twitter


“Alhamdulillah akang, teu kedah hariwang da abdi henteu kunanaon. Singm atosu-atosg dii perjalanan, ulaha kekebutank, ulaha nyandakn motorg bari nyesepi bilihh nincakl lobanga. Abdis ogé deudeuh pisan ka akang. Mugia Alloh marengkeun sagala rupi cita-cita urang, amiiin.”

Kitu SMS Déwi anu pamungkas, basa kuring kakara nepi ka wewengkon Tasikmalaya. Karasa hapé ngageter. Motor dikasisikeun, disetandarkeun, da panasaran hayang maca heula SMS. Tuh, bener pisan SMS ti Déwi. Kakara dibales, sanggeus sababarah jam. Padahal, kuring geus aya tilu kalina nga-SMS téh. Mimiti, basa masih kénéh di Bandung, jam satengah tilu. Anu kadua, basa kuring geus nepi ka Nagrég. Anu katiluna, basa kuring geus anjog ka Pamoyanan. SMS anu tilu téh, intina mah sarua, hayang apal kaayaan Déwi, sarta ngabéjakeun yén kuring rék ka Masawah. Kungsi éta ogé ditelepon, ngarah bisa ngobrol, tapi henteu ditarima baé.
Wanci sareupna, Déwi kakara ngabales SMS. Tapi, henteu nanaon, da geuning jawabanna matak reugreug. Tapi kahariwang mah tetep teu ngurangan, hayang geura-geura nepi ka Masawah. Lini jeung tsunami di sabudeureun Pangandaran, anu ngajurung kuring pikeun miang ka Pangandaran, lembur matuhna Déwi. Mangkaning, imah Déwi téh henteu pati jauh ti basisir. Rupaning boa-boa ngalimpudan haté, sanajan rada kaubaran ku SMS anu kakara katarima.
Ti Tasikmalaya buru-buru nuluykeun deui lalampahan. Bras ka Ciamis, bareng jeung mangsana adan Magrib. Motor dipéngkolkeun ka masjid, milu solat berjamaah. Kuring muntang ka Nu Maha Agung, neda kasalametan Déwi sakulawargi tina musibah tsunami. Réngsé solat, kabeneran panggih jeung Kang Endang, tukang sorabi anu awakna tanpa daksa. Wawuh pisan, da méh saban ngaliwat Ciamis wanci peuting, sok ngahajakeun jajan sorabi. Kang Endang, anu suku jeung leungeunna buntung, tapi masih kénéh parigel nyieun sorabi. Teu kaharti dipikir saliwatan mah, tapi da kuring nyaksian sorangan. Matak, asa harianeun upama aya jalma jagjag waringkas anu jajaluk, bakal kalintang wirangna upama dititah ngabandungan Kang Endang nyieunan sorabi.
“Kumaha tsunami téh, Kang?” tanya kuring ka Kang Endang.
“Numutkeun wartos mah rada parah. Seueur nu janten korban…” témbalna. Jawaban anu kawilang standar. Dina tivi ogé siga kitu warta téh.
“Éta, anu katingali dina tivi, lembur mana baé anu dirurug tsunami téh?”  tanya kuring deui.
“Duka, da basa emang nongton mah, teu acan aya tivi anu némbongkeun gambar Pangandaran…” témbalna. Enya, kaharti, da tangtu bakal bangga kabina-bina ngajugjug lokasina ogé.
Ahirna kuring teu kapapanjangan,da sieun kapeutingan. Mangkaning lalampahan ti Ciamis ka Pangandaran téh jauh kénéh, 92 KM deui mah aya, duajameun lah dikira-kira mah, sanajan Pangandaran kaasup kabupatén Ciamis. Kuring amitan ka Kang Endang, bari nuhunkeun pidu’ana. Sok atoheun Kang Endang mah dipénta du’a téh. Malah Kang Endang mah sok tara poho, ngadu’akeun kuring sangkan buru-buru unggah ka balé nyungcung. Ulah éléh ku emang paribasana téh. Mémang, Kang Endang mah najan awak tanpa daksa ogé, apan geus rarabi. Malah, ceuk panon kuring, pamajikanna ogé pantes sakitu mah. Mungguhing Alloh Nu Maha Welas tur Maha Asih. Palebah jodo jalmi, minangka rusiah-Na. Ceuk saréat mah, saha awéwéna anu daék rarabi jeung Kang Endang? Tapi sakali deui, Alloh Maha Welas tur Maha Asih.
*
WANCI geus nyedek ka tengah peuting. Kaayaan lembur Masawah poék mongkléng buta rata. Ti Cijulang mula, kuring geus manggihan kariweuhan masarakat, sabada katarajang tsunami. Kuring bingung néangan lebah-lebah imah Déwi, da kaayaan lembur geus burakrakan.Lain ku tsunami, tapi katarajang lini. Ah, sarua baé, temahna mah ngalantarankeun pakéwuh.
Di mana Déwi? Ka saha kudu nanyakeun? Suku geus pegel, balas leumpang sakitu jauhna. Apan ban motor bocor, nincak paku. Tadi ogé dipihapékeun ka posko rélawan. Bingung, salempang, sedih, pagaliwota minuhan dada. Komo barang ngadéngé anu tingkocéak, ceurik balilihan alatan kulawargana anu perlaya.
Sinyal hapé milu leungit. Mémang tara aya sinyal kétang di masawah mah, kudu ngajugjug ka tempat anu rada luhur, kakara bakal aya. Ka mana meuli sinyal? Na, kawas anu lieur. Jeungna deui, najan aya sinyal, apan tatadi mula ogé geus ditelepon, tapi anu ngajawab ukur sakadang mailbox. Ari Déwi cicing di mana atuh? Padahal mah buru-buru lumpat ka tempat anu rada luhur, nyingkahan balai jeung sangkan aya sinyal.
Ras inget kana SMS Déwi. Tuluy dibaca deui kalayan gemet. Gebeg, reuwas kareureuhnakeun. Kakara sidik, SMS Déwi téh loba kasalahan ngetik. Padahal, lamun Déwi nga-SMS, asa langka salah ngetik. Kuring apal pisan, Déwi mah nga-SMS téh tara disingket jeung arang salah ngetik. Salaku sarjana lulusan sastra Indonésia, Déwi mémang salawasna sok ngabiasakeun nulis anu bener, sanajan ukur SMS.
SMS Déwi dibaca sakali deui, bari ditengetan anu salahna: “Alhamdulillah akang, teu kedah hariwang da abdi henteu kunanaon. Singm atosu-atosg dii perjalanan, ulaha kekebutank, ulaha nyandakn motorg bari nyesepi bilihh nincakl lobanga. Abdis ogé deudeuh pisan ka akang. Mugia Alloh marengkeun sagala rupi cita-cita urang, amiiin.”
Aya sababaraha kecap, anu dileuwihan sahuruf. Enya, lamun hurf-huruf leuwihna dihijikeun, tétéla ngandung pesen.***
Ku DHIPA GALUH PURBAPondok Mustika, 18 Juli 2006

0 komentar:

Posting Komentar