twitter



Sakola tempat kurig digawe pernahna di sisi leuweung. Lain leuweung geledegan, tapi ieu mah leuweung larangan anu di jerona aya makam nu dikaramatkeun ku urang lembur. Najan leuweung leutik, ku sabab urang lembur gugon kana kayakinan pikeun ngariksa eta leuweung, berekah nepi ka danget ieu eta leuweung masih keneh langgeng.
Anggangna wangunan sakola ti eta leuweung larangan ukur pupuluhan meter bae. Nu jadi pamisahna walungan leutik jeung sawah sababaraha kotak. Teu matak aneh mun pareng nangtung di buruan sakola urang kanjat bisa nyaksian tingguntayangna monyet dina dahan kiara.
Ngan lain soal leuweungna nu rek dicaritakeun teh. Tapi eta tah tetenjoan anyar lebah sawahna tea. Biasana ka tukang-tukang mah nu sok molah eta sawah teh Ki Juharna, lalaki nu geus aya umuran. Ari kamari mah geuning lain manehna.
Harita teh isuk keneh. Barudak keur aranteng migawe soal itungan nu cikeneh dibikeun. Gek kuring diuk bari rada nyanghareup kana lawang kelas nu harita kabeneran muka. Atuh panenjo teh bisa laluasa ka palebah hejona kakayon di leuweung. Barang panenjo turun ka pasawahan, gebeg teh hate.
Aya awewe ngora keur anteng ngarambet. Awakna dongko nyanghareup ka lebah sakola. Manehna make kaos bodas nu rada lahak lebah dadana. Atuh teu nyalahan deui kuring jadi nenjo gunung sakembaran nu nembongan lebah dinya.
Nu ngarambet jonjon. Kuring oge jongjon ngumbar panenjo nu teu bisa diajak nyingkah ti dinya. Ngan duka terus rasa pedah aya nu keur nyerangkeun atawa pedah cangkeuleun, lila-lila mah eta awewe teh cengkat bari ngelap kesang tina tarangna. Prok kuring jeung manehna bentrok paneuteup. Gelenyu manehna imut. Tumerapna ka kuring jadi samar rampa, rumasa katohyan keur nyerangkeun. Gagancangan ngalieus.
Kabeneran budak geus rapih migawe soalna. Kuring cengkat rek mariksa pagawean barudak. Rea keneh nu saralah geuning. Der deui diterangkeun. Ngan sabot nerangkeun hate mah bet jadi ngait bae ka nu tadi maledog ku imut. Akibatna sababaraha kali kuring tisoledat letah nepi ka barudak ge tingraringeuh.
Lila-lila mah kuring teu kuat hayang ngalieuk deui. Basa dilieuk manehna geus anteng deui ngarambet. Angger nyanghareup ka lebah lawang kelas. Angger deuih pamandangan nu ngageterkeun kalalakian kuring teh nyampak keneh. Angger deuih kuring katalimbeng di dinya siga tadi.
Ayeuna mah kuring leuwih awas kana tangtunganana. Awakna tembong ngeusi. Pakulitanana bodas beresih. Atuh rupana sakitu mah geulis. Buukna nu semet punduk tembong dikucirkeun.
Hate ngagerentes, saha lalakina anu tega ngabelesekkeun eta wanoja? Da mun kuring salakina mah pasti moal meureun. Pangawakan jeung rupa kitu mah pantesna oge dinangna-nengne, dipusti-pusti ukur titah tunggon enggon. Ari ieu bet kalah dibelekesekkeun titah panggih jeung leutak. Lebar temenan kulitna nu bodas beresih dihakan ku panasna panonpoe nu cenah geus beuki gangas akibat rusakna lapisan ozon di awang-awang.
Mangsa istirahat, ngahaja nyamperkeun Mang Tamim nu keur nyieun logak runtah gigireun sakola. Panjaga sakola manehna teh.
“Lain, Mang, mun teu salah mah Mang Juharna teh gabug nya?” cekeng.
