Ayum. Ngaranna direka-reka.
Ditulis make cet warna bodas. Ngajeblag dina bilik pipinding kamar.
Dipapaesan make gambar eceng warna beureum. Handapeunna aya tekenan
leungeun kuring, anu digutretkeun ku getih tina tungtung curuk. Ngarah
dijadikeun totonden, ngaran Ayum bakal ngajeblag salawasna. Hamo aya anu bisa mupus. Moal bisa ilang tina kongkolak panon hate. Ayum.
Ngaran Ayum memang teu payus ditulis dina bilik. Papalimpang pisan jeung kanyataannana. Kahirupanna dilingkung
ku patingbaranyayna dunya. Pagilinggisik dina hurung-herangna inten
permata. Jauhna lir wiati jeung bumi, lamun dibandingkeun jeung
kahirupan kuring.
Kuring oge engeuh pisan kana perkara eta. Tapi kuring teu engeuh, kunaon pangna kuring merekedeweng hayang nyandingkeun Ayum. Hiji kembang anu endah di tengah Garahang. Ayum.
“Meureun maneh hayang beunghar, nya?” eces anu nanya teh. Tapi jirimna euweuh. Teuing saha, ngan nu eces mah aya
ku gagabah nanya teh. Kawas lain nanya ka kuring bae. Apan pikeun
kuring mah, kacida dipahingna hirup nyalindung ka gelung teh. Cadu
pisan, lamun kudu beunghar alatan pamerean awewe. Lalaki pangeretan tea
atuh nu kitu mah. Ari kuring ?
“Sugan?”
geus nyeletuk deui bae eta sora teh. Jeung asa semu ngalelece. Tapi da
sidik taya sasaha. Najan ukur dicaangan ku lilin anu meh pareum oge,
panon kuring awas keneh. Hareupeun kuring ngan aya meja anu geus rada
reyod, diluhurna aya mesin ketik geus karahaan. Atuh
sakurilingna ukur ngalayah keretas anu geus rarikes. Moal enya anu
karitu patut bisa ngomong onaman. Kawas jaman cacing dua saduit bae.
Panasaran.
Lilin dicabut tina pisin. Hayang leuwih eces deui kana barang-barang
anu aya di kamar kuring. Breh katingali potret Ema, anu ditempelkeun
dina pipinding kamar. Gebeg, hate ngaranjug. Potret Ema bet usik.
Panonna jadi beueus ku cipanon. Neuteup kuring mani anteb. Semu anu
maksakeun ngajak imut. Padahal kuring mah teu hayang dibeberah. Kuring
teu rumasa dinyenyeri ku wanoja anu ngaranana Ayum. Teu. Henteu pisan. Euweuh ti dituna kuring kudu ditampik sapajodogan ku wanoja. Ayum bakal ngahiji jeung kuring. Bakal. Bakal pisan. Ayum.
“Ema nu salah…” Ema
nyarita, make jeung nyalahkeun diri sorangan sagala. Ema mah teu salah.
Perkara kuring jeung Ayum mah, urusannana antara bogoh jeung henteu,
atawa antara Jodo jeung lain.
“Enya.
Urusanna antara bogoh jeung henteu atawa jodo jeung lain. Tapi naha
Ayum bogoheun ka anjeun ?” ngadenge kitu, lir anu dibentar gelap tengah
poe ereng-erengan. Bener. Bener pisan eta teh. Kuring teu apal, naha
Ayum bogoheun atawa henteu ka kuring. Keun perkara jodo atawa lain mah,
anging Gusti anu ngatur. “Oh, jadi maneh teh
ngarep-ngarep aya bentang rag-rag nya ?” lain sora bogana Ema eta mah.
Tapi saha atuh, da taya sasaha deui. Jeung nanya teh semu anu sinis. Kawas
anu apal bae kana hate kuring. Teu rumasa hayang kitu kuring mah. Malah
sing dipaksa oge, ari Ayum teu bogoheun mah, kuring moal daek.
“Nya
tangtu da Ayum oge geus sidik teu bogoheun ka maneh.” caritaannana teu
sabaraha panjang, tapi temahna matak ngaburak-barik hate kuring. Naha
make jeung moal bogoheun sagala. Naha pedah kuring goreng patut ?
“Lain.” tembalna. Lamun lain, tangtuna oge pedah kuring jalma balangsak.
