twitter



(Hiji)
SURAT dikeukeuweuk keneh. Amplopna mani geus semu koneas. Tapi da teu lecek ieuh. Tah geuningan, keretasna mah mani bodas keneh. Beresih. Meujeuhna ketang rek koneas ge. Kawantu surat geus mangpuluh taun. Ngahaja diteundeun diapik-apik. Sina parimpen. Iwal kuring nu terang. Surat panungtungan ti manehna eta teh. Nu matak enya dipijimat, dijadikeun tilam kakangen. Kitu bae, mun pareng inget ka manehna, eta surat sok tuluy dicokot tina tempatna.
Ti dinya anteng dibaca. Jongjon dilenyepan dilelekan. Boa geus mangratus kali dilelekanana. Da tepi ka apal atuh kana saban kekecapanana. Lebah mana kalimah nu matak ngabeberah kana mamaras, lebah mana kecap nu matak anteb nyayang na lelembutan. Sok kacipta deuih ka nu mere suratna; kumaha peta embut biwirna lebah nuliskeun kecap nu eta, atawa kumaha ngalangeuna lebah milihan kekecapan pikeun nyieun ungkara kalimah nu eta. Deuh, Yeyen Ratnaningsih. Na kumaha bejana ayeuna? Lawas taya iberna.Surat diteuteup deui. Kalah breh manehna nu sakitu puluh taun teu deui kungsi tepung. Ari saminggu ka tukang, mani anteng kokolebatan. Teu bisa disisieuh. Lebah usum mondok pangpangna mah, imutna kalah terus kagambar lebah lalangit, lebah tembok kamar, lebah almenak, lebah jam dingding. Bet padahal pamajikan kapan teu weleh anteng di gigireun.
Deuh Yeyen. Naha enya kitu manehna ge keur sarua nandangan rasa nu matak nyiksana cara nu karandapan ku kuring ayeuna?Antukna mah surat teh lalaunan diteundeun deui kana tempatna. Mani anteb pisan diteuteup deui memeh enya nyelap nyamuni dina tempat anu maranti. Breh deui beungeut manehna. Hih, mani ku teu bisa disisieuh atuh. Kamar teh mani enya karasa dieusian ku kalangkang manehna. Na lomari, na lalangit, dina tembok, dina almenak, dina jam dingding. Beu kumaha mun pamajikan nyahoeun ieu kuring keur kaeunteupan kakangen nu kungsi nyaliara dina dada, cara kakangen kuring ka Yeyen mangpuluh taun katukang. Duh, na kumaha bejana atuh ayeuna? Enya, mani lawas taya iberna.Goloyoh muru korsi deukeut jandela. Hayang lugina nyawang ka piluaran. Maksud teh ngarah bisa samemena ngumbar lamunan ka manehna. Ka Yeyen. Opat puluh taun liwat. Sidik, lain waktu nu sakolepatan.
***
1966.
HAREUDANG. Bet padahal ti terminal keneh ge, kaca jandela beus teh geus disina ngeblak. Anginna sina anteng neumbragan kana beungeut, kana awak. Tapi hawa Lampung teuing ku bayeungyang. Sapaparat jalan tatangkalan nu rajeg dina tetelar leuweung bangun nu lalumpatan ngajauhan lajuna beus. Di Jakarta mah majar euweuh leuweung nu siga di Lampung. Mobil teu jarang cara di urang. Geus usum listrik cenah deuih. Aya bae bejana, di kota geus ngadeg tugu jangkung meh nyundul langit. Naon tea cenah, monumen nasional?
“Ti Jakarta mah kari kebat bae ngidul. Satengah poe ge bakal tepi ka Bandung. Tepungan bae Pa Rojak. Imahna deukeut alun-alun. Nanyakeun ka urang dinya ge, moal teu pada nuduhkeun,” kitu ceuk Sunjaya, sobat nu mere alamat Pa Rojak di Bandung.
Bapa deuih teu loba cacarita basa kuring nyebutkeun hayang ka Bandung teh. Hayang jadi tentara.”Ludeung onaman, jung bae,” tembal Bapa semu alum, “Hidep ge nyaho Bapa mah teu boga nanaon. Keur bekel ge boa tamba teu aya teuing.”Teu burung tepi. Duit nu saeutik teh dijeujeuh-jeujeuhkeun. Nyaho ti Emang, komo jadi tentara kudu daek ripuh jeung kuat mental. Teu jadi sual. Da salila ieu ge kapan geus biasa deui hirup peurih. Dahar pake ukur saayana. Lunta ti imah ukur mamake calana sontog. Kaembohan ku kaos jeung sarung.
“Sukur hidep hayang jadi tentara,” omong ema mani dumareuda, “Sing bisa ngangkat darajat kolot. Peupeuriheun bapa maneh mah kapan sakitu ripuhna. Urang teh jalma teu boga. Sing bisa nitipkeun maneh deuih.”Mindeng ngadenge Bandung ti Bapa. Memeh tumetep di Lampung, Bapa ge kapan pituin teureuh Kuningan. Cadu teuing mun kudu balangsak onaman. Dina balangsakna, asal teu koredas pisan, sageuy kudu tepi ka neukteuk anggeus mah.Pa Rojak.
