twitter


ROMBONGAN pamaén sandiwara Miss Kayah keur rareureuh, sabada peuting maraén nepi ka tabuh dua welas peuting. Dua kali manggung, pertunjukan kahiji ti tabuh tujuh nepi ka tabuh salapan, pertunjukan kadua ti tabuh sapuluh nepi ka tabuh dua welas. Nya sararé téh kana tabuh satuan wé meureun, da barébérés heula. Masalah duit mah, sok engké dibaragina téh lamun geus rék baralik. Lumayan geus sabaraha désa nguriling, mucekil-mucekil waé. Geuning loba kénéh nu resep lalajo sandiwara. Sugan téh kiwari mah moal aya nu resepeun, da loba lalajoaneun nu leuwih canggih.

Yuyu, Si Béntang Panggung, karek nguniang ti bédéngna. Buukna anu nengahan cangkéng katémbong kusut. Terus ku manéhna digelungkeun. Bari heuay manéhna kaluar ti lawang kamar anu ukur ditutupan ku rérégan.
“Ieu putri nembé lugay ti pajuaran…” ceuk Jaja bari séréngéh seuri. Jaja téh lawan maénna, sabab remen jadi raja atawa anak raja. Malah peuting ogé apan nu jadi rajana téh Jaja sorangan. Pantes tuda Jaja mah! Rupana tegep, aya opat lima setripna tina beungeut jajar pasar. Awakna dedeg, leungeunna aya sepiran da sok remen nimba. Di unggal tempat anu didatangan, Jaja mah pasti kabagéan jadi tukang nimba. Keur meujeuhna belekesenteng buta tulang buta daging.
“Asa capé pisan peuting mah maén dua kali téh !” témbal Yuyu bari gék diuk ngaréndéng jeung Jaja. Sukuna dirumbaykeun ka handap, ucang anggé.
“Keur teu sehat wé meureun awakna, Yu. Da ari keur séhat mah geuning tara naon- naon…” jawab Jaja.
“Meureun! Da mémang aya nu karasa, Kang! Dada beulah kénca sok jejeletitan nyeri,” témbal Yuyu daria.
“Uubar atuh ka mantri! Tanyakeun ka urang dieu,dimana kirana mantri suntik!”
“Keun wé, asup angin meureun, pédah sok ngabuliklak waé ari keur maén…” témpas Yuyu bari ngaragapan hariguna. Nya asup angin meujeuh, da ari maén téh apan hariguna ukur ditutup ku kemben, teu buni nepi kana beuheung.
“Kerokan atuh ku Étéh,Yu!” Nénah mairan bari jongjon sisiaran, nyiaran Dédéh, pamajikan pingpinan sandiwara Miss Kayah.
“Hih, deuk kumaha engké peuting maén ? Meureun reuteum bareureum, tapak ngerokan …” témpas Dédéh daria. Nénah ukur seuri konéng. Yuyu ogé seuri. Kacipta, aya putri tonggongna bareureum, tapak ngerok.
“Keun wé Ceu Dédéh, dek ku jajamu. Sugan aya si Ayu ngaliwat…” témpas Yuyu bari ngarénghap. Jaja nyéréngéh bari ngarérét.
“Rebun kénéh si Ayu mah, Aceuk!”
“Hih, na ieu téh tabuh sabaraha kitu, Ja?” Yuyu malik nanya.
“Pukul sapuluh…” témbalna heureut.
“Ya Alloh… na mana tibra-tibra teuing saré téh…” omong Yuyu daria.
“Kebluk wé! Da Euceu mah kajeun saré wanci janari, angger ngadéngé anu adan Subuh mah panon téh beunta…” témbal Nénah bari jetrék, nindes kuar na sirah Dédéh.
“Mani ngeunah, Nen!” ceuk Dedeh bari peureum beunta.
Yuyu, Si Béntang panggung, jung nangtung. Babatek,mani tingderekdek.
‘Ka mana?” tanya Dédéh.
“Hayang cikopi,Ceu! Aya kitu cai panasna?” Yuyu malik nanya.
“Aya kénéh meureun dina térmos. Batur mah da geus narinyuh tadi.” Témbal Dédéh. Manehna ngaléos ka tungtung bédéng anu dijieun dapur umum. Unggal sandiwara Miss Kayah maén gé, pasti nyieun wangunan darurat saperti bédéng. Nyieun lima bédéng, kagenep dapur umum. Basajan naker, ukur dipipindingan ku bilik, tamba kaanginan. Ké dimana geus réngsé maén, bédéng téh dibalongkar deui, dibawa pindah kana treuk. Kitu jeung kitu wé salila welasan taun téh, da tacan boga wangunan anu permanen. Wah, ngajul bulan ku asiwung hayang boga gedong sandiwara mah. Jeungna deui, naha moal baroseneun kitu anu ngalalajoananana? Apan ari kieu mah ti désa ka désa maén nguriling, sok aya malah sok loba wé ning nu lalajo.
Si Béntang panggung ninyuh kopi. Gulana ukur satengah séndok, da karesepna kopi pait. Karék ogé deuk cur ninyuh kopi, kolébat beungeut anakna nu karék di SD kelas tilu. Anakna anu ti barang gubrag ka dunya geus ditinggal-tinggalkeun manggung. Budak téh éstu gedé ku nini.
Sakapeung manéhna sok ngarasa dosa. Dosa teu pisan ngurus anak. Sok sanajan manéhna anu ngabiayaan, tapi tetep leungeun nini anu ngagedékeun budak mah. Dosa ka popotonganana, ka bapana budak. Apan tepi ka pipisahan téh alatan manéhna bedegong hayang waé maén sandiwara. Hésé meureun deuk ninggalkeun pangaresep téh. Ti bubudak cita-citana hayang jadi pamaén sandiwara. Tinekanan. Jaba bisa ngala duit sorangan, najan leuleutikan gé. Mana kajeun papisah jeung salaki, batan daék dicarék. Manéhna ngahuleng. Panonna bareubeu deuk ceurik. Kasono ka nu jadi anak, ampir bedah. Sakapeung datang rasa kaduhung. Mun ngagugu mah ka salaki, meureun moal ider-ideran bari saré dina samak saheulay di jero bédéng. Meureun moal kudu beunta nepi ka peuting. Meureun bakal disenangkeun, diimahan, diparaban, diurus, direunceuman ku emas-emasan. Da cenah geuning popotonganana téh maju usahana. Miliik wé éta mah pamajiknana anu ayeuna.
Gelas anu dieusi gula kopi ku manéhna ditinyuh. Mani ngebul cai tina térmos téh. Terus dikocékeun. Gék, manéhna diuk dina jojodog, dijuru dapur darurat. Deukeut kompor nu hurung, ditagenan langseng.
Sakeclak, sakeclak cipanonna nyakclakan. Yuyu, Si Béntang panggung ceurik. Na rék kieu waé nepi ka kolot ? Da meureun lamun geus kolot mah moal meumang peran jadi putri. Jadi emban ogé boa teuing. Malah saha nu nyaho kalah didupak ku pingpinan sandiwara. Ayeuna, keur geulis kénéh, cangker kénéh, ngora kénéh, dijieun primadona. Teuing isuk jaganing géto mah. Kumaha nasibna.
Cipanonna beuki nyurulung. Putri anu peuting suka bungah, ngumbar imut, ayeuna ceurik dijuru dapur, nyeungceurikan poé isuk anu tacan karuhan.***
Ku HOLISOH MÉDimuat di Majalah Seni Budaya

0 komentar:

Posting Komentar