twitter

Tampilkan postingan dengan label CARPON. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label CARPON. Tampilkan semua postingan







Bumi gonjang-ganjing. Langit pun bergoyang-goyang. Republik Amarta Raya bagai diterjang kawanan badai, manakala Rd. AA. Gatotkaca dituding mendalangi pembunuhan seorang saudagar muda, yang tak ada hubungan apapun juga dengan saudagar tua Nasrudin Hoja. Wahai, betapa gemparnya jagat pewayangan, berhubung sinatria Pringgandani ini tengah menjadi andalan segenap warga Amarta, dalam rangka menumpas musuh pamungkas. Musuh yang terus beranak pinak dalam selimut. Yakni, para tumbila koruptor, warisan rezim Astina.
Di kampung Tumaritis, Astrajingga teramat yakin, bahwa pamuk berkumis baplang, yang berotot kawat dan bertulang besi itu, sama sekali tidak berdosa. Tatkala tersebar kabar, bahwa kisahnya dirangkaikan dengan lakon asmara bersegi tiga, Astrajingga pun gigideug. Biarkata secantik Dewi Supraba, tidak mungkin Dewi Caddy melumerkan hati besinya Sang Gatotkaca. Bukankah beliau juga menjabat sebagai ketua dewan syuro Parmikutri, alias Partai Suami Takut Istri? Nah, semua fitnah belaka, begitulah keyakinan Astrajingga nan bergeming.
Ini pasti konspirasi bertingkat tinggi, kata Mang Cepot. Ini pasti macam ulah Resi Dorna. Sejatinya, Sang Begawan Sokalima, yang picak dan kengkong itu, telah wafat sekian tahun yang lampau, setelah rezim Astina runtuh. Namun, janganlah lupa, Aswatama masih bernapas, dan menjadi idola kaum Kurawa Baru, yang terus berkembang biak di seantero negara. Maka, waspadalah terhadap para penabur badai! Mereka tak akan bersuka hati bila Republik Amarta jadi negeri gemah ripah repeh ripuh ! Mang Cepot bersikeukeuh.
Otot boleh saja seliat kawat. Tulang boleh jadi berjenis besi. Namun, manah Raden Gatotkaca itu selembut hati Den Ridho, putra Satria Bergitar, begitu kata Dawala. Biar tubuh ngajungkiring bagai Arnold Schwarzenegger, biarpun kumis melintang sebesar gagang telepon, apalah dayanya raga bila jejantung diterjang terpedo beger pamindo. Bahkan, juragan Arjuna nan gaek, yang semakin tipis, tepos dan reyod, lantaran terlalu sering bertapa sembari berkawin siri, masih juga mengoleksi mahasiswi semester 2 yang ber-imbit semester 6, bisik Dawala seraya tersenyum maklum.
Konon, berulang kali Mang Udel mengingatkan Raden Gatotkaca, agar jangan terlalu sering bertandang ke padang golf, berhubung lapangan serupa itu makin hari semakin asri, bagai swarga Manikloka, dilengkapi dengan para bidadari dan hapsari, yang beraroma minyak pelet si Leugeut Teureup. Di sana, hole yang resmi dan berciri memang cuma berjumlah 18. Namun, ada banyak jenis hole yang lain lagi. Hole sejenis ini amat piawai menceploskan, dan menggoyang stick pusaka kaum Barata di dalam lubang wiwirang, begitulah selalu kata Mang Udel kepada petinggi negri.
Alkisah, kabar santer tentang Raden Gatotkaca kasilih berita baru. Kali ini, tentang capres dan cawapres. Mang Gareng berkerut kening ketika segenap penduduk kampung Tumaritis jadi sibuk ngadu bako, melambungkan jagoannya masing-masing. Sementara, Lurah Semar Badranaya, yang terkenal weruh sadurung winarah, malah asyik ngajampean para capres dan cawapres. Jangan-jangan, ihwal Raden Gatotkaca akan terus terabaikan. Atau, bakal jadi santapan para kandidat dalam rangka meraih banyak contrengan, Mang Gareng berkeluh-kesah.
Mang Gareng makin gelisah. Diam-diam, dia berangkat ke negeri Dwarawati, bertanya kepada Ki Batara Kresna, sang paranormal sejati. Beliaulah pemilik Gambar Lopian. Yakni, sejenis cermin bertuah, yang tak pernah luput bila menebak durjana. Mang Gareng penasaran, siapakah gerangan biang keroknya dalam kasus Gatotkaca. Apapun jenis mahluknya, pasti bakal nampak dalam cermin sakti itu.
Ternyata, Batara Kresna pun kebingungan. Dalam Lopian, hanya terpampang sebentang padang nan gersang dengan badai yang menderu. Namun, pelahan-lahan, muncullah seorang putri. Wajahnya tersamarkan kabut ungu. Lantas, semakin mendekat, semakin jelas. Close up! Mang Gareng menahan napas. Wajah putri dalam cermin ternyata berubah-ubah, silihberganti: Dewi Sinta, Dewi Amba, Dewi Uma, Dewi Pitaloka, Dewi Yull, Dewi Sandra, dan entah siapa lagi. Berjuta-juta wanita yang pernah dikaniaya oleh kuasa kaum lelaki langit di muka bumi, merintih serta menjerit di dalam Gambar Lopian!
Mang Gareng istigfar seraya mengusap kumis, saat melihat wajah Bi Gareng yang sering disalingkuhan...***
.

