DI taman kampus panungtung ngariung téh. Si Damri ngajingjing kantong, Si Jomlo ngangandong rangsel, Si Léktor mah léngoh. Ngaran sobat nu tilu téh, kabéh gé lalandian, luyu jeung sasakalana.
Béda ti sasari, harita mah ngariung téh dilimpudan langit ceudeum.. Henteu kadéngé aya nu sempal guyon, dalah Si Léktor ogé, nu kasohor tukang heureuy, ampir teu kecét-kecét.
“Jadi urang téh rék baralik waé?” ceuk Si Damri, neuteup ka kuring. Sorot panonna béda ti sasarina.
“Kuliah geus bérés, diwisuda enggeus, naon deui atuh. Piraku rék saumur-umur mondok-moék di rohangan UKM. Urang téh pan boga kolot, boga lembur…” jawab téh, henteu kebat.
“Balik nya balik…” walon Si Jomlo. “Ngan déwék mah asa sedih euy, ampir genep taun urang babarengan, ayeuna kudu papisah. Biheung iraha tepung deui meureun…”
Gék dariuk dina jukut. Ukur kuring anu angger nangtung mah, ngencarkeun paneuteup ka lebah aula. Bréh, puluhan mahasiswa anyar nu ka luar-asup rohangan, tanginas, pinuh sumanget, semu nu hayang katangar ku mahasiswi. Atawa bisa jadi awahing ku reueus tur bungah geus undak kalungguhan tina siswa jadi mahasiswa.
“Asa kakara kamari asup ka kampus téh…” pokna Si Damri. Barang dirérét, nyaritana téhbari neuteup langit, bangun jarauh panineungan. “Terus tepung jeung maranéh, ngadegkeun UKM waduk angsa, nepi ka tara ingkah ti rohangan nu rupek. Kamari diwisuda, teu ngabéjaan kolot, euweuh nu nganteur. Ayeuna kudu ka lembur deui…”
“Nya éta atuh, déwék gé anéh. Asa teu meunang nanaon kuliah téh, ukur nyésakeun hutang di warung cikopi… sabaraha deui euy?” Si Jomlo neuteup ka kuring.
“Ku déwék geus dipunahan kamari,” walon téh.
“Sukur atuh. Boga duit ti mana?”
“Ngajual buku ka barudak anyar…”
“Sugan lieur. Cenah buku téh modal hirup?” Si Léktor bangun nu hémeng.
“Modal hirup mah ieu yeuh…” Si Damri ngantelkeun curuk kana tarang. “Maca buku unggal isuk, diskusi nepi ka tengah peuting, naon hasilna? Hayang dahar mah angger wé ngingkig ka warteg Si Nining…”
“Geulis nya, Si Nining téh. Hanjakal…” siga sasari, brasna téh ka lebah dinya baé Si Jomlo mah. Nyawang awéwé téh cukup ngukur tina rupana, tara hayang apal kasangtukangna. Asal ceuk manéhna geulis, sok langsung dihéroan. Tapi salila kuliah, asa tacan kungsi kabéjakeun aya awéwé nu bogoheun ka Si Jomlo.
“Burit teuing euy. Hayu rék baralik mah, déwék mah ti kamari asa baluweng…” ceuk kuring.
“Hayu atuh. Sasalaman heula, ngarah lancar di jalan, ngarah babari meunang gawé…”pokna Si Damri bari cengkat. Si Léktor jeung Si Jomlo ogé milu cengkat, najan semu anu wegah.
*CIKOPI tinggal dedekna. Roko ogé kari dua kenyoteun deui. Saenyana nu matak baluweng téh nyorang lampah ka hareupna. Sobat nu tilu ogé sigana sarua.
Balik ka lembur téh ukur mawa kaéra, da tangtu ka dituna téh ngaligeuh teu puguh cabak. Ukur bisa milu dahar jeung saré di imah kolot. Enya, sebut baé sarjana anyar nu nganggur.
