigna buuk kuring nu tan laas kausapan cinyusu, kanvas raksasa nu salawasna nga­robah-robah rasa téh, henteu ngulincer. Van Gogh mah mé­mang jénius dina mindah-mindah rasa. Mindah-mindah nu motah dina jeritan paratna katunggaraan ingkang dirina. Langit Van Gogh nyatana langit nu motah. Aléwoh ku kahayang jeung kahariwang anu namper dina warna-warna cétna anu hégar, tapi jadi garis-garis angin anu gulak-gilek lir haté nu lewang, luwang-liwung nyawang puntangan. Di dinya, aya cimata warna-warni. Aya keclakna getih nu lumanggéor kapangpéng­keun motahna napas bumi. Napas gunung-gunung. Napas gupayna kembang-kembang srangéngé nu ngarandakah nya­wang lalangsé. Tapi lain konéng jeung héjo ngémplohna ka­bungah. Geus lain wayah. Baheula mah Mamih sok gancang nangkeup kana harigu. Hégak napasna nu ngeleter, ngamalir nepi ka simpangan jajantung jeung paru. Teuteupna haneut kana kongkolak panon kuring. Komo mun dina aisanana, asa ngalayang na marakbak­na méga-méga. “Geura ngawasuh panangan nya, Eulis! Sakedap deui Ustad Zénal sumping. Tong ameng deui! Tuh kalong gé tos pupuntiran. Maralakan ramo-ramo sareng rambut tangkal kalapa. Badé barobo. Sieuneun raja kalong hideung nu janten Kélong Wéwé!” Ngabelenyéh kuring téh. Dihaja ngarah Mamih marahmay. Geus sababaraha bulan atuda suwung baé. Biasa, Papah carang mulang. Langka bajangkar ka kamar Mamih. Gancang muru jamban. Pupujian bari neueulkeun dua leungeun kana pipi ku­ring nu semu beureum pias. Gulak gilek. Tapi ayeuna mah henteu. Biwir asa katalimbeng. Rapet. Pageuh. Keur naon Mamih ayeuna? Masih ngahuapan sop buntut kaseneng Papah, kitu? Sono mah sono. Da kaasihna masih karasa nganteng mapat marat na rasa. Meureun mana kitu du’ana husu kawas nu geus kaliwat-liwat. Enya, apan ieu anu digeugeuhan ku  kuring ogé teu dileupaskeun Ka Lurah Tisna Sanjaya harita. Méméh kuring muncak tunggara. Méméh kalénder-kalénder, bonéka Barby, rorobotan bangkong, sapédah sport, papakéan nu sarwa sutra, sapatu kulit jeung kéts, hénpon, komunikator, i-pod, kasét Cian­juran nepi ka underground, barejad, nyéngléd, saroék, kalim­pudan lebu kasimbutan ramat lancah. Hieum. Cakueum. Tuh jam bufét nu bandulanana tina tambaga gé geus pireu. Kélénéng kelentréng­na geus napel dina kasimpé. Jarum jamna ngajeten. Kai-kai jatina parias, kuleuheu, sanasib sakulinceran jeung lomari, korsi bongkok belenong, tihang kuda-kuda, jeung suhunan tina Rasamala katut eréng-eréngna. Kitu deui jeung nyangkérokna kusén katut panto jandéla kamper Samarindana. Rarewig pasoléngkrah cék nu sok lalar liwat pabeubeurang mah. Kawas kana buuk baé. Enya atuda imah kuno ieu mah geus langka kapiara. Enya, ayeuna mah tara aya nu wani ngalanto ka dieu mun geus sareupna. Ngan Bi Jumsih. Awéwé pangbedasna jeung pangludeunganana saalam dunya sakanyaho kuring, nu hamo maturan. Purah jaga ti dituna mah. Ti bilatung dulang kénéh manéhna tuhu satia. Nyuruluk nyabun ngamandian. Ngawe­dak­an ngayuputihan ngahuapan. Lir indung ka beubeulahan haténa pituin. Seja ngaping ngagandong ka sakola ka