godi suwarna


LANGIT kasumba. Rambut-rambut matapoé tingkélébét  ngagurat ngahirid wanci nu méh surup. Tihang-tihang la­ngit, jurungkunungna gunung-gunung sagolédagan deui kana bantal jeung guguling peuting. Semu hideung poék mongkléng. Semu pirang, ongkoh. Sariak layung nu ngungun suwung. Asa nyorang lukisan-lukisan Van Gogh mangsa manéhna rumanggieung sanggeus ngeureut ceulina. Ngan langitna, langitna tungtung panon nu kahalangan rewigna buuk kuring nu tan laas kausapan cinyusu, kanvas raksasa nu salawasna nga­robah-robah rasa téh, henteu ngulincer. Van Gogh mah mé­mang jénius dina mindah-mindah rasa. Mindah-mindah nu motah dina jeritan paratna katunggaraan ingkang dirina. Langit Van Gogh nyatana langit nu motah. Aléwoh ku kahayang jeung kahariwang anu namper dina warna-warna cétna anu hégar, tapi jadi garis-garis angin anu gulak-gilek lir haté nu lewang, luwang-liwung nyawang puntangan. Di dinya, aya cimata warna-warni. Aya keclakna getih nu lumanggéor kapangpéng­keun motahna napas bumi. Napas gunung-gunung. Napas gupayna kembang-kembang srangéngé nu ngarandakah nya­wang lalangsé. Tapi lain konéng jeung héjo ngémplohna ka­bungah. Geus lain wayah. Baheula mah Mamih sok gancang nangkeup kana harigu. Hégak napasna nu ngeleter, ngamalir nepi ka simpangan jajantung jeung paru. Teuteupna haneut kana kongkolak panon kuring. Komo mun dina aisanana, asa ngalayang na marakbak­na méga-méga. “Geura ngawasuh panangan nya, Eulis! Sakedap deui Ustad Zénal sumping. Tong ameng deui! Tuh kalong gé tos pupuntiran. Maralakan ramo-ramo sareng rambut tangkal kalapa. Badé barobo. Sieuneun raja kalong hideung nu janten Kélong Wéwé!” Ngabelenyéh kuring téh. Dihaja ngarah Mamih marahmay. Geus sababaraha bulan atuda suwung baé. Biasa, Papah carang mulang. Langka bajangkar ka kamar Mamih. Gancang muru jamban. Pupujian bari neueulkeun dua leungeun kana pipi ku­ring nu semu beureum pias. Gulak gilek. Tapi ayeuna mah henteu. Biwir asa katalimbeng. Rapet. Pageuh. Keur naon Mamih ayeuna? Masih ngahuapan sop buntut kaseneng Papah, kitu? Sono mah sono. Da kaasihna masih karasa nganteng mapat marat na rasa. Meureun mana kitu du’ana husu kawas nu geus kaliwat-liwat. Enya, apan ieu anu digeugeuhan ku  kuring ogé teu dileupaskeun Ka Lurah Tisna Sanjaya harita. Méméh kuring muncak tunggara. Méméh kalénder-kalénder, bonéka Barby, rorobotan bangkong, sapédah sport, papakéan nu sarwa sutra, sapatu kulit jeung kéts, hénpon, komunikator, i-pod, kasét Cian­juran nepi ka underground, barejad, nyéngléd, saroék, kalim­pudan lebu kasimbutan ramat lancah. Hieum. Cakueum. Tuh jam bufét nu bandulanana tina tambaga gé geus pireu. Kélénéng kelentréng­na geus napel dina kasimpé. Jarum jamna ngajeten. Kai-kai jatina parias, kuleuheu, sanasib sakulinceran jeung lomari, korsi bongkok belenong, tihang kuda-kuda, jeung suhunan tina Rasamala katut eréng-eréngna. Kitu deui jeung nyangkérokna kusén katut panto jandéla kamper Samarindana. Rarewig pasoléngkrah cék nu sok lalar liwat pabeubeurang mah. Kawas kana buuk baé. Enya atuda imah kuno ieu mah geus langka kapiara. Enya, ayeuna mah tara aya nu wani ngalanto ka dieu mun geus sareupna. Ngan Bi Jumsih. Awéwé pangbedasna jeung pangludeunganana saalam dunya sakanyaho kuring, nu hamo maturan. Purah jaga ti dituna mah. Ti bilatung dulang kénéh manéhna tuhu satia. Nyuruluk nyabun ngamandian. Ngawe­dak­an ngayuputihan ngahuapan. Lir indung ka beubeulahan haténa pituin. Seja ngaping ngagandong ka sakola ka madrasah. Ari pakanci, siga parebut jeung indung kuring. Siga sahaté satungkeban lalangsé. Ongkohna deuih, Bi Jumsih rarandaan tuna tuturus. Sok komo deui, beubeulahan haténa ingkah tan béwara jeung nu lian. Cenah, nu leuwih nyeletrok kénéh. Neuhneur beuneur lempay gugupay pelenting cangkéngna. Enya, pasakan Bi Jumsih sakanyaho jeung Mamih nu pang­dipikaresepna ku kuring. Sop buntut. Sarua jeung Papah. Tangtuna sop buntut sapi. Rapang bawang goréng bawang héjona. Tomat wé sakeureut. Kalan-kalan maké jeruk nipis. Peuting ieu ogé geus sadia. Baku. Biasa ari malem Juma’ah téh manéhna rikat nyadiaan. Teu poho apel Malang-na. Jeruk Sunkis pon kitu deui. Cai hérang dina gelas keramik biru Bénhur, masang jeung cai kopi ledoh dina batok kohok. Sanguna nu pulen jeung seungit hiliwima pandan. Enya da angger Pandan­wangi baé. Cenah téa masang jeung tembang kameu­meut kuring: Cianjur jeung Cianjuran. Baheula mah kulitna lemes tangtuna gé. Tuh, ayeuna mah beuki karijut. Beuki bongkok deuih. Atuh leumpangna gé semu digusur. Méh siga Si Bongkok ti Northredam nu goréng tang­tungan awon rupa tapi jujur satia. Untung kénéh sakitu gé, teu ngéngsrod ngésor kawas kuring. Ngan pameunteuna angger hégar beresih. Ah, nu langka batal wudu téa atuh aurana angger nga­genyas. Tara laas dongéngna. “Duh Endén Putri, teu diwedak gé kalinglap waé... Akang mah!” “Gandéng siah, Ajo! Kadéngéeun tukang nyieun pilem geura!” “Muhun, da masih kénéh... pelem atuh Jumsih mah!” pokna bari anteng ngaguntingan daun kacapiring. Irung rebéhna balap jeung kumisna nu jocong. Panonna gular-giler, nempo pu­pu­cukan bari sakapeung ngarérétan Bi Jumsih. Ih, ari katresna! “Meungeus, ah! Éra yeuh ku Si Enéng Eulis! Tuh da seuri konéng! Geus ngarti tuda ninggang di budak calakan mah!” Mang Ajo, supir Papah nu kalan-kalan ngurus taman leubeut ku kekembangan téh, kalah beuki ngagonjak. “Éra mah, lamun taeun dina tarang, atuh Ayang!” “Éh, meungeus ! Aya budak di dieu téh!” Harita mémang kuring lebeng kénéh. “Naon taeun téh, Bi?” cék kuring hélok. Bi Jumsih semu pias. “Tuh, nya... aaahhh!” pokna bari memener