twitter


Peujit karasa murilit, ngusial menta dieusian. Peurih. Awak dipurungkutkeun, ngarengkol jiga kuuk. Siku leungeun nunjel beuteung sangkan tong kukurubukan.
Kahayang mah beuteung the sing ngarti. Cik atuh ari peuting-peuting kieu mah ulah sok ngungtut naon-naon. Da wayah kiwari mah lain waktuna barang hakan. Lamun aya hakaneun mah moal ieuh dikoretkeun dihakan ku kadut sorangan. Lain teu haying barang hakan aing the. Lain.
Ari euweuh, rek ngahakan naon? Poe ieu ninggang disue. Kukurilingan di Alun-alun, halteu, pasar, euweuh jelema nu haat mikanyaah. Naha geus euweuh deui kitu jelema anu berehan? Anu daek tutulung ka jelema pantar aing? Padahal aing the geus teu kuat nahan lapar. Duh.
Basa di halte mah aya ku ijid nenjo jelema. Aing ngasongkeun leungeun bari pupuntenan, manan mere kalahka muncereng jeung ngagebes, “Halik, batur keur hareudang!”
Dasar jelema cap jahe. Keked mengkene! Ari nenjo dedegan mah nyantri da make kopeah. Tapi naha nya teu nyaho adab? Beda jeung awewe geulis nu diuk di sisi jandela beus. Jigana keur ngalamun da panonna mencrong ka nu jauh tapi teu puguh nu ditenjo. Beungeutna alum, kaciri ngalamun. Basa srog ka gigireunana, manehna ngaranjug.
Terus pok, “Punten.”
Biwirna embut saeutik tapi someah. Ngeunah karasana kana hate najan bari teu mere, najan peujit karasa ngusial.
Mun dipikir-pikir, lain poe ieu wae aing sue. Geus meh dua minggu tara beubeunangan. Kamari-kamari mah pedah sok meunang kadaharan. Lumayan urut-urut oge, tamba cangkeul gado. Tadi beurang, kueh bulukan ge euweuh. Biasana si Enci Elling sok nunda roti bulukan hareupeun toko deukeut tempat runtah. Tapi tadi mah geus kapiheulaan ku anjing. Roti bulukan geus awur-awuran urut pangacakan anjing.
Kardus nu molongo direkepkeun. Angin henteu nyiwitan teuing. Ret ka gigireun. Duyeh, kerek nyegrek. Heesna morongkol. Leungeunna nu katuhu nutupan borok nu keur meumeujeuhna jiih dina mumuncangan. Deukeut sukuna aya lamak meunang nyambung-nyambungkeun, panjang meueusan. Paranti ngabakutet borokna ari ti beurang. Teuing da si Duyeh mah mani nyaah pisan kana borokna, nu hese pisan cageurna. Lain borok jijieunan cara nu dipigawe ku andar-andar.
“Yeh…., Duyeh…!”awakna ku kuring digeubig-geubig. Manehna ngulisik, terus malik. Nonggongan.
“Yeh…..,hudang euy! Hayang henteu?”
Gorenjal Duyeh hudang. Diuk bari nyusutan biwir ku puhu leungeun.
“Hayang! Boga naon euy?” Duyeh kumetap.
“Dahar,”kuring gewat nonggong api-api nyumputkeun dahareun.
“Hayang atuh. Meunang ti mana?” Duyeh nguniang, leungeunna ngarongkong, nyokot bungkusan. Barang dibuka, belewer bungkusan dialungkeun. Gombrang! Neunggar kaleng susu wadah receh paranti manehna baramaen. Barakatakak huring seuri nikmat naker geus bisa ngalejokeun Duyeh ku mungkus batu make keretas sangu meunang mulung tina paruntahan.
Jelebet, teu antaparah Duyeh nonjok kana tonggong kuring. Teu karasa nanaon, pilakadar peureup leutik bari can kararaban sangu. Hengker taya tanagaan. Duyeh ngagoledag deui. Ramo leungeunna nu katuhu dirungkupkeun kana borokna. Kuring nyokot cempor nu ngalices katebak angin, meletet beakeun minyak. Cempor diangkat luhur0luhur sirah Duyeh, haying nyidikkeun geus sare atawa acan. Kahayang mah Duyeh ulah waka sare, ambeh kuring aya batur nyileuk.