madrasah. Ari pakanci, siga parebut jeung indung kuring. Siga sahaté satungkeban lalangsé. Ongkohna deuih, Bi Jumsih rarandaan tuna tuturus. Sok komo deui, beubeulahan haténa ingkah tan béwara jeung nu lian. Cenah, nu leuwih nyeletrok kénéh. Neuhneur beuneur lempay gugupay pelenting cangkéngna. Enya, pasakan Bi Jumsih sakanyaho jeung Mamih nu pang­dipikaresepna ku kuring. Sop buntut. Sarua jeung Papah. Tangtuna sop buntut sapi. Rapang bawang goréng bawang héjona. Tomat wé sakeureut. Kalan-kalan maké jeruk nipis. Peuting ieu ogé geus sadia. Baku. Biasa ari malem Juma’ah téh manéhna rikat nyadiaan. Teu poho apel Malang-na. Jeruk Sunkis pon kitu deui. Cai hérang dina gelas keramik biru Bénhur, masang jeung cai kopi ledoh dina batok kohok. Sanguna nu pulen jeung seungit hiliwima pandan. Enya da angger Pandan­wangi baé. Cenah téa masang jeung tembang kameu­meut kuring: Cianjur jeung Cianjuran. Baheula mah kulitna lemes tangtuna gé. Tuh, ayeuna mah beuki karijut. Beuki bongkok deuih. Atuh leumpangna gé semu digusur. Méh siga Si Bongkok ti Northredam nu goréng tang­tungan awon rupa tapi jujur satia. Untung kénéh sakitu gé, teu ngéngsrod ngésor kawas kuring. Ngan pameunteuna angger hégar beresih. Ah, nu langka batal wudu téa atuh aurana angger nga­genyas. Tara laas dongéngna. “Duh Endén Putri, teu diwedak gé kalinglap waé... Akang mah!” “Gandéng siah, Ajo! Kadéngéeun tukang nyieun pilem geura!” “Muhun, da masih kénéh... pelem atuh Jumsih mah!” pokna bari anteng ngaguntingan daun kacapiring. Irung rebéhna balap jeung kumisna nu jocong. Panonna gular-giler, nempo pu­pu­cukan bari sakapeung ngarérétan Bi Jumsih. Ih, ari katresna! “Meungeus, ah! Éra yeuh ku Si Enéng Eulis! Tuh da seuri konéng! Geus ngarti tuda ninggang di budak calakan mah!” Mang Ajo, supir Papah nu kalan-kalan ngurus taman leubeut ku kekembangan téh, kalah beuki ngagonjak. “Éra mah, lamun taeun dina tarang, atuh Ayang!” “Éh, meungeus ! Aya budak di dieu téh!” Harita mémang kuring lebeng kénéh. “Naon taeun téh, Bi?” cék kuring hélok. Bi Jumsih semu pias. “Tuh, nya... aaahhh!” pokna bari memener samping kebatna, terus mangku kuring. Ingkah. Anéh Bi Jumsih mah. Tara maké saragam bodas kawas pembantu di Villa gigireun. Villa Aa Jimmy nu mirip Aa Jéffry dina télévisi. Éh, apan Aa Jimmy gé sok kana télévisi kétang. Peutingna, basa simbut buludru dikeukeupkeun méh semet gado, méméh néon baganti lampion nu pinuh ornamén, hadiah Papah basa tas ti Rusia, ‘taeun’ téh ditanyakeun deui. “Taeun téh... karang India!” pokna. Beungeutna semu beureum. “Naha atuh nyebat éra? Apan Bibi janten siga Aishwarya Rai?” “Tos ah, geura bobo. Apan énjing badé ka Dufan!” cetrék mareuman néon. Reyem-reyem. Ayeuna mah leuwih combrék. Harita téh taun 2000 asana. Salapan taun ti harita, leuwih ti soal ‘taeun’ gé antukna mah apal, sanajan tara diapalkeun. Da tara aya dina ulangan sakola jeung téntamén ieuh. Ari ayeuna taun sabaraha, nya? Ah, geus teu penting taun sabaraha-sabaraha gé. Jam jeung detik geus leungit di dieu mah. Ngan keur nu