twitter


Wanci peuting di Gunung Gedé Pangrango. Angin ngagelebug tarik naker. Nyecep tiis lir nojosan tulang sum-sum. Marengan sora sasatoan anu patembalan ti saban juru. Matak muringkak bulu punduk. Anjing babaung, ditema ku sora bueuk anu teu eureun-eureun. Lir anu ngajak ngawangkong ka hiji lalaki anu keur nyorang jalan satapak sosoranganan. Lengkahna teu katara anu rumegag. Cacakan sapanjang poek mongkleng, buta rata. Lamun ninggang ka jelema anu atah burih mah, kawasna geus matak kapiuhan manten.

Teu mubah kolotna mere ngaran Panca. Sabab ari panca teh hartina lima. Sok dijadikeun gambaran tina kasampurnaan hirup, papat kalima pancer. Hanjakalna dina urusan wanoja mah, Panca teu bisa panceg dina salah sahiji pilihan. Sanggeus dua taun katukang hahadean jeung Shinta, Panca kagembang deui ku hiji mojang teureuh Tasik malaya anu kakara wawanohan lima bulan katukang. Malah tina perkara eta pisan, anu ngalantarankeun Panca luluasan ngambah gunung Pangrango dina kaayaan sosorangan. Kabingbang anu nyangkaruk dina hatena, mawa teuneung jeung mawa ludeung. Dina tungtung sawanganna, ririakan kalangkang Shinta, piligenti jeung gupay katineungna Deti. Deti, anu patepung di rumah sakit Kebon Jati, Deti anu ngalantarankeun rasa kaasihna kabagi dua.
Dilematis meureun pibasaeunna teh. Kanyaahna ka Shinta dumasar kana kereteg hatena anu pinuh kajujuran. Taya anu ngajujurung, komo bari maksa. Pon kitu deui, kaasihna ka Deti oge datangna tina kereteg hatena anu nyangkaruk dina asmara. Nepi ka Panca kungsi nyebut ‘Iner Beauty’ ka Shinta jeung Deti. Malah make jeung diimplik-implikan ku kecap ‘ percumah’ cenah geulis luarna oge, ari jerona teu geulis mah. Mending ‘hitam legam tapi iman, batan kuning langsat tapi bangsat’. Teuing ari kanyataanna mah, sabab Panca oge tangtuna moal apaleun sajalantarahna. Barina oge, saha jalmana anu bisa ngobet kana jero hate. Sajero-jerona sumur bisa diteuleuman, ari hate manusa?
Panca diuk dina amparan jukut. Leungeunna ngarongkong kana kembang eldeweis. Tuluy dipetik. Diangseu. Diteuteup. Teuing naon anu keur dipikiranna. Nu eces mah Panca oge nyahoeun, lamun kembang eldeweis teh sok disebut kembang mustikaning lana di gunung Pangrango. Kawasna Panca boga pangharepan tina harti sayakti kembang eldeweis. Mustikaning Lana. Asih nu lana keur saha. Naha aya asih nu lana? Kitu diantara pagaliwotana jeroning dada Panca.
Sawangan Panca manjangan ka Shinta. Kawilang hiji kareueus pikeun dirina. Sabab bisa nyandingkeun hiji mojang anu rada hese neangan babandinganana. Hade rupa, hade basa tur hade pakaya deuih. Malah sakali mangsa mah kolotna Shinta kungsi nyaram budakna pikeun hahadean jeung Panca. Pajarkeun teh teu ngimbang, waja kudu ka waja deui (Ngarah jadi wajo) cenah. Sabab gaya kahirupan kulawarga Shinta jeung Panca teh kacida jauhna. Apan Panca mah sapopoena oge ukur idek-liher di hiji kontrakan anu teu pati badag ukuranana. Ari Shinta? Tangtu bae jauh pisan bedana. Tapi anu matak hemeng teh, Shinta teu pati mikiran ka lebah dinya. Malah sanajan Shinta geus rengse namatkeun kuliah di luar nagri, adat jeung pasipatanna teu robah. Kacinta jeung kanyaahna ka Panca beuki nambahan.
Datangna Deti kana kahirupan Panca, mawa pangharepan anyar pikeun nyorang lalampahan carita hirup satuluyna. Sabab diantara kulawarga Deti, taya hiji oge anu sok masualkeun perkara kadunyaan. Estuning nilik jeung meunteun lalaki teh tina sikep jeung kalakuanna, lain tina jero pesakna. Sanajan ari awewe mah tetep bae kudu matrialis. Enya, matrialis dina harti anu positip.
Deti geus apaleun lamun Panca hahadean jeung Shinta. Malah dina poe kamari pisan, Deti ngedalkeun sagala rupa unek-unek anu disidem dina jeroning hatena.
“Deti mah saes alim janten kabogoh Kang Panca. Tapi Deti mah rumaos datang pandeuri. Matak, saena mah kang Panca langkung merhatoskeun anu tipayun.” Kitu ceuk Deti bari semu anu ngalimba. Malah Panca moal kapalingan reret, tina juru panon Deti, aya cai anu ngeclak. Cimata. Cimata anu ngandung kacinta. Cimata anu (bisa bae) ngandung kacua.
Sanggeus ngadenge caritaan Deti sarupa kitu, Panca beuki nyaah ka Deti. Kajembaran hatena jeung kajujuranna, ngadatangkeun rasa simpati keur Panca. Hatena beuki dilimpudan ku rasa bingbang. Panona neuteup ka awang-awang. Breh katingali bulan jeung bentang anu satia nyaangan alam dunya. Mawa kaendahan alam dunya. Nganteur jiwa anu keur ngumbar rasa. Nyaangan unggal renghap-renghapna Panca. Ngajadikeun Panca ngarasa betah jeung tumaninah. Panca embung kaleungitan caangna bulan. Panca oge embung kaleungitan bentang anu tinggurilap. Komo deui lamun kaleungitan duanana. Najan sagala rupa kajadian oge teu pamohalan bakal tumiba. Anging Alloh SWT anu maha uninga kana kajadian nu baris datang.***
Ku TEDY RINALDY
Andir, Agustus 2001
Dimuat dina Majalah Manglé

0 komentar:

Posting Komentar