“Bisa enya atawa bisa henteu. Tapi anu eces mah potret anu nempel gigireun potret indung maneh.” bluk, potret anu ngagantung gigireun Ema murag,
padahal dielem rapet pisan, jaba rarasaan mah taya angin anu
ngagelebug. Gog nagog, ngarongkong potret anu murag. Breh, potret Niar.
Curucud tina panonna aya anu merebey. Niar inghak-inghakan ceurik. Rupa cimatana beureum euceuy.
*
Ti mitina oge geus loba totonden anu kurang hade basa rek kawin ka Niar teh. Eta weh, boh kolot kuring atawa kolot Niar, saruana
pada kurang panuju. Teuing naon anu jadi cukang lantarannana mah. Teu
apal jeung teu hayang apal. Nu eces, kuring jeung Niar tetep maksa. Dina
prukna kawin oge, teu make jeung raramean atawa tatanggapan sagala
rupa. Ceuk batur mah kawas ngawinkeun randa cenah. Ukur siduru isuk.
Tapi paduli teuing, anu penting mah kuring jeung Niar bisa ngahontal
sagala rupa anu dipikahayang, laksana kapiduriat.
Lain
hiji kamahiwalan lamun dina peuting kamari, hate kuring kacida
nalangsa. Kawasna kabeh lalaki oge moal pati beda jeung kuring. Teu
nginjeum ceuli, teu nginjeum mata. Tina liang konci panto kamer, kuring
nyaksian Niar anu keur papuket silih umbar katresna jeung si Jajat.
Sanajan ukur dicaangan ku lampu warna hejo lima wat. Tapi ebreh pisan
dina paningali kuring, hiji kajadian anu papalimpang jeung kereteg ciptaning ati. Panon kuring dipeureumkeun, teu wasa ningalina. Tapi angger, kadenge sora renghap dua jelema. Haroshos, ngahegak. Asa nurihan hate kuring.
Bray panon dibuka, breh si Jajat anu taya kabosen nyogotan sakujur awak Niar, lir anu hayang ngokos, lir anu hayang ngalegleg. Reup, panon dipeureumkeun deui. Ukur kareungeu sora niar anu nyikikik seuri bari rada dipengkek. Ranjang beuki tarik rereketan, renghap Niar jeung si Jajat oge beuki narikan. Hate kuring mingkin digeurihan karasana. Sakujur awak ngaheab panas. Teu pati lila, kadenge sora Niar anu ngoceak rada
tarik. Panasaran. Bray deui bae panon dibeuntakeun. Breh katingali,
Niar mani tipepereket nangkeup awak si Jajat. Buukna pakusut, kawasna dijenggut ku
ramo-ramo si Jajat satakerna. Reup, panon buru-buru ditutup. Teu hayang
ningali deui.. Teu hayang ngadenge deui. Tapi teu hayang ingkah ti
dinya.
Niar teu salah. Si Jajat oge moal aya nu nyalahkeun. Malah asa kuring anu kudu disalahkeun. Kuring rumasa kurang asak jeujeuhan. Ari sugan moal kieu balukarna. Cacak lamun engeuh ti anggalna, meureun kuring moal luluasan ninggalkeun Niar.
Bener
ceuk kolot, kaduhung mah tara tiheula. Kaalaman pisan geuning ku
kuring. Hanas geus gilig nangtukeun hiji pamadegan, pek teh ayeuna
karasa balukarna. Niar kawasna bakal cangcaya, sabenerna kuring teh gede
keneh duriat ka manehna. Malah perkara eta pisan anu nungtun kadatangan kuring ka imahna.
Kanyataan anu kaaalaman bet sulaya tina panyangka. Teu nyangka sacongo buuk lamun Niar geus kawin deui. Cacak lamun nyaho mah, cadu teuing kudu daek nganjang. Eta oge daek meuting soteh awahing kapaksa, bubuhan kuring datangna geus peuting. Rek balik deui ka Bandung, tampolana geus euweuh mobil angkutanna.
*
“Hapunten abdi, kang…” potret Niar nyarita. Tapi naon sabenerna anu kudu dihampura ku kuring. Niar geus lain pamajikan kuring. Niar geus nyorang rumah tangga jeung lalaki sejen. Niar geus paanggang jeung kuring. Niar geus lain milik kuring.