masih jumeneng penting sotéh. Hiliwirna bau bawang, nyampur jeung ngeletekna haseup nu terus ngelun mawa seungitna menyan na parupuyan. “Si Bibi mah tipeu Ema-ema jaman baheula. Yeuh Ibi, gentos menyan téh geura ku parfum!” harita Aa Jimmy ngageuhgeuy­keun. Bi Jumsih seuri konéng, “Ah, da hakékatna mah sami kénéh atuh, Aa! Ngusir sétan! Seja mapatkeun du’a ka alak paul, Ka Nu Murbéng Alam!” Bi Jumsih anteng niup parupuyan. “Assyiiiik, Bi Jumsih udah hakékat banget, déch!” ngagakgak. Untung sorban bodas beureumna nu jiga Yassér Arafat teu arudulan. Enya, asa kamari kénéh. Éh, itu dina méja makan geuning surat ti incu Pa Zidane San­jaya, tuturus Lurah Pa Tisna Sanjaya nu duka ka sabaraha, nu tadi beurang dibikeun ka Bi Jumsih masih aya kénéh, nya? Sina dibaca ku kuring meureun? Enya sigana, da biasana mah tara disimpen dina méja. Sok terus dibawa ka kamar nu pang­tukangna tempat Bi Jumsih titirah. Tuda paling gé surat tagihan ronda atawa udunan mun nu maot biasana gé. Mun aya surat ti Papah atawa Mamih, kakara sok disimpen dina méja bareng jeung susuguh. Bi Jumsih mémang bakal katempo anéh ku nu lian mah. Mun keur sono naker, kuring sok datang kana im­pianana. Isukna, sok katempo hégar marahmay ari geus didatangan téh. Ah, da tadi gé geus dibaca asana. Eusina, cenah rék aya nu nyieun pilem di ieu imah. Sarua eusina jeung omongan Bi Jumsih basa tadi ngobrol di tepas jeung incuna Pa Zidane Sanjaya. Ari Pa Zidane Sanjaya apan budakna Pa Tisna Sanjaya nu katilu. Ieu mah incuna. Janggawaréng kitu atawa kakait siwur ka Pa Lurah téh? “Kumaha saur nu gaduh bumi?” Bi Jumsih ngabetem. Dareuda terus ngajawab, “Pami ju­ragan pameget sareng juragan istri mah, Adén, apan tos teu pa­tos maliré. Saurna tos teu kiat nanaon!” Ehm. Mémang karunya Mamih jeung Papah téh. Basa di­longok gé, Papah keur diinfus. Mamih anu maké kursi roda, sa­tia marengan. Alus ka pucukna carita Mamih jeung Papah mah. Basa keur ngorana mah sok remen paloba-loba carita. Gurger. Durder. Enya, Papah téh nyéléwér. Apal pisan da nyélé­wér­na gé sasat ka babaturan kuring di kampus harita. Siga dina novél pop jeung sinétron pisan. Ngan teu pati lila, da Papah kaburu éling, asana. Mamah bungangang deui. Tapi ku kasus éta, jeung kuring mah Papah téh, hésé deui akurna. Haté kuring asa beulah, harita. Karunya ayeuna mah ka Papah téh. Da seug lamun kuring téh masih hirup, masih ngabeuleugeunjeur, moal teu dirawu dikeukeupan. Komo ka Mamih mah, hayang ngagaléntoran. Haté naon atuh anu teu raheut nempo kolotna sorangan geus teu payaan? Batur gé pasti boga kanyaah nu sarua ka akar hirupna. Enya, sanajan ayeuna jarak jeung waktu lain halang­an, bisa ngebelesat sajorélat ka rumah sakit di Singapura kawas basa ka Mamah mangsa beunang ku struk. Atawa mangsa ayeu­na Papah keur di rumah sakit Canbérra, Australia, keur keuna ku kasakit nu sarua, tetep taya gunana. Ngangres. “Pami saur raina nu di Jakarta, kumaha Bi Nini?” Bi Jumsih, nu ayeuna mah sok nelah Bi Nini ngeluk siga bari ngitung ubin keramik nu geus rarenghat