samping kebatna, terus mangku kuring. Ingkah. Anéh Bi Jumsih mah. Tara maké saragam bodas kawas pembantu di Villa gigireun. Villa Aa Jimmy nu mirip Aa Jéffry dina télévisi. Éh, apan Aa Jimmy gé sok kana télévisi kétang. Peutingna, basa simbut buludru dikeukeupkeun méh semet gado, méméh néon baganti lampion nu pinuh ornamén, hadiah Papah basa tas ti Rusia, ‘taeun’ téh ditanyakeun deui. “Taeun téh... karang India!” pokna. Beungeutna semu beureum. “Naha atuh nyebat éra? Apan Bibi janten siga Aishwarya Rai?” “Tos ah, geura bobo. Apan énjing badé ka Dufan!” cetrék mareuman néon. Reyem-reyem. Ayeuna mah leuwih combrék. Harita téh taun 2000 asana. Salapan taun ti harita, leuwih ti soal ‘taeun’ gé antukna mah apal, sanajan tara diapalkeun. Da tara aya dina ulangan sakola jeung téntamén ieuh. Ari ayeuna taun sabaraha, nya? Ah, geus teu penting taun sabaraha-sabaraha gé. Jam jeung detik geus leungit di dieu mah. Ngan keur nu masih jumeneng penting sotéh. Hiliwirna bau bawang, nyampur jeung ngeletekna haseup nu terus ngelun mawa seungitna menyan na parupuyan. “Si Bibi mah tipeu Ema-ema jaman baheula. Yeuh Ibi, gentos menyan téh geura ku parfum!” harita Aa Jimmy ngageuhgeuy­keun. Bi Jumsih seuri konéng, “Ah, da hakékatna mah sami kénéh atuh, Aa! Ngusir sétan! Seja mapatkeun du’a ka alak paul, Ka Nu Murbéng Alam!” Bi Jumsih anteng niup parupuyan. “Assyiiiik, Bi Jumsih udah hakékat banget, déch!” ngagakgak. Untung sorban bodas beureumna nu jiga Yassér Arafat teu arudulan. Enya, asa kamari kénéh. Éh, itu dina méja makan geuning surat ti incu Pa Zidane San­jaya, tuturus Lurah Pa Tisna Sanjaya nu duka ka sabaraha, nu tadi beurang dibikeun ka Bi Jumsih masih aya kénéh, nya? Sina dibaca ku kuring meureun? Enya sigana, da biasana mah tara disimpen dina méja. Sok terus dibawa ka kamar nu pang­tukangna tempat Bi Jumsih titirah. Tuda paling gé surat tagihan ronda atawa udunan mun nu maot biasana gé. Mun aya surat ti Papah atawa Mamih, kakara sok disimpen dina méja bareng jeung susuguh. Bi Jumsih mémang bakal katempo anéh ku nu lian mah. Mun keur sono naker, kuring sok datang kana im­pianana. Isukna, sok katempo hégar marahmay ari geus didatangan téh. Ah, da tadi gé geus dibaca asana. Eusina, cenah rék aya nu nyieun pilem di ieu imah. Sarua eusina jeung omongan Bi Jumsih basa tadi ngobrol di tepas jeung incuna Pa Zidane Sanjaya. Ari Pa Zidane Sanjaya apan budakna Pa Tisna Sanjaya nu katilu. Ieu mah incuna. Janggawaréng kitu atawa kakait siwur ka Pa Lurah téh? “Kumaha saur nu gaduh bumi?” Bi Jumsih ngabetem. Dareuda terus ngajawab, “Pami ju­ragan pameget sareng juragan istri mah, Adén, apan tos teu pa­tos maliré. Saurna tos teu kiat nanaon!” Ehm. Mémang karunya Mamih jeung Papah téh. Basa di­longok gé, Papah keur diinfus. Mamih anu maké kursi roda, sa­tia marengan. Alus ka pucukna carita Mamih jeung Papah mah. Basa keur ngorana mah sok remen paloba-loba carita. Gurger. Durder. Enya, Papah téh nyéléwér. Apal pisan da nyélé­wér­na gé sasat ka babaturan kuring di kampus harita. Siga dina novél pop jeung sinétron pisan. Ngan teu pati lila, da Papah kaburu éling, asana. Mamah bungangang deui. Tapi ku kasus éta, jeung kuring mah Papah téh, hésé deui akurna. Haté kuring asa beulah, harita. Karunya ayeuna mah ka Papah téh. Da seug lamun kuring téh masih hirup, masih ngabeuleugeunjeur, moal teu dirawu dikeukeupan. Komo ka Mamih mah, hayang ngagaléntoran. Haté naon atuh anu teu raheut nempo kolotna sorangan geus teu payaan? Batur gé pasti boga kanyaah nu sarua ka akar hirupna. Enya, sanajan ayeuna jarak jeung waktu lain halang­an, bisa ngebelesat sajorélat ka rumah sakit di Singapura kawas basa ka Mamah mangsa beunang ku struk. Atawa mangsa ayeu­na Papah keur di rumah sakit Canbérra, Australia, keur keuna ku kasakit nu sarua, tetep taya gunana. Ngangres. “Pami saur raina nu di Jakarta, kumaha Bi Nini?” Bi Jumsih, nu ayeuna mah sok nelah Bi Nini ngeluk siga bari ngitung ubin keramik nu geus rarenghat bareulah. “Mémang nyaluyuan, Adén. Tos néken sareng produsérna saurna. Anjeunna mémang nu janten bakal ahli warisna ieu bumi. Teu téga saurna, mung nuju kapépéd. Badé kumaha deui atuh, Adén? Bi Nini mah bingung, Adén. Naha... mani bet keukeuh-peuteukeuh, nya?” “Sumuhun, Bi Ni! Keur mah ieu bumi téh katélah... ayaan. Dalah tos janten kacapangan balaréa, teu di daérah Puncak ieu wungkul, ka Jakarta gé tos lami dugi. Ayeuna der badé dijan­ten­keun pilemna. Langsung cenah di lokasina. Supados leres-leres orisinil!” “Waktos dongéng ieu bumi aya dina koran sareng majalah, harita, haté Bi Nini mah rajét pisan, Adén! Komo upami ayeuna janten di... pilemkeun. Ah... ancur... ancur... Bi Nini, mah!” Harita Bi Jumsih ngagukguk. Buukna nu geus ngeplak lir kapas langit, méh murudul maluguran kawas kembang-kembang srangéngé di pakarangan ieu villa nu beuki teu kapiara. Kuring gé leuwih ti neureuy ciduh garing ngabedahkeun ci­mata. Leuwih sedih batan harita mangsa kuring dirogahala di ieu villa anu ngaplak dicét bodas. Di ieu tempat lahir kuring nepi ka jengkerna, sanggeus suku kuring dihabek stik golep, cangkéng jeung sirah diteumbragkeun kana tungtung méja jati, dirampas makuta nu ditata dijaga ku kuring kalayan pageuh jeung gemetna. Tempat kuring ditandasa nu kacida poharana. Tempat di mana kuring saterusna ngangsrod, matak disarebut Hantu Ngésot gé. Suster Ngésot téa. Hantu Ngésot cenah kuring téh. Suster Ngésot. Ngésod kénéh Bibi nepi ka ayeuna gé, ngésod kénéh Mamih, ngésod kénéh waé.. Papih kuring téh. Ngésod. Sarua ning sesebutanana jeung nu di Jakarta baheula, najan loba béda alur