Geus aya kana sabulanna Isud neangan pagawean. Unggal poe lar sup ka kantor-kantor pamarentahan jeung pausahaan swasta bari ngekelek map. Hanjakalna tacan aya hiji oge anu narima kana lamaran Isud. Sanajan ari eusi lamarannana mah geus ditataharkeun sapuratina. Aya ijasah sakola, riwayat hirup, surat katerangan kalakuan hade jeung surat-surat katerangan sejenna.
“Ari surat keterangan masih hidup, maneh boga?” ceuk Among bari mesem. Isud ngadelekan bari ngalempreh dina teras kontrakan Among.
“Kamu jangan coba-coba membodor di depan sayah! Nyaho pikiran keur baluweng kieu, angguran mah menta cai nginum,” ceuk Isud bari jung nangtung. Leos ka rohangan jero. Kop kana gelas anu kabeneran aya caian keneh satengahna. Regot nginum disakalikeun, meh bae kabesekan. Bubuhan geus ngarasa hanaang tatadi mula, ladang sapoe neker kukurilingan kota. Mangkaning keur mangsana panas poe ereng-erengan.
“Ari bieu maneh ngaliwat ka kantor Pemda?”
“Lain ngaliwat deui, malah uing ngasupkeun lamaran. Kumaha kitu? aya anu Wawuh?” jang Isud rada curinghak.
“Henteu. Maksud teh rek nanyakeun nomberna, sugan maneh inget keneh,”
“Keur naon?”
“Tadi peuting kaimpikeun. Rek dipasangan ayeuna, sugan we atuh kaluar…”
“Ah siah! sugan teh naon. Cik atuh ulah loba teuing ngacapruk, nyaho uing keur bararingung teh,”ceuk jang Isud semu humandeuar .
“Kumaha kitu?”
“Unggal poe ngalamar gawe bari gunta-ganti warna map. Geus sakabeh warna dicobaan, keukeuh bae tacan aya anu metu. Hese nebakna atuda ayeuna mah. Beda jeung jaman orde baru,”
“Ari jaman orde baru, kumaha kitu?”
“Jaman orde baru mah gampil pisan. Tinggal ngalamar make map anu warna koneng, rada dijamin bakal ditarima…”
“Dasar belegug, atuh nu kitu mah moal pati mangaruhan, nyaho!”
“Ari enggeus?”
“Ti baheula nepi ka ayeuna oge, angger anu jetu mah iwal ti kudu boga babaturan deukeut, boga dulur anu nanjung, atawa maneh kudu ngorbankeun heula duit,”
“Enya, tilu rupana oge uing mah teu gableg. Dulur kabehanana balangsak. Aya oge anu jeneng, ayeuna teh geus embungeun wawuh-wawuh acan. Babaturan deukeut apanan maneh oge sakitu buktina, atuh komo deui perkara duit. Sidik, matak neneangan gawe teh apan uing teu boga duit,”
“Justru eta kelemahan maneh teh, euy! Teu bisa mereskeun perkara anu kacida cileuhna. Yeuh Isud, lamun maneh sadar teu boga dulur, nya tinggal neangan atuh! Naon hesena sih?” ceuk Among bari ngarongkong pulpen jeung keretas dina meja.
“Rek nulis naon?” tanya jang Isud.
“Ngarumus…” tembalna bari tuluy dadapangan dina samak. Tapi teu lila manehna cengkat deui. Kawasna mah pedah jang Isud ngaleos ka lawang panto.
“Sud, dengekeun heula ku maneh! Sagala rupa oge aya rumusna. Nomber togel mah geus sidik. Hirup oge kudu make rumus. Maneh geus apal kana rumus hirup?” ceuk Among rada tarik. Atuh sakedapan mah Isud ngarandeg, tuluy malikeun deui awakna ka hareupeun Among.
“Kumaha rumus hirup teh?”
“Cileuh atuh. Kieu, hirup dikali hirup sama dengan hirup. Paeh dikali hirup sama dengan paeh. Paeh dikali paeh sama dengan hirup,”
“Nyao, lieur ngadengena oge. Cing ari neangan gawe, aya rumusna?”
“Aya pisan. Tadi ku uing geus ditataan hiji-hijina, nyaeta deukeut, dulur, jeung duit tea. Lamun euweuh mah nya…,” Among teu kebat, nyelang heula nangtung bari tuluy ngadeukeutan Isud. Tuluy ngaharewos lalaunan, mani disongokeun kana liang cepil jang Isud.
