twitter



Kajol,, hiji ngaran nu geus bisa ngeundeuk-ngeundeuk ieu hate,hiji ngaran nu geus bisa ngoyag-ngoyag ieu rasa,kamari pisan pasini jangji rek ngojayan sagara dunya babarengan,mapay mapay situ harepan,naekan tangkal kabagja'an dunya rawuh aheratna,naha bet jadi kieu kanyata'an nana jauh tina implengan urang dua'an.. 
Akang ge manusa sarua kawas kajol,keuna ku ambek,keuna ku salah,keuna ku amarah,keuna ku nafsu,keuna ku timburu..rumasa akang nu salah akang nu sok ngamimitian nyieun masalah,naha atuh bet hararese pisan urang silih pikawanoh teh,geus dua kali urang teh ti tajong kana kasalahan nu sarua,kunaon ku urang teu dijieun eunteung pikeun kahareupna,naon atuh kasalahan nanateh?? Piraku salah paham wae,piraku salah tangkep wae,piraku salah tarima wae?? Lain jol lain eta,,tapi aya hiji konci kaharmonisan hubungan anu teu dipiboga ku urang dua'an nya eta kajujuran..tong hariwang tong salempang jol,da hate akangmah kur ka kajol hungkul.jujur akang mah nya'ah ka kajol teh asa cinta munggaran deui,beda jeung cinta cinta nu samemehna,nepi ka akang wani ngajak serius ge,tapi naha atuh beuki kadieunakeun teh beuki hese nebakna kahayang kajol teh kamana brasna,sakapeung akang sok nanya kadiri sorangan ari kajol teh serius atawa heureuy,disebat budak da tos ageung kajol teh,disebat tos ageung naha atuh meni jiga bubudakeun keneh sifat teh.. 
sok ayeunamah tinggal nyarios ka akang,kumaha kahoyong kajol teh?? Bade diteraskeun nya mangga wae akang mah ngiringan wae,ngan meureun aya saratna ameh teu titajong deui kana kasalahan nu kamari,kumaha carana sangkan urang bisa saling mengerti saling memahami urang silih emutan dina jalan anu hade..tapi pami kajol tos teu sanggem mah da akang ge sami teu sanggem ari kedah kieu wae mah.ari jalmi mah hade kubasa goreng kubasa,tadina ge urang teh nyandak jalan hade nya ari kedah berakhir mah bade dikumahakeun deui,urang akhiri ku hade oge.. 

Situ gede, 23-4-2012 

0 komentar:

Posting Komentar