Jeung Saniskara musibat anu tumiba ka aranjeun mangsa paamprokna balad jeung musuh, éta téh kalawan widi Alloh, sabab Alloh rék ngabuktikeun imanna kaom mu’minin (Q.S. Ali ‘Imron: 166)
HIJI
Wanci sariak layung di pasisian Situ Lengkong Panjalu hawana cambewek. Bubuhan katelahna oge kota
ibun. Kurang-kurangna mah matak noroktok awak, komo pikeun anu tacan
maneuh cicing di pagunungan. Eta we anu keur pariknik jeung nu daragang
oge geus mimiti balubar. Motor but, parahu jeung dayung paragi
ngurilingan Situ mah komo geus titatadi mula dijajarkeun di sisi.
Nahkoda tradisina ngariung di warung anu buka keneh, nyanghareupan cai
kopi bari dihararudung sarung, haseup roko meni mulek patingserebung, kabehanna melenyun arudud .
Situ Lengkong Panjalu geus combrek. Tapi di beulah kaler anu katelah Nusa Pakel, hiji lalaki keur jongjon ngumbar lamunan bari
panonna anteng ngawaskeun patingkalayangna kalong luhureun Nusa Gede,
hiji tempat anu dikurilingan ku Situ Lengkong. Kawilang awas ti tempat
eta lalaki, pikeun nengetan sakuriling Situ , kawantu zaman baheulana
oge, eta pasiri teh nurutkeun sajarahna mangrupa patamanan tempat nyepi
raja Panjalu. Nepi ka ayeuna tetep ngarana Nusa Pakel.
Lalaki
anu keur cindutrung di Nusa Pakel teh taya lian Rangga. Geus ampir
sabulan manehna unggal poe hulang-huleng lir anu baluweng. Beda pisan
jeung mangsa Rangga sakola keneh sababaraha taun kaliwat. Nusa Pakel teh
jadi tempat ulin jeung tempat diajarna. Taya kabosen Rangga idek liher
di Nusa Pakel. Geus puguh ari botram mah ampir unggal poe, samalah
Rangga remen meuting sagala rupa. Kungsi sakali mangsa basa Rangga
meuting, wanci janari gede kagareuwahkeun ku nu ngajanggelek bodas di
hareupeunna. Rangga ngoceak sataker kebek. Hanjakal taya anu nangenan,
da sidik Nusa Pakel mah rada anggang ti pilemburan. Na atuh, ari cakakak
teh anu ngabelegbeg bodas seuri, meni ngeunaheun naker. Sihoreng lain
jurig atawa riwan sakumaha panyangka Rangga, tapi Reni, sobat dalit
babaturan sakelasna, anu geus dianggap adi sorangan.
Rangga
imut ngagelenyu. Sok kagagas lamun inget ka Reni, tapi buru-buru
kalangkang Reni disingkahkeun tina sawanganna, sabab sabulan katukang
manehna meunang uleman ti Reni anu kawin ka hiji jajaka urang Bandung..
Hanjakalna Rangga teu bisa nungkulan, kawantu keur meujeuhna
bangreungv. Beungeutna ngadadak beureum euceuy, ngagambarkeun rosana
heab amarah anu ngaguruh dina jero dadana. Ret deui panonna neuteup ka
luhur. Nu dipalar sangkan bisa ngabangbalerkeun hatena. Ngabandungan
deui kalong anu tingkalayang. Ras inget deui keur mangsa sakola, kacida
resepna lamun di sakola pareng diajar nyanyi kinanti, kalayan teu sadar
tina biwirna ngahaleuangkeun wirahma kinanti, dipirig ku angin anu
ngadalingding.
‘budak
leutik bisa ngapung. Babaku ngapungna peuting. Nguriling kakalayangan.
Neangan nu amis-amis. Sarupaning bungbuahan. Naon bae nu kapanggih.’vi
ti baheula oge manehna apal, budak leutik bisa ngapung teh nyaeta mahluk
anu ayeuna keur diteuteupna.
