twitter


Lieur hirup di dunya teh. Sagala rupa teu weleh kudu make duit. Katut hayang digawe oge angger kudu make duit. Sidik matak hayang gawe teh apan teu boga duit. Kitu ceuk gerentes hate Amanta bari ngagancangan leumpangna. Sanajan jalan anu keur disorangna poek mongkleng buta rata, tapi teu matak mugagkeun lalampahanana. Jarak ti lemburna ka guha Seda teh kaitung jauh, tapi bubuhan kajurung ku kahirupanna anu dianggap lieur mah, teu burung tepi. Carek paribasa jauh dijugjug anggang diteang. Top badak top maung. Ayeuna Amanta geus aya di tengah-tengah guha Seda, anu kaayaanna geueuman tur pikakeueungeun. Tiis jempling. Ukur aya sora cai anu nyarakclakan ninggang batu, katambah ku heorna angin peuting anu nyecep tiis nojosan kulit.
Sabenerna Amanta ngan ukur ngadenge beja ti batur sapagaweanna, anu ngadongengkeun perkara kaahengan guha Seda. Cenah mah dina jaman baheulana, di eta guha teh aya hiji patapa sakti manggulang-mangguling. Katelahna Sanghyang Prabu Bleg Tambleg Raja Gulingan. Patapa anu maluruh elmu kaduniawian. Kakoncara jadi jalma anu weruh sadurung winarah. Samalah nepi ka jaman kiwari oge, Sanghyang Prabu Bleg Tambleg teh dianggap masih keneh aya di kieuna. Teu aneh lamun loba jelema anu ngahajakeun ngajugjug eta patempatan. Rek ngadon deudeuheus ka Sanghyang Prabu Bleg Tambleg Raja Gulingan. Ari anu jadi tujuanna mah taya lian, malah mandar jeung susuganan elmu kaduniawinana bisa dialap. Sabab dina jaman kiwari, elmu kadugalan jeung sabangsana, geus teu bisa diandelkeun deui. Elmu kaduniawian pisan anu ayeuna keur makalangan mah. Loba jelema anu ngadadak serah bongkokan ku elmu kaduniawian. Loba lalaki anu sembada kalah jadi tukang ngajaga jelema jugala. Jeung teu saeutik wanoja rancunit dibeuli awakna ku duit. Malah nepi ka hukum oge bisa dibulak-balik make kasaktian elmu kaduniawian.
Bejana mah jelema anu ngabrul ka guha Seda teh kaitung loba. Tapi ngan sabagian leutik anu bisa panggih jeung patapa. Lolobana mah teu karuateun nyanghareupan gogoda tur dodoja di satengahing jalan. Di jero guha teh sok aya anu megat. Sabangsaning siluman oray, siluman babi, siluman monyet jeung sajabana. Eta siluman-silemin teh ngabibita ka jelema anu datang, sangkan daek muja-muja ka bangsa maranehna. Loba pisan jelema anu geus kapincut. Mengkol tina paniatanna. Balukarna tangtu marengkol tina ageman agamana. Aya anu ngipri, aya anu nyegik, aya anu ngukut tuyul jeung sabangsana.
“Najis teuing ari aing kudu muja Siluman mah. Kajeun keneh ngabeca. Pararuguh duitna halal….” ceuk Amanta sataun ka tukang.
“Bising hayang weh ieu mah…” babaturan Amanta nembal bari semu anu keuheuleun.