Awak Duyeh ngageter, napasa ngahegak, dadana naek turun. Kadenge ngingsreuk, cipanonna ngalembereh mapay pipi anu kanyos, curuk leungeun kencana digegel.
“Kunaon Yeh? Naaa…kitu-kitu wae..” cekeng bari nunda cempor kana tempatna.
Duyeh nginghak bangun kanyenyerian. Kuring keuheul tapi sakaligus ngarasa hanjakal.
“Yeh, eunggeus, ulah ceurik. Hampura we, pirakadar heureuy atuh,”cek kuring ngupahan.
Duyeh henteu ngajawab. Cipanon disusut ku tungtung bajuna nu kuleuheu. Teuing sabarah alam eta baju teu manggih cai, sarua jeung baju kuring. Bubuhan baju dines jeung baju sare the ngahiji, ngan ieu nu rapet dina awak, ngan hiji-hijina.
“Uing oge nyaho Aseng heureuy. Uing lain ceurik ku Aseng. Tapi inget ka jelema nu tadi beurang,”cek Duyeh sisimekeun.
“Na kunaon kitu?” cek kuring rada atoh ngarasa leupas tina rasa salah. Memeh ngajawab Duyeh diuk. Leungeun katuhuna gugutrut, ngagaroan sisi-sisi borok nu humapur.
“Eta aya pemuda, kasep meureun ti dituna mah. Buukna dikakawiran, make anting sabeulah, ceuli kenca. Leungeunna make geulang hideung jiga oray, meulit meh nutupan pigeulang, ca….”Duyeh calangap teu kebat neruskeun omonganana da kaburu ditempas ku kuring.
“Heueuh, ari kitu ku naon?”cek kuring teu sabar.
“Eta weh nu matak kesel the barang nenjo uing, manehna ngodok saku calanana. Ngaluarkeun duit lima rebuan, terus diasongkeun ka uing bari ngomong, “Yeuh mere, tapi kudu dipulangan. Ku uing teu ditampanan, da uing mah boro-boro boga duit keur mulangan.”
“Terus kumaha? Bodo silaing mah, lain cokot we terus bejakeun ke dagoan heula kituh arek ditukerkeun heula ka tukang dagang,”cek kuring manghanjakalkeun.
“Ahh, boro-boro haying nyokot uing mah. Nenjo beungeutna oge geuleuh nu aya. Duit nu diasong-asong the, diabuskeun deui kana saku kaosna.
Ngahaja ditoglengkeun,”Duyeh nyarita dareuda.
“Heueuh, eunggeus tong diinget-inget. Kanyeri-nyeri hate,”cek kuring poho kana kalakuan sorangan. Da matak teu bisa sare oge pan jaba ti ngararasakeun lapat the inget wae kana talajak jalma anu dipentaan tadi beurang.
“Eta geura Seng, nu leuwih gandeueul mah, aya budak awewe umurna kira-kira lima taun, ngarenghik ka indungna, Mamah, itu pasihan, kalunya….,terus nanya ka uing,
“Lapal nya? Hoyong mamam?”bari sirahna dengdek. Indungna ngaluarkeun dompet, ngusey neangan receh. Da katempo duitna galede. Terus ka uing mere saratus perak. Uing mani atoh, terus nyebut nuhun. Uing neangan deui nu sejen, susugunan jadi nambah. Ngan edas kacida sialna Seng. Basa uing nyukang di susukan, tali borok uing ngait kana patok awi. Uing tikudawet. Duit nu saratus tea mecleng kana susukan. Mangkaning eta susukan the meni hideung da pacampur jeung cai koco. Uing ancrub neangan duit. Geus lila, lila pisan, duit the angger teu kapanggih,” Duyeh ngarenghap nahan kahanjelu.