Wanci
geus muru ka sareupna, Rangga tetep teu ingkah tina tempat diukna,
panonna lir ngajajapkeun riabna kalong anu mimiti ninggalkeun Situ
Lengkong, rek kakalayangan neangan nu amis-amis tea. Teu karasa, panon
Rangga anu nuturkeun hiberna kalong, bet dikukuntit saawangan kalangkang
kahirupanna nu karandapan dua bulan katukang.
Sasarina
lamun wanci magrib teh, Rangga solat berjamaah jeung Suci, pamajikan
anu kacida dipikacintana. Rangga jeung Suci hirup sauyunan, macangrama
dina sagara rumah tangga nu pinuh kabagjaan. Rangga kawilang soson-soson
nyumponan kabutuhan kulawargana. Malah ku getolna usaha anu dijalankeun
ku Rangga, manehna bisa ngiridit imah di hiji komplek BTN pasisian
wetan kota Bandung.
Dina
hiji peuting, basa rangga jeung Suci keur silih tamplokeun kasono di
kamarna. Kadenge ti rohangan tengah aya sora anu tinggolombrang matak
ngahariwangkeun. Disangkana mah eta teh ucing.
“Dasar ucing garong,” ceuk Rangga bari ngarongkong sarung anu aya dina tunjangeunna.
“Wios atuh, kang. Ucing-ucing bae…” Suci metot leungeun Rangga, dumeh ngarasa kagaganggu keur meujeuhna anteng ngumbar katresna.
“Kela sakedap. Ci. Sigana mah jandela tacan ditutupkeun.” kituna teh bari ngojengkang ka lawang panto. Suci oge teu bisa ngahalangan, kapaksa kudu nunda heula hanca kasonona. Renghapna ngahegak keneh.
“Di acuk atuh, kang,” ceuk Suci bari nutupan awakna ku simbut.
“Ngonci jandela wungkul pira oge,” walon Rangga bari
leungeunna muterkeun konci panto. Cileureun jeung balangah pisan Rangga
teh, konci anu diputerkeun mangrupa konci pamuka balai keur rumah
tanggana.
Barang
bray panto dibuka, ngan sakilat dua urang lalaki marake teregos hideung
ngarejengan Rangga. Anu saurang mah ngasongkeun balati kana beuheung
Rangga anu geus kasima. Rangga jeung Suci hareugeueun.
“Lamun aya anu ngaluarkeun sora, tong nyalahkeun aing lamun beuheung jadi sapat.” ceuk anu nyepeng balati bari
molotot ka Suci anu geus rek sagoak-goakeun ngajorowok. Ningali
salakina aya dina ancaman kawas kitu, Suci teu bisa nanaon, ukur awakna
anu ngeleper nahan kasieun anu pohara.
“Alus, mending ngajedog ari nyaah keneh kana nyawa salaki mah,” pokna deui bari
ngabekem biwir Rangga, tuluy ditalian ku lamak hideung. Nu saurang deui
teu cicingeun, ngaborogod leungeun jeung suku Rangga, dihijikeun kana
korsi. Rangga teu walakaya, sabab teu boga kasempetan pikeun hojah,
eukeur mah deuih awakna rada rareged jeung kararagok, kawantu ngan
disasarung. Matak dina ngalawanna oge geus kabayang moal aya hartina.
“Buru geura tuduhkeun, dimana nyimpen duit jeung emas ?” ceuk anu pangawakanna dadagvii bari ngasongan bedog ka Suci. Atuh puguh bae Suci soak mehmehan katurulengan.
“Di…di palih di..tu..” tembal Suci bari nunjuk kana lomari. Awakna angger teu obah, ngadedempes dina juru enggon bari diharudum simbut.
“Pangmukakeun…!”
pokna rada nyentak. Suci kacida bingung, ras inget kana kaayaan awakna
anu saukur ditutupan ku simbut anu harita dicepeng meni tipepereket.
Antukna Suci bareuheundeunviii.