Poé mangkukna, maranéhna baralik ka lemburna séwang-séwangan. Ari kuring, barang anjog ka terminal beus téh kalah ka hulang-huleng di warung kopi. Pangpangna mah asa teu wasa kudu amprok jeung Néng Lina. Geus kabayang ocrakna Si Bebenguk salaki Néng Lina, upama nyaksian kuring nu luntang-lantung teu puguh juntrung. “Deuleu siah, sarjana! Aing mah tamatan SDogé, geus kabeuli imah, mobil, sawah, tur bisa nyandingkeun Néng Lina!” meureun moal jauh ti kitu basana téh. Bakal kacida peurihna, lamun nyarita kitu téh bari ngaléng Néng Lina.
Ras ka ema. Enya, indung kuring anu kituna mah. Ari ngadongéngkeun kuring téh mani taya euih-euihna. “Putra abdi mah kuliah di kota , sakedap deui ogé bakal jadi sarjana…” kitu biasana, méh saban ngawangkong jeung tatangga di lembur. Tapi teu ngabibisani deuih, da ari ema mah moal pati apal pasualanana. Nu écés mah ema téh lain sakadar ngarasa reueus, bungah, atawa agul ku ayana kuring kuliah. Tangtu di satukangeun éta, aya harepan nu nyamuni. Moal boa, harepan nu digantungkeun di langit lapis katujuh.
Turun ti warung cikopi téh, tadina mah rék tuluy naék beus. Tapi teu kebat, da pikiran tacan panceg. Tungtungna kalah leuleumpangan, bari ngagandong kantong dieusi ijasah, diskét data skripsi, jeung baju seuseuheun. Leuwih ti lima kali pasarandog jeung tukang dagang asong. Biwir mah mani geus ateul, méh teu kuat hayang diselapan udud kréték, tapi sieun béakeun bekel. Kaasup sirah ogé geus rada weléh kudu hayoh baé gideug, unggal amprok jeung tukang jajaluk. Ari kuring rék jadi naon atuh? Kenék angkot? Tukang béca? Tukang ojég? Calo? Tukang nyapukeun runtah? Tukang mulung? Copét? Ah… mani euweuh piliheun pisan, tina rupaning pagawéan nu katénjo téh.
“Bang, mau istirahat dulu? Biar sama si aku dipijitin…” pokna hiji awéwé, nu keur nyarandé dina pager terminal. Kuring buru-buru ngabalieur, teu hayang neuleu deui. Ungkluk terminal! Teu puguh potonganana, kalah beungeutna camohok ku wedak. Geuleuh!
Wanci geus nyedek ka tengah peuting. Teuing geus sabaraha kilo méter leuleumpangan téh. Nu écés mah lebeng, teu kungsi bisa nyawang pijalaneun hirup mangsa nu baris datang. Malah asa beuki baluweng baé. Poék mongkléng alam pikir, ngan henteu ngadadak euwah wungkul
Antukna mah kuring méngkol ka imah Si Murdi, babaturan sajurusan. Najan Si Murdi semu nu wegah katatamuan, tapi kuring kapaksa kudu meungpeun, da puguh butuh tempat mondok. Beuteung kukurubukan geus henteu dirasa. Asa ku harianeun Si Murdi, mani teu tawar gatra-tawar gatra acan. Carékning ukur méré cihérang téh, da lain heureuy atuh. Teu leuwih, cihérang sagelas. Rajeun aya tambahna, kalah matak nyérédét kana haté, da puguh ukur dileuwihan ku jubras-jebrisna indung Si Murdi.
Rebun-rebun kénéh ogé, kuring geus amitan ka Si Murdi. Hanas ngahajakeun rék milu mondok, tapi pitunduheun ngadadak kalabur, tug nepi ka parat henteu kungsi saré sakerejep-kerejep acan. Iwal ti pikiran ngarancabang, jaba teu kuat digembrong reungit. Si Murdi siga nu atoheun naker, nyaksian kuring beberengkes téh. Indungna ogé moal jauh ti kitu, sanajan harita masih kénéh ngaguher di rohangan tengah, dina korsi, nyanghareupan méja televisi.