Terus ngomong deui mani ngalimba, jiga nu haying meakkeun rasa seueul nu ngaganjel dina hulu angen, “Lamun duit uing tea aya mah urang the moal lapar teuing jiga kieu nya Seng. Da uing oge tadi the ngadenge beuteung Aseng kukurubukan. Uing ge sarua lapar, can kaasupan naon-naon ti isuk.”
Kuring ngaheruk, ngarasa hanjakal, karunya, jeung ngangres. Duyeh nu umurna kira-kira kakara dalapan taun geus nyaho naon hartina tutulung. Kuring mah nu geus rada gede, geus boga umur, salila babarengan jeung Duyeh can ieuh ngarasa haying mere. Da pamikir the, boro-boro keur mere batur apan keur sorangan oge sakieu kuru cileuh kentel peujit.
Heueuh nya, lamun nempo kana awak jeung umur mah kuring the lain budak deui. Umur kuring mun bener itungan mah kira-kira 13 taunan. Matak pantes rada hese ayeuna mah menta dipikarunya ku batur. Komo pan waruga kuring mah wakagri. Geus waktuna kudu mikir. Sabab moal salilana hirup ngandelkeun dipikarunya. Hirup kuring salila ieu salawasna namprakkeun leungeun bari lungas lengis. Alus temen lamun ayeuna aing boga duit keur meuli paying. Keun wae paying urut oge. Loba nu ngajual paying urut di tungtung pasar Cipancar. Lamun usum hujan pan bisa jadi ojeg paying. Bisa ngajual jasa ku nyewakeun paying ka jalma anu kakara turun tina mobil atawa nu arek tumpak mobil. Heueuh alus! Si Sudin oge hasilna mucekil lading nyewakeun paying the, geus bisa meuli samping urut paranti simbut. Tapi pan paying the kudu dibeuli. Ari meuli pan kudu make duit. Duit ti mana? Beuteung karasa ngurubuk deui, nyeuitna leuwih panjang. Seueul kacida. Ari rek kuli jangjang-jungjung di pasar, jelema the tangtu moal percaya, da hengker. Awak kulanyin, kuru the mani kana sirah-sirah. Kudu kumaha atuh nya? Ras inget kana kajadian opat taun katukang. Inget ka Bi Rasmi nu haat mikanyaah. Ngan hanjakal anakna reuay. Jadi lamun sakalieun aya dahareun the parebut. Kuring teu betah, komo basa anakna nu cikal nyangka kuring maling jidar. Duh nyeri hate, kuring ge nyaho ari jidar the paranti ngagarisan. Ari kuring keur ngagarisan naon, pan sakola ge henteu.
Ah, isuk mah rek nyobaan ngalamar ka pangumbahan mobil. Bisa mereun ari ngan saukur meresihan mobil anu dedeblog. Ngan eta meureun kudu kuat katiisan da pan sapopoena guying di cai. Keun wae ketang, rek dicobaan we.
Geus manggih bongbolongan mah, dug sirah dikedengkeun gigireun Duyeh nu geus lila nyegrek. Awakna katirisan, kaciri murungkut. Ku kuring dikeukeupan. Karasa ayeuna mah Duyeh the dulur kuring. Dulur ngusahakeun hirup. Lamun ema jeung abah aya keneh mah meureun kuring the moal ngalaman nasib nu jiga kieu. Meureun kuring oge boga adi nu sapantar jeung Duyeh, tapi henteu borokan jiga Duyeh. Breh, samar-samar kagambar roroesan leungeun ema basa kalentab caah Cimanggung. Teu lila abah oge milu roroesan, teu hasil nyalametkeun ema. Kuring nelenjeng ka sisi cai, ngan kaburu aya nu newak. Dicekelan palebah cangkeng, pageuh pisan. Kuring teterejelan, bari ngawiwiw ceurik. Haying milu ka ema jeung abah.
