twitter



Nén diuk gigireun. Awakna rada ngadayagdag nyarandé kana awak kuring. Teuteupna anteng kana akuarium. Nuturkeun panénjo kuring kawasna mah. Ari kuring, teuing kumaha, peuting ieu bet ngarasa betah neuteup akuarium téh. Teuing neuteup laukna, teuing neuteup caina, teuing berekbekna, teuing neuteup latar gambar karang tukangeunana. Akuarium anu biasana diapilainkeun. Padahal eusina lauk lou han. Lauk mahal, cenah.

“Ieu mah lauk mahal, Bapa. Tuh, tingali motifna ogé kawas aksara Arab!” ceuk Si Alan anu méréna. Soal Si Alan barangbéré ka kuring, éta mah bagian tina bisnis manéhna, supplier barang-barang bangunan. Ari kuring, lah, teu kudu dicaritakeun deui soal kalungguhan mah. Anu jelas, kuring milu nangtukeun rékanan pikeun pangwangunan hiji proyék di ieu kota mah. Tangtuna gé proyék pamaréntah, apan kuring téh kaasup kolem pejabat ésélon dua.

Anu jadi pikiran ayeuna téh, naha Si Alan kamari bet méré akuarium? Jeung nyaho deuih, dikirimkeunana téh lain ka imah “nu itu”, tapi ka dieu, ka imah “nu ieu”. Imah kuring anu mimindengna dieusian ku Nén.

Laukna, lauk lou han. Huluna nongnong, awakna semu beureum. Disidik-sidik bet enya motif dina awakna siga aksara Arab. Aya nu siga alif, aya nu siga elam. Ngan tungtungna, teuing ha, teuing emim, teuing hamzah.

“Lauk anu kieu téh Bapa, ku batur mah ditéangan. Hargana ogé mahal,” ceuk Si Alan deui.

“Naon anu matak mahalna téh, Lan?”

“Motifna, Bapa. Ku batur gé geus ditawar lima juta, ngan ku sayah teu dibikeun. Sayah téh inget ka Bapa. Resep teu resep ku Bapa kudu ditarima.”

Teu hadé nampik pangasih. Najan harita mah, ceuk ingetan téh, naon bédana lauk lou han jeung lauk séjénna? Nu ieu mah istiméwa, cenah, lantaran motifna kawas aksara Arab. Tapi tetep kuring teu ngarti ari hargana nepi ka ngajuta mah. Meureun aksara Arabna anu matak mahal téh.

Lamun téa mah peuting ieu kuring anteng neuteup akuarium, neuteup lou han, leuwih keuna mun disebut “tibatan neuteup nu lain-lain”. Kaasup Nén anu nyarandé kana awak kuring. Padahal Nén ukur diharudum ku simbut. Padahal can dua jam kuring pisan anu ngalantarankeun Nén ukur kitu papakéanana téh. Tadi mah komo, teu disimbutan-simbutan acan. Padahal tadi mah panénjo kuring teu daék ingkah tina sagala rupa nu aya di Nén.

“Urang téh badé kikieuan baé, nya?” ceuk Nén tadi di kamar, bari ngusapan dada kuring anu ngedeng gigireunana bari lungsé.

Lamun téa mah kungsi ditonjok hulu angen ku Mike Tyson, ieu mah karasana leuwih ti kitu. Keur mah eukeur éta hal téh keur jadi pikiran kuring salila sababaraha poé. Ngan sok buru-buru disalénggorkeun. Anéhna téh teu bisa leungit ku nu lain-lain, iwal ti leuwih pogot pagaléntor asih jeung Nén. Ari tadi, bijil pisan tina biwir Nén bari neuteup leleb kana mamaras mata, tembus kana haté. Kuring ukur bisa ngahuleng bari teuteup anteng kana lalangit. Teu wasa paadu teuteup jeung Nén.

“Pa!”

“Kulan, Cay!” kuring maksakeun heureuy, saperti biasa sok nyabasakeun “cayang” ka manéhna.

“Ku naon?”

“Ah, henteu. Ieu mah nuju ngumpul-ngumpul tanaga, bilih kedah …”

“Kedah naon? Kedah naon?” ceuk Nén bari nyiwit kana cangkéng.

Kuring ngagurinjal. Teu kudu aya alesan séjén pikeun hudang, ngarawél tutup awak sarawél-rawélna. Kaluar ti kamar. Nyician cai tina dispénser. Ngahirupkeun tipi. Diuk dina korsi. Tapi ahirna teuteup anteng kana akuarium, kana lou han, kana caina, kana berekbekna, kana hiasan karang tukangeunana. Nén nuturkeun.

Beuki lila, Nén beuki ngadayagdag ngabeungbeuratan awak kuring.

“Abdi mah alim sapertos lou han,” pokna.

“Naha?”

“Sanaos awis pangaosna, sanaos dipupujuhkeun sagala rupina, tapi dikungkung dina kaca,” cenah.

“Saur saha dikungkung? Apan Cayang mah tiasa bébas. Badé didamel mangga, badé neraskeun deui sakola, mangga. Badé aktif di organisasi ogé teu aya nu ngahulag,” ceuk kuring.

