twitter


Naha gning kudu makè nyeri hatè sagala,naon urusan nana? Kabogoh lain,euweuh gantar kakaitan antara kuring jeung manèhna.kenal gè ngan saukur diwanohkeun ku papada kolot.tapi naha ieu hatè meni asa hareudang ningali foto manèhna jeung lalaki sèjèn dina fb.tapi da naon hak na kuring kudu teu panuju kana èta perkara asa teu payus pisan mun kuring ayna boga sikep kieu.tong boro di foto dalah sanajan rèk dikawin gèn naon urusan nana jeung kuring? Sanajan kudu gogorowokan gèn atawa sabari gogorèntèlan gèn da moal ngaruh,palinggè dianggap jalma euwah kuring tèh kumanèhna meureun.heuheuy deudeuh karunya teuing..
Sajong jonan mah panon anteng ningalikeun èta foto disidik sidik dibulak balik,leng ngahuleng sakedapan sabari ngocoblak sajeroning hatè antara saha nu na èta foto nu jeung manèhna.reup panon peureum sakeudapan nyah beunta,kuring ngarahu bari ngusap dada nahan gumuruhna rasa nu pagaliwota dina jeroning dada..
Kuniang kuring hudang,gap kana roko nu kari 2 batang deui,ckès diseungeut lalaunan dikenyot slebungg haseup na kaluar minuhan kamar.leng ngahuleng deui asa teupercaya kana titingalian anu bieu katingali.naha enya anjeun tèh tos gaduh bèbènè hatè,tapi da naon urusan nana jeung kuring ketang kabogoh gè lain.bagja temenan èta lalaki tèh mun bener tèh bèbènè anjeun.enya atuda naon pulungeunana ari kuring nu sakieu ka aya'anana rumasa kuring mah jalma jore,ragab taya banda teu boga èstuning heuleut seureut pungsat bahan tèh lain bobohongan meureun matak kitu gèn manèhna tèh leuwih ti kuring.
Teu karasa gning roko tèh geus beak deui ari bari ngalamun mah kesesek roko di paèhan kana asbak,rèt kana jam,geus peuting gning ieu tèh.cag nepi kadieu aynamah tong nyawang waktu katukang tapi tatahar nyiapkeun waktu kahareup..anjeun anu sèrèwèl kiwari tinggal wa'as na..

ranggon panyileukan 02-Jul-09 11:10 ..

0 komentar:

Posting Komentar