Nyaan teu hese neanganana. Dibejakeun mun kuring deukeut jeung Sunjaya, ujug-ujug nitah asup bae. Enya, cacak ka jalma anyar pinanggih.”Kieu saleresna mah, perkara daptar jadi tentara mah asal lengkap bae pasaratanana. Mawa pasaratan naon bae ayeuna?” cek Pa Rojak.”Mung gaduh ijasah, Pa,” tembal teh.Pa Rojak rada ngahuleng ditembalan kitu teh. Da jeung enyana dina kantong ngan ukur memekel ijasah, kaos jeung sarung. Duit ge kapan ngan ukur tamba teu aya teuing.
Memeh pok deui, Pa Rojak mani seukeut melongna ka kuring, “Teu mekel nanaon deui nyah?”Kuring gideug.”Keur daptarna?” “Aya,” tembal kuring.Disebutkeun kuring mekel sakitu teh, Pa Rojak mani ngajenghok. Tuluy seuri ngan saulas. Ti dinya neuteup ka kuring anteb naker, “Atuh jauh kana picukupeun. Tangeh kana cumpon duit sakitu mah. Jadi tentara jaman kiwari, kudu bae make ongkos gede. Beda jeung jaman revolusi.”Jep bae jempling. Pa Rojak teu cacarita deui. Rohangan imahna nu sakitu ublug-ablagna mani karasa cakueum. Jam 10 teh mani geus asa di kuburan bae. Kadenge eta ge sora mobil ngalalar di luar. Pa Rojak bangun nu ejegeler. Koloyong ka tengah imah. Jol deui ka rohangan tamu. Gek diuk. Teu cacarita. Jung deui.
Koloyong ninggalkeun kuring. Lila meueusan. Datang deui teu tuluy diuk. Kalah anteng ngareretan jam.”Kumaha atuh nya, mangkaning Bapa rek ka luar kota,” kalah kitu pokpokanana.Kuring ngabigeu. Naon nu kudu dipilampah atuh mun geus buntu kawas kieu?”Kieu bae,” ceuk Pa Rojak teh, “Mun keukeuh hayang daptar ka tentara, kari indit kaJakarta. Di Jalan Banteng. Tanyakeun bae KODAM V Jaya. Tah ka dinya we daptar mah. Hadena mah ayeuna bae inditna. Isuk rek ngarereb di mana?”Kaharti. Da puguh kapan kuring mah teu boga dulur. Taya nu bisa diendongan. Kari-kari Pa Rojak geus saged pisan rek sajungjungeun indit. Teu hade lila-lila aya di imahna bari jeung nu bogana wegaheun mun kuring lila aya di imahna. Nu matak geuwat bae indit sanggeus nganuhunkeun.”Enya. Muga-muga bae sing tinekanan,” ceuk Pa Rojak.
***
NYARANDE kana tihang kembang di taman alun-alun. Angin Bandung karasa lirih. Cacak geus deukeut ka tengah poe. Di Lampung mah, beu, jam sakieu teh karasa pisan bayeungyangna. Kateuing pedah di dieu ngajenggleng masjid agung kitu? Mani agreng kieu. Di Lampung mah jauh hayang nempo masjid agreng siga kieu teh. Jakarta. Jalan Banteng. KODAM V Jaya. Leuh, na di mana etah? Kudu indit ayeuna cenah. Ngarah teu kapeutingan. Baluweng nu puguh mah. Naha bet kudu ayeuna? Kumaha mun isukan? Ayeuna? Isukan? Ayeuna mah geus pasti kapeutingan. Isukan nyalse. Tapi moal kaporotan daptar? Ulah maksakeun. Dina kaporotan ge bisa nyarita, dadakuna mah miang jauh ti Lampung. Piraku petugas teu ngarti onaman. Tah eta.
Piraku maranehna teu ngama’lum. Balaka bae satarabasna. Gilig. Ku alesan nu bieu mah, indit ka Jakarta teh mending isuk bae. Jauh-jauh ti Lampung, nganjang ka Bandung ukur sakolepatan. Enya. Rek kitu bae. Miang ka Jakarta teh rek isuk bae. Bari ngadago peuting, ayeuna rek samemena leuleumpangan ngurilingan Bandung.Enya rek kitu bae!***
(Dua)
LIRIH. Angin Bandung karasa lirih. Cacak geus liwat lohor. Duka pedah kakara kaluar ti masjid bae. Jung nangtung teh mani enya karasa segerna. Sapoe ieu rek ngurilinganBandung. Rek ngadon leuleumpangan. Ka mana? Kateuing. Salengkah-salengkah muru ka taman alun-alun deui. Lieuk deui ka masjid agung nu agreng. Kalah diri karasa pisan leutikna. Ceuk nu nyarita, Bandung kota Parahiangan. Mojangna pajah gareulis. Enya kitu? Tuh geuning, rea lajang, asa teu bina ti lajang urang Lampung bae. Pedah urangBandung leuwih berseka. Onjoy lebah pakulitan. Da puguh pakulitan asak piara.