“Leres. Kumaha kitu, Pa?” Mang Tamim nyelang eureun tina gawena.
“Lamun kitu, saha atuh atuh nu keur ngarambet di sawahna?” kuring kalah malik nanya deui.
Mang Tamim hanjat tina logak. Manehna nyidik-nyidik ka palebah sawah.
“Oh eta mah Neng Atih, putrana Kang Juhro. Pa Imam mah teu acan terang nya, sawah eta teh tos dipeser ku Kang Juhro…”
“Kutan? Kuring mah karek apal ayeuna ti Mamang. Geus boga salaki Neng Atih teh?” kuring jadi nyosok jero.
Mang Tamim nyerengeh memeh nembalan teh.
“Atos, Pa, ka urang kidul…”
Isukna basa kuring nepi ka sakola, bari nyetandarkeun motor teh mata mah hideng ngareret ka lebah sawah. Sihoreng Neng Atih geus aya di sawah. Tembong ayeuna mah manehna keur ngacorkeun gemuk urea kana dapuran pare. Ieu mata kuring teu bisa diajak kompromi deui bae, ngadon hayuh nyerangkeun paripolah nu geulis.
Basa panenjo bisa rada leupas ti nu keur jongjon ngagemuk, kareret aya lalaki keur nagog dina galengan sawah. Barang disidik-sidik bet siga nu keur ngeupanan belut nu nyieun liang di dinya. Saha? Moal kitu salakina mah?
Kuring gogodeg. Mun eta memang salakina bet asa teu uyahan eta jalma teh. Pamajikan disina bulukusuk ngawur-ngawur gemuk ari manehna kalah ngusep belut. Teu pupuguh hate ngageremet, mangkeuheulkeun jeung manghanjakalkeun. Mun kongang mah rek disuntrungkeun tah si bebengok teh sina nyungkur taneuh ledok.
Jadi panasaran. Gidig ka dapur sakola. Kasampak Mang Tamim keur nyicikeun cai panas kana teko.
Mang Tamim semu ngajenghok nenjo kuring mucunghul teh. Eta meureun pedah kuring can muka jeket bari nyoren kantong keneh.
Gancang ngeunaan Si Lalaki teh ditanyakeun ka Mang Tamim. Ti manehna kuring meunang katrangan yen eta teh memang salakina. Mustofa ngaranna mah. Ngan cenah kalakuanana rehe kacida. Mumul kana gawe. Segut kana ameng. Jemprak weh di pos ronda jeung papada nu garejul nu jadi agenda utamana sapopoena teh.
“Puguh ge goreng nasib Neng Atih mah. Rupa geulis ge ngadon pruk kawin jeung tukang nyelud,” Mang Tamim semu kekerot. “Tuh geura si seludna mah malah ameng sareng belut. Cing, pantes teu eta kalakuan teh?”
“Enya eta mah lalaki teu boga cedo. Pamajikan geulis teu dihargaan. Kuring ge manglebarkeun, Mang…”
“Tah, muhun lah da Pa Imam mah lengoh keneh ieuh, Mamang mah satuju pisan! Tempas Mang Tamim.
“Satuju kumaha, Mang?” kuring kerung.
“Muhun, salib bae ku Pa Iman…”
“Ah, ari teun teh. Piraku kuring kudu ngarebut pamajikan batur,” kuring ngagebes.
“Tuda pantes direbut ge Si Mustofa mah. Kieu bae atuh Pa Iman, judulna sanes ngarebut, tapi ngajait Neng Atih tina katunggaraan…”
“Wah, siga sinetron bae make dijudulan,” cekeng bari ngengkeg rek muru ruang guru.
Ah, Neng Atih. Aneh, kuring teh bet jadi inget bae ka manehna. Najan can pernah amprok deukeut, komo nepi ka ngobrol mah, tapi manehna sok nganjang bae kana babancik hate kuring. Sawah hareupeun sakola sok ngadadak jadi endah mun pareng manehna aya. Sabalikna hate sok ngarasa leungiteun mun di sawah manehna teu tembong.