“Apan Ayum…” teu kebat nyaritana. Tapi kuring geus leuwih ngarti. Bet asa kaingetan. Reuwas kareureuhnakeun. Nepi
ka teu karasa, potret Niar diranggeum, dirames nepi ka riksek.
Dijejewet, tuluy dibalangkeun. Bet aya rasa hanjelu anu nyangkaruk dina
dada.
“Maneh mah duda…!” kadenge deui sora nu ngalelece. Beuki handaruan. Malah beuki wani. Horeng jirimna mah aya dina lalangit imah. Kokolebatan, ngalangkang warna hideung
jeung bodas. Belegedegannana kadia sato nanahaon. Pantesna disebut
jurig. Atuda buuk ngarewig, aya tandukan, kuku-kukuna ranggeteng. Lir
anu hayang ngerekeb kana awak kuring. Tapi anehna, kuring teu sieun.
Teu. Saeutik oge teu gimir.
“Kajeuuun, euweuh anu apaleun ieuh !” kuring malik ngagorowok.
“Ayum mah apaleun !” tembalna.
“Bae da bogoh.” kuring teu eleh geleng.
“Euweuh
kaera maneh teh. Siga jogjog anu hayang neureuy buah loa. Keur
balangsak, goreng patut jaba duda. Ari hayang ka parawan. Ari hayang ka
teureuh menak. Ari hayang ka Sarjana,”
“Bae, aing mah teu bogoh kana parawanna, teu bogoh kana hartana, teu bogoh kana sarjanana. Henteu siah…!”
“Waduuuuuul…!”
“Dipaehan
ku aing sia teh !” ngadadak naek amarah kuring. Tanaga kadia anu
kasurupan. Buku, pulpen, keretas, dibabet-babetkeun kana lalangit. Mesin
tik dibaledogkeun. Meja oge diangkat, diheumbatkeun kana lalangit.
“Yey,
ngambek ni yeeeh. Kitu ari teu bogoheun teh,” caritaanna leuwih
ngalelece. Mani hayang nyekek satakerna. Rek dicacag diwalang-walang,
rek disiksik dikunyit-kunyit, rek diasakan, rek dihakan atah-atah lamun
beunang mah.
“Moal,
moal beunang !” pokna, asa leuwih ngahina ka kuring. Ari tanaga mimiti
ngorotan. Kuring ngulahek dina tumpukan buku anu ambacak, dibantalan ku
mesin tik anu geus rajet. Si mangkeluk edan beuki maceuh igel-igelan,
beuki ngalelece. Ngelel-ngelelkeun letah anu panjangna meh sameter.
“Inget-inget deui, siah kajadian maneh…!” kitu pokna.
Najan
teu disentak oge, kajadian antara kuring jeung Ayum moal kapopohokeun.
Sabab ukur kaselang ku satengah peuting, sanggeus kuring rerencepan
noong Niar jeung Jajat. Harita kuring nyirekem di kamar tengah. Saacan
pipisahan mah kamar teh sok dipake sosonoan. Kacida nalangsana kuring
kudu ngadedempes sorangan, dibarung ku rasa kasono anu tan watesna. Ari
anu dipikasonona keur sosonoan di kamar sabeulah. Teu aneh lamun kuring
kakara bisa ngerejep wanci janari gede.
Kongkorongok
hayam jago patembalan, sorana meh kadenge ti unggal imah.
Ngagareuwahkeun kuring tina impian anu ukur sakedet netra. Teuing ngimpi
nanahaon, hese nginget-ngingetna. Lalaunan panon kuring beunta. Panto
ngolotrak, kawasna aya nu muka ti luar. Simbut buru-buru
diangsrodkeun ka luhur. Keur mah hawa teh asa beuki tiris bae. Panon
dipeureumkeun deui. Hayang katangen keur sare keneh. Kadenge panto teh
dibuka, tuluy aya anu ngalengkah asup. Teuing saha jeung teuing rek
naon. Eta pisan anu ngahudang kapanasaran kuring. Bray panon kuring
beunta, breh katingali aya anu ngajanteng bari nanggeuy gelas dina baki. Kuring reuwas kabina-bina.
Cikopi
anu ngebul keneh ditunda luhureun meja. Tapi kuring teu hayang malire.
Kalah rerencepan leungeun kuring ngaranggeum ramo-ramona anu lemes jeung
karasana matak ningtrimkeun hate. Lir anu ngamalirkeun rasa kaendahan.
