twitter




BEURAT karasana. Matak nyeri taktak upama dipanggul, matak nyeri sirah upama disuhun. Pangpangna mah da léngkah anu keur dipaju téh, ukur ngandelkeun kana sumanget. Taya banda tatalang raga, pon pilalagi tuna ku pangarti. Tapi lain salah ema, lain ogé salah bapa, anu ngalantarankeun kuring nyanghareupan ieu dodoja hirup. Da puguh sanajan tarékah keur dipilampah ogé, tapi teuing kumaha atuh, duka naon anu tacan kalampah. Kahayang luhur kuta gedé dunya, tapi sagalana lir ibarat hayang ngajul bulan ku asiwung.
Aya hiji wanoja nganjang mawa kembang katresna anu sumarambah kana manah. Seungitna nyambuang parat tug nepi ka jeroning ati sanubari, “Emh… Geulis, naha bet kersa? Naha teu maca kana kaayaan kuring anu sakieu buktina? Teu nyakola, tuna harta jeung tuna pangkat,” kitu ceuk kuring, bari jeung (sabenerna) ari haté mah papalimpang pisan jeung naon anu dikedalkeun. Sabenerna hate kuring sieun kaleungitan manéhna. Inggis manéhna baruntak tug nepi ka milih ninggalkeun kuring salawasna.
Manéhna neuteup seukeut bari ngawalon anteb naker, “Tong kitu Aa. Sanajan abdi kasebatna sarjana, sanaos abdi katingalina henteu susah ku sandang pangan, tapi éstuning éta mah ukur kagungan sepuh.” Kitu pokna. Atuh puguh ngadéngé kitu mah haté téh ngadadak ngemplong, asa nyaksian bulan purnama anu nyaangan jagat. Asa kagunturan madu, asa karagragan menyan.
“Aa, ayeuna mah éstuning ayeuna. Dalah hujan ogé aya raatna. Batan nyaritakeun nu taya guna tur mangfaatna, mending ayeuna mah hayu urang ihtiar sasarengan. Buleudkeun patékadan dina raraga nyiar bekel urang dina enggoning mayunan ieu kahirupan,” pokna deui. Matak hégar kana pipikiran. Lain, lain dina alam pangimpian ieu mah. Buktina curuk ogé karasa nyerina, basa nyobaan digégél. Écés lain dédéngéan.
Kabagjaan nyaliara kana satungkebing rarasaan. Bungah kagiri-giri, bungah amarwatusa. Asa beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeunana. Rék henteu kitu kumaha, sangkilang kaayaan kuring sakikieuna, geuning masih kénéh aya nu daék narima kuring. Boa ieu anu disebut widadari turun ti Kahyangan téh. Eukeur mah geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina, katambah geulisna ogé nerus nepi ka jeroning haténa.
*
Mungguhing manusa ; ukur boga rarancang jeung kahayang. Anu nangtukeun mah anging Nu Maha Kawasa. Saperti lalakon anu kasorang ka diri kuring, papastén anu tumiba téh horéng teu luyu jeung kereteg ciptaning haté. Bungah kasapih ku sedih. Bagja kaselang ku tunggara. Asa kabéntar gelap tengah poé éréng-éréngan basa ngadéngé sikep kulawargana; anu henteu doa jeung teu suka Si Geulis réréndéngan jeung kuring. Poknaogé alahbatan langit jeung bumi. Puguh baé sajabana ti kitu téh, bari jeung nyiar tarékah sangkan misahkeun kuring jeung manéhna. Malah kungsi kedal ucap nu henteu merenah ; mitenah jeung ngahina.
“Keun ari panghina mah, da rumasa ieuh…” gerentes haté bari ngusap dada, nyarandé kana bilik sisi dapur, dibaturan ku cotom jeung pacul nu bolokot kénéh ku taneuh.
Nu Geulis rambisak, cipanon ngusap damisna. Kituna téh bari nyarita sakaparan-paran, anu sakapeung mah teu kaharti. Kuring teu wasa nyaksianana. “Geulis, sanés lepat anjeun datangna ieu panghalang. Éstuning ieu mah nu salah téh nyaéta kayaan urang nu béda. Aa ogé sadar, Euh…” ngarandeg heula sakedapan. Hayang nyaho ketakna. Tapi Si Geulis téh ukur ngeluk tungkul.
“Pangna kitu ogé, kulawarga salira téh nya saking nyaah jeung deudeuh ka salira. Ayeuna mah, mangga Aa pasrah. Moal bakal bendu, upama salira milih ninggalkeun kuring, da geuning Aa mah sakieu buktina…” teu kebat nyarita téh, sabab leungeunna kaburu ngaranggeum réma-réma kuring. “A, alim. Haté abdi teu mikeun upama kudu ninggalkeun Aa. Ulah… ulah … ulah kedah janten pepegatan,” pokna bari inghak-inghakan.
“A… jangji nya! ulah ambek, ulah nyeri haté, ulah ninggalkeun abdi!” pokna deui. Asa nyaksian alam dunya anu hégar, lénglang gumayang panyawang. Orokaya cipanon mah maksa bijil tina dua panon anu ceuleuyeu.
“Hayu wang buleudkeun patékadan pikeun ngabuktikeun jeung nembongkeun, yén urang bisa nyinglarkeun naon baé nu jadi kahariwang jeung kakeueung,” pokna dibarengan ku imut ngagelenyu. Kituna téh ari leungeunna mah beuki pageuh ngaranggeum réma-réma. Tétéla dodoja anu jadi dodoja, lain saukur keur nandasa. Geuning dodoja téh aya kalana malah mawa sumanget jeung harepan anu bakal datang, keur bekel ngahontal sagala kahayang.***
Ku ASÉP SUMARNAPangaléngan, 03 November 2003
Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 146, Desember 2003

0 komentar:

Posting Komentar