Boa-boa… enya boa-boa kuring geus kajamparing asih ku dirina. Hanjakal dirina geus aya nu miboga. Da lamun manehna lengoh mah ti bareto oge pasti geus diwawuhan jeung dijugjugan eusi hatena. Eta panasaran pisan hayang ngobet harti imutna nu teu weleh dibaledogkeun ka kuring mun pareng bentrok panenjo.
Ah, sakapeung mah sok hayang nurut kana omongan Mang Tamim. Pajarkeun teh rebut bae demi hiji misi ngajait Neng Atih tina eksploitasi mangkeluk siga Si Mustofa. Tapi naha bener dina imut Neng Atih teh aya panggupay sangkan kuring ngojayan kasangsaraanana? Inget ka dinya hate teh sok murengked deui.
Teu karasa, kuring apal ka Neng Atih teh geus saumur jeung pare nu ku manehna unggal poe diome. kamari ieu sawah hareupeuna sakola geus dipibuatan. Malah geus mangsa maracul deui.
Dina hiji isuk hate kuring deui-deui mudigdig ambek ka Si Mustofa. Bener-bener telenges tah si kasebelan teh. Manehna tembong gogoleran di saung sadengkeun nu ngagecruk macul mah kalah Neng Atih.
Mani hayang sajleng-jlengeun kuring ka sawah rek ngarebut pacul tina leungeun Neng Atih. Memeh dipake macul ku kuring rek dihabekkeun heula kana babatok Si Mastofa. Tuman jeung lain antepeun tuda. Lamun lalaki samodel kitu diantep sina ngareaan, tanwande ieu dunya bakal teu puguh alang ujurna.
Tapi kuring ngan bati ngahelas nenjo leutak ngagejrot kana damis nu geulis. Ngan dina hate kuring jangji hayang geura wanoh ka manehna. Kumaha bae carana kuring hayang pareng ngobrol paduduaan. Tinggal neangan kasempetan. Jeung kuring yakin eta kesempetan teh bakal datang.
Nya dina hiji poe mah, basa kabeneran kantor libur, kuring ngahajakeun mawa jeujeur jeung parabot nguseup lianna. Kabeh ge meunang nginjeum ti Mang Tamim da kuring mah tara pirajeuneun nguseup. Lebah sasak Cikubang kuring mimiti turun ka walungan Cihawar.
Walungan Cihawar teh, walungan leutik nu ngaliwat ka hareupeun sakola tempat kuring di gawe tea. ti sasak Cikubang ka palebah sawahanna Neng Atih teh paling oge tilu ratus meter. Bari rada sasalingkeuran kuring leumpang bari mapay-mapay sisi walungan ka girangkeuneun. Lebah sawah Neng Atih reg eureun.
Kabeneran didinya siga aya anu liuh siga pamatuhan lauk. Kabeneran deuih, din walungan palebah dinya teh  pinuh ku tangkal kakasoan. Jadi mun kuring diuk dina batu lemparah teh tilebah sawah mah moal pati kaciri.
Geuk kuring diuk dina masangkeun eupan. Sedengkeun ceuli mah rancung-rancung wae sugan jeung sugan sys dors Neng Atih.
Teu nyalahan, kira-kira saparapat jam ti harita, kuring mimiti ngadenge nu ting gerendeng. Beuki lila beuki atra nepi ka kuring ngadenge sora jalmaanu keur dareup-areup, sora  ngan awewe anu saurang deui mah kuring teu apal.
Diteges-teges bisi aya sora lalakina, sigana euweuh.
Nu ngaroblol beuki teugeus da  sidana mah arasup kana saung sawah nu pernahna ay tonggoheun tempat kuring nguseup.
“Kamana ari salaki maneh, Tih?” ceuk sora awewe anu babarengan jeung Atih.