jeung plot caritana. Enya, asa inget deuih kana unsur intrinsik jeung ékstrinsik dina prosa, basa keur SMA ieu téh. Ké... asa tagiwur kieu ieu téh! Ah, keun baé disarebut Suster Ngésot gé. Siga carita jurig nu kungsi dilalajoan, dianteur Aa Jimmy jeung Bi Jumsih katilu Mang Ajo. Da sieun atuh. Serem cék babaturan gé. Leuwih serem batan nu geus dijieun pilem dina taun 2007 baheula. Paingan atuh nu kabireungeuhan panggih kawas dina pilem téa, sok sieun­­eun ku kuring téh. Teu nyangka sacongo buuk gé, carita dina éta pilem téh bet kaalaman ku kuring. Ah keun waé saterusna disarebut jurig nu pernah dilalajoan ku kuring gé. Kieu-kieu gé kuring mah jurig démokratis. Teu ieuh dipaké nyeri haté, da kitu buktina. Geus bosen nyeri haté téh. Nyebutna gé geus teu hararayang. Apan geus leungit haté nu gudawangna gé. Geus euweuh. Ratusan, atawa teuing rébuan kanyeri geus leuwih ti namper. Leuwih kiled batan aspal. Sajarah kuring mémang pinuh ku getih. Pinuh ku nu nyilétan haté. Mangsa jadi béntang di kampus Akademi Keperawatan jeung Kebidanan méméh ka Kedokteran, harita gé kuring mindeng nyeri haté. Ari bogoh ka babaturan sakelas, atuda sarua setrésna. Loba teuing tugas praktikum. Komo apalkeun­eun mah ngahunyud. Ari bogoh ka dokter, apan loba nu geus karawin. Dalah kuring sering diontrog jongklok tah ku saba­baraha urang pamajikan dokter téh. Duka teuing atuh, apan sala­ki maranéhna sorangan nu lieur téh. Utamana lamun keur kuliah prakték jadi suster, sok loba nu tepak toél. Teu dilayanan téh, dokter sénior mah bet kalah mitnah, majar kuring nu nga­goda. Leuwih ti batan diinfus unggal urat dina awak, tah! Leu­wih ti dicocogan rébuan jarum suntik. Bogoh téh apan ka sahandapeun antukna mah. Ka budak bungsu anak sobat Papah. Teu disatujuan, deuih. Éra cenah. Tong ngawiwirang kolot, cék indungna téh. Nyeri Aa Jimmy, Nye­ri Aa Jéffry. Ah geuning, ka sasaha téh bet jadi masalah. Ka si itu kitu, ka si ieu kieu. Loba teuing nu marebutkeun téh kalah matak lieur. Loba nolak antukna mah. Tapi nya kitu, kanyeri terus... terus... hantem marengan. Apan anu ngarogahala gé salah saurang ‘penggemar berat kuring’. Wawuh pisan. Deukeut pisan. Tapi naha bet maéhan? Pira gé teu daék diajak teu uni. Padahal ari hayang ‘taeun’ mah, hayang ‘karang India’ mah, apan marakbak dina internét gé. Di jalan, di café, di hotél, di kolam renang, dina lip, di tempat kos-kosan, di mana jeung iraha waé ogé loba. Ceuyah siah di luhureun menara pangluhuma sadunya gé! Huh! Fuahhhh! Basa geus tilar dunya gé kitu. Ka Bram Stoker Si Pangéran Drakula ngan tahan sataun mun diukur ku ukuran waktu du­nya mah. Geuleuh tuda hayoh waé ngajak ulin ka gudang Palang Mérah Indonésia. Diajak ka Paléstina, Irak, jeung Iran mah nu harita loba getih di pangperangan, mumul. Loba kénéh anu saroléh, jadi sieun cenah. Getih nu jihad mah kalah matak melag. Sok panas kana awak. Ari di Indonésia mah haraneut nuju ka seger. Najan loba nu wiridan da leuwih loba nu henteuna. Ngan di dieu mah sok paheula-heula jeung Vampir ti mana ti mendi maok getih téh. Dasar Drakula jeung vampir goblog! Keur hirup jadi bangsat gerotan, mangsa jadi jurig ogé maling kénéh waé. Jeung Dr. Frankenstein, kalah milu coplok sirah. Ngan tahan genep bulan opat poé lima jam opat puluh dua menit tujuh detik ukuran dunya. Jeung Dr. Faust-na kitu deui. Nya kumaha, atuh? Jeung Hamlét Pangéran Dénmark sarta jeung Raja Léar anu dicaritakeun William Shakespheare gé, teu tahan lila. Maenya rék bobogohan waé kudu bari ékting. “Kedah merenah atuh calikna, Yang! Supados luyu sareng blokingna. Tah ieu naskahna gé kieu heula!” cek Hamlét bari mesat pedangna. Ari jeung Raja Léar mah matak kesel. Tuda ngapélan téh sok bari ceramah politik jeung filsafat nepi ka subuh. Eureun sotéh kagareuwahkeun Bi Jumsih ari rék solat. Aya deui Si Roméo nu maot alatan bunuh diri nginum racun téa. Ngan ari bobogohan téh keukeuh kudu dina tarajé. “Supados romantis, sapertos ngawitan Aa nepangan Juliét ka loténgna!” alesanana téh. Tapi ah, bogoh waé da kasép enya ogé mindeng timburu jeung matak cangkeul ditangkeup dina tarajé mah. Hararésé deuih bari ngésod mah. Tapi teu lana deuih, da kaburu diontrog Juliét-na. “Ari Aa Roméo téh hoyong racun deui?” sentakna bari ma­ma­wa botol. Jejebris. Ka kuring gé mureleng. Ka Genderewo mah komo ngan lima menit. Bararaid. Ha­yang bobogohan téh kudu di tempat anu cék manéhna romantis: di kuburan, tempat miceun runtah, cubluk, atawa tempat ngec­rét muncratna limbah. Aya anu rada tahan téh Si Jurig Jarian. Pédah éta kuring sering ka WC, ka jarian. Sering panggih ahirna jadi kapincut. Komo da manéhna sok resep ngahibur. Kungsi méré tarucing: “Yang, walungan naon anu pangpanjangna?” Kuring ngaja­wab, Sungai Nil. Lain cenah. “Sungai Cikapundung, Sabab meun­tasan Asia-Afrika” kéomna. Kuring mésem. Aya deui anu kieu: “Yang, kunaon Monas di luhurna aya emas?” Kuring gideug. Pokna téh,”Upami aya ayuan mah pasti pada naékan!”