bareulah. “Mémang nyaluyuan, Adén. Tos néken sareng produsérna saurna. Anjeunna mémang nu janten bakal ahli warisna ieu bumi. Teu téga saurna, mung nuju kapépéd. Badé kumaha deui atuh, Adén? Bi Nini mah bingung, Adén. Naha... mani bet keukeuh-peuteukeuh, nya?” “Sumuhun, Bi Ni! Keur mah ieu bumi téh katélah... ayaan. Dalah tos janten kacapangan balaréa, teu di daérah Puncak ieu wungkul, ka Jakarta gé tos lami dugi. Ayeuna der badé dijan­ten­keun pilemna. Langsung cenah di lokasina. Supados leres-leres orisinil!” “Waktos dongéng ieu bumi aya dina koran sareng majalah, harita, haté Bi Nini mah rajét pisan, Adén! Komo upami ayeuna janten di... pilemkeun. Ah... ancur... ancur... Bi Nini, mah!” Harita Bi Jumsih ngagukguk. Buukna nu geus ngeplak lir kapas langit, méh murudul maluguran kawas kembang-kembang srangéngé di pakarangan ieu villa nu beuki teu kapiara. Kuring gé leuwih ti neureuy ciduh garing ngabedahkeun ci­mata. Leuwih sedih batan harita mangsa kuring dirogahala di ieu villa anu ngaplak dicét bodas. Di ieu tempat lahir kuring nepi ka jengkerna, sanggeus suku kuring dihabek stik golep, cangkéng jeung sirah diteumbragkeun kana tungtung méja jati, dirampas makuta nu ditata dijaga ku kuring kalayan pageuh jeung gemetna. Tempat kuring ditandasa nu kacida poharana. Tempat di mana kuring saterusna ngangsrod, matak disarebut Hantu Ngésot gé. Suster Ngésot téa. Hantu Ngésot cenah kuring téh. Suster Ngésot. Ngésod kénéh Bibi nepi ka ayeuna gé, ngésod kénéh Mamih, ngésod kénéh waé.. Papih kuring téh. Ngésod. Sarua ning sesebutanana jeung nu di Jakarta baheula, najan loba béda alur jeung plot caritana. Enya, asa inget deuih kana unsur intrinsik jeung ékstrinsik dina prosa, basa keur SMA ieu téh. Ké... asa tagiwur kieu ieu téh! Ah, keun baé disarebut Suster Ngésot gé. Siga carita jurig nu kungsi dilalajoan, dianteur Aa Jimmy jeung Bi Jumsih katilu Mang Ajo. Da sieun atuh. Serem cék babaturan gé. Leuwih serem batan nu geus dijieun pilem dina taun 2007 baheula. Paingan atuh nu kabireungeuhan panggih kawas dina pilem téa, sok sieun­­eun ku kuring téh. Teu nyangka sacongo buuk gé, carita dina éta pilem téh bet kaalaman ku kuring. Ah keun waé saterusna disarebut jurig nu pernah dilalajoan ku kuring gé. Kieu-kieu gé kuring mah jurig démokratis. Teu ieuh dipaké nyeri haté, da kitu buktina. Geus bosen nyeri haté téh. Nyebutna gé geus teu hararayang. Apan geus leungit haté nu gudawangna gé. Geus euweuh. Ratusan, atawa teuing rébuan kanyeri geus leuwih ti namper. Leuwih kiled batan aspal. Sajarah kuring mémang pinuh ku getih. Pinuh ku nu nyilétan haté. Mangsa jadi béntang di kampus Akademi Keperawatan jeung Kebidanan méméh ka Kedokteran, harita gé kuring mindeng nyeri haté. Ari bogoh ka babaturan sakelas, atuda sarua setrésna. Loba teuing tugas praktikum. Komo apalkeun­eun mah ngahunyud. Ari bogoh ka dokter, apan loba nu geus karawin. Dalah kuring sering diontrog jongklok tah ku saba­baraha urang pamajikan dokter téh. Duka teuing atuh, apan sala­ki maranéhna sorangan nu lieur téh. Utamana