Panon karasa beueus. Aya cai nu ngagarendang dina kongkolak panon. Beuteung ngurubuk. Seueulna parat kana jajantung. Ah mending sare. Sugan isuk ditarima digawe di pangumbahan. Sugan bisa meuli paying. Sugan bisa meuli dahareun keur kuring duaan. Kuring duaan? Heueuh, kuring jeung Duyeh dulur kuring.
Jangjang peuting karasa panjang jeung mongkleng. Lain peuting peteng nu sarua jiga sasari. Tapi poek anu rata alatan mega medem nu ngagayot ku pihujaneun. Biasana tina sela-sela kardus, lamun pareng hese sare, sok katenjo cahya bulan. Caang marengan cempor nu ngalices katebak angin. Kasaksen ti mimiti bulan ukur sakotret, jiga halis nu melengkung, jiga lambey anu imut. Ti peuting ka peuting katangen nambahan pepel jadi bulan sapasi. Lila-lila jadi buleud disebut bulan purnama. Nepi ka ahirna bulan ngiles taya tapak-tapakna acan. Kuring nu ceunggelik maturan peuting. Tepi ka engeuh hawar-hawar naon wae mobil nu liwat luhureun jambatan, minangka hateup imah nu weweg geusan ngiuhan. Kuring apal sora tihang listrik nu ditakol ngabelentrang saban aya nu liwat jumarigjeug di jambatan paragi meuntas. Tapi naha peuting ieu karasa beda? Pedah lapar kitu? Naha pan lain kakara kudu ngarasakeun lapar siga kieu. Lamun ditengetan, hirup kuring ti saprak asruk-asrukan neangan parab, nyiruruk di mana wae nu kira-kira matak pikabetaheun. Eusi peujit the teu sirikna ngandelkeun ka nu haat mikarunya. Naon we nu bakal ngadatangkeun piduitteun dilakonan. Mapay tina baramaen, ngamen make kecrek nu dijieun tina tutup botol limun, mulungan cangkang roko, gelas atawa botol urut inumeun, balik deui jadi baramaen. Nu can dicobaan the maling! Tapi najan kumaha oge kuring moal wasa kudu ceceremed, nyokot barang nu lain hak. Sanajan kudu jogol jeung pati, cadu kudu madog komo ngarampog.
Inget keneh kana papagah ema jeung abah, hirup the teu gampang ujang, tapi lamun haying gampang hirup hidep kudu jadi jelema pinter tur soleh. Harita mah teu pati ngarti kana naon nu diucapkeun ku abah lamun ngawurukan ngaji. Atawa dongeng ema lamun mepende samemeh sare. Loba pisan dongeng nu matak tibra sare.
Pris! Cai ngeclak kana pipi. Lain cipanon kuring. Tapi cihujan nu mimiti cluk-clak rembes tina mega anu beuneur. Beuki lila hujan beuki badag. Iris kana rangka kardus. Kuring mangku Duyeh, mindahkeun enggon sarena rada ka beulah juru. Ngarah tong  kairisan. Tadi oge saacan hujan katingali katirisan Duyeh the komo ayeuna hujan sakitu ngagebret. Kuring ngadedengekeun sora hujan anu karasa ketir. Lila-lila sora hujan kapireng jiga kawih nu ngageri midangdam nu lawas ilang. Kuring meureundeuy, asa-asa katingal ema gugupay, bari teu eureun ngagero,”Baeu, kasep, anaking….”
Aya kalangkang nu ngajanteng gigireun, disidik-sidik jiga abah. Leungeun abah ngaragamang mangku kuring. Jiga kuring bieu mangku Duyeh. Haneut ditangkeup ku abah bari diparende, “Deudeuh Jalu, hayu isuk mah urang milu jeung abah nyusul ema.”
Isukna kuring dihudangkeun ku Duyeh, digeubig-geubig, jiga peuting tadi kuring ngageubig-geubig Duyeh. Tapi kuring teu ngulisik, tapi kuirng teu ngarasa dihudangkeun ku Duyeh. Teu ngarasa digeubig-geubig ku Duyeh. Teu ngarasa lapar. Teu ngarasa naon-naon..

0 komentar:

Posting Komentar