Iuh handapeun caringin sisi jalan. Mani enya karasa pisan segerna. Cacak tengah poe kieu. Patalimarga geus rame. Di Lampung mah iraha teuing mobil balawiri cara kieu. Beca deuih di dieu mah mani tingalabring. Nu tarumpakna awewe. Mani bareseka. Kumaha rasana tumpak beca? Sabaraha ongkosna. Ka mana deuih? Ka mana we atuh. Jauh-jauh ti Lampung teu ngasaan tumpak beca onaman. Tuh, tanyakeun ka tukang beca. Sabaraha kituh ongkosna mun ngurilingan Bandung.
Saehem meureun ceuk tukang beca teh. Leuh, atuh ongkos sakitu mah sapuluh tikeleun bekel kuring keur ka Jakarta! Atawa urang tanyakeun heula nyacapkeun kapanasaran. Jung bae kuring nangtung. Tuluy ngalengkah. Tapi, ieu lengkah kuring teh lian ti hayang ngadeukeutan Si Emang beca, oge kajurung ku panon nu anteng nyidikkeun dompet nu ngagoler tukangeun beca. Dompet saha?Panasaran dideukeutan. Enya dompet, mani bangun nu wedel kitu. Kop bae dicokot. Si Emang tukang beca anteng bae nyangkere na jero becana. Dompet gancang dibawa ka sisi alun-alun handapeun tangkal caringin. Leuh, mani kumeleper kieu mukaanana oge. Sageuy teu kumeleper atuh, dompet teh eusina mani metet kieu. Aya geulang jeung cingcin. Emas tangtuna ge. Duit deuih, reana lain itung-itungeun pantar kuring. Beu karunya teuing ka nu bogana. Moal henteu kacida leungiteunana.
Dompet saha?Anteng diilikan dikorehan sugan aya katerangan nu bogana. Gorehel teh KTP-na. Yeyen Ratnaningsih. Alamat Jalan Diponegoro Bandung. Lebah mana Jalan Diponegoro teh?Ceuk tukang beca mah jauh. Mun kana beca ongkosna lain lumayan. Jeun teuing! Karunya ku nu boga dompet. Ieu dompet kudu gancang tepi ka nu bogana.”Anteurkeun kuring ka Jalan Diponegoro nya Mang?” cekeng teh.”Kana beca Den?” kalah malik nanya.”Enya!” tembal teh.Geuleuyeung beca muru ngaler. Kumaha behna bae ongkosna mah. Kapan ceuk tadi ge itung-itung ngurilingan dayeuh Bandung.
Jauh-jauh ti Lampung teu ngurilingan Bandung onaman, mokahaan kasebutna. Enya!Teu wudu resep mapay-mapay jalan di kota Bandung. Enya, di Bandung mah kota teh mani karasa pisan asrina. Geus rame ku patalimarga deuih. Beca hiji dua sok tembong anteng ngalalar. Nu tumpakna pasti bae gareulis. Mojang Priangan tea kitu eta teh? Di Lampung mah kapan boro-boro bisa samemena neuteup nu geulis calik na beca. Jauh deuih ngajugjug ka kota teh. Enya, Ema jeung Apa kumaha bejana ayeuna? Geus meh tilu poe ditinggalkeun.Lalampahan kana beca, meh sajam kakara tepi ka nu dijugjug. Jalan Diponegoro.”Nuhun nya Mang,” pok teh sanggeus mayar beca.
Mani atoheun tukang beca diongkosan sakitu teh. Nunuhunanana ge mani jeung barirengkuh kacida. Geuleuyeung weh beca mah muru ka puseur kota deui.Emh, na saha atuh ieu teh nu lalawora kana dompet? Eusina mani metet kieu. Alamat nu dina KTP hadena teu hese neang. Barang srog, di tepasna kalah katangen mojang keur diuk papahareup jeung kolot. Boa bapana. Si mojang ngeluk tungkul, paromanna kalah tembong siga nu keur alum. Basa ret ka kuring nu pupuntenan, nu kolotna teh nyampeurkeun.
“Bade ka saha?” cenah.
“Tumaros, naha leres ieu teh bumina Yeyen?” cekeng teh.Memeh ngajawab, Si Bapa mencrong mani leleb,
“Leres. Geuning aya kaperyogian naon. Mangga lebet. Tuh, kaleresan nuju aya.
“Eta tangtuna nu boga dompet teh. Yeyen Ratnaningsih. Diuk keneh bae semu nu alum. Gek bae kuring diuk sanggeus diperenahkeun ku pribumi mah.
“Kieu ieu teh, Pa,” cekeng ngamimitian nyarita, “Abdi teh mendakan dompet di alun-alun. Eu…….”
Can ge cacap cacarita, pribumi geus surak manten. “Alhamdulillah….,” cenah, “Tuh Yeyen, ku pitulung Gusti teh dompet kapuluk deui. Numatak tong lalawora mekel dompet teh.”Harita keneh ge dompet dibikeun ka nu bogana. Diilikan jeung dipariksa eusina. Meusmeus ret deui ret deui ka kuring. Katembong bae bearna nu boga dompet teh. Eusina da weuteuh keneh. Bangun enya bungangangna sanggeus mariksa dompet mah.
“Hatur nuhun,” ceuk nu boga dompet teh neuteup ka kuring.”Nyandak cai heula anggursi ayeuna mah, Yen,” ceuk bapana, “Aeh enya kumaha ieu teh ngawitanana? Encep teh saha tea, di mana bumi, sareng didamel di mana?”Didadarkeun we ku kuring teh. Ngaran kuring Fendi. Indit ti Lampung mangkukna. Maksud rek daptar tentara ka Jakarta.