Tapi dasar jelema atuh. Kasebutna sok keuna ku owah gingsir. Amanta anu sasarina ngeureuyeuh ngabeca, ngadadak jadi kedul usahana. Ari kajadianna teh saprak kaluar SK anu nangtukeun asup jalur angkot ka komplek tempat Amanta ngabeca. Ti harita beubeunangan usahana jadi ngurangan. Memang ari kituna mah teu maido. Sabab muatan oge tangtuna bakal milih numpak angkot batan naek beca. Sajabana tereh teh,, jaba ongkosna leuwih murah deuih. Tapi balukarna sok mindeng aya papaseaan antara tukang beca jeung supir angkot. Kawas dina sakali mangsa, aya duaan muatan anu rek naek kana beca Amanta. Lar, aya angkot ngaliwat, atuh eta muatan teh teu tulus numpak becana. Keclak weh naraek kana angkot anu geus pasesedek. Teu malire ka Amanta anu ngembang kadu. Bakating ku mentegegna, Amanta nubrukeun beca kana bujur angkot. Pre, kaca lampu senna peupeus. Teu antaparah deui, der pasea parea-rea omong. Tuluy galungan. Burudul tukang beca sejenna daratang. Atuh supir angkot teh dihurup ku lobaan, nepi ka meh bae pegat nyawana. Teu pati lila datang anu ngaburudul aya kana sapuluh mobilna. Horeng rombongan ti terminal angkot anu nyerang ka pangkalan beca. Ti mimiti calo, kenek, tukang roko jeung sajabana mani ampir tumplek kabeh, ngajorag ka pangkalan beca. Lamun teu kaburu datang pulisi mah kawasna bakal nimbulkeun palagan anu rada rongkah jeung rohaka.
Pamustunganna tina kajadian riributan, Amanta dikerem ku pulisi. Kakara bisa bijil deui sanggeus aya kana tujuh mingguna. Kitu oge manehna teu daekeun ngabeca deui, kalah ngabiur balik ka lemburna. Lugah-ligeuh taya pacabakan. Nya antukna mah nepi ka ingeteun kana dongeng babaturanna ngeunaan guha Seda.
Peutingna samemeh luluasan ngajugjug guha Seda, Amanta pasea heula jeung pamajikanana. Pasalna mah pedah kahayangna teu digugu.
“Boro-boro hayang kikituan, ah. Angguran geura usaha kadituh…!” pamajikanna nyentak bari ngepeskeun leungeun Amanta anu ngaragamang kana tungtung bajuna.
“Na sia teh kawas lain ka salaki bae. Kaya kieu mah di dunya teh mending perang wae sakalian…” Amanta ngacacang.
“Dasar belegug. Apan ayeuna oge keur usum perang. Perang ekonomi, perang resiko. Matakna geura indit kaituh, geura makalangan. Perang ngaresikoan!”
“Heug, aing rek indit isukan. Tapi ayeuna hayang kikieuan heula,” Amanta neugtreug bari nindihan awak pamajikanana.
“Teu sudi…!” pamajikan Amanta teterejelan bari nyurungkeun dada Amanta. Gubrag Amanta labuh kana palupuh. Atuh geus kitu mah, leos bae indit bari nahan kakeuheul anu lain lumayan. Sup ka kamar mandi. Ragamang kana sabun…
*
Sakedapan lengkah Amanta ngarandeg basa sakuriling guha ngadadak robah kaayaan. Teuing ti mana datangna. Aya cahya anu hurung ngempray nyaangan sabudeureunna. Sajongjongan Amanta ngahuleng bari nengetan ka sisi ka gigir tur ka sakurilingna. Bulu pundukna mimiti patingpuringkak. Sananajan patekadanna geus panceg oge, teu burung weh ari kasieun mah tetep ngukuntit. Malah Amanta beuki pias waktu di hareupeunna jol aya haseup bodas, kaluar tina jero batu palebah jajalaneun. Haseup bodas ngelun sarta beuki ngandelan. Pamustunganana ngajungkiring jadi hiji mahluk anu matak pikainggiseun jeung pikagilaeun. Awakna jangkung luhur simbar dada. Huntu ranggeteng. Matana oge burial buncelik matak kasima jelema anu atah burih. Kuku leungeunna anu paranjang teh dibentik-bentikkeun kana beunget Amanta. Atuh puguh Amanta mani soak, meh bae manehna katurelengan. Calanana oge oge geus jemblang balas ngompolan maneh. Hawar-hawar aya sora anjing babaung, ditema ku sora bueuk anu patembalan jeung suit uncuing.