. Keur jumeneng kénéh gé cenah mah sok rada sableng. Kungsi ngahaja ka dokter nu geulis. Geus dipariksa terus dibéré obat. Manéhna gideug. “Néng dokter, abdi mah lebet angin. Ho­yong téh pangerokeun wé!” Malah kungsi dokter geulis téh digelendeng ku manéhna, “Néng dokter téh ku naon bet siga nu limpeuran? Anu rieut téh apan mastaka pribados, tapi naha anu disuntikna bet... imbit?” ka dituna dokter nu masih parawan téh, cenah jadi sok  nepung­an ka kosanana. “Badé naon, kitu?” cék kuring téh. “Ménta dipangnyuntikkeun!” témbalna teu euleum-euleum. Ah, kitu waé sering gogonjakan di jarian téh. Baheula ogé aya dulurna Bi Jumsih anu teu ngahaja nempo kuring keur jeung ma­néhna, langsung kapiuhan. Ngelepek. Untung teu keur so­sonoan. Ka saha waé nu ngapélan ka ieu villa, ku kuring mémang langka ditampik. Kagok nolak téh. Keun, itung-itung silaturahmi baé. Da tara aya anu dilayanan kaleuleuwihi. Komo lamun di­ocon­an ku Ramsés jeung Fir’aun mah, sok dijudesan. Kitu deui ka Si Korun, Abu Jahal, Judas, Jengis Khan, jeung sakabéh tokoh jarahat anu maotna teu sampurna téa. Ngan orokaya jadi loba gangguan ka ieu wilayah. Komo mun Si Jimmy Héndrix apél, kabeukina ngahitar luhureun suhunan. John Lénon, Fréddy Mércury, jeung Kurt Cobain ogé saruana deuih. Nu leuwih mahiwal mah Si Élvis Presléy, Ari geus nyanyi téh sok terus malédog ngabalangkeun piring jeung gelas kana témbok. Ta­tangga loba nu teu tahan lila. Gararandéngeun. Kagareuwah­keun. Geus puguh anu barogana mah apan leuwih hadé nyéwa­keun villa-na ka saha baé. Baheula, sanggeus kuring ngababatang guyang getih, Mamih jeung Papah ngalanglang buana ka Swiss. Kuring gé ngarti da atuh sahaté anak jeung sungapanana mah. Komo deui kuring téh nunggal. Sasatna teu adi teu lanceuk. Kolot mana atuh nu teu ceurik getih... anak nu ngan hiji-hijina, nu dipuja didama-dama, di gunting buuk di Barjanzian dibubur beureum bubur bodas ti keur orok beureum kénéh, ngadadak leungit misah alam. Keur mah deuih, rumah makan bogana Papah mémang pang­maju­na mah anu di Swiss, meureun ka ditu téh niat ngubur ci­mata getih aranjeunna. Dulur deukeut anu aya di wilayah ieu ogé parindah. Pabéja-béja waé ngeunaan ieu wilayah, uta­mana di ieu tempat, ieu villa bodas téa, jadi sayang rupa-rupa. Ngan ukur Bi Jumsih anu kuat téh. Jeung ari keur kuring di dieu mah, tara aya sarupaning sétan marakayangan naon waé anu daék ngaganggu Bi Jumsih. Aya nu matak ketir. Kungsi aya nu nyieun acara Uji Nyali jeung rupa-rupa acara ‘penampakan’ lianna, nu hayang panggih jeung mahluk lain alam di ieu villa, teu kararuateun. Tong boro nempokeun saka­béh dedegan tuda, karék ditempokeun cingir gé bubar. Loba babaturan nangkring ngagosip kawas Si Manis Jembatan Ancol, Nyi Blorong, Sum Kuning, Kuntilanak, atawa Marilyn Monroe nepi ka Lady Diana, kaasup kuring jadi kahibur pisan nempo jelema-jelema anu lalieur téh. Cék timbangan, hayang arulin ka ieu alam mah geus waé atuh maraot heula. Kumaha waé carana. Gampang ieuh. Silét aya. Kampak balatak. Baygon nepi ka narkoba pon kitu deui. “Asal ulah gantung diri, wé nya! Abdi gé ieu tapakna nyeri kénéh!” saur Ceu Léak nu anyar mudik ti Dénpasar . “Pami badé gé maké benang dina tangkal cikur!” cikikik Si Beranak Dalam Kubur. Saréréa ngahihih. Kaasup Si Dhang Nhak ti Thailand nu keur namu. Ti harita... lamun nyikikik téh sok ditambahan hihihihi... hih... hihi. Matak, keun waé Bi Jumsih. Bi Nini. Sawios kituh. Arék milemkeun sajarah kuring mah da moal aya pangaruhna ka kuring gé. Rék vérsi anyar rék siga anu heubeul, pék téh teuing. Ngan mémang tungtung caritana meureun ngagantung. Apan nu ngarogahala kuringna gé masih bébas. Mémang taya saksi harita téh. Da si kéhéd téh siga nu apal di imah bakal towong. Datangna téh meulah bulan deuih. Pinter ngaleungitkeun tapak lacakna. Dasar ahli forénsik. Élmuna dipaké keur jalan tolna sétan. Sabenerna mah aya gé pulisi nu hasil nyusud. Kuat bukti. Ngan teu wanieun. Loba bayonét nu teu katara nyemprung nuju ka manéhna. Kitu deui ka kulawargana. Asa hayang geura tenang pisan ieu téh. Asa hayang aya nu ngamandian deui. Nyabunan ngandukan. Ngayuputihan nga­we­dakan. Ngabajuan nyapatuan. Ngajékétan ngabonduan. Mamih, tos capé abdi téh ngéngsrod waé. Tos capé, Papih. Tos capé Bi Jumsih. Tos capé. Keun, lamun aya nu rék milem téh bagéakeun waé, Bi Jum­sih. Sing Kuat! Sugan waé atuh Bibi Nini téh milu jadi bén­tangna. Inget apan baheula, cék Mang Ajo, lalaki nu ahirna nikah ka Bibi najan ngan sabulan lantaran pati ku flu burung, pernah nyebutkeun Bibi téh geulis. Terus Bibi apan nyaram, jebi, majar bisi kanyahoan ku tukang nyieun pilem. Lain pelem, Bi. Tah ayeuna, peuting ieu pisan bakal daratangna téh dina surat tadi mah. Tong sedih, Bi! Tong asa ancur! Ti baheula Bibi téh kuat. Ayeuna ogé kudu kitu. Salawasna kitu. Kuring hayang nempo Bibi ngalalakon dina éta pilem. Apan kitu ogé tawaran dina éta surat téh. Hayang orisinil, kaasup tokoh-tokohna. Aya ku teu uyahan, mémang! Tapi...keun! Keun! Keun! Lamun purun mah, kuring gé rék milu maén. Teu kudu dibayar. Duit mah kari metikan ieuh di pipir gé. Komo lamun béntang utamana teu bisaeun mah, kuring rék ngaharéwos ka sutradarana. Asup kana unggal impianana. Manéhna kudu nyaho. Kudu ngarti. Yén, tangtu kuring bakal leuwih nyaho jujutanana. Kuring gé apal saha produsérna. Penjahat mah sok kitu. Sok balik deui ka tempat di mana manéhna ngarogahala korban napsu bejadna. Hayang yakin dirina aman tina hukum­an. Keun! Enya, Bi! Keun sina dibéjakeun ka dununganana: Kuring suster ngésod, arék milu maén!***


Ku Eriyandi Budiman




DOR-DAR gelap. Pihujaneun tinggarayot, lir sacur-cureun bedah. Beuki lila beuki ceudeum, haseup maju katiup angin ti kulon. Béh kidul saeutik, katara buntut hujan ngagapuy. Tuluy naék deui ngagulung jeung haseup hideung nu beuki kandel.
Tegalan nu tadina ramé téh ayeuna mah kari urutna. Taya jalma nu ngulampreng. Surak nu ayeuh-ayeuhan, barudak nu arulin di tegal pangangonan, geus kaganti ku kasimpé. Ngan sora angin nu kalah ka beuki ngadudud. Nebak tatangkalan nepi ka tingpelendoy, siga nu rék sabeletok-beletokkeun peunggas. Séahna sora dangdaunan, lir sada nu ceurik midangdam. Nyambat-nyambat angin sangkan ngahiliwir deui cara sasari.
