WANCI carangcang tihang. Panon poé tacan nembongan. Kuring geus ngiciprit leumpang mapay galengan. Wegahna mah wegah. Iindit usum ngijih téh ku jareblogna. Atuh ti imah téh nyékér, da sapatu sieun gancang ruksak. Ieu sapatu téh neundeun carita éndah antara kuring jeung manéhna. Kang Eman… mun hég inget waktu harita sok lelenyepan. Matak nineung ku sorot matana. Aya jamparing nu teu ngajirim nembus kana jajantung.
Lalaki anu geus méré harepan éndah pikeun ngalakonan sagara cinta. Lalaki nu munggaran ngajamparing kalbu, ngabeungkeut ati. Waktu harita wisuda, Kang Éman kungsi kedal jangji ngajak ka balé nyungcung. Duh, Kang Éman… Akang katinggal gagah, nganggé lancingan hideung, kaméja coklat sahéab. Buuk nu kulimis beulah gigir. Raray nu katempo cahayaan mangkak ku kembang asih tur meleber ku puspa tresna. Tengtrem ati nempo akang harita, sok sanajan rét ka tukang, ngadeg hiji mojang geulis, nu jadi pilihan kolot Kang Éman. Sora akang dédéngéeun baé nepi ka kiwari… moal bisa leungit dina implengan.
“Akang pasti datang deui ka Euis! Akang neudeun sabelah hate ieu. Antosan ulah pondok pikir néangan nu sejen! akang pasti datang. Euis percaya ka akang?” kitu euk Kang Eman bari neuteup kalayan geugeut.
Manéhna nanya kitu téh, kuring mah cicing bari teu basa teu carita. Kumaha teu rék peunggas harepan, calon anu rék dijodokeun téh pindah ka hareup, ngadeg ngaréndéng digandéng ku kolot Kang Éman. Nempo kitu, kuring asa kabéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Dunya asa eundeur.
“Ari kuring dilieuk gé hanteu ku kolot akang…” dina haté bari ngarénghap jero naker.
Rumasa jauh tanah ka langit antara kuring jeung Kang Eman. Kuring mah teu euyeub ku harta, ngan saukur anak guru. Ari Kang Éman mah anak juragan entéh anu taneuhna manghéktar.
Kang Eman lir nu surti, nempo panon kuring nu mimiti bijil cimata, da teu kuat nyanghareupan kaayaan. Gancang manéhna ngadeukeutan kuring bari ngaharéwos.“Euis, dina kaayaan kieu, akang moal tiasa ngalawan kahoyong sepuh. Tapi akang jangji, dugi ka lembur badé balaka ka Ema sareng Apa yén akang tos geduh pilihan. Euis kedah yakin, sing percaya ka akang…” pokna nandeskeun.
Kuring ukur cicing. Teu bisa némbalan. Biwir asa baal, teu bisa nyarita. Cimata ngeyembeng teu bisa dibendung. Sanajan Kang Éman méré kado ogé, tapi tetep henteu kaubaran. Ku nyeri ieu ati, asa diturih ku hinis asih. Dada gudawang asa ditigas pedang duriat. Tapi kuring ngayakinkeun diri, yén duriat Kang Éman tetep maskét ka kuring. Kado hadiah wisuda ti Kang Éman teu weléh dipupusti… sapatu nu kalintang ngandung ma’na.
Tilu taun kuring jadi guru. Tilu taun ogé kuring nungguan kang Eman. Unggal poé kuring élékésékéng teu genah cicing nungguan sora nu keketrok kana panto. Ngan lebeng wé nepi ka kiwari ogé, taya béja taya carita.
“Geuning kieu lalaki mah. Gampang pisan poho kana sagala nu kungsi karandapan. Gampil ngabangbalérkeun nu kantos ngancik dina haté…” ukur ngagerentes jeroning haté. Kuring kuciwa, keuheul, awor gumulung minuhan jajantung.
Kudu nepi ka iraha kuring nungguan Kang Éman? Ség umur kuring tuluy maju. Kolot. kuring geus nanyakeun waé: iraha rék kawin? Di lembur mah geuning béda jeung di kota parawan can papasangan téh jadi bahan catur tatangga.