“Bangsa Manusa, rek naon andika tumorojog asup ka dieu…?” eta mahluk teh kakara nanya ka mang Eon, sanggeus sawatara lila merong kawas anu rek ngerekeb. Sorana handaruan, mungguh matak ngaragragkeun jajantung.
“Hap..hapunten, abdi teh… ba..bade ngadeuheus ka..euh Parbu..aeh prabu bleg…jubleg…saguling…” Amanta nyaritana mani aga-eugeu. Ngawur teu puguh pihartieunana.
“Andika montong pararadu ari nyarita teh, bangsa manusa. Bisi dihakan ku kaula…” kituna teh bari molotot , nembongkeun siki panonna anu sagede bal baliter.
“Maksad teh, eu…Parab..aeh Prabu Bleg Tambleg Raja Tiguling, aeh Gulingan….”
“Tah eta mah rada bener. Matakna diajar artikulasi geura, kawas dina titer…” ngadenge kitu, Amanta ngahuleng. Sabab omongan mahluk anu pikainggiseun teh bet papalingpang jeung rupana. Antukna Amanta jadi reugreug., teu soak teuing cara mimiti. Samalah make jeung wani ngaropea omongan eta mahluk sagala rupa.
“Sanes titer nun, teater manawi,”
“Aeh heueuh teater. Geus gandeng barina oge. Aktor lain andika teh lin? Yeuh bangsa manusa, andika datang rek nepungan Maha Prabu teh meureun boga maksud jeung tujuan, lin ?”
“Sumuhun.”
“Hayang naon kitu ?”
“Hoyong beunghar.”
“Na lain usaha atuh ?”
“Atos eta oge, namung abdi teh kalahka capena sareng lieurna. Sanaos dugi ka dug hulu pet…”
“Geus gandeng, kaula bosen jeung geus lieur ngadenge omongan sarupa kitu teh. Unggal manusa anu ka dieu pasti nyaritana kawas kitu. Kieu ayeuna mah, andika teu kudu nepungan Maha Prabu, tapi cukup jeung kaula,”
“Teu langkung,”
“Alus lamun kitu mah. Geus siap nyanghareupan saratna ?”
“Parantos,”
“Moal kaduhung ?”
“Moal,”
“Rupa-rupa saratna teh. Andika dimeunangkeun milih salahsahijina. Dengekeun, ku ceuli andika, kaula rek nataan kabehanana. Anu kahiji, saratna teh andika kudu daek sare jeung widadari di ieu guha. anu kadua…” teu kebat, sabab Amanta kaburu nyeuleukeuteuk.
“Anu kahiji wae, sun !”
“Heug ari rek milih sarat anu eta mah. Ngan… umur andika di dunya ukur tilu bulan,”
“Moal eta ketang.” Amanta reuwas. Ceuk pikirna asa percumah bisa hirup beunghar oge, ari ngan ukur tilu bulan mah.
“Matakna dengekeun heula nepi ka rengse geura. Sarat anu kadua, andika kudu daek munjung ka bagong. Sarat katilu, andika kudu daek munjung ka oray. Sarat ka opat, andika kudu daek munjung ka buta. Sok rek milih sarat anu ka sabaraha hiji?”
“Euh… teu aya anu sanesna deui, kang aeh sun?”
“Ari hayangna, nu kumaha sih ?”
“Hoyong anu siga sareng widadari, tapi panjang umur sareng ulah munjung,”
“Aya ,”
“Tah anu eta atuh,”
“Tapi beungeut andika robah jadi kawas Si Cepot,”
“Aaaaaalim atuh…”
“Kumaha atuh ari sagala embung mah. Geus kieu weh, kaula rek mere sarat anu pamungkas. Lamun teu daek keneh, hartina andika hayang dihakan ku kaula.”
“Mang…Mangga, sun…” Amanta rada soak.