“Ngarti?” tanya Among bari melong jang Isud. ari anu dipelongna mah ukur unggut-unggutan, bari teuing ngarti, teuing henteu kanu diharewoskeun ku Among. Tapi nu eces mah Isud jadi ngahuleng. Tarangna mani kerung-kerung bae lir anu keur mikir kacida beuratna.
Sakedapan jang Isud ngaleupaskeun paneuteupna ka luar, ngaliwatan panto anu muka rada ngeblak. Breh katingali ku panon hate jang Isud, aya jalan ngembat anu baris disorang ku manehna. Jang Isud imut ngagelenyu bari cengkat, leos ka luar. Lengkah-lengkahna pinuh ku sumanget anu minuhan dada, ngagedig bari nyampaykeun sagala harepanna dina tungtung lengkah-lengkahna. Teuing ilham naon anu katarima ku Isud.
Hareupeun panto anu dijieun tina jati, Isud nangtung bari nelek-nelek tulisan anu ngajeblag. Teu salah, ceuk pikirna. Dina panto teh aya tulisan ‘Ruang Kepala Personalia’. Teu talangke deui, Isud ngetrokan panto aya kana tilu kalina. Lila taya anu nembalan atawa anu nitah asup. Tungtungna mah leungeunna nyurungkeun panto lalaunan. Blak panto muka. Breh katingali ku Isud, hiji lalaki tengah tuwuh anu keur anteng ngumbar katresna jeung wanoja geulis rancunit dina korsi sudut.
Jang Isud ngembang kadu dina lawang panto bari panonna neuteup dua jalma anu patingkorejat rareuwaseun.
“Aya naon maneh asup ka dieu?” lalakina muncereng ka Isud bari memener dasina anu geus ngaleleke.
Among cengkat tina diukna. Kojengkang kana lawang panto. Samemehna ngarongkong heula bedog anu disimpen dina palang dada..“Euh… ” Isud tacan bisa nyarita nanaon, panonna kalah anteng neuteup wanoja anu masih
keneh murungkut di juru korsi. Moal poho pikeun Isud. Eta wanoja teh
saminggu katukang babarengan ngalamar gawe. Malah kungsi wawanohan
sagala rupa. Neneng ngaranana teh. Lemburna di Pabuaran.
Sakolana sarua lulusan SMU. Lalagasan keneh. Kitu diantara pangakuannana
Neneng ka Isud.
Isud oge surti upama eta wanoja geus ditarima jadi karyawan di eta pausahaan. Tapi jang Isud teu pati ngarti, dina
widang naon pagawean anu ditugaskeun ka Neneng. Ari lalaki anu aya di
hareupeunnana, Isud oge rada apal kana kasantukang hirupna. Eta oge
pedah kabeneran kungsi ngawangkong jeung satpamna, anu kabeneran
babaturan sakolana keur SMP. Ceuk babaturan Isud, eta teh Pa Ipep
ngaranana, kepala personalia di kantorna. Imahna di komplek real estate.
Pamajikannana boga dua, gareulis jeung ngarora keneh.
“Maneh rek ngalamar gawe deui? Apan geus diomongkeun, euweuh lowongan keur lalaki!” pa Ipep nyentak deui bari nulak cangkeng.
“Sanes, abdi mah sanes bade ngalamar damel,” Isud kakara bisa nyarita.
“Jadi rek naon atuh?” pa Ipep kerung.
“Bade ngajak duduluran,” tembal Isud bari nyolongkrongkeun leungeunna, ngajak sasalaman. Hanjakal pisan, leungeun Isud kalah dikepeskeun.
“Ari maneh gelo?” kituna teh bari neuteup ka Isud semu anu ijid.
“Henteu, pa. Abdi mah bade ngajak duduluran,”
“Ka luar siah!”
“Eh,
wang duduluran, goblog!” amarah Isud mimiti naek. Puguh weh pa Ipep
ngaranjug. Komo Neneng mah ampir kapiuhan awahing ku reuwasna.
Keur
getreng adu omong, kabeneran aya satpam ngalalar. Teu kudu diparentah
deui, satpam asup bari ngacung-ngacungkeun balati. Najan Isud sobat
dalitna, tapi ari keur tugas mah kudu tuhu kana aturan anu geus
digariskeun. Isud direjeng bari tuluy diborogod. Satuluyna digiringkeun
ka luar.
