twitter


meusmeus regot Ki Aduy jeung Ni Otih patukang tonggong ngarinum cèndol. Beurang panas èrèng-èrèngan. Kuring kumètap. Tapi boga duit timana, apan gawè gè can boga deui, sanggeus tilu poè katukang disiksa PHK. Leuwih parna, pamajikan pundung, kabur ti lembur nyorang bapa jeung indungna nu geus lila nyicingan imah kontrakan di Jakarta. Orokaya kuring ngaulah-ulah, da cenah manèhna mah geus teu betah deui rumah tangga jeung salaki nu mindeng dibintih hutang jeung teu awèt gawè.

Tapi kuring can ngarti naha pamajikan bet kudu kabur ti lembur, apan geus lila cicing didieu tèh. Teu kudu pundung kaduhung rungsing ka kuring, urang geus dua tahun leuwih rumah tangga tèh, Eulis. Sakuat-kuatna gè kuring nyanghareupan hirup, teu welèh wè butuh nu ngarojong, butuh nu maturan. Eulis, mun seug anjeun satia maturan kuring didieu, moal poekeun kieu hirup kuring tèh. Kuring reugreug. Sanajan loba kakurangan, lamun pareng dilakonan ku duaan mah, tangtu bisa katambalan.
Kuring teu eureun-eureun leumpang sorangan, najan can nyaho kamana belah unggah. Geus karasa jegjreg ceker. Tapi leumpang sapanjang jalan pilemburan mah, teu welèh wè pada naranya. Mang Nono nanya naha teu ngilu ngusep. Neng Mirna nanya bari imut ngaheureuyan. Ki Momon aki-aki tujuh mulud, ngajak moro langlayangan. Nini Iin nolol ti jandèla imahna ngadon nanyakeun hartina global warming. Kuring ukur bisa gogodeg sapanjang jalan. Bororaah nèmbal, apan pikiran titatadi gè geus teu puguh jurus.
Kuring tuluy leumpang, mapay kebon, mapay galengan. Hariwang jeung kahayang teu welèh seseledek dina rohangan hatè. Kuring ngarandeg hareupeun saung teu jauh ti jalan, diuk nyalsè ngareureuhkeun kacapè hate. Rènghap kuring garing lir ibarat aya seuneu ngabebela dina jero dada.
Di jalan lembur katempo barudak leutik maraèn sapèda. Aya ogè nu langlayangan. Si Nanang jeung si Lani anteng maèn kalèci. Tukang tarompet di gembrong barudak. Sora tarompèt geus silih tèmbal najan ganti taun masih dua poè kènèh. Nini Otih ngarenghik ka Ki Aduy hayang dipangmeulikeun tarompèt jiga barudak. Ki Aduy pungak-pingeuk, kusuwal-kusiwel ngodokan saku bajuna.
Di belah wètan, Nini Ocih katempo nalaktak gugurawilan dina tangkal jambu nu Haji Uyud, jiga nu hayang dibandring. Si Akina bangun nyalsè ngabaheuhay niup suling gigireun tangkal. Kolot di lembur mah gening mani jaragjag, pait daging pahang tulang, teu kawas kolot di kota nu saeutik-saeutik geuring nyangsaya.
Nempo maranèhna, kuring ujug-ujug inget ka umur sorangan nu bakal ngolotan. Jiga daun garing. Jiga warna panon poè nu rèk nyumput. Kuring hayang mèakeun umur di lembur, nempo alam nu weuteuh maplak pepelakan. Hiliwir angin tibelah gawir. Ngan hanjakal Eulis geus teu ngilu diuk gigireun kuring…
***
Nepika poè isukna, pikiran tèh masih pajeujeut. Kudu timana heula ngamimitian sangkan hirup bisa robah. Jiga kamari, wanci haneut moyan, kuring geus ngadaweung hareupeun imah. Sora hayam silih tèmbal. Sakapeung kadèngè sora domba Mang Dadang belah girang nèmbalan lagu dangdut ti imah Kang Maman. Kuring saukur bisa nempo nu pareng lalar liwat di jalan. Leng pikiran nguliat deui. Panon geus cangkeul tetempoan. Hatè geus teu genah rarasaan. Imah leutik geus teu kaurus. Pakarangan balatak. Tikotok tingarenclo di buruan.
Tibaheula kuring sok ngandelkeun pamajikan nu ngurus imah. Dipikir-pikir mah naon salahna ngurus rumah tangga mah ku opat leungeun, ambèh pamajikan teu ngarasa digawèkeun. Apan èta mah geus kawajiban pamajikan, lin? Tapi naon kawajiban kuring ka Eulis salila ieu? Kalangkang Eulis kokolèbatan, teu welèh kacipta dina ingetan, peureum kadeuleu benta karasa.