“Buru siah bisi dipaehan kabehannana…!” pokna deui leuwih sangar, atuh Suci eleh deet. Ret ka salakina anu diborogod dina korsi bari diasongan balati. Sadar kana pibahlaeun, Suci buru-buru cengkat tina kasur bari angger diharudum simbut.
“Simpen geura simbutna…!” kituna teh bari
ngan sakilat ngarawel simbut sarta dibalangkeun. Suci meh ngagoak lamun
teu kaburu ngareret ka lebah Rangga anu beuheungna ngan kari
sagoreheleun ku congo balati. Breh, atra pisan sabeuleugeujeuran awak Suci anu gamulengix taya pipinding. Atuh duanana oge molohok mata simeuteun bari panonna teu leupas neuteup awak Suci. Nu keur nyekel balati meni ngaruy bari kumat-kemot. Ari anu pangawakanna dadag buru-buru ngiceupan baladna bari pok deui nyarita ka Suci.
“Lamun ngagorowok, ku aing bakal digadabah. Buru
cokotan duit jeung Emas. Aing moal ngaganggu sia lamun nurut jeung teu
loba pamolah.” ngadenge kitu mah Suci rada reug-reug, tuluy muru kana
panto lomari rurusuhan bari leungeunna ngajambret sepre, tuluy dipake nutupan awakna.
Dina
waktu sakerejep, Suci rengse ngumpulkeun sakabeh harta bandana, tapi
barang manehna masrahkeun sakabeh hartana ka rampog, leungeun Suci
dicepeng pageuh pisan. Suci teu bisa hojah basa leungeun rampog
ngagalasar mapay beungeutna, sabab congo balati beuki adek kana beuheung Rangga.
“Sadaya
harta tos dipasrahkeun, mugi ulah ngaganggu ka abdi…” Suci pias lir
taya getihan. Tapi rampog anu katalanjuran gandrung teh beuki campelak,
samalah pamustunganna mah, regeyeng awak Suci di angkat sarta di
gubragkeun kana enggon.
Rangga
naker tanaga meni adug lajer, huntuna kekerot, amarahna ngagalura
nyaliara kana sakujur awak. Panonna burial buncelik. Rampog oge meni
adug lajer ngadolosx kalayan pakupis jeung Suci anu mertahankeun
caharaxina. Nu keur nyekel balati buru-buru mancal kanu keur papuket,
sarta milu maksa mirusa meni tipoporose, ditema ku sora Suci anu
engap-engapan. Dua rampog teu sirikna pagorenyang hayang paheula-heula
nyacapkeun kahayangna. Temahna Sarohangan kamar lir diigigeungkeun ku
lini, meh sakabeh barang aroyag.
Rangga
ngupat diri sorangan anu teu bisa ngaleupaskeun sengkeran tali anu
nyangreud awakna. Rangga langlayeuseun taya tangan pangawasa, tungtungna
meureumkeun panon, teu wasa nyaksian Suci anu keur dicacampah. Sora
renghap anu ngahegak, anu haroshos, anu engap-engapan lir hinis awi anu
nyuitan jajantungna. Kacida peurihna, kacida nyerina pikeun Rangga.
Hate
Rangga beuki ancur ngareungeuh Rampog anu nyeletingan calana lepisna.
Breh katingali ku Rangga rupa beungeut dua rampog anu tingelengeh pinuh
kasugemaan, sanajan katingalina laleuseuh dibarung ngoprot kesang.
Sanggeus sareged make pakean cara basa mimiti asup jeung teu poho
ngarawu harta banda anu dibikeun ku Suci, ngan sajorelat rampog
ninggalkeun rohangan. Ngiles tina paningali Rangga dina palebah panto,
dijajapkeun ku sora Suci anu inghak-inghakan.
Suci ceurik balilihan bari
awakna anu lungse nyangsaya dina lahunan Rangga, kebek ku rasa
nalangsa. Buukna pakusut, kalayan sakujur awakna luut-leet kesang. Sora
cai hujan anu miripis ninggang kenteng imah, tingkareclak lir milu
nyeungceurikan kana kajadian anu sakedet netra tumiba. Rangga teu lemek
teu nyarek, ukur panonna anu melong kajauhna, lir hayang nobros kana
pipinding imahna. Dina paningali Rangga aya langit anu haleungheum, Aya
cai lecek, aya kembang ligar, kabehanna hideung, maleukmeuk jeung
cakueum.