lamun keur kuliah prakték jadi suster, sok loba nu tepak toél. Teu dilayanan téh, dokter sénior mah bet kalah mitnah, majar kuring nu nga­goda. Leuwih ti batan diinfus unggal urat dina awak, tah! Leu­wih ti dicocogan rébuan jarum suntik. Bogoh téh apan ka sahandapeun antukna mah. Ka budak bungsu anak sobat Papah. Teu disatujuan, deuih. Éra cenah. Tong ngawiwirang kolot, cék indungna téh. Nyeri Aa Jimmy, Nye­ri Aa Jéffry. Ah geuning, ka sasaha téh bet jadi masalah. Ka si itu kitu, ka si ieu kieu. Loba teuing nu marebutkeun téh kalah matak lieur. Loba nolak antukna mah. Tapi nya kitu, kanyeri terus... terus... hantem marengan. Apan anu ngarogahala gé salah saurang ‘penggemar berat kuring’. Wawuh pisan. Deukeut pisan. Tapi naha bet maéhan? Pira gé teu daék diajak teu uni. Padahal ari hayang ‘taeun’ mah, hayang ‘karang India’ mah, apan marakbak dina internét gé. Di jalan, di café, di hotél, di kolam renang, dina lip, di tempat kos-kosan, di mana jeung iraha waé ogé loba. Ceuyah siah di luhureun menara pangluhuma sadunya gé! Huh! Fuahhhh! Basa geus tilar dunya gé kitu. Ka Bram Stoker Si Pangéran Drakula ngan tahan sataun mun diukur ku ukuran waktu du­nya mah. Geuleuh tuda hayoh waé ngajak ulin ka gudang Palang Mérah Indonésia. Diajak ka Paléstina, Irak, jeung Iran mah nu harita loba getih di pangperangan, mumul. Loba kénéh anu saroléh, jadi sieun cenah. Getih nu jihad mah kalah matak melag. Sok panas kana awak. Ari di Indonésia mah haraneut nuju ka seger. Najan loba nu wiridan da leuwih loba nu henteuna. Ngan di dieu mah sok paheula-heula jeung Vampir ti mana ti mendi maok getih téh. Dasar Drakula jeung vampir goblog! Keur hirup jadi bangsat gerotan, mangsa jadi jurig ogé maling kénéh waé. Jeung Dr. Frankenstein, kalah milu coplok sirah. Ngan tahan genep bulan opat poé lima jam opat puluh dua menit tujuh detik ukuran dunya. Jeung Dr. Faust-na kitu deui. Nya kumaha, atuh? Jeung Hamlét Pangéran Dénmark sarta jeung Raja Léar anu dicaritakeun William Shakespheare gé, teu tahan lila. Maenya rék bobogohan waé kudu bari ékting. “Kedah merenah atuh calikna, Yang! Supados luyu sareng blokingna. Tah ieu naskahna gé kieu heula!” cek Hamlét bari mesat pedangna. Ari jeung Raja Léar mah matak kesel. Tuda ngapélan téh sok bari ceramah politik jeung filsafat nepi ka subuh. Eureun sotéh kagareuwahkeun Bi Jumsih ari rék solat. Aya deui Si Roméo nu maot alatan bunuh diri nginum racun téa. Ngan ari bobogohan téh keukeuh kudu dina tarajé. “Supados romantis, sapertos ngawitan Aa nepangan Juliét ka loténgna!” alesanana téh. Tapi ah, bogoh waé da kasép enya ogé mindeng timburu jeung matak cangkeul ditangkeup dina tarajé mah. Hararésé deuih bari ngésod mah. Tapi teu lana deuih, da kaburu diontrog Juliét-na. “Ari Aa Roméo téh hoyong racun deui?” sentakna bari ma­ma­wa botol. Jejebris. Ka kuring gé mureleng. Ka Genderewo mah komo ngan lima menit. Bararaid. Ha­yang bobogohan téh kudu di tempat anu cék manéhna romantis: di kuburan, tempat miceun runtah, cubluk, atawa tempat ngec­rét muncratna