Saprak
manggih kajadian di kantor pa Ipep, Isud tara kukurilingan neangan gawe
deui. Malah ayeuna mah leuleumpanganna teh lengoh bae, teu ngekelek
deui map anu eusina lamaran. Tujuan lalampahannana oge dina raraga
neangan dulur anu bisa diandelkeun. Teuing ngagugu kana omongan Among, teuing alatan geus poekeun pisan neangan jalan kahirupan.
Kawas
Poe harita, Isud kalah nangkring di parapatan. Ngahiji jeung tukang
ngamen, tukang roko katut tukang ngelapan kaca mobil. Basa lampu beulah
wetan kabagean beureum, Isud buru-buru lumpat ka lebah mobil anu
areureun. Saliwatan mah siga anu paheula-heula jeung tukang ngelap kaca.
“Pa, kersa janten dulur abdi?” ceuk Isud bari nyolongkrongkeun leungeun kana jandela mobil anu kabeneran kacana dibuka.
“Naon ari maneh?” tembal supirna bari nutupkeun kaca.
“Wang
duduluran, kehed!” jang Isud muncereng. Leungeunna neunggeul kaca
mobil. Atuh puguh panumpang gigireun supir mani molotot, malah terus
muka panto mobil. Jrut turun bari tuluy ngagidig ka hareupeun Isud.
“Ka dieu siah!” pokna bari teu antaparah deui ngajewang kerah baju Isud. “Punten, pa. Apan abdi mah ngajak duduluran?” Isud ngeleper, sakujur awakna ngadegdeg awahing
ku soak. Teu antaparah deui, pipi Isud digaplok satakerna. Bangkieung,
awakna anu rengkung teh ngoleang, meh bae ngarumpuyuk kana aspal.
“Naha bet ngagaplok, pa? Apan abdi teh ngajak duduluran?”
“Maneh ngotot?”
“Aing
mah lain ngotot. Apan aing mah ngajak duduluran, kehed!” Isud jadi
ambekeun. Tapi orokaya, tanagana ampir suda. Eta lalaki jangkung luhur
simbar dada teh, ngaheumbatkeun peureupna kana beungeut Isud. Koceak,
bangkieung, gedebrug jang Isud labuh. Tina irungna ngucur getih.
“Wang
duduluran, bebel!” Isud bisa keneh nyarita, najan sorana meh-mehan teu
kadenge. Teu pati lila Isud ngarumpuyuk kapiuhan. Kawasna mah awahing ku
teu kuat nandangan kanyeri, katambah geus aya kana samingguna teu
manggihan sangu.
*
Lalaunan,
jang Isud mukakeun dua panonna, sabab karasa aya anu tiis dina
tarangna. Breh katingali, Among keur sila mendeko, nyanghareupan awakna
anu ngagoler dina samak butut.
“Sud, kumaha karasana?” Among tumanya bari nyokot elap anu dikompreskeun kana tarang Isud.
“Ngareunah,”
tembalna bari maksakeun imut. Padahal awakna masih keneh karasa
pasiksak, katambah beuteungna mani geus pupurilitan menta dieusian.
“Sukur atuh ari kitu mah. Heug kumaha mimitina bisa nepi ka kieu?” tanya Among bari neuteup Isud kalayan anteb naker.
“Mong,
kawasna mah euweuh jalma anu daekeun jadi dulur uing. Matak nepi ka
ayeuna oge, uing tacan meunang gawe,” tembal Isud bari neuteup kana
lalangit. Hayang nyumputkeun karudet anu nalikung dirina. Ari Among ngan
ukur neuteup sobatna pinuh ku rasa nalangsa. Taya sakecap carita anu
kaluar tina biwir Among.
“Kumaha
lamun geus kieu, Mong?” jang Isud tumanya bari neuteup leuwih seukeut.
Lir anu hayang meunang bongbolongan ti sobat dalitna.
Aya
anu nyurucud tina panon Among. Cipanon anu munggaran kanyahoan ku Isud.
Kakara harita Isud nyaksian Among kawas kitu. Sasarina Among tara
beakeun piomongeun jeung pipetaeun pikeun neangan jalan kahirupan.
“Apan uing oge daek jadi dulur maneh.” Among ngagerendeng halon naker, tapi eces pisan kadenge ku dua cepil Isud.
“Dagoan
sakeudeung!” ceuk Among bari ngalengkahkeun sukuna. Samemeh nincakakeun
sukuna kana teras, nyelang reret heula ka jang Isud. Geblug, panto
ditutupkeun rada tarik. *
Ku DHIPA GALUH PURBARanggon Panyileukan, 2001