Hawar-hawar
kadenge sora tingkalentrong kohkol, patembalan jeung sora
tingkelentreng nu nabeuhan tihang kabel telepon. Samalah pager imah
Rangga oge milu dikaletrokan bari patinggarendeng.
“Rondaaaaaaa…ronda…..!
Cikopina atuh yeuh… Ulah talibra teuing, ulah jarero teuing…!” kitu
patinggorowokna. Suci ngarangkul Rangga anu tetep teu lemek. Jep
jempling. Taya sora nanaon deui, iwal sora hujan anu angger tingparalak
ninggang kenteng imah beuki tarik.
Kongkorongok
hayam jago ngageuingkeun Rangga anu kasarean dina tehel. Barang Rangga
beunta, Suci geus taya di sagigireunna. Breh aya salambar keretas anu
ngagoler. Tuluy dirongkong. Gebeg, Rangga reuwas liwat saking. Dina
keretas bodas aya tulisan leungeun Suci.
“Kang
Rangga buah hate abdi. Hapunten abdi teu tiasa ngajagi kahormatan
urang. Abdi tos ilang kasucian. Abdi teu kiat nandangannana. Abdi isin
ku kang Rangga, abdi angkat duka bade kamana. Sakali deui, hapunten
abdi, kang. Omat teu kedah dipilarian.” kitu unina surat. Rangga teu wasa nahan heab amarah anu aya dina hatena. Surat
dijejewet. Tuluy ngamuk badis kasurupan. Sagala rupa barang anu aya di
sabudeureunna dibalang-balangkeun, diteunggeul, ditajong, diuwak-awik
nepi ka paburantak, patulayah, teu puguh tingalieunna.
DUA
Kaayaan
di Situ Lengkong Panjalu geus poek mongkleng. Rangga teu ingkah tina
pangdiukanana. Curucud, aya cipanon anu ngalembereh maseuhan pipina.
Rangga teu engeuh lamun sababaraha meter ti Nusa Pakel aya hiji wanoja
anu nyerangkeun manehna meunang sawatara lila. Tuluy nyampeurkeun Rangga
sarta ngarangkul Rangga bari nyambat ngaranna. Panonna oge beueus ku cimata.
Rangga ngaranjug. Tuluy malikeun awak, breh anu nangkeup ti tukangeun teh sihoreng Reni.
“Reni…” ceuk Rangga alon pisan bari nyusutan cipanon Reni.
“Sareng saha wengi-wengi kadieu ?” Rangga nanya deui ka Reni.
“Nyalira, kang. Tadi abdi ka bumi kang Rangga, tapi teu aya sasaha. Teras abdi yakin upami kang Rangga aya di dieu.” tembalna.
“Naha bet nyalira, kamana caroge Reni ?”
“Akang oge naha bet nyalira, kamana istri akang ?”
“Reni…!” Rangga rada nyentak. Atuh Reni reuwaseun, kalayan buru-buru ngarangkul Rangga deui, lir anu kaduhung nyarita siga kitu.
“Kang Rangga mah galak bae ka abdi teh,” Reni nyarita bari dareuda.
“Hampura, Ren,” ceuk Rangga rada leuleuy .
“Kang Rangga, kamana teh Uci?” Reni geus pok deui nanya. Rangga kawas anu wegaheun ngajawabna.
“Kang Rangga pipirakan?” ngadenge pananya kitu, Rangga ukur unggeuk, teu hayang kapapanjangan.
“Ari caroge Reni kamana ?” Rangga malik nanya.
“Sami, teu aya.”
“Reni…” Rangga rada kaget.