Duh, Gusti, euweuh pamajikan mah hirup tèh asa cicing sorangan di jero sumur nu poèk.
Lamun sangheuk leuleumpangan, kuring sok ngadon ngahuleng sisi walungan gedè. Nyawang pikahareupeun. Naha bet jadi ngeleper kieu hirup tèh? Sarua ngeleperna pareng nyanghareupan Pa Junaedi bandar kai nu teu bosen jeung teu poho nagih hutang ka kuring. Sajeroning kokolèbatan kalangkang Eulis, sakapeung kalangkang Pa Junaedi sèsèlèkè ngawur kapaur dina pikiran kuring.
Halah kèder hatè tèh lamun nempo Pa Junaedi ngamang-ngamang bedog rèk nagih hutang. Nempo ramona gè sagedè gedang. Mun diteunggeul ku manèhna tangtuna kuring jehjer, teu walakaya. Panonna bolotot. Huntu gè sakitu wewegna, tangtu cilaka mun ngègèl. Puringkak bulu punduk kuring nulak taktak.
Hariwang, melang, sieun teu welèh nyiksa, baur jeung kapaur milampahan hirup kahareup.
Sok hayang ujug-ujug beunghar, ngalayah duit di tengah imah. Sok kabita nempo Haji Daud nu loba harta. Mobilna dua jeung imahna dua umpak. Mun balik gawè tèh sok angkaribung ku bawaan. Leungeun pamajikanna gè reunceum ku barang mahal. Leng pipikiran dungdeng rinyay tetempoan. Nyel ambek.
Teuing geus sabaraha lila kuring diuk sisi walungan. Sora cai walungan lir ibarat sora getih nu ngagolak nyaksrak jero awak. Kuring ngarènghap panjang. Eungap, nahan amarah nu teu daèk ingkah. Karasa leler deui kaambek tèh. Kuring melong langit jeung tatangkalan. Kuring nempo Neng Marni jongjon nyeuseuh luhureun batu walungan. Sok ngadadak inget ka pamajikan. Kuring nyegruk ceurik.
“Kunaon, Delon? Kawas cucurut kaibunan waè…” kadèngè aya nu nanya ti tukangeun. Kuring ngalieuk. Brah ki Dede keur ngangkat calana. Buukna dipolès beureum. Kuring ukur seuri konèng, tuluy nyumputkeun beungeut, nahan inghak.
“Ceuk kuring gè naon, tong loba nonton sinètron, jadi wè teu kaopan.” Ceuk ki Dede bari tuluy ngarandeg hareupeun kuring. “Pohokeun awèwè kitu mah, nèangan deui wè.” Pokna bari tuluy leumpang rusuh muru walungan.
“Rèk kamana, Ki, mani rusuh?” kuring nanya.
“Puguh acara gaplèh gè di pause heula, teu kuat hayang miceun.” Ceuk Ki Dede bari ngalieuk ngusapan beuteung sorangan.
“Tong miceun didinya, di hareup aya Neng Marni keur nyeuseuh.” Ceuk kuring bari nunjuk Neng Marni nu masih jongjon nyeuseuh. “Watir, ètana palid ka Neng Marni.”
“Baruk aya nu nyeuseuh?” ki Dede ulak-ilik. “Baè ah, ieu mah darurat.” Pokna bari morosotkeun calana. Kuring nangtung bari gogodeg, tuluy ngalèos rèk balik. Katempo panon poè eumeul-eumeul. Tikajauhan kadèngè Neng Marni ngagorowok. “Ema! Ki Dede ngarudal!”
“Hampura Nyai! Ieu mah teu bisa di pause!”
***
Reup maghrib. Jelema jul-jol ka tajug rèk solat maghrib. Kuring ti tatadi geus nempo Aki kuring sila nukangan. Sok jadi sedih. Iwal Aki Dasmi nu masih deukuet jeung kuring ayeuna sanggeus pamajikan ninggalkeun kuring, sanggeus kabeh ninggalkeun kuring. Rèngsè solat, Ki Dasmi nyampeurkeun kuring nu anteng sila. Gèk manèhna diuk nyanghareup kuring.
“Geus tilu poè kuring nempo ilaing loba ngahuleng. Mikiran pamajikan, lin?” Ki Dasmi miheulaan ngomong. Kuring ukur bisa ngeluk tungkul. Ki Dasmi ngarènghap panjang.
“Yeuh, lamun jodo mah si Eulis tangtu balik deui. Nya kitu deui lamun teu jodo, wayahna.” Pokna. Kuring beuki ngeluk. Geumpeur nahan kasedih.