Nén téh lulusan paguron luhur, aktivis, malah kiwari geus digawé di salasahiji pausahaan Si Alan, beunang ngasupkeun kuring. Kuring banget panuju waktu manéhna aya karep hayang neruskeun sakolana ka S-2 téh. Kuring yakin pisan ku manéhna mah bakal kaotakan. Atuh soal waragad, teu kudu leuleuweungan. Ceuk rarasaan, lamun teu kudu ngabiayaan sakola adi-adina mah, ku ngandelkeun gajih manéhna sorangan ogé cukup.

Nén téh panggih jeung kuring sataun ka tukang, basa kuring jadi narasumber dina diskusi ngeunaan “pembangunan berkelanjutan” di kampusna. Harita Nén jadi ketua panitiana, mindeng konsultasi jeung kuring. Antukna jadi kateterusan.

“Muhun waruga mah,” cenah.

“Sanés, Cayang mah sanés lou han. Upami dina waruga mah, lauk emas, lauk kumpay anu girinyih ku gajih. Malih ceuk Bapa mah guramé, dikumaha-kumaha ogé teu weléh pelem.”

Didago-dago Nén nyiwit, henteu, teu cara sasari mun diélég ku hal-hal anu samodél kitu.

Kalah ka pokna téh, “Waruga mah tiasa bébas, malah mun tiasa mah hoyong ngapung ngawang-ngawang ka langit nembus lapisan ozon. Tapi jiwa, Pa, teu kiateun. Jiwa abdi sapertos lou han anu katalimbeng dina akuarium.”

Kuring geus ngabadé ka mana léokna maksud omongan Nén téh. Sanajan henteu togmol, Nén miharep sangkan kuring jeung manéhna ulah sakadar “mung ukur badé kikieuan baé”. Sabenerna mah geus sababaraha kali Nén ngedalkeun maksudna téh, ngan béda-béda carana. Tapi kawasna harita mah can tepung jeung kereteg nu bijil tina ati kuring sorangan. Masih kénéh bisa disalénggorkeun, bisa dibangbalérkeun ku rupa-rupa cara, kaasup dijadikeun anggota rombongan studi banding “pembangunan berkelanjutan” ka salasahiji kota di Tatar Wétan, anu diteruskeun refreshing ka Bali.

Saenyana geus sababaraha poé ieu kuring mikiran pola hubungan kuring jeung Nén téh. Pangpangna mah ti saprak si cikal bébéja, yén manéhna geus lulus ti SMA sarta hayang neruskeun ka paguron luhur. Beu, aing téh geus kolot, umur geus méh satengah abad. Sanajan di jajaran pejabat ésélon dua di ieu kota mah, kuring téh pangorana, tapi angger baé diukur ku jatah umur mah geus kaasup kolem cueut ka hareup. Rus-ras ka ditu ka dieu.

Ras ka pamajikan, anu sok jadi bebenjon jeung batur saihwan disebut “pamajikan jaman perjoangan”. Lain, lain teu nyahoeun kana kalakuan kuring téh, da lain sakali baé, jeung lain ayeuna baé deuih. Anu matak manéhna nyieun rupa-rupa kagiatan téh, kuring gé surti, pikeun ngabangbalérkeun katugenah haténa. Utamana kagiatan-kagiatan sosial, anu dina emprona geuning milu ngalalancar kana jalan karir kuring di pamaréntahan. Ras ka anak, anu nepikeun ka ayeuna katémbong reueus pisan ka nu jadi bapana. Ras ka anak buah. Ras ka itu, ras ka ieu. Ras ka Nén.

Nén, enya Nén. Anu keur basa mindeng ka kantor mah disarebutna ku anak buah kuring téh “anak angkat bapa”. Antukna jadi bahan gogonjakan deui baé. Anak angkat, anak anu bisa diangkat, dipangku, ditangtang diténgténg dijadikeun bonténg sapasi. Nén, enya Nén. “Urang téh naha bade kikieuan baé?” ceuk Nén tadi, sarua jeung pananya nu aya dina haté kuring. Malah aya tuluyna, “Nepi ka iraha?” Tapi Nén ngungkabkeunana ku basa anu puitis, basa rasa anu sari-sari putus asa.

“Nén!”

“Kah!” témbalna. Teuteupna ceuleuyeu, tapi lain ceuleuyeu anu sasari.

“Kersa ngantosan ….”

“Dugi ka bérés Pilkada?” ceuk manéhna megat omongan. Kuring unggeuk.

“Abdi gé terang Bapa téh badé dicalonkeun janten wabup. Abdi gé terang, saur sasaha ogé kans Bapa kanggo janten wabup téh ageung pisan. Leuh, sakumaha teuing raména upami Bapa ayeuna kanyahoan sareng abdi. Tangtos janten komoditas politik. Abdi gé terang Bapa bakal langkung milih karir ti batan abdi,” omongna neregteg lir bedil otomatis Rambo.

“Sanés kitu, Nén. Nén sing percanten ka Bapa….”

“Percanten, abdi ogé percanten. Namung, apan abdi mah lou han,” ceuk Nén bari nangkeup tipepereket. Aya nu maseuhan kana dada kuring, anu ti tadi katémbong ngembeng.

Situ Wanayasa, Juli 2005
(Juara Harapan Saembara Ngarang Carpon Kujang 2005)

0 komentar:

Posting Komentar