“Tos
kang lah, ulah naroskeun caroge abdi. Ari akang emut keneh kana guha
anu didamel ku akang kapungkur?” Reni nanya kawas nu hayang mengkolkeun
obrolan. Rangga oge kataji, bet asa kaingetan manehna teh, basa baheula
kungsi ngali taneuh dina gawir Nusa Pakel. Samalah Rangga rada imut basa
inget waktu keur nyieunna, harita kaperego ku Pa Lurah, atuh dicarekan
lak-lak dasar, pajarkeun teh ngaruksak lingkungan, cenah.
“Disaeur deui kitu?” tanya Rangga.
“Henteu
Kang, samalih duka ku saha kalahka dijeroan deui, mangkaning aya nu
nyimpen dadampar sagala. Ngahaja cenah kanggo anu balotram. Hayu urang
ka handap,” ceuk Reni bari
metot leungeun Rangga. Atuh Rangga oge teu hayangeun nampik kana
pangajak Reni, hayang nempo kaayaan guha leutik anu baheula dijieun ku
manehna.
Anjog
ka lawang guha. Sanajan poek, tapi bener bae guha teh karasa ku Rangga
beuki gede tur leuwih tumaninah. Rangga miheulaan diuk dina amparan
samak nu rada saroek. Sanajan kaayaan beuki poek, tapi duanana lir
meunang kamarasan cicing di dinya. Hawa oge beuki camewekxii, Reni
ngahodhod bari ngararasakeun awakna anu beuki carucukan, mangkaning
boro-boro make jeket, baju kaosna oge kalintang ipis jeung pondok,
katambah deuih kahandapna oge ukur make erok pondok deuih.
“Kang Rangga, abdi bade curhatxiii,” ceuk Reni bari ngagolehe dina lahunan Rangga. Geus teu aneh Rangga mah kana pamolah Reni teh.
“Ari Reni aya masalah naon kitu?” Rangga nanya bari
ngusapan buuk Reni pinuh kadeudeuh. Tapi sajongjonan Rangga inget ka
Suci, leungeunna ngageter sarta buuk Reni dijenggut rada tarik. Reni
ngagoak.
“Kunaon ari Akang…?” Reni rada reuwas, pon kitu deui Rangga, manehna buru-buru ngusap beungeut.
“Hampura, Ren. Sok, aya naon Reni teh…” kitu ceuk Rangga bari ngusapan deui buuk Reni pinuh kadeudeuh jeung kanyaah anu nyerep kana bayah.
Samemeh
ngawalon, Reni neuteup Rangga, tapi bubuhan poek, duanana oge ukur bisa
silih rasakeun naon anu aya dina hatena sewang-sewangan.
“Kang Rangga, salaki abdi teh bobogohan deui di Bandung. Anjeunna tos tara
malire ka abdi. Anjeunna langki masihan nafkah batin ka abdi, padahal
mah apan abdi teh kurang kumaha nyaahna,” ceuk Reni semu anu ngalimba.
“Terus kumaha?”
“Nya
da abdi teh…” teu kebat omonganana, sabab kaburu aya hawa anu ngadorong
leungeun Reni sangkan ngaranggeum ramo-ramo Rangga, tuluy digalentoran.
Reni kalangsu hayang kokojayan dina seahna gulidag katresna. Rangga
kakara eling jeung engeuh basa Reni ngagabrug awakna, karasa ku Rangga,
mun yen Reni geus ngalaanan kancing bajuna sorangan. Satekah polah
Rangga ngabirixiv. Awak Reni disurungkeun nepi ka ngabangkieung.
“Nanaonan ari Reni ?”
“Kang Rangga…” ukur kitu kecap Reni anu kaluar, dibarengan ku renghapna nu beuki ngahegak.
“Reni, eling Reni, geura istighfar. Abdi nganggap ka Reni teh geus asa ka adi sorangan,” ceuk Rangga bari rada muncereng.