“Beu geuning sanes urang caket-caket etah,” ceuk pribumi, “Kieu we atuh, da angkat kaJakarta wayah kieu mah matak melang. Enjing bae angkatna. Ayeuna mah wayahna ngendong heula bae di Bapa. Enjing ku Bapa dijajapkeun ka statsion, nya?
“Enya. Diaku kuring teh di imah Yeyen. Mani saromeah naker. Harita deuih terus bae wawanohan. Ka nu boga dompet mah geus nyaho manten ngaranna tina dompet tea, Yeyen Ratnaningsih. Alus ngaranna. Keureutanana ge da puguh nyurup kana ngaranna. Manis. Kakara rek lulus SMP Yeyen teh. Bapana ngaranna Pa Wijaya, boga toko material. Ari geureuhana Bu Yeti.
Yeyen Ratnaningsih boga adi awewe, Yanuarsih. Sakolana di SD keneh. Tina anteng pancakaki teh teu wudu ebreh, eta teh kulawarga nu akuan pisan. Ka kuring jol ngaku dulur bae. Cacak kakara tepung harita. “Bapa ge mani hayang pisan boga anak tentara,” pokna teh, “Kacipta gagahna. Maju bertempur atawa gagah lebah ngajaga nagara.”Yeyen mah ukur ngabandungan kana obrolan. Bu Yeti deuih mani bangun saregep nanggap lalampahan kuring ti Lampung muru ka Bandung.
Nanggap lalampahan jalma teu boga, nu lunta ti Lampung ukur mamake sontog.”Ngadamel cai deui atuh Yen, itu Cep Fendi seepeun cai eueutna,” ceuk Bu Yeti.Teu kaleked. Yeyen ngoloyong ka dapur. Datang-datang geus nananggeuy cangkir na baki. Cai enteh mani tembong keneh ngebulna. Seungitna deuih mani sumelengseng. Baringasongkeun cai teh, eta ku bari dibarung imut Yeyen mah.
“Mangga dileueut atuh,” pokna. Cindekna, kulawarga Pa Wijaya karasa pisan someahna. Katarima pisan pangakuna deuih. Ka kuring kawas ka dulurna bae. Merenahkeun ka kuring kawas ka anakna pisan. Malah tepi ka nyaho mun kuring teu mawa salin. Tuda dina tas, baju teh ngan ukur mekel saayana bae.”Bilih engke bade kulem mah, kamarna nu palih ditu nya,” Bu Yeti merenahkeun pangsarean, “Kaleresan ku Yeyen tos diberesan.”Ku Yeyen tos diberesan cenah.Sapeupeuting mani hese pisan sare. Nyoreang lalampahan ti Lampung ka Bandungkeun. Inget deuih ka Ema jeung ka Apa di Lampung. Na kumaha bejana ayeuna? Ieu kuring di Bandung keur manggih bagja. Aya nu ngarawatan mani bageur pisan.
Saromeah. Anak-anakna deuih, keur maranis teh teuing ku akuanana. Yeyen Ratnaningsih ngaran nu cikal mah, Ma. Alus nya ngaranna. Enya, nyurup jeung dedeganana, Ma. Du’akeun deuih ku ema jeung ku apa, cita-cita jadi tentara sing tinekanan.Yeyen Ratnaningsih. Tuh, ieu lelembutan kalah manteng bae ka nu boga dompet.
***
ASANA mah henteu matak ngerakeun teuing ka pribumi. Maksud teh lebah hudang, ka cai, salat subuh, tepi ka ngabeberes deui pangsarean. Lebah memeres pangsarean mah, disiga-siga meunang ngabeberes kamari tea bae. Ceuk Bu Yeti mah meunang Yeyen cenah ngebeberesna. Paingan atuh, mani rapih jeung asri kitu. Mojang Priangan tateh. Yeyen Ratnaningsih. Beu, naha ieu lelembutan kalah manteng bae ka manehna? Tuda imutna teuing ku manis. Teuteupna teuing ku linduk.
Keur anteng ngalamun kitu, kana panto kalah aya nu keketrok. Barang dibuka, barang gok pisan paadu teuteup jeung manehna. Yeyen Ratnaningsih. “Ieu kedah dianggo kanggo kaJakarta tea,” pokna bari semu nu kararagok. Duka pedah kuringna anteng disasarung keneh satutas salat tadi, duka pedah naon, “Upami tos dianggo, diantos tuang ku Apa.”Baju jeung calana weuteuh teu burung ditampanan. Tapi naha atuh ieu panon kalah anteng hayang betah neuteup ka manehna? Yeyen pon kitu deui. Diteuteup teh mani bangun nu nandean paneuteup kuring.”Mangga atuh,” antukna mah Yeyen maksakeun ngalieus bari jeung terus ngoloyong ka dapurkeun. Rek sasadiaan ceuk taksiran.