Lebah tanjakan satapak, hiji lalaki keur ngabengkot naék ka tonggohkeun. Persisna ka tegalan, da eta tanjakan satapak téh anjogna ka tegal pangangonan nu pernahna aya dina mumunggang, ngawates jeung lembur.
Na tonggongna ngadaplok rangsel badag, nangkod ngagayot. Késang ngagarajag maseuhan tarangna. Sakapeung kadéngé juh-jih ngutruk semu ngaregéh; "kéhéd téh! Abong jalan lembur, " cenah, tuluy calawak nadah hawa. Bubuhan tanjakan lebah dinya mah netekna kabina-bina. Teu lila srog ka lebah mumunggang. Reureuh heula sakeudeung bari mencétan cangkéngna.
Waktu manéhna tanggah neuteup langit nu kulawu, kadéngé sora ngaguruh lebah kulon. Rét diirérét, tétéla hujan gedé keur maju ka palebah dinyakeun. Mimiti turun pras-pris, manéhna geuwat-geuwat leumpang gagancangan mum saung nu teu jauh ti dinya. Teu kalis ku digancangkeun, angger kabancuh. Sanggeus tepi ka rangsel diécagkeun, laju ngusapan beungeut nu rancucut ku tonggong leungeunna. Tuluy diuk satengah meubeutkeun manéh, bari ugal-ugil muka jékét. Kaos nu nu dipakéna katara jibrug ku késang.
Di luar hujan ngagebrét gedé pisan, dibarung ku sora gelap ngageleger awor jeung hiukna angin nu geus teu puguh muru ka mana. Langit beuki angkeub. Nu cikénéh awakna hareudang téh ayeuna mah bet karasa nyecep tiris.
Porosot bajuna dilaan, tuluy kadak-kodok kana jero tas. Sok nyokot baju ti jero tas bari satengah didudut, rap dipaké. Teu cukup ku kitu. Jékétna gé ayeuna mah milu mulen awakna. Manéhna capa-cipi kana pésak jékét, néangan roko. Sugan wé teu karasa tiris teuing, pikima. Barang leungeunna ditarik tina jero pésak, pluk aya tilepan kertas murag kana lahunanana. Bet tuluy ngarengkog, ngahuleng sakedapan. Roko nu geus aya dina keupeulanana kalah diteundeun gigireun pingpingna. Leungeunna nu hiji deui mah ngaragamang nyokot keretas, laju dibuka lalaunan. Diteuteup uleng pisan.
Bari diuk nyarandé kana tihang saung, panonna angger teu incah tina keretas. Rahuh manéhna ngarahuh. Ngarénghap jero, tuluy lalaunan dikaluarkeun deui, bangun hayang ngabudalkeun silalatu kamarudah nu lawas ngadingding namper na haténa.
Sanggeus sawatara lila, sirahna cengkat. Bet rada katénjo bareubeu pasemonna ayeuna mah. Na kongkolak panonna nu cikénéh dipaké ngimeutan eusi keretas, katara cimata nyalangkrung. Reup peureum.
Bet kudu ngalaman kieu geuning aing téh, gerentesna. Teu kaerong ti anggalna bakal meunang pibahlaeun. Enya atuh, napsu da nu kitu téa mah. Rumasa harita teu bisa ngadalianana. Sok padahal lamun harita bisa diréngsékeun kalawan asak jeujeuhan mah meureun teu kudu ngalaman hirup kadungsang-dungsang modél kieu.
Ayeuna mah kari kumaha aing nyanghareupan hirup saterusna, da léngkah téh panjang kénéh. Taya gunana nyeungceurikan nu geus kaliwat mah. Najan tuluy-tuluyan ceurik getih gé moal bisa balik deui ka mimiti. Aing kudu pangger. Jeung nu utamana mah aing kudu nyingkur nyingkahan balai. Aing teu sudi kudu sumerah kitu waé mah.
Bray beunta deui. Neuteup ka jauhna. Kana cihujan nu ngaguyur lemah. Tatangkalan nu luak-léok katebak angin lir sabil jeung marudahna haté manéhna harita, teu puguh rasa. Imeut taya nu kaliwat.
Emh, Jat, naha bet jadi kieu tungtungna, gerentesna deui. Geuning risikona bet karasa pait leuwih ti misti. Teu kabayang bakal kacida molélélna. Kapan urang téh sosobatan ti bubudak, tug nepi ka sawawa. Ti mimiti ulin ucing éong nepi ka pada-pada boga bébéné. Ninggang dina keur susah, ihlas rido silitulungan. Sapapait samamanis, babarengan paheuyeuk-heuyeuk leungeun.
Urang runtut raut sosobatan najan dunya nu diambah ku urang satuluyna kacida patukang tonggongna. Tapi geuning ahirna mah bet bisa diuk pahareup-hareup bari silialungan imut, ngabelenyéh, malah seuri nyakakak. Babarengan urang siliuntungkeun. Harita urang pada-pada seubeuh nguyup amisna hirup najan kokocoranana lain tina jalan nu sah. Urang bisa silicekel kapercayaan. Mungguhing urang duaan silipikawanoh téh lain sataun dua taun. Malah kapan urang téh salembur, tur masih katalian dulur najan laér-laér ogé.
Ngarénghap jero. Reup peureum deui. Sirahna disarandékeun kana tihang saung.
Jat, geuning kaayaan téh teu salawasna sarua jeung nu dipikahayang. Aya waktuna po6 cangra taya tédéng aling-aling, aya waktuna hujan angin dor-dar gelap. Kitu deui urang. Aims giung maduna hirup téh aya watesna. Dina tungtungna urang bet ngalaman aduregeng béda pamanggih.
Da éta perkara babagian jatah, pucuk ti girangna mah, Jat. Kabéhanana euweuh nu daék ngéléhan, ngadon parebut alas pada sieun béakeun hancengan. Pamustunganana, katél paranti saréréa dahar nangkub, eusina mancawura ngabayabah teu kapuluk. Birat wé geus kitu mah nyalametkeun dirina séwang-séwangan. Sanggeus pibahlaeun nerekab, nampeu na congo panon. Taya saurang-saurang acan nu inget kana hancengan.


Carpon Lugiéna Dé




GEUS dua puluh taun, éta imah angger kénéh siga baheula. Euweuh nu robah. Geus karuhan ari perenahna mah, lebah péngkolan, rada anggang ti imah-imah nu séjénna. Pagerna geus pinuh ku lukut, kenténgna geus semu hideung, pakaranganana hieum ku tatangkalan nu teu kaurus. Tangkal mahoni sagedé beuteung munding ngajungkiring gigireunana. Baheula gé asana kitu.Modél imah béh ditu, teuing mun dijieunna jaman Walanda. Di lebah dinya mah geus euweuh bangsana. Boh dedeganana, boh hieumna. Peuntaseun éta imah, kahalangan ku jalan raya, kebon eurih ngajejembrung. Teuing tanah nu saha, bangun nu ditambélarkeun. Padahal tanah di sapanjang jalan raya réréana mah geus diadegan wawangunan, boh imah, boh toko.