limbah. Aya anu rada tahan téh Si Jurig Jarian. Pédah éta kuring sering ka WC, ka jarian. Sering panggih ahirna jadi kapincut. Komo da manéhna sok resep ngahibur. Kungsi méré tarucing: “Yang, walungan naon anu pangpanjangna?” Kuring ngaja­wab, Sungai Nil. Lain cenah. “Sungai Cikapundung, Sabab meun­tasan Asia-Afrika” kéomna. Kuring mésem. Aya deui anu kieu: “Yang, kunaon Monas di luhurna aya emas?” Kuring gideug. Pokna téh,”Upami aya ayuan mah pasti pada naékan!”. Keur jumeneng kénéh gé cenah mah sok rada sableng. Kungsi ngahaja ka dokter nu geulis. Geus dipariksa terus dibéré obat. Manéhna gideug. “Néng dokter, abdi mah lebet angin. Ho­yong téh pangerokeun wé!” Malah kungsi dokter geulis téh digelendeng ku manéhna, “Néng dokter téh ku naon bet siga nu limpeuran? Anu rieut téh apan mastaka pribados, tapi naha anu disuntikna bet... imbit?” ka dituna dokter nu masih parawan téh, cenah jadi sok  nepung­an ka kosanana. “Badé naon, kitu?” cék kuring téh. “Ménta dipangnyuntikkeun!” témbalna teu euleum-euleum. Ah, kitu waé sering gogonjakan di jarian téh. Baheula ogé aya dulurna Bi Jumsih anu teu ngahaja nempo kuring keur jeung ma­néhna, langsung kapiuhan. Ngelepek. Untung teu keur so­sonoan. Ka saha waé nu ngapélan ka ieu villa, ku kuring mémang langka ditampik. Kagok nolak téh. Keun, itung-itung silaturahmi baé. Da tara aya anu dilayanan kaleuleuwihi. Komo lamun di­ocon­an ku Ramsés jeung Fir’aun mah, sok dijudesan. Kitu deui ka Si Korun, Abu Jahal, Judas, Jengis Khan, jeung sakabéh tokoh jarahat anu maotna teu sampurna téa. Ngan orokaya jadi loba gangguan ka ieu wilayah. Komo mun Si Jimmy Héndrix apél, kabeukina ngahitar luhureun suhunan. John Lénon, Fréddy Mércury, jeung Kurt Cobain ogé saruana deuih. Nu leuwih mahiwal mah Si Élvis Presléy, Ari geus nyanyi téh sok terus malédog ngabalangkeun piring jeung gelas kana témbok. Ta­tangga loba nu teu tahan lila. Gararandéngeun. Kagareuwah­keun. Geus puguh anu barogana mah apan leuwih hadé nyéwa­keun villa-na ka saha baé. Baheula, sanggeus kuring ngababatang guyang getih, Mamih jeung Papah ngalanglang buana ka Swiss. Kuring gé ngarti da atuh sahaté anak jeung sungapanana mah. Komo deui kuring téh nunggal. Sasatna teu adi teu lanceuk. Kolot mana atuh nu teu ceurik getih... anak nu ngan hiji-hijina, nu dipuja didama-dama, di gunting buuk di Barjanzian dibubur beureum bubur bodas ti keur orok beureum kénéh, ngadadak leungit misah alam. Keur mah deuih, rumah makan bogana Papah mémang pang­maju­na mah anu di Swiss, meureun ka ditu téh niat ngubur ci­mata getih aranjeunna. Dulur deukeut anu aya di wilayah ieu ogé parindah. Pabéja-béja waé ngeunaan ieu wilayah, uta­mana di ieu tempat, ieu villa bodas téa, jadi sayang rupa-rupa. Ngan ukur Bi Jumsih anu kuat téh. Jeung ari keur kuring di dieu mah, tara aya sarupaning sétan marakayangan naon waé anu daék ngaganggu Bi Jumsih. Aya nu matak ketir. Kungsi aya nu nyieun acara Uji Nyali jeung rupa-rupa acara ‘penampakan’ lianna, nu hayang panggih jeung mahluk lain alam di ieu villa, teu