***
KALAH karasa pisan lewangna rek ninggalkeun pribumi teh. Asa geus lila pisan wawuh. Lain, da lain kuring wungkul nu bangun ngarasa lewang teh. Bu Yeti mah kapan ti tatadi ge mani geus pok deui-pok deui, cenah mun engke geus tinekanan jadi tentara, ulah mopohokeun. Kituna teh bari beueus cimata. Yanuarsih, adina Yeyen sarua kalah medal cimata. Teu cacarita, iwal teu neuteup bari rembes cipanon. Yeyen mah beda deui, kalah tambah ngalelewang.”Boa upami tos janten tentara mah, bakal lali ka abdi,” pokna.
Hih, maenya kudu mopohokeun! Sabalikna, boa kacipta, mun pareng kuring datang deui ka dieu teh, Yeyen geus nyandingkeun nu sejen. Leuh, enya mani asa lalewang teuing.Dijajapkeun ku Pa Wijaya teh kuring mah ngarasa ginding pisan. Baju weuteuh calana weuteuh. Mani enya jadi jelema pangbagjana teh. Sapeuting diaku, dihiap-hiap. Diperenahkeun someah naker. Dibere imut jeung teuteup ti nu manis.
Yeyen Ratnaningsih. Naha atuh manehna kalah masket nyayang na lelembutan? Jaba bieu Pa Wijaya mekelan duit mani gede naker. Beu, duit Rp. 35.000 mah atuh moal beak dipake keur tilu bulaneun.”Wayahna, Bapa mah ngan jajap dugi ka dieu bae,” ceuk Pa Wijaya, “Ieu tiket dugi ka Gambir. Tos di Gambir mah kantun nanaroskeun bae alamat KODAM. Moal bireuk deui da.”Kuring teu bisa nanaon deui. Iwal neuteup Pa Wijaya. Kalah karasa saab na kongkolak. Kitu deuih nu katangen na kongkolak mata Pa Wijaya ge. Aya nu ngeyembeng ngagenclang pisan. Da mun teu terus ngaleos sanggeus parangkul-rangkul mah, boa enya eta nu ngeyembeng teh kaburu bedah.
“Sing salamet bae di jalanna,” pokna teh, “Sing tinekanan deuih jadi tentara. Ulah poho ka bapa.”Semet dinya jajapna Pa Wijaya teh. Ti dinya mah tuluy jung deui mulang. Kaharti, boa teu hayangeun papanjangan ngeukeuweuk kalewang. Nuhun Gusti, ieu kabagjan mani karasa teuing ku ni’mat.***
(Tilu)
TARIKING du’a ti kolot, jeung tangtuna ti kulawarga Pa Wijaya, katarima jadi tentara teh mani dilancarkeun pisan. Kungsi eta ge ditatanyakeun dumeh pasaratan nu dibawa ku kuring ukur semet ijasah. Duit keur daptarna weh. Tadina mah mehmehan moal ditarima. Lahlahan kuring nyarita satarabasna, kacipta mun kudu ngalengkepan deui. Jaba jauh ti Lampung. Dikeukeuhan eta ge, yen upama kuring katampa jadi tentara, rek soson-soson ancrub jeung teuteuleumanana.
“Sing bisa sangsang badan titip diri di pangumbaraan teh,” kitu kapan talatah Apa basa rek jung pisan teh.Nyaan kudu tanggoh geus bisa jadi tentara mah. Boh fisik boh mentalna. Teu bangga teuing keur sakuringeun mah, da kapan di Lampung ge, meh saban poe diseukseukan ku Apa. Sentak sengor Apa geus dilalab saban usik. Dititah nimba, dititah nyiram pepelakan dina lahan nu sakitu ublug-ablagna. Ngakutan cai, ngakutan tanah, ngakutan gemuk. Nanggung sayureun bawaeun ka pasar. Mundak bungbuahan dina lalampahan opat jam. Macul atawa meresihan jujukutan di kebon deuih, geus teu kudu matak jadi luhlah. Nu matak, lebah ngagandong rangsel sakumaha beuratna, atawa ngajingjing bedil sakumaha lilana, asa geus biasa deui.Babaturan saregu, aya nu kungsi ongkek-ongkekan, pedah ngagandong rangsel bari lumpat. Jaba lalampahan kudu nyorang nanjak mudun.
Nu sejenna aya nu kalempohan tepi ka ngajungkelna pisan. Kalah dijewang ku komandan. Tuluy dititah nangtung. Geplak ditampiling semu diperekpek.”Tong jadi tentara ari serah bongkokan ku tangtangan mah,” komandan kalah malik nyentak. Geplak deui kana pipina, “Nu ngaranna tentara mah saban usik adu hareupan jeung pati. Jiwa raga. Catet siah!”Semu dituyun antukna mah ku kuring. Bisi enya kalempohan deui, langsung ditungtun deui ku kuring. Rumasa, kuring ge da rea ditulung ku batur. Dirawatan ku Pa Wijaya. Emh, na kumaha bejana ayeuna? Yeyen Ratnaningsih.
Si manis mojang Priangan. Mani meh saban peuting kuring mah ingetna teh. Naha sarua kitu manehna ge ingeteun ka kuring?”Gancang lumpatna!” di hareup komandan ngagorowok semu nyentak, “Tong sok bari ngalamun. Taya bejana di pangperangan rea ngalamun ari lain rek ngadon sosoroh kojor mah.”Latihan kadisiplinan geus dianggap mumuluk saban isuk. Lumpat bari ngagagandong rangsel jeung nanangeuy bedil, geus ilahar deui. Babaturan saregu geus tara aya nu ongkek-ongkean deui. Komo nu kalempohan ngadon ngalungsar di perjalanan mah.