“Tapi nu penting mah ayeuna, kumaha ilaing satèkah polah ngayakinkeun pamajikan.” Ceuk ki Dasmi nuluykeun.
“Ki, kuring geus dua kali jauh-jauh panjang gagang ngadatangan pamajikan ka Jakarta sangkan bisa riung mumpulung deui di lembur, tapi diolo gè embungeun deui balik ka lembur. Kuring geus merul ngirim surat maksud ngayakinkeun, tapi hasilna kieu. Kuring hayang akur deui, tapi manèhna geus ngomong teu betah rumah tangga jeung kuring. Kuring geus pegat harepan.” Ceuk kuring dareuda.
“Ilaing boga salah naon ka pamajikan?” ki Dasmi nanya semu heran. Kuring ngabetem.
“Nya sanggeus di PHK tèa, Ki, kuring jeung pamajikan pasèa waè.” Ceuk kuring
“Aèh, lain geus opat kali ilaing di PHK tèh, tapi baheula mah pamajikan teh teu kabur. Malah mèrè sumanget, lin?” Ceuk Ki Dasmi heran naker. “Naha ayeuna mah bet kabur?”
“Pangpangna mah sanggeus pamajikan nyahoeun kuring gedè hutang ka Pa Junaedi.” Ceuk kuring beuki ngeluk.
“Baruk ilaing boga hutang?” Ki Dasmi semu nu reuwas. Kuring unggeuk.
Ki Dasmi ngarènghap panjang. Sakapeung mah batuk ngohkoy. Teu karasa geus asup solat isya. Ki Dasmi nangtung ngajak solat bareng. Rèngsè solat Ki Dasmi ngajak kuring ka imahna. Peuting ayeuna Ki Dasmi mènta kuring maturan manèhna. Di tengah imah lampu bohlam koneng ayun-ayunan katebak angin nu asup tina liang para imah. Cahyana oyag-oyagan nyieun kalangkang dina bilik. Samak diamparkeun, kuring jeung Ki Dasmi dariuk, tuluy Ki Dasmi ngawangkong deui.
“Jang, tong hariwang ku hutang; lamun daèk ngèsang mang tangtu katalang. Tong melang ku kahayang; lamun kabayang mah tangtu kasorang. Tong pegat harepan. Kudu dileukeunan nya, urang kudu sabar jeung daèk ngèsang. Jang, hirup mah mun teu ngoprèk moal nyapèk. Kadè, mun pareng aya masalah, tong ditèmbal ku amarah. Kudu merenah mikiran jeung mèrèskeunna. Omat tong luhur teuing ngukur, lantaran hirup mah kacegat umur jeung liang kubur…”
Jempling sajongjonan.
“Jang, tong loba ngahuleng teu puguh, arèk mah ngeunteung katukang. Kudu diajar bungah dina susah, sangkan teu guligah. Tong nyapirakeunn kasalahan leutik, mun seug ngumpul mah sok hèsè ngerik. Lamun meunang rijki, kudu bisa ngeureut neundeun. Jang, kadè kudu somèah ka sèmah, akur jeung dulur salembur. Tong sombong, tong jahat ka sasama, tong nganyenyeri hatè batur. Omat, Jang, robah lampah. Poè ayeuna kudu leuwih hadè batan poè kamari. Poè isuk kudu leuwih hadè batan poè ayeuna. Cag geura niatkeun hirup bener…” Ceuk Ki Dasmi. Kuring nyuuh kanu jadi Aki. Sumegruk ceurik.
“Jang, ieu tarima duit ti kuring.” Ceuk Ki Dasmi bari mikeun kaen coklat. “Kuring tibaheula ngumpul-ngumpul. Susuganan jaga mangpaat, boh ka kuring sorangan, boh ka dulur. Tibaheula gè kuring mah embung makè duit kaleuleuwihi, mangkana awèt. Tarima, Jang. Tong ngarasa kasinggung.” Pokna. Kuring olohok. Ki Dasmi muka tali kaèn, katempo duit ti mimiti nu lecek nepika nu heuras ngagulung dibeungkeut karet.
“Duit halal ieu mah, Jang. Ladang kèsang…Sugan wè bisa ngalunasan hutang ilaing.” pokna. Leungeun kuring ngadègdèg narimana. Sabot kuring masih olohok nempo duit, Ki Dasmi ngagolèdag sasarèan. Manèhna neuteup lalangit. Kuring ngilu ngagolèr gigireunna bari teu ngiceup neuteup duit dina leungeun.