Angger tiiseun, siga dua puluh taun ka tukang, basa kuring sok ngaliwat ka lebah dinya. Harita téh masih kénéh digawé di Bandung. Bulak-balik kana motor. Ari inditna mah, tara ieuh niténan kaayaan éta imah. Henteu pati katémbong geueuman deuih, da isuk-isuk. Ngan balikna-sok meuntas magrib waé-maké jeung pangangguran rarat-rérét. Ukur kitu wé, niténan tina motor. Wantuning jalan kacamatan, tara pati réa mobil nu ngaliwat, komo kacaturkeun macét mah.
Persis lebah tanjakan nu nikung, éta imah téh. Geus remen ti baheulana, di éta tikungan, sok réa nu cilaka, pangpangna mobil treuk gedé nu ngelos erémna. Da harita unggal ngaliwat téh, meusmeus aya mobil tijungkel ka kebon cengkéh lebakeun jalan.
Ayeuna, éta imah katémbong deui, duméh peuting ieu, palebah tanjakan nu nikung téa, mobil kuring mogok. Nya kira-kira 20 méter ti éta imah. Wanci geus nyérélék ka tengah peuting. Sorangan deuih.
Keur naas kitu mah, da mani euweuh nu ngaliwat. Paling treuk baradag, kitu gé teu nitih sapuluh menit sakali ngaliwatna téh. Keueung, keueungna mah. Lain keueung ku jurig, ngan sok sieun aya jelema jahat, mangkaning dina mobil réa pakakas penting.
Geus dicobaan dioprék, mobil téh teu daék hirup. Nélépon babaturan, na da mani euweuh nu diangkat, teuing keur kamarana, atawa geus sararé kitu? Ari nélépon pamajikan mah enggeus, ngan piraku pantar awéwé wayah kieu kaluar ti imah, nyampeurkeun kuring. Jeung asa euweuh gunana wé, paling gé indung barudak mah nambahan geumpeur. Ngan papadon wé ka pamajikan téh, mun bisa mah geuning Mang Ija, sina mawa motor nepungan kuring lebah tanjakan.
Tungtungna mah ngadayagdag kana korsi mobil, bari melong ka nu hieum. Untungna téh teu meredong teuing, aya bulan nyaangan najan reyem-reyem. Enya, tapi sabada dirasa-rasa, cahaya bulan téh bet asa mawa nuansa mistis. Geura wé, éta imah nu heubeul téa,  katémbong ngajungkiring hideung, ngabentuk siluét nu mungguh matak serem. Bet jadi inget kana pilem-pilem horor, nya imah modél kitu geuning nu sok dipaké gambaran tempat panyicingan sabangsaning lelembutan téh. Komo ieu mah imah kosong.
Nyobaan ngabalieur ka séjén tempat, tapi anéh bet hayang rét deui rét deui ka dinya. Da sirah téh lir aya nu marieuskeun atuh, ngarah panon kuring manco ka éta imah. Tah, sanggeus sababaraha kali ngarérét, titingalian téh, di buruan éta imah, aya nu ngajanteng. Buukna ririaban katebak angin peuting. Ka handapna mah teu pati katémbong, da kahalangan ku jujukutan.
Nilik kana buukna nu ririaban mah, nu ngajanteng téh awéwé.  Nya rada kerung wé saeutik mah, ku naon wayah kieu aya jelema ngajanteng di dinya. Euweuh kasieun tayohna téh.
Nu matak ngagebeg, éta awéwé téh bangun nu nempoeun ka kuring, da katémbong siga nu ngagupayan. Horéam teuing kudu nyampeurkeun mah, ceuk hate. Beu, éta manéhna kalah leumpang, mani bangun ati-ati nyuaykeun jujukutan nu ngahalangan titincakan. Leumpangna, muru ka kuring.
Nyobaan mindahkeun reret. Biasana cenah, mun eta jurig, ari dirérét deui téh sok geus ngiles. Tapi ieu mah angger aya kénéh. Keur leumpang. Muru ka kuring. Ti dinya kaludeung téh pindah rasa jadi keueung. Ah, naha kétang. Maké keueung. Mun nu kitu jurig (tapi da kuring mah can kungsi jeung teu percaya kana jurig bungkuleukan téh), asa can kacaritakeun aya nu maot ku jurig. Mun éta jelema, piraku deuih kudu sieun ku pantar awéwé. Nya ku bégal onaman, aya wé kasebér mah.
Jog manéhna ka lebah panto mobil. Najan reyem-reyem, katémbong manéhna téh ngoro kénéh. Umurna kira-kira 20 taunan lah. Mojang keur meumeujeuhna sigana.
“Ku naon, Pa, mogok?” pokna, kadéngé sorana ti luar rada hawar-hawar.
“Mu… muhun Néng…” rada ngageter ngajawab téh. Lahlahan nékad mukakeun kaca mobil. Beuki atra ayeuna mah kana beungeutna.
“Linggih heula atuh di rorompok. Tiris dina mobil mah. Ké manawi énjing mobilna leres deui…”
Imah? Di mana kitu imahna? Manéhna siga nu surti kana kahémeng kuring, da gentak ngajawab deui. “Pan itu téh rorompok…” cenah bari nunjuk ka imah nu hieum téa. Gebeg téh. Sakanyaho pan éta imah kosong. Jeung mun enya manéhna jelema, aya ku ludeungan cicing di imah nu sakitu poékna. Teg curiga ka nu lain-lain.
“Hayu Pa, bilih badé reureuh heula…”
Teuing ku pangaruh naon, éta kuring bet ka luar tina mobil, leumpang nuturkeun manéh, nyuay-nyuaykeun jujukutan. Manéhna leumpang ti heula. Katémbong buukna jeung bajuan ririaban katebak angin. Ditempo sukuna. Napak.
Imah téh badag kacida singhoréng. Méh unggal poé kuring ngaliwat ka lebah dieu, kakara ayeuna ngadeukeutan éta imah. Beuki deukeut beuki katémbong geueumanana. Tembokna geus pinuh ku areuy, lukut, jeung sabangsaning tutuwuhan. Dina térasna éstuning barala, kalakay ngampar saincak-incak.
Bus ka jero. Sarua deui paroek.
“Ke urang nyeungeut heula lilin. Malum abdi mah biasa mopoék…” pokna. Manéhna gupuy-gapay ka juru. Teuing kumaha carana bet bisa ngahurungkeun lilin.
Katémbong aya korsi butut di rohangan tamu teh. Sarua barala. Teu kaharti, awéwé téh mani teu rapékan pisan. Mani embung nyapukeun.
“Ah abdi mah kieu wé Kang. Nyorangan ngeueung di dieu. Sanéh teu hoyong natanggi, mung teu kiat arisin.” pokna, maké jeung nyebut Akang sagala ayeuna mah.
“Naha bet arisin?”
“Muhun, bilih disangka jurig, hihi. Malum nyicingan bumi sapertos kieu…”
“Tos lami linggih di dieu?”