Bebelesekan kana leutak atawa gugujubaran nadah tarikna cai walungan bari ngangsrod teu kudu dipiseunggah deui. Nyorang leuweung, adu hareupan jeung oray atawa jeung sabangsaning sato nu sok nyoco atawa nu sok ngegel geus teu jadi sual. Da tara sakali dua kali ngadon ngabeset oray di leuweung. Getihna diuyup harita keneh. Dagingna bae dibeuleum cara kana belut. “Ni’mat deuleu daging oray teh,” ceuk komandan, “Matak sehat deuih kana awak.”Gerakan tiarap bari ngangsrod lebah rarambu leuweung geus maher deui. Cucuk saliara atawa cucuk daun pulus tara dirasa ieuh. Bared lebah palipis atawa lebah biwir panon, ari teu matak bohak atawa baloboran getih mah naha make kudu dirarasakeun. Di Lampung ge kapan mindeng katojos cucuk tangkal terong, atawa kacugak cucuk tangkal salak. Atuh geunteul ku hileud, atawa diseureud langir geus jamak bae. “Cita-cita bangsa keur ngudag karaharjaan kudu disorang ku pangorbanan,” ceuk komandan dina hiji latihan, “Taya hartina pangorbanan urang salila ieu mun dibandingkeun jeung kolot-kolot urang atawa lanceuk-lanceuk urang nu toh pati jiwa raga ngabelaan nagara.
Perlu dicatet, taya kasenangan nu teu dicangking ku pangorbanan.”Tah eta, pengorbanan. Kecap jeung sikep pangorbanan kalah tuluh nanceb lebah dada. Jero latihan tehe sok terus mindeng dicatet minangka pangorbanan. Pangorbanan keur ngudag kasenangan. Kasenangan nu mana? Kasenangan jeung saha? Kalah beungeut Yeyen deui nu mindeng ngolebat teh.
Enya, naha kasenangan jeung Yeyen nu bakal dicangking teh? Keur ingeteun ka kuring kitu Yeyenna? Enya, meh cacap tilu bulan aggang jeung Yeyen. Kumaha teuing atuh bejana? Meh saban usum sare, beungeut Yeyen teu weleh ngalongokan. Imutna, teuteupna anteng kumalangkang. Kuring nineung ka manehna. Biheung teuing manehna mah. Kuring sono ka menehna. Biheung teuing manehna mah. Kuring cinta ka manehna. Enya, boa biheung teuing manehna mah.”Tentara nu saestu taya lian ti tentara nu jiwa ragana awor dina getih perjuangan,” ceuk komandan basa cacap pelatihan jadi tentara, “Silaing kabeh ayeuna geus jadi tentara nu saestu.
Taya alesan geusan sumoreang. Jiwa raga geus ditandonkeun keur nagara. Taya basa keur geusan mungpang kana pamenta nagara geusan ngudag karaharjaan bangsa.” Jadi tentara! Kuring tinekanan jadi tentara. Ceuk komandan kudu jadi tentara nu saestu nu tanggoh jiwa ragana. Tapi ieu lebah tikoro kalah kasedekkeun ku rasa ngangres. Brah beungeut Pa Wiajaya. Bu Yeti. Yeyen Ratnaningsih.
Deuh, na kumaha bejana. Ema jeung apa deuih di Lampung?Geus dikayidkeun da, rengse pelatihan rek nganjang ka BandungNepungan Pa Wijaya.”Silaing teh tentara nu panghadena, Fendi,” ceuk komandan bari tipepereket saalaman jeung kuring, “Tentara nu saestu ge nyaeta tentara nu gumati ka kolotna. Jung ari rek nepungan kolot di Bandungmah.”Jung bae indit ka Bandung.
Mani asa geus sagokgokeun panggih jeung Pa Wijaya, jeung Bu Yeti, jeung… enya, nahajeung saha deui atuh ari lain jeung Yeyen Ratnaningsih mah. Damang Yen? Sajajalan taya deui nu dilamun iwal Yeyen. Dibabade ti perjalanan keneh, dina pakean tentara siga kieu,naha paroman marahmay nu kumaha deui nu baris ditembongkeun ku kulawarga Pa Wijaya. Ku Yeyen pangpangna mah. Jaba ieu oleh-oleh mani sabebedan. Keur Pa Wijaya, keur Bu Yeti, keur… enya, naha keur saha deui atuh ari lain keur Yeyen mah.
Yeyen Ratnaningsih. Ngaran nu salila pelatihan tilu bulan teu weleh mapaes lulurung hate. Ngaran nu salila tilu bulan teu weleh nganganteur ludeung sangkan kuring jadi tentara nu tanggoh, jadi tentara nu saestu.Barang tepi barang dirangkulan ku Pa Wijaya. Bu Yeti jeung anak awewena nu dua mapagkeun semet lawang.”Ampun teuing, mani asa ku kalinglap, Encep,” Bu Yeti mani semu ngagerewek, “Mani gagah deuih. Nuhun geus tinekanan jadi tentara. Nuhun Gusti.”Yanuarsih semu lumpat muntangan kana leungeun. Mapagkeun meureun ti dituna mah. Kalah Yeyen ngajanteng bae di tepas.