“Biasa, Ceu, sare keneh,” tembal Neng Atih.
“Ih, mani dianggap biasa ari Atih. Mun euceumah moal rek ngantep. Dirojok suluh ge moal nanaon lalaki mumul kitu mah. Atawa seblok wae ku cipanas,” kadenge semu sewot pisan anu nyarita teh.
“Ah, awon atuh ceuk kitu peta teh, hiji mangsa ge pasti aya sadarna kana kawajiban hiji salaki,” tempas Neng  Atih mani ayem.
“Heran Euceu mah ari hate Atin dijieun tina naon sih?”
“Sami bae sareng Euceu,” Neng Atih kalah nyeuleukeuteuk.
“Yeuh Atih teh ngora keneh jeung geulis deuih. Geus we ceuk Euceu mah menta pegat ti Si Mustofa. Malah kamari ge Euceu ngobrol jeung Mang Tamin…”
“Ngobrolkeun naon Ceu?”
“Ngobrolkeun Atih. Ceunah aya lalaki nu hayang ngajait kana katunggaraan Atih tina talajak Si Mustofa…”
“Kumaha? baruk aya nu hayang ngajait abdi tina katunggaraan? Ke heula, Ceu. Ari kitu abdi ngarasa tunggara dipihukum ku Kang Mustofa? Palias abdi mah teu ngarasa tunggara. Malah mah abdi ngarasa bagja kacida. Bagja nu taya bandinganana. Sing disungkal ku buldoser oge titah pegat ti Kang Mustofa, abdi mah moal daek!” kadenge sora Neng Atih jadi teureugeus.
“Ah, teuing atuh ari kitu mah. Kuma dinya,” ceuk nu saurang deui semu keuheul.
“Enya barina oge eta mah hak ajasi abdi. Ukur maot nu bakal misahkeun abdi jeung Kang Mustofa. Aeh, Ceu, hayu urang ka sawah hilir. Cenah Euceu butuh anak cau bagja. Di ditu rea geura dina galeng,” ceuk Neng Atih.
Nu ngobrol di saung sawah geus teu kadenge deui. Tinggal kuring ngahuleng ngaraga meneng.
Moal salah deui lalaki nu pajarkeun hayang ngajait katunggaraan Neng Atih teh ditujukeun ka kuring. Memang da kuring geus bruk-brak ka Mang Tamim ngeunaan perasaan kuring ka Neng Atih. Samalah Mang Tamin mah teu sirikna ngahucuhkeun da manehna mah sebeleun pisan ka Si Mustofa teh. Ongkoh sipat anakna keneh ari Neng Atih teh.
Ngadenge kekecapan Neng Atih cikeneh dina hate kuring tumuwuh rasa hormat ka diri Neng Atih. Sihoreng manehna teh tangtungan hiji wanoja nu boga prinsip hirup. Manehna narima kana nasib diri ku hiji sikep nu tanpa beban. Cocoba hirup ditarima ku kasadrahan nu mawa enteng  kana lengkah-lengkahna.
Cai walungan Cihawar nu ngagenyas herang tembong ngerecek ka hilirkeun. Batu, sedong, curug jeung rupa-rupa halangan lianna diliwatan ku sakadang cai bari teu ngarasula. Dina waktuna pasti eta cai bakal nepi ka tujuanana di hilir. Enya meureun siga kitu prinsip hirup Neng Atih ge.
“Bener-bener bagja ilaing Mustofa,” teu karasa kuring gegerendengan sorangan.
Kuring cengkat bari babatek. Jeujeur jeung pakakas nguseup lianna gancang diberesan. Geus kitu mah kuring hanjat ti walungan. Dina hate kuring jangji moal rek nyoba-nyoba ngahileudan kahirupan rumah tanggana Neng Atih.***
Carpon K. Endrasmara 
Rancah, 8 Pebruari 2008

Dimuat di Majah Mangle No. 2162

0 komentar:

Posting Komentar