“Andika ku kaula bakal dibere duit anu gedena samiliar. Tapi eta duit kudu dibeakeun dina waktu saminggu. Omat, andika dikudukeun nyieun rincian pembukuanana sing bener. Unggal ngaluarkeun duit kudu aya buktina mangrupa bon atawa kuitansi. Laju, eta duit teu meunang dibeulikeun kana barang anu sakira-kirana bisa dipake jeung didahar ku batur, jeung ulah dipake meuli barang anu andika teu bisa makena,”
“Kumaha upami ical, atanapi aya anu maling ?”
“Kudu aya bukti surat laporan ka pulisi, atawa sakurang-kurangna kudu aya tekenan ti bangsatna, ngarti ?”
“Ngartos,”
“Tah bawa!” ceuk eta mahluk bari ngagubragkeun peti ka hareupeun Amanta. Kereles, mahluk teh leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.
Sakedapan Amanta ngahuleng. Tuluy nengetan peti anu ukuranna teu pati badag. Tapi ari dijieunna mah tina emas. Gog cingogo, tuluy leungeunna muka tutup peti. Barang blak dibuka, breh… satumpukan duit saratus rewuan. Diitung-itung jumlahna pas pisan samiliar. Hatena jadi bungangang. Impian jeung sawangan anu pinuh kaendahan teh mimiti narembongan deui. Cakakak seuri sorangan, tuluy igel-igelan. Malah awahing ku atohna nepi ka les kapiuhan. Eling soteh pedah aya cai anu nyarakclakan ti luhur guha, ninggang kana lebah irungna.
*
Amanta teu mulang ka imahna. Angkananna rek balik lamun geus rengse meakeun duit anu samiliar tea. Opat poe Amanta kukurilingan dina raraga ngabacarkeun duit samiliar. Sagala rupa anu dipikahayangna tangtu baris dibeuli. Biwirna mani geus hideung, balas teu eureun-eureun ngenyotan roko djisamsu. Beuteungna mimiti burayot, kawantu unggal barang dahar sok nepi ka kamerkaan. Tapi lila-lila mah Amanta jadi rudeteun sorangan, sabab duit samiliar teh hese pisan beakna. Ari rek dibeulikeun imah, apan saratna teh teu meunang anu bisa dipake ku batur. Kitu deui lamun dibeulikeun mobil atawa motor, manehna teu bisaeun nyupiranana.
“Enyaan, sarua lieur ari kieu carana mah atuh.” gerentes Amanta. Dua poe deui waktu Amanta pikeun meakeun duit. Hatena mimiti dilimpudan ku rasa tagiwur, ringrang jeung hariwang. Pangpangna mah sok sieun duitna henteu beak dina waktuna. Mangkaning kakara kapake salapanratus tujuhpuluhduarebu limaratuslimapuluh perak. Leuwih loba keneh sesana. Tungtungna mah Amanta meres otak sapeuting jeput di handapeun jambatan. Pikiranana muter, neangan jalan geusan ngaludeskeun duit. Bari sajeroning kitu teh, manehna ngarep-ngarep aya bangsat atawa rampog. Tapi batan aya bangsat datang, kalah kaweur balas loba jelema anu ngalungan duit receh ti luhureun jambatan.
Cunduk waktu dina peuting pamungkas pikeun Amanta. Peuting eta duitna kudu ledis. Lamun bisa, tinangtu manehna baris beunghar saumur-umur. Tapi lamun henteu, manehna bakal dicalukan pikeun ngahiji jeung bangsa siluman-silemin. Peuting eta, Amanta sidengdang dina kasur empuk di hiji hotel anu kawentar pangagrengna. Duitna oge rada ngurangan, dipake nyewa kamar jeung barang beuli dahareun katut inuman. Sikepna anu royal, ngondang rasa kataji hiji germo tukang nyalurkeun ungkluk kelas lauk kakap. Atuh puguh weh Amanta kacida atoheun. Asa mobok manggih gorowong, atawa aya jalan komo meuntas ceuk paribasana mah. Teu aneh lamun harita keneh Amanta langsung mesen hiji awewe anu panggeulisna anu tangtuna oge pangmahalna. Geura weh, rega ngaboking sapeuting jeput, nepi ka tujuhratus yuta.