Neuteup mani bangun nu teu ngiceup-ngiceup. Kakara obah basa kuring geus nangtung hareupeunana.”Damang Yen?” Taya nembalan. Kalah neuteup bae mani teleb. Pa Wijaya jeung Bu Yeti mah asrasup manten ka jero. Kadenge ku kuring ge, Yanuarsih dititah gancang nyadiakeun cai keur kuring.”Manawi teh moal pendak deui,” kalah kitu pokpokan Yeyen teh.Ti dinya terus ngariung di jero. Yeyen ayeuna mah geus katangen deui bearna. Komo basa nampa jeung mukaan oleh-oleh ti kuring tea mah.
Lebah nampanan baju mah mani terus ditatangkeup. Nu kareret, Bu Yeti jeung Pa Wijaya bangun nu kerep pisan ngiceup-ngiceupkeun panonna teh. Atra deuih, lebah kongkolakna aya nu ngeyembeng mehmehnan bedah.
***
“ENJING kedah mios deui ka Jakarta. Neda pidu’ana abdi kedah ngiring pelatihan deui diBogor. Ti dinya nguping wartos mah kedah mios deui ka Surabaya. Muhun, neda pidu’ana bae,” ceuk kuring basa rek amitan deui.”Enya didu’keun pisan ku Ibu jeung ku Bapa,” Bu Yeti nu ngawalonan, “Cep Fendi sing mendak bagja. Ulah lali bae ka dieu.”Ditembalan ku unggeuk. Memeh enya jung pisan, kalah tereleng Yanuarsih ngadeukeutan, tuluy ngaharewos, “Saur Teteh kedah sering ka Bandung. Teu kenging ngampleng.”
Basa direret, nu mere talatahna mah kalah tungkul semu nu alum. Koreleng deuih kalah asup manten ka jero. Nu kaharti teh, Yeyen bangun nu teu wasaeun jajap atawa nangenan kuring ninggalkeun manehna. “Engke bakal sering nyeratan,” tembal teh. Yanuarsih nyeh imut. Kuring miang ninggalkeun imah Yeyen.
***
NGAMPLENG. Kumacacang mapay-mapay daeah keur pelatihan. Pindah ti hiji tempat latihan, geus kudu pindah deui ka tempat latihan sejen. Surat ti Yeyen bulan tukang, kakara katampa ayeuna. Komandan nu nganteurkeunana. Teu kungsi kabalesan. Tuda di mana teuing manggih waktu nu nyalse. Surat ti Yeyen nu eusina nanyakeun iraha rek kaBandung teh, enya lapur teu kabalesan.
Di handapeun surat bae Yeyen nulis sonoeun pisan.Basa keur latihan di Surabaya nampadeui surat ti Yeyen. Dikirimkeunana sabulan satengah nu kaliwat. Enya, mani kakara katampa ayeuna. Komandan deuih nu nganteurkeunana. Teu kungsi kabalesan deuih, kaburu indit manten ka Magelang. Dina suratna Yeyen keukeuh nananyakeun iraha kuring ka Bandung, make jeung aya embohna, majar Yeyen inget bae ka kuring. Sono cenah. Yeyen teu weleh nganti di Bandung. Najan tepi ka iraha bae. Anclang-anclangan milu pelatihan katentaraan teh. Ceuk komandan pangna kitu teh ngarah sikep jeung sipat katentaraan nu tanggoh jeung nu saestu pageuh nanceb lebah jiwa raga.
“Tong rea luhlah jeung sumoreang jadi tentara mah, kuriak dileled batur!” kituh.Panceglima bulan ti saprak tepung jeung Yeyen basa nganjang deui ka Bandung teh. Bulan kagenepna kalah nampa deui surat. Komandan keneh nu nganteurkeunana.”Ti kulawarga di Bandung,” ceuk komandan bari ngasongkeun surat, “Ulah diengke-engke ari ngawalonan surat teh.”Gebeg bae komandan nyarita kitu teh. Rumasa mani kaleked pisan kuring nulis surat walonan teh. Emh, hampura Yeyen. Kumaha geuning da mani teu bisa nyalse, teu kaur rek tret, piripit ti komandan mani sok ngarurusuh keur geusan saged. Gap kana rangsel, kop kana bedil. Der baris. Belenyeng deui lumpat. Mani asa kitu jeung kitu bae geuning. Lain teu hayang ngawalonan surat, tapi kumaha geuning ku hese-hese teuing nyiar waktu nu nyalse. Tapi mugi sing percaya, da lelembutan jeung hate mah teu weleh manteng ka anjeun. Sarua, di dieu ge kuring pinuh ku kasono.