“Kang Rangga tega ka abdi. Naha
akang teu uninga lamun abdi teh salami urang sasarengan sakola, kacida
nyaahna ka akang. Abdi nganti-nganti cariosan Akang anu baris
ngahijikeun urang. Abdi teh saleresna nyaah sareng deudeuh ka Akang,
tapi naha
Akang teu ngedalkeun bae kadeudeuh ka abdi. Akang mah ukur ngangken
abdi janten adi Akang. Akang kalah bobogohan tug dugi ka nikah ka teh
Uci. Antukna abdi ditikahkeun ku bapa ka hiji pameget anu teu
dipikacinta ku abdi. Henteu, Akang. Salaki abdi teu nyolowedor, salaki
abdi ayeuna oge aya di bumi. Salaki abdi nyaaheun pisan ka abdi. Tapi
abdi mah ngan nyaah ka Akang…” ngadenge caritaan Reni, kacida reuwasna
Rangga. Manehna teu nyangka lamun Reni nyidem hiji kanyaah anu beda ka
dirina.
“Reni,” Rangga ngaharewos rada leuleuy.
“Kah,”
“Ayeuna tos wengi. Teu sae Reni aya di tempat ieu, bari caroge Reni mah boa teuing deudeupeun ngantosan di bumi,”
“Abdi mah mung nyaah ka kang Rangga…”
“Upami
Reni nyaah ka akang, tinggalkeun akang di dieu nyalira…!”ngadenge
caritaan Rangga, sakedapan Reni neuteup anteb pisan ka Rangga. Teu eces,
kawantu poek. Reni nyurucudkeun cipanon. Aya kateupanujuan tina
paromanna, tapi teu pati lila Reni cengkat bari semu lalimpeu, ninggalkeun Rangga anu angger keneh nyelegonxvi di jero guha leutik. Pikiranna beuki marojengja.
Tilu
Sora
mobil tinggarerung patema jeung calo anu jojorowokan nanawarkeun
angkutan ka muatan anu ngagimbung. Sora motor ojeg oge embung eleh, meni
tinggalaur bari pabaliut parebut muatan anu kakara turun tina mobil elep jurusan Panjalu-Bandung atawa tina angkutan padesaan.
“A, bade ka Simpar ?” tukang ojeg nanya ka Rangga anu kakara turun tina angkutan..
“Sumuhun,” ceuk Rangga bari keclak naek kana motor ojeg. Biur ojeg maju, ninggalkeun terminal Panjalu.
Motor
ojeg dijalankeun rada tarik. Tapi palebah lembur Mundu anu kawilang
tiiseun, motor ngadadak dieureunkeun, sabab karasa ku Rangga oge, ban
tukangna kempes.
“Bocor sigana mah nya Kang?” Rangga nanya. Tukang ojegna mah tibang unggeuk.
“Wios, A. Engke diteraskeun weh ku ojeg rerencangan abdi,” ceuk tukang ojeg.
“Keun
weh, Kang. Jig geura tambal heula, abdi mah rek megat ojeg sorangan,”
ceuk Rangga. Geus kitu mah tukang ojeg teh ngadorong motorna ka
wetankeun.
Rada
lila Rangga ngadagoan ojeg anu kosong. Tapi teu burung aya anu
ngalalar. Ojeg teh kabeneran kosong. Barang ningali aya Rangga anu
ngajanteng sisi jalan, eta ojeg eureun sorangan, samalah teu kudu
dipegat.
“Ojeg, A?”
“Su…”
Rangga teu kebat ngajawab, sabab kaburu melong kana beungeut tukang
ojeg. Tuluy neuteup leuwih anteb, dipencrong salila-lila. Ebreh pisan
hiji keureutan beungeut anu moal kapopohokeun ku Rangga, kawantu tara
marake helem atuda. Panon rangga meh teu kiceup-kiceup. Atuh teu wudu
anu diperong rada soak. Motorna buru-buru digas. Tapi rikat pisan,
Rangga ngarawel baju tukang ojeg, nepi ka ngabangkieung labuh kana
taneuh, motorna ngasruk ka kebon sampeu, guluprak ngagubrag.
“Naon ieu teh rek ngarampog!” tukang ojeg buru-buru hudang bari muncereng. Leungeunna ngodok saku, tuluy ngaluarkeun peso leutik.
