twitter


hiliwirna angin sorè nu nyilicis sèsèlèkèt kana sela-sela baju rombèng dekil nu bobolokot ku kèsang jeung keukeubul,Pihujaneun beulah kulon geus ngagayot kawas nu ngaburu-buru kakuring nu masih ukey-ukeyan ngojayan sagara dunya nu beuki dieu tèh kalah leuwih beurat karasana,Panon poè lalaunan ninggalkeun kawajiban nana nya'angan alam marcapada,tapi pikeun kuring jeung sakabèh jalma nu aya dina handapeun garis kateu adilan pijajauheun tina kasejahtara'an teu jadi halangan harungan pikeun ngorèhan nana sanajan kudu kahujanan ka anginan kaibunan peuting dijieun beurang,beurang dijieun peuting kitu ka aya'an nana.Kolèbatna kaèndahan jeung kasenangan dunya pikeun kuring sabalad-balad mah lir ibarat ngudag-ngudag kalangkang heulang nu boro-boro katèwak dalah ku kaudagna gè pijajauheun.wanci geus reup-reupan,ci hujan geus mimiti ngeuclakan,panon poè geus amitan ninggalkeun kahirupan manusa nu salawasna teu cicing dina hiji martabat mun tanggah tempat kalelepatan mun tungkul tempat kaluluputan.hawar-hawar kadengè aya sora nu ngageroan '' lur,,lur hudang hèy geus sorè, èk mulang moal..? '', kuniang kuring cengkat bari gigisik,aèh gning kasarèan ieutèh teu karasa gning ari ku capè mah meuni asa genah sarè naluhureun triplèk gè. Hariring kuring,hariring nu kungsi nyanding dina impian...


Kalakay murag,,cisayong_mei_2011

0 komentar:

Posting Komentar