Peuting harita, kuring keur gogoléran di hareupeun tivi bari ngopi bala-bala haneut jieunan Ema. Aya ku édas, Ema nepikeun béja tur semu nu maksa kuring pikeun milih jalan lian keur ngabagjakeun kolot.
“Nyi, Cep Wandi, putra Pa Lurah, nitip salam ka nyai…” kitu ceuk Ema.
“Waalaikum salam, Kang Wandi…” kuring ngagebeg. Lalaki nu salapan taun katukang kungsi ngabandring haté, ngabéngbat manah.
“Apan Kang Wandi mah sakola di Yaman? Parantos réngsé kitu sakolana?” tanya kuring panasaran.
“Nya, réngsé sigana mah, matak mulang ka lembur ogé. Tadi Ema pasangrok jeung Cép Wandi, waktu rék indit ka balé désa, menerkeun KTP Apa….” pokna deui Ema.
“Aya naon saurna?” Tanya kuring bari jongjon nonton ivi.
“Duka aya naon. Ngan cenah salam wé ka Euis, hoyong tepang…”
Duh… Gusti. Apan anu salila ieu ditungguan téh Kang Éman. Naha ngadéngé Kang Wandi, kuring jadi bungah… haté lir kembang nu rék paéh ngadadak hirup deui.
Blus ka kamar, gubrag ngabeubeutkeun awak kana kasur. Leungeun katuhu sup ngodok kana handapeun bantal nyokot poto Kang Eman nu unggal peuting ngubaran kasono nengtremkeun haté. Bari carindakdak, kuring mudalkeun eusi haté anu pinuh ku rasa kuciwa.
“Dugikeun ka iraha abdi kedah satia ka akang? Dugi ka iraha abdi nedunan jangji pikeun satia nungguan akang? Bari jeung anu diantosan tilem teu béja teu carita…” kuring teu bisa ngabendung budalna cimata.
Ti tengah imah, Ema ngageroan. Hawar- hawar di tengah imah kadéngé loba sora jalma. Kuring noong tina liang konci. Katempo, aya pa lurah jeung garwana.
“Aya naon pa lurah ka dieu?” kitu gerentes téh.
Teu lila, blak panto kamar muka. Sup ema asup bari maké karémbong kayas anyar meunang meuli di kemisan kamari. Kuring beuki héran, aya naon ieu téh? Naha réa jalma? jeung naha Ema make raksukan anu alus? Rék indit kamana?
“Nyi…nyi…!”. Kituna téh bari gék diuk di gigireun.
Gancang kuring nyusutan cimata. Ulah nepi ka ema nyahoeun kanyeri jeung kaperih haté nu kiwari beuki nusuk kana jajantung. Bari ngusapan buuk, ema nepikeun yén dihareup aya Wandi jeung indung bapana.
“Nyi, badé ngantosan naon deui? Tos puguh geuning arjuna nyai anu salila ieu di tungguan téh jalir jangji? Ema jeung Apa geus kolot. Isuk pagéto ogé mulang ka Nu Kawasa. Saacan mulang, Ema jeung Apa hayang reugreug haté ninggalkeun nyai boga salaki. Ema jeung Apa yakin, Cép Wandi mah lalaki anu bisa méré kabagjaan keur nyai. Jung, ayeuna geura sanghareupan…”. pokna ema.
Kuring teu bisa ngomong. Haté asa diturih ku hinis. Hayang ngajerit maratan langit. Kudu kumaha? Gabrug, nangkep Ema. kuring bisa ngarasakeun kamelang kolot ka anakna. Geus waktuna kuring nedunnan kahayang kolot. Kuring embung jadi budak doraka . Moal aya kolot nu téga ngusrukkeun anakna. Kitu deui, kolot kuring.
…Kang Eman, hampura abdi teu tiasa mupusti deui rasa asih… abdi tos teu kiat nandangan sangsara haté.***
Carpon HILDA HIDAYATI
Sumedang, 23 January 2011
(Dimuat dina Majalah Seni Budaya)