“Sia tukang ngarampog mah!” Rangga malik nyentak bari
nembongkeun amarah anu meh teu kawadahan. Tina sorot panona aya gunung
anu tingjelegur bitu, aya seuneu anu ngabebela. Kalayan seukeut, panon
Rangga lir hiji pedang anu siap nyasaak awak lawanna. Dina paneuteup
Rangga aya Suci anu keur adug-adugan ngabela kahormatanana. Aya lalaki
anu ngarenghap haroshos, jelegedeg eta lalaki teh ngajirim jadi tukang
ojeg anu ayeuna keur disanghareupan ku manehna.
“Deuleu beungeut aing sing eces, deuleu siah !” Rangga ngahoak deui.
Gebeg,
tukang ojeg reuwas liwat saking sanggeus yakin kana tetenjoanna. Awakna
ngadadak leuleus lir taya tangan pangawasa, sukuna ngeleper, sarta bluk
pesona oge murag. Seak, Rangga ngaheumbatkeun peureupna, keuna pisan
ngajelebet kana beungeut tukang ojeg anu sihoreng manehna teh rampog anu
geus ngadabah pamajikanna. Bangkieung, tukang ojeg meh sabrugbrugeun
labuh. Biwirna jantowor, tina irungna ngucur getih. Disusul deui ku
teunggeulan Rangga anu nenggel pisan kana iga burungna. Samalah Rangga
lir anu kasetanan, ngaluarkeun meh sakabeh tanagana pikeun males kanyeri
hatena.
“Ampuuuun …” tukang ojeg ngahelas lir menta anu dipikarunya.
“Hutang pati bayar pati, hutang uyah bayar uyah, setan!” Rangga nyarita bari sukuna nincak sirah tukang ojeg anu geus teu walakaya.
“Pulangkeun pamajikan aing…!” bari jebrod deui bae, Rangga najong satakerna.
“Saha ngaran sia jeung sia teh urang mana ?” tanya Rangga.
“Abdi…euh Erik, ling gih di Du…Du.. kuh,” tembalna.
“Sia geus kawin ?”
“At tos A…”
“Alus,
sia lamun hayang keneh hirup, wayahna kudu mayar kanyeri hate aing.
Ayeuna keneh aing bawa ka gogobrog sia. Naon anu dilakukeun ku sia ka
pamajkan aing, bakal kaalaman ku sia sorangan, ngarti !” ngadenge kitu,
manehna ngagebeg deui bae, tuluy ngahuleng meni uleng pisan. Tapi da
puguh taya pilihan sejen deui, kajaba nurutkeun kana pamenta Rangga.
**
Rangga
kausap setan, manehna keukeuh peuteukeuh hayang balitungan nuntaskeun
kanyeri hatena. Lat poho kana papagon anu diagem ku manehna, kabawa
palid ku heabna amarah anu ngaguruh.
Di warung anu aya di peuntaseun imah Erik, Rangga diuk bari
teu eureun ngenyotan roko keretek kabeukina. Rangga mere waktu sapuluh
menit ka Erik pikeun nyiapkeun kadatangan manehna. Tina paromanna
kagambar kasuka ati anu taya hinggana. Rangga merekedeweng hayang
mulangkeun kapeurih hatena. Ret ningali jam tangan anu ngadaplok dina
leungeunna. Tuluy Rangga cengkat, sarta ngalengkah muru ka peuntaseun
jalan.
Blak,
panto imah Erik dibuka. Kasampak Erik keur ngaheruk dina korsi panjang
anu aya di patengahan. Erik mere isarat ku leungeunna, nunjuk ka palebah
lawang kamar.
“Tuturkeun aing, jeung saksian sakalian!” ceuk Rangga bari
ngojengkang ka lebah panto kamar, blak dibuka lalaunan. Selengseng
kaambeu bau minyak seungit anu nyambuang minuhan saeusi rohangan. Breh
katingali ku Rangga, hiji wanoja make daster ipis warna bodas. Dua
leungeun jeung sukuna dibabandonxvii kana sisi ranjang. Biwirna
diwewelan lamak bodas. Eta wanoja adug-adugan bari
panonna burial buncelik, hayang ngaleupaskeun tali anu nyengker awakna.