Teu kaur rek reup, nu ngolebat teh iwal anjeun bae, Yen. Emh, kumaha atuh bejana?Surat teh lalaunan dibaca. Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sadugina ieu serat, pamugi Kang Fendi sehat wal afiat. Ti payun hapunten bilih serat ieu janten ngaganggu emutan Akang nu nuju seueur kagiatan. Salam Sono!Akang nu dipihormat, Saparantos kedal ucap Akang kapungkur, saurna moal hilap ka abdi, bade teras ameng ka Bandung, tapi diantos-antos teu aya wae. Tapi abdi seja ngama’lum, wios nuju tugas tapi mugia perkawis hate mah Akang mah mugia teu ka saha-saha. Kitu deui kanggo abdi, sanaos tebih tapi tetep abdi mah bade ngantosan. Dugi ka iraha wae, abdi tetep baris ngantosan Akang.Sakitu, mugia saenggalna tiasa tepang deui sareng abdi ngadu’akeun mugia Akang janten jalmi sukses. Hormat,Rai ti Bandung Yeyen Surat anteng dikeukeuweuk.
Diteuteup deui lila naker. Tuluy dibaca deui lalaunan. Semu diejah saban kecapna, inggis aya kekecapan nu kaliwat. Eusi surat da kitu-kitu keneh, mileuleuheungkeun ka kuring nu taya bae ngawalonan suratna. Bray deui beungeut Yeyen. Atra keneh bae manisna, atra keneh bae geulisna. Mojang Priangan tateh. Taya bandingna upama di Lampung mah.”Siaga…! Siagaa…!!” sora komandan geus ngagorowok deui, “Apel segera!!”Buriak kabeh singkil. Rap kana baju, sapatu, helem. Kop kana rangsel, gulawing digandongkeun. Kop deui kana bedil, berengbeng bari ditatanggeuy muru ka buruan rek ngadon apel.
“Perjalanan bukit Ciremay!” ceuk komanda teh. Teu bisa henteu, ti dinya kudu lumpat deui ngagandong rangsel jeung nanangeuy bedil muru Gunung Ciremay. Latihan mimiti asup deui ngasruk leuweung. Beu, lapur deui surat ti Yeyen teh geus moal kawalonan deui. Komo di leuweung kitu, ti mana teuing bisa ngirimkeun surat bari lalugina?Lebeng bae kana surat ti Yeyen mah. Di leuweung mani geus betah deui asruk-asrukan meh tilu bulan. Kaluar-kaluar geus di daerah Kuningan. Meh dua bulan di dinya.
Ti dinya geus kudu miang deui latihan di Sukabumi,Tah, nya keur di Sukabumi pisannampa deui surat ti Yeyen teh. Eusina ukur ngabejaan Yeyen geus kawin ka insinyur. Hampura cenah mun teu katepikeun ondanganana. Tuda kuringna majar keur sibuk bae. Dina tepina ge cenah, biheung teuing ngahajakeun dating.Ngahuhuleng ku surat nu eta mah. Ngangres jero-jerona mah. Ieu kuring mani asa teu nangan. Teu kaduga nangtung-nangtung acan. Mana komo indit kana latihan. Dahar mani enya teu mirasa. Mun tea kungsi ngadahar catang bobo, moal teu kitu taha saban manggih usum dahar teh. Kana mondok ngadadak suda deuih. Beungeut nu salila ieu mindeng kokolebatan, kalah matak nyebitan kana hate. Deudeuh teuing, Yeyen.
Teu sangka urang kieu jadina.Ti dinya ngampleng pisan. Teu kungsi tepung-tepung deui. Iber atawa talatah geus taya deui kalalar. Parat tepi ka kuring dua taun ti dinya manggih jodo. Iber ngeunaan Yeyen mah lebeng pisan taya deui raratan. Pa Wijaya, Bu Yeti, Yanuarsih geus teu kasusud deui dina panineungan kuring. Hiji-hiji bangun nungtutan laleungitan. Leungit ku kasibukan kuring nu merjoangkeun keur geusan nyangking kasenangan. Kasenangan saha? Duka kasenangan keur saha.
***
ENYA, mani samemena ti dieu mah nyawang ka piluaran ngaliwatan jandela teh. Ti jauhna katangen Gunung Tangkuban Parahu. Semu-semu paul. Teu sangka Bandung jadi pangreureuhan awaking keur geusan bumetah nutugkeun umur.Di Bandung deuih kapan Yeyen ge. Tapi kumaha bejana ayeuna? Ti saminggu ka tukang kalah anteng kokolebatan. Saban ngolebat saban manteng ieu kasono. Lipur-lipur sanggeus dibangbrangkeun ku maca surat nu panungtungana tea. Suratna angger diteundeun diapik-apik, sina awor jeung kakangen katut kadeudeuh kuring nu tepi ka kiwari dipiara diapik-apik.Dina suratna, majar enya Yeyen rek satia ngadago kuring. Nepi ka iraha bae. Tepi ka ayeuna? Kumaha mun enya kudu pareng tepung?
Naha enya rasa sono nu baheula masih keneh ngabebela cara nu kabaca dina suratna.Kalah ngulutrak nu bungsu, nyampeurkeun ka kamar.”Tos sonten,” ceuk si bungsu, “Tos waktosna ibak. Tos dipangnaheurkeun caina mah da.”Anak kuring nu bungsu tateh. Kakara rek tamat SMP. Keureutna manis jeung geulis. Aya sari-sari Yeyenna. Emh, naha ieu kakangen mani kalah campuh ngabebela?***
Kuningan, Juli 2008
Haturan ka kulawarga Pa Surawijaya di Dago-Bandung
Dimuat dina Majalah Mangle No. 2180Cartibag Juni Efendi

0 komentar:

Posting Komentar