Poé kadua jadi sarjana nganggur, kulayaban di satengahing gerotna kahirupan kota . Tétéla kanyataan di lapangan téh, béda pisan jeung dunya kampus. Beuki karasa yén gelar téh lain hiji jaminan pikeun nangtukeun kahirupan. Ras inget ka Si Pandu. Enya, manéhna mah tara loba ulukutek di kampus. Béjana mah kuliahna téh bari digawé, sibuk pisan sapopoéna téh. Nu matak landianana ogé Si Riweuh. Kungsi sakali-kalina diajakan ulin ka imahna, tapi inget-inget poho lebah-lebahna. Ké, mun teu salah mah ti kampus téh naék beus kota , eureun palebah gang anu langsung nuju ka imahna. Tapi gang nanahaon ngaranna téh? Jurig poho téh kabina-bina teuing.
Bareng jeung aweuhan adan magrib ti sawatara munara masjid, antukna padumukan Si Pandu téh kapanggih. Barang anjog téh, Si Pandu ngabagéakeun kalayan daréhdéh naker. Watek Si Pandu papalimpang jeung Si Murdi. Sakumaha riweuhna ogé, ari kaanjangan ku babaturan mah mani sok mupujukeun. Sangu sapuratina, cikopi jeung ududna, katingalina téh tara aya kalebar. Enya, rumasa, ti baheula ogé kuring téh nyaah jeung resep ka Si Pandu; nyaah méré jeung resep ménta.
“Jadi, rék kumaha lalampahan énté téh?” tanya Si Pandu.
“Teuing euy. Bingung déwék mah. Hayang digawé, tapi digawé nanahaon nya? Cik atuh, sugan manéh bisa méré bongbolongan…”
“Aéh, aéh, naha bet kudu bingung sagala? Tinggal ngalamar pagawéan anu luyu jeung kaahlian énté,” témbalna.
“Ari kaahlian déwék naon?”
“Har, naha kalah nanya ka sayah? Sugan éta, énté bisa naon?”
“Naon nya? Emh… teuing…”
“Ceuk sayah mah, mending nyobaan daptar jadi PNS. Sayah ogé rék nyobaan, sugan wé aya rejekina,”
“Ké, ké, apan manéh mah geus boga gawé?”
“Enya, di béngkél motor. Da cita-cita sayah ogé mémang hayang wiraswasta, muka béngkél sorangan. Tah, lamun sayah jadi PNS mah bakal ngeunah pisan…”
“Kumaha ngatur waktuna?”
“Gampil atuh, Luh. Tinggal muka béngkélna ti wanci magrib nepi ka tengah peuting. Husus poé Minggu jeung poé peré séjén, bisa muka ti isuk mula…”
“Ah, lamun kitu mah, déwék ogé asa hayang jadi PNS. Ka mana daptarna éta téh?”
“Tong waka nanya éta. Mending siapkeun heula pasaratanana, ijasah geus aya, kari nyieun SKCK jeung K-1,”
“Naon? SKCK? K-1? Asa kakara ngadéngé…”
“Hih, piraku teu apal? Surat Keterangan Catatan Kepolisian, sabangsaning surat kelakuan baik, nyieunna di Polrés. Ari K-1 mah kartu kuning, surat katerangan nganggur, nyieunna di depnaker. Tapi lamun énté rék ngalamar di dieu, KTP ogé kudu KTP dieu. Mun teu salah, énté mah KTP lembur, lin?”
Leng, sirah ngadadak jangar. Saumur nyunyuhun hulu ogé, tacan kungsi nyieun KTP. Enya, apan kuring ngarasa henteu perelu boga KTP, cukup boga KTM baé. “Déwék asli penduduk Indonésia. Lahir di Indonésia, tur digedékeun di Indonésia. Dahar jeung nginum ogé tina alam Indonésia. Naha mani kudu riweuh nyieun kartu tanda penduduk sagala? Tuh… arék ogé Si Akéw atawa Si Bulé nu kudu ditanya pasualan KTP mah!” kitu pamadegan kuring harita, mun pareng ngawangkong di UKM jeung Si Damri, Si Léktor katut Si Jomlo.