Tapi barang ningali Rangga anu ngajanteng dina lawang, manehna neuteup
semu cangcaya samalah beungeutna anu ngagambarkeun amarah teh jadi
robah, kaganti ku pasemon anu hegar marahmay, manehna ngajak imut ka
Rangga. Sorot panonna lir anu ngagupayan Rangga.
Rangga
ngembang kadu, ras inget kana kajadian di Nusa Pakel basa peuting
kamari. Nongtoreng deui sora nu ngarenghik. Sora nu ceurik menta
dilayanan kahayangna pikeun ngumbar katresna. Harita manehna nampik
pangajak anu hayang ngalanglang awang-awang. Ayeuna Rangga mandeg
mayong, sabab wanoja anu aya dina luhureun ranjang teh taya lian ‘Reni’.
Matakna Rangga kapidangdumxviii.
Hawar-hawar
kadenge sora anu ngadulag ti beulah kulon. Ditema ku patingjorowokna
barudak leutik bangun anu garumbira naker. Teu tinggaleun, kohkol jeung
lonceng oge ditarakolan. Rangga kakara sadar lamun poe eta teh mangrupa
poe pamungkas bulan Rewah. Teu aneh lamun burit keneh oge geus loba anu
ngadulag. Hiji gambaran kabagjaan pikeun mapag bulan Puasa, bulan sarebu
bulan, bulan rajana bulan, bulan anu pinuh ku barokah. Rangga ngusap
beungeutna lalaunan.
**
Geus
aya kana tilu mingguna Rangga ngalalana, badarat mapay-mapay unggal
pasantren anu aya di wewengkon Ciamis jeung Tasik. Teu bosen-bosen,
Rangga ngadeuheus ka para Kiai anu kaparengan Pasantrenna diunggahan.
Bulan Puasa taun ayeuna Rangga manggih harti anu sayakti tina puasa.
Hareupeun pakarangan Pasantren Al-Muchtar, Rangga ngajanteng bari
ngawaskeun kaayaan di jero masjid anu keur ngayakeun pangaosan. Teu
pati lila, ngong sora adan asar. Rangga ngalengkah ka buruan masjid,
maksudna rek milu solat berjamaah. Burudul ti jero madrasah sagigireun
masjid aya barudak leutik tingburiak hayang paheula-heula muru ka tempat
wudu.
“Teu
kenging lulumpatan…!” ceuk sora hiji wanoja make jilbab bodas anu
ngelol tina lawang panto madrasah. Rangga ngareret, gebeg ngaranjug.
Panonna teu kiceup-kiceup neuteup guru ngaji anu dirariung ku barudak.
Aya anu nyium leungeunna, aya anu keur menta tekenan. Pahibut jeung
pabuis naker nepi ka teu sadareun lamun Rangga geus aya di hareupeunna,
kahalangan ku hiji budak anu keur nyium dampal leungeunna. Eling soteh
pedah leungeunna diranggeum tur dicium ku Rangga.
“Hayu wang uih…” Rangga ngaharewos bari ngarangkul pinuh kadeudeuh jeung kanyaah anu nyaliara nepi kana bayah.
“Akang, abdi tos henteu suci…” walonna semu anu dareuda.
“Di payuneun akang, di payuneun sadayana tur anu utamina mah dipayuneun Gusti Alloh, Suci tetep suci….”
“Kang
Rangga, abdi nuju kakandungan. Teras ieu jabang…” Suci teu kebat, sabab
kaburu eungapeun, dumeh Rangga mageuhan rangkulanna. Aya anu nyurucud
tina panon Rangga jeung Suci. Cimata nu ngandung kabagjaan. ***
Ku DHIPA GALUH PURBA
Ranggon Panyileukan, 2001
Dimuat dina Majalah Manglé No. 1801