“Ki…”
“Jang, tong hariwang ku hutang ka jelema. Hutang nu kudu dipikamelang mah nyaèta hutang ka Gusti Nu Maha Agung.” Ceuk ki Dasmi. Sorana laon.
“Hutang ka Gusti? Hutang naon, Ki?”
“Hutang kahirupan.”
“Kunaon mayarna, Ki?”
“Ibadah jeung amal hadè…”
Peuting beuki jempling. Reup kuring peureum. Poèk. Teu karasa kabèh dunya pareum dirawu peureum. Sajorelat pikiran jeung rarasaan nyawang dina jengkal sarè. Inget-inget geus bedug shubuh. Adan geus ngahaleuang ti tajug. Tong reuwas lamun jempling peuting bisa nyarita nu leuwih singget tur pinuh rasiah sual kahirupan jeung pilampaheun, nu sapanjang janari nepika sareupna dipikiran panjang, dipilih-pilih, dipajang, ditimang-timang…
“Aki!!!” kuring ngagorowok meupeus simpèna shubuh. Rugap-ragap awak Ki Dasmi nu ngajelepeng tiis teu usik-usik. Jul-jol jalma daratang muka panto imah. Innailahi wa innailahi Raoji`uun…
***
Gusti, umur mah anjeun nu ngatur. Umur ngora bisa waè isuk maot. Aki Dasmi mulang, beuki melang wè kuring hirup sorangan. Saha deui nu bisa raket deui jeung hatè kuring ayeuna? Kuring leumpang sorangan ngajugjug ka walungan. Rumangsang beurang maheutkeun deui kamelang. Kuring nangtung sisi walungan. Katempo ki Dede hanjat ti walungan. Manèhna nalikeun tali kolor, tuluy teurab mani beurat.
“Rèngsè ngarudal, Ki?” kuring nanya. Manèhna unggeuk.
“Sabar nya Jang. Tibaheula ki Dasmi sobat kuring.” Ceuk Ki Dede bari nepakan punduk kuring. Manèhna ngalèos ngajugjug jalan. Karasa deui tiis deui rarasaan, simpè hatè najan sora cai walungan kadèngè tarik. Leuleus hirup, ngudupruk sumanget. Asa lila deui rèk nabeuh harepan tèh. Kumaha ngamimitian hirup lempeng deui, heuras deui, sumanget deui? Kuring ngarasa hirup sorangan di dunya tèh, jiga batu, jiga gebog cau nu palid di walungan…
“Kang…” kadenge aya sora halimpu titukangeun kuring. Kuring ngalieuk.
“Eulis?!” kuring reuwas naker. Gusti, ngimpi lain ieu teh? Pamajikan geus aya hareupeun. Rarayna marahmay. Eulis nyuuh ka kuring.
“Hapunten, Kang, hapunten Eulis salami ieu ninggalkeun Akang. “ ceuk Eulis peura, nyegruk ceurik. Cipanonna haneut dina leungeun jeung pingping kuring. Teu karasa kuring cirambayan. Gabrug tèh kuring nangkeup pamajikan mani pageuh. Kuring bungah pisan pamajikan daèk balik deui ka lembur. Kuring jeung pamajikan namplokeun kasono nu salila dua bulan teu panggih.
“Hapunten, Kang, hapunten Eulis.” Ceuk Eulis nginghak. Kuring duaan nangtung pahareup-hareup.
“Eulis, sami-sami hapunten Akang. Ti ayeuna mah urang tong pipisahan deui nya?” ceuk kuring peura. Eulis unggeuk, inghak-inghakan nahan ceurik. Kuring tuluy ngalèng pamajikan ngajak leumpang. Sapanjang jalan kuring duaan silih teuteup pinuh kasono. Di jalan paamprok deui jeung Ki Dede.
“Walah, balik deui Eulis? Panyana tèh geus kawin jeung urang kota.” Ki Dede ngarandeg melong pamajikan kuring.
“Rèk kamana, Ki, mani rusuh? Rèk ngarudal deui?” kuring nanya.
“Tadi ngarudal, hilap teu cebok.” Pokna bari lumpat, tuluy ngajleng ka walungan. Kuring jeung pamajikan silih pelong nempo kalakuan Ki Dede. Manèhna imut ngagelenyu. Gusti, teuteup Eulis karasa iuh. Seuri Eulis karasa haneut. Kuring asa katumbu umur ku Eulis. Sapeupeuting, rènghap Eulis lir ibarat simbut. Di luar imah, sora tarompèt kadèngè silih tèmbal. Geus ganti taun…
Sumber : http://manuskripkesunyian.wordpress.com/

0 komentar:

Posting Komentar