Keur anteng nyawang anu baris kasorang sakedet netra deui, lawang panto aya anu ngetrok ti luar. Mani tibuburanjat Amanta ngarongkong remot paranti muka panto. Blak panto muka. Breh… hiji awewe geulis camperenik. Tangtunganna jangkung leutik, mapaesan awakna anu lempay. Manehna Nangtung dina lawang panto bari nembongkeun imut anu kareueut. Meh bae Amanta katurelengan, kawantu karek waktu eta pisan ngalaman amprok jeung awewe anu geulisna tanding artis atawa bentang filem. “Saderek Amanta…” ceuk eta awewe bari ngalengkah ka jero. Tuluy muru ka palebah Amanta. Gek diuk di gigireunana. Amanta molohok mata simeuteun. Komo sanggeus ngambeu seungit anu nyambuang tina awak eta awewe. Amanta lir anu kasima. Nepi ka remot panto oge dipencet ku eta awewe. Bluk, panto nutup deui.
Hate Amanta beuki ratug tutunggulan. Komo sanggeus ramo leungeunna diranggeum kalayan geugeut naker ku awewe anu sakitu geulisna. Ngan sakilat, Amanta ngarontok awakna. Eta awewe teh teu dibere kasempetan pikeun nyarita sakemek-kemek acan. Amanta badis anu kasurupan. Tanagana anu bedas, ngagulanggaper awak eta awewe. Teu beda jeung maung kalaparan anu keur nyasaak sato kabeukina.
“Kang Amanta…” pokna rada halon.
“Gulan,” tembal Amanta bari ngagulitik. Renghapna haroshos keneh..
“Dupi abdi teh parantos dibayar ?”
“Teu acan. Tapi tong sieun lah, pokona ku akang baris dibayar langkung ti nu sanes, geulis…” ceuk Amanta bari ngararasakeun kanimatan anu taya hinggana. Hatena bungangang, sabab duitna bakal beak dipake mayar eta awewe.
“Kang Amanta, abdi teh memang istri teu leres. Unggal wengi abdi teh pasti gentos pameget. Namung nya kitu tea. Unggal pameget oge ngan ukur gaduh napsu anu ageung. Ari dina prak-prakanna mah geuningan… geledug ces,”
“Maksadna kumaha, geulis ?”
“Sumuhun, abdi oge normal, Kang. Abdi peryogi kapuasan batin. Saumur dumelah, nembe ayeuna pisan abdi tiasa ngaraoskeun anu disebat kabagjaan batin. Moal hilap abdi teh ka Kang Amanta mah. Endah pisan geuningan. Abdi ngahaturkeun nuhun ka Akang,” kitu pokna. Irung Amanta mani rebeh-rebeh bae. Ceuk rahulna mah ampir ngapung.
“Salajengna, mugi Akang ulah rengat galih, abdi moal nampi artos ti akang,”
Naha ?” Amanta ngagebeg.
“Hapunten, Kang. Sanes abdi bade ngahinakeun salira. Namung, abdi parantos jangji ka diri abdi nyalira. Upami hiji waktos mendak pameget anu tiasa masihan kabagjaan batin, abdi moal nampi bayaran sabaraha wae oge. Malihan abdi baris masihan pangdeudeul artos anu ageungna samiliar. Henteu dipotong ku PPN.” ceuk eta awewe bari ngarangkul Amanta mani tipepereket. Sedengkeun Amanta reuwasna liwat saking, kaget kabina-bina. Awakna ngadadak ngeleper. Leuleus satulang sandi. Teu pati lila, les Amanta kapiuhan. Teu inget di bumi alam. ***
Wanci Sariak Layung di Situ Panjalu, 1421 H
Ku DHIPA GALUH PURBADimuat dina Majalah Manglé

0 komentar:

Posting Komentar