Panineungan narembongan. Hate ratug tutunggulan. Ngararasakeun
kanikmatan anu sumarambah kana bayah.
“Niar, akang datang ka dieu teh sabenerna kajurung ku rasa kasono. Di Bandung, akang teu bisa manggih kabagjaan, “ kuring
nyarita dibarung ku guligah rasa katresna anu sumarambah. Tapi manehna
kalah neuteup kuring mani anteb, taya sakecap carita anu dikedalkeun.
“Niar,
naha bet nikah ka batur ? naha Niar teh tos teu nyaah deui ka akang?”
keukeuh teu ditembalan, kalah panonna mencrong beuki seukeut. Lir anu
hayang nobros kana hate kuring. Rada aneh jeung beuki nambahan rasa
kapanasaran.
“Niar,
akang moal ngaganggu katingtriman rumah tangga Niar. Tapi akang hayang
ngadenge heula caritaan nyai anu pamungkas.” ceuk kuring bari metot
leungeunna, celepot nyium tarangna kalawan geugeut. Manehna teu
baruntak. Kuring beuki wani. Cangkengna dibetot rada tarik nepi ka
awakna nyangsaya dina lahunan kuring. Gebeg, kuring reuwas. Ras inget
kana caritaan guru ngaji baheula, lamun zinah jeung pamajikan batur,
pinasti bakal meunang mamala anu kawilang rohaka.
Der, palagan
rongkah dina dada kuring. Antara nurut kana papagon guru ngaji jeung
nurut kana pangajak Setan. Campuh pisan palagan teh, nu nitah jeung nu
nyaram, sarua kuatna, matak saliwang kana pipikiran.
“Ayuuuuuuum…!”
ti luareun kamar, aya sora anu ngagorowok. Kuring ngagebeg. Teu kaharti
ku akal. Sabab sidik pisan anu nyalukan teh sora Niar. Sedeng anu keur
nyangsaya dina dada kuring oge apan…manehna imut ngagelenyu. Tuluy
ngalengkah semu anu wegah.
“Sakedap teh !” ceuk manehna bari lumpat, kaluar ti kamar. Dituturkeun ku paneuteup kuring. Asa
matak helok. Aneh jeung teu kaharti. Saha ari Ayum? Saha anu nyangsaya
dina dada kuring? Hawar-hawar kareungeu sora anu tinggerendeng. Teuing
keur ngalobrolkeun naon.
*
Kuring
teu kuat. Awak jadi langlayeuseun. Tungtungna panon dirapetkeun. Ceuli
ditutupan ku dua leungeun. Ukur aya tanaga pikeun nyarita sababaraha
kecap.
“Enya. Kuring moal bogoh ka Ayum.” bray
panon dibuka. Mangkeluk teh geus euweuh. Taya deui sora anu handaruan.
Taya deui anu ngalelece. Tinggal simpena kaayaan tengah peuting. Tiis
jempling. Sagalana geus lekasan. Kawasna mangkeluk teh geus indit. Tapi
teu pamohalan bakal datang deui, lamun kuring bogoh keneh ka Ayum.
“Moal. Kuring moal bogoh ka Ayum.” kuring nyarita deui rada
tarik. Breh, tetenjoan asa jadi lenglang. Bray cahya gumilang, lir anu
nyaangan Sapanjang lengkah pikahareupeun. Pinuh jukut ngemploh hejo,
Ngembat lir alketip buludru anu bakal nilaman suku tina cucuk.
Dina tangkeupan Panyileukan, dina ranggeuman Panyileukan, kuring nyangsaya. Taya anu bisa ngaragap kana jeroning hate kuring. Moal aya nu rek dibejaan. Nu eces mah, kuring moal bogoh ka Ayum. Moal. Moal pisan.
Wanci
geus muru ka janari leutik. Sakedapan aya angin leutik anu nobros kana
bilik. Nyecep tiis. Lir anu ngusapan kana hate kuring anu mingkin
bingbang. Ukur kuring anu nyaho, kunaon pangna tungtung sajadah jibreg
ku cai. Padahal keur mangsana caang bulan opat welas. Gurat-gurat bodas
geus mimiti katara. Tapi naha atuh ningali langit teh asa beuki kulawu.
***
Ku DHIPA GALUH PURBA
Milu reureuh di Saung Pangreureuhan, 1422 H