kararuateun. Tong boro nempokeun saka­béh dedegan tuda, karék ditempokeun cingir gé bubar. Loba babaturan nangkring ngagosip kawas Si Manis Jembatan Ancol, Nyi Blorong, Sum Kuning, Kuntilanak, atawa Marilyn Monroe nepi ka Lady Diana, kaasup kuring jadi kahibur pisan nempo jelema-jelema anu lalieur téh. Cék timbangan, hayang arulin ka ieu alam mah geus waé atuh maraot heula. Kumaha waé carana. Gampang ieuh. Silét aya. Kampak balatak. Baygon nepi ka narkoba pon kitu deui. “Asal ulah gantung diri, wé nya! Abdi gé ieu tapakna nyeri kénéh!” saur Ceu Léak nu anyar mudik ti Dénpasar . “Pami badé gé maké benang dina tangkal cikur!” cikikik Si Beranak Dalam Kubur. Saréréa ngahihih. Kaasup Si Dhang Nhak ti Thailand nu keur namu. Ti harita... lamun nyikikik téh sok ditambahan hihihihi... hih... hihi. Matak, keun waé Bi Jumsih. Bi Nini. Sawios kituh. Arék milemkeun sajarah kuring mah da moal aya pangaruhna ka kuring gé. Rék vérsi anyar rék siga anu heubeul, pék téh teuing. Ngan mémang tungtung caritana meureun ngagantung. Apan nu ngarogahala kuringna gé masih bébas. Mémang taya saksi harita téh. Da si kéhéd téh siga nu apal di imah bakal towong. Datangna téh meulah bulan deuih. Pinter ngaleungitkeun tapak lacakna. Dasar ahli forénsik. Élmuna dipaké keur jalan tolna sétan. Sabenerna mah aya gé pulisi nu hasil nyusud. Kuat bukti. Ngan teu wanieun. Loba bayonét nu teu katara nyemprung nuju ka manéhna. Kitu deui ka kulawargana. Asa hayang geura tenang pisan ieu téh. Asa hayang aya nu ngamandian deui. Nyabunan ngandukan. Ngayuputihan nga­we­dakan. Ngabajuan nyapatuan. Ngajékétan ngabonduan. Mamih, tos capé abdi téh ngéngsrod waé. Tos capé, Papih. Tos capé Bi Jumsih. Tos capé. Keun, lamun aya nu rék milem téh bagéakeun waé, Bi Jum­sih. Sing Kuat! Sugan waé atuh Bibi Nini téh milu jadi bén­tangna. Inget apan baheula, cék Mang Ajo, lalaki nu ahirna nikah ka Bibi najan ngan sabulan lantaran pati ku flu burung, pernah nyebutkeun Bibi téh geulis. Terus Bibi apan nyaram, jebi, majar bisi kanyahoan ku tukang nyieun pilem. Lain pelem, Bi. Tah ayeuna, peuting ieu pisan bakal daratangna téh dina surat tadi mah. Tong sedih, Bi! Tong asa ancur! Ti baheula Bibi téh kuat. Ayeuna ogé kudu kitu. Salawasna kitu. Kuring hayang nempo Bibi ngalalakon dina éta pilem. Apan kitu ogé tawaran dina éta surat téh. Hayang orisinil, kaasup tokoh-tokohna. Aya ku teu uyahan, mémang! Tapi...keun! Keun! Keun! Lamun purun mah, kuring gé rék milu maén. Teu kudu dibayar. Duit mah kari metikan ieuh di pipir gé. Komo lamun béntang utamana teu bisaeun mah, kuring rék ngaharéwos ka sutradarana. Asup kana unggal impianana. Manéhna kudu nyaho. Kudu ngarti. Yén, tangtu kuring bakal leuwih nyaho jujutanana. Kuring gé apal saha produsérna. Penjahat mah sok kitu. Sok balik deui ka tempat di mana manéhna ngarogahala korban napsu bejadna. Hayang yakin dirina aman tina hukum­an. Keun! Enya, Bi! Keun sina dibéjakeun ka dununganana: Kuring suster ngésod, arék milu maén!***


Ku Eriyandi Budiman

0 komentar:

Posting Komentar