Peuting beuki simpé. Kawasna Si Pandu geus anteng dina alam pangimpianana. Tibra naker saréna téh, bangun anu ni’mat. Padahal ukur ngagolér dina karpét, kalayan sirahna diganjel ku anggel nu geus deplé. Husus pikeun kuring, pitunduheun téh angger asa jararauh naker. Panon moncongo kana layar televisi, tapi teuing naon anu dilalajoanan. Malah panon téh kalah ngulincer, ka sabudeureun rohangan tengah imah. Teu pati lega imah Si Pandu téh. Ukur hiji rohangan tengah jeung hiji kamar leutik, ditambah ku rohangan dapur anu kacida duk-dekna. Ah, lain imah bogana Si Pandu kétang, da manéhna mah ukur ngontrak.
“Assalammu’alaikum…” aya sora awéwé ti luareun imah, halimpu naker. Kuring curinghak bari cengkat muru kana panto. Kolotrak, selot dibuka. Blak, panto dibuka. Bréh, tangtungan hiji awéwé geulis camperenik, cahaya medal tina pameunteuna nu beresih. Hanjakal teu bisa nyawang buukna, da puguh dibunian ku tiung.
“Emh… réréncangan A Pandu?” pokna bari némbongkeun imut, matak nyeblak kana haté.
“Su… sumuhun…”
“Nepangkeun atuh, abdi Asih, rayina A Pandu…” kituna téh bari ngangkat leungeunna, najan teu daékeun paantel. Asih? Aya ku éndah ngaran téh. Ti iraha Asih cicing jeung Si Pandu? Kunaon Si Pandu tara nyaritakeun perkara adina? Ah… naon pentingna kétang.
Asih geus asup ka jero kamar. Rét kana jam dingding, jam satengah sabelas. Tos ti mana Asih téh? Asa kabina-bina teuing ngablu téh, kawas lain awéwé baé. Jeung kunaon Si Pandu mani tibra-tibra teuing saréna? Lain talék boga adi téh: Tos ti mana? Tos nanaonan? Jeung saha? Naha peuting-peuting teuing?
Teu kebat ngumbar sawangan, sabab hordéng kamar kaburu ngingkab. Asih ka luar, geus disalin, tapi angger teu leupas maké tiung.
“Tos tuang?” tanya Asih bari neuteup ka kuring.
“Atos…”
“Bilih teu acan, badé sakantenan dipangmasakkeun emih…”
“Nuhun, teu kedah ngarépotkeun, da nembé pisan. Emh… wareg kénéh…” témbal téh.
“Dikantun heula atuh. Teu kiat lapar, tadi henteu kabujeng neda di padamelan…” kituna téh bari ngaléngkah ka panto dapur. Padamelan? Hartina geus digawé? Tapi, digawé nanahaon wayah kieu? Aéh, bisa jadi pagawé pabrik sigana mah. Tapi… naha mojang sagedé Asih kalah digawé? Pantesna mah jadi mahasiswi anyar.
*
MIMITINA rada mandeg-mayong rék ngaléngkah ka buruan kampus téh. Tapi geus leuwih ti baluweng mikiran lalampahan. Taya deui pilihan, iwal ti balik deui ka UKM. Susuganan aya mahasiswa nu kataji tur sasab ka rohangan UKM, lumayan keur batur ngabako, padungdengan ngeunaan dunya nu boa di mana. Geus buleud patékadan, batan mulang ka lembur mah, mending kénéh néangan kagiatan di UKM, da piraku ari euweuh piduiteun pisan mah.
Aya saenyay harepan, basa ngadéngé sora nu gegerendengan ti jero UKM. Ku kira-kira, leuwih ti dua urang anu keur padungdengan téh. Teu loba mikir deui. Blak, panto dibuka. Nu padungdengan ngadadak eureun, jempé. Sakedapan kuring ogé kalah ngembang kadu di lawang panto bari nengetan nu keur ngariung, sarila bari tinglalepus.
“Peluh…! Enyaan éta téh manéh, Peluh?!” Si Damri ngagurubug. Ari Si Léktor jeung Si Jomlo mah bangun anu cangcaya kénéh.***
Pondok Mustika, 30 Séptémber 2005
Ieu Carpon atos dimuat di Majalah Mangle, nanging hilap deui nomorna. Manawi aya nu uninga, mundut lungsur gali masihan wartos. Nuhun