“Ti barang lahir gé tos di dieu, Kang… Betah puguh…”
“Teu sieun?”
Manéhna gideung. “Ah, naha maké sieun.”
“Ari tuang rama sareng tuang ibu di mana?”
“Duka, teu terang ….”
“Har? Piraku ti orok nyalira?”
“Leres. Pan kieu kawitna mah. Abdi pan di lahirkeun di dieu, wengi-wengi. Tuh, di patengahan, palebah juru. Tos abdi lahir, pun biang mah duka teras angkat ka mana. Dugi ka ayeuna teu ngelol deui. Nya abdi teras baé hirup nyalira satiasa-tiasa…”
Kuring teu burung kerung.
“Tiasa geuning?”
“Nya tiasa, Kang…. Oh muhun, bilih palay kopi, urang ngadamel…”
“Ah wios teu kedah…”
“Nya ti kawit abdi di dieu, sok aya baé nu badé ngaréncangan téh, ngadon dilahirkeun di dieu. Mung nu sanés mah maraot Kang. Janten mung abdi nyalira…”
Sajeroning ngobrol teh, kuring teu eureun rarat-reret ka sakuring rohang tamu. Ukur sacaang-caangna ku cahaya lilin. Hareupeun pisan, lebah tembong, ngajeblag pigura siga dipake nyimpen lukisan. Teu sidik lukisan naon-naonna mah, wantuning poek tea.
Sajongjongan ngabaretem.
“Sok seueur Neng nu lebet ka dieu?”
Manehna ngareret ka lebah patengahan nu pantona molongo.
“Ah, teu seueur, Kang. Nya upami siang mah, sok aya barudak nu ngadon arameng di dieu. Nanging biasana mah di buruan we, tara aya nu wantun lebet ka bumi.”
“Naha”
“Duka atuh, sigana pedah tarerangeun di lebet aya abdi, janten sieuneun, hehehe.”
“Naha bet sieuneun?”
“Nya tos kajudi eta mah. Sadayana ge pasti nganggap ieu bumi teh kosong, taya nu ngeusian. Padahal mah teu kitu. Tos dua puluh taun abdi dumuk di dieu…”
“Asa teu kahartos Neng. Mani teu aya kakeueung calik nyalira dieu …”
“Muhun, da eta mah emutan jalmi borangan.” pokna.
Jem baralem deui. Kuring mah asa keur ngimpi ieu teh. Ku teu nyangka tuda, imah hieum nu sok kaliwatan unggal poe, meh salila dua puluh taun, ayeuna kudu dianjangan. Bari lain wayah lain usum deuih. Estuning tengah peuting jemplang-jempling.
“Bilih bade ningal rohangan sanesna, mangga ….” pokna. “Mung punten we paroek. Nanging teu sawios da aya lilin. Lumayan tiasa nyaangan najan ukur reyem-reyem.”
Teuing awahing panasaran, atawa pedah keur asa katenung, basa manehna cengkat, kuring ge milu cengkat. Manehna ngalengkah ti heula bari mawa lilin nu seuneuna luak-leok katebak angin. Sup ka lawang patengahan. Sarua paroek. Cahaya lilin teu kuatan dipake nyaangan sakabeh rohangan mah. Ukur sawatara bagian bae nu kajeueung.
“Tah ieu patengahan, Kang. Lumayan lega. Tuh, palih ditu, di juru nu aya lomari antik, abdi dilahirkeun teh. Upami teu lepat mah da teu ditilaman-tilaman acan.”
Enya bae mani lega patengahan teh. Abong ti luar ge, ketembongna ieu imah ngajungkiring gede naker. Henteu sidik aya naon di patengahan. Ukur nu kacaangan ku lilin we nu katembong teh.
“Kamari aya opat, sareng di pengker. Tah nu caket ka lawang dapur, eta kamar abdi. Bade ningal?” pokna.
“Ah, teu, teu kedah…”
“Ih, bilih hoyong terang we ieu mah. Saurna Akang salami 20 taun sok ngalangkung ka dieu, ningal jungkiringna ieu bumi. Tangtos we panginten panasaran aya naon di lebetna. Tah ayeuna, meungpeung aya kasempetan, hayu urang tingal …”
Kuring ngan kurang-kerung. Ceuk pikir, saha anu panasaran hayang asup ka imah nu ceuk saliwatan teh siga tempat panonoban sabangsaning jurig. Tapi manehna leumpang muru ka kamar. Jeung anehna kuring nuturkeun.
“Tuh, tempat sare abdi. Teu make kasur, Kang. Ah, da raoseun, masih teu dikasuran ge. Tibra we mun bobo teh. Ukur kitu we geuning Kang, nganggo dipan tina kai.”
“Naha wayah kieu Nyai bet nyaring keneh?”
“Abdi mah tos biasa mun bobo teh siang. Wengi mah kieu we, nyileuk. Duka ku naon da ngadadak laleungit pitunduheun teh. Paling mun wengi-wengi abdi ngadon ngalangeu di teras payun. Upami aya bulan sok bari ningal bulan. Kaleresan waktos tadi abdi nuju nyawang bulan, bet ningal mobil eureun. Manawi teh nu bade nganteurkeun kanggo nu maturan abdi. Ari heg geuning mobil Akang mogok, hihihi.”
“Nganteuran kumaha, Nyi?” kuring kerung.
“Muhun, pan abdi teh keueung, Kang, upami nyorangan bae mah. Abdi ge hoyong pisan aya batur, ambeh haneuteun. Nya sakapeung sok aya mobil ngarandeg. Jrut aya nu turun. Kadang nu beureuyeung nu datang teh. Atanapi nu ngais orok. Sok we dipasihkeun ka abdi. Mung nya kitu Kang, nu atos-atos ge kalah maraot. Tah ku abdi dikempelkeun di kamar eta.” Manehna nunjuk ka kamar kadua.
“Dikumpulkeun?”
“Muhun. Bade ningal?”
“Ah, moal …” jawab teh, bari ngadadak rey bulu punduk asa narangtung.
Sajongjongan kalah ngajaranteng di patengahan.
“Aeh, Kang, bilih cape mah, kulem we atuh di dieu. Ke enjing-enjing tea deui mobilna. Manawi we ari enjing-enjing mah tiasa jalan deui. Tah aya kamar nganggur Kang. Tuh nu pangdituna. Taraya nu kulem di dinya da. Mangga we bilih bade dikuleman ku Akang mah. Etang-etang reureuh …”
“Ah, da Akang mah teu tunduh, Neng.”
“Hayu bilih bade ka dapur!” manehna leumpang deui. Jog ka nu disebut dapur. Mani butrak-batrek. Teu katembong siga dapur. Euweuh kompor, piring, gelas, atawa papakas sejenna nu sok ilahar aya di dapur.
“Ari masakna kumaha Neng? Geuning teu aya nanaon?”
“Ah, da ari abdi mah tara masak, Kang. Ieu mah paranti nyimpen emameun we. Tuh aya daging hayam. Mung punten atah keneh. Akang mah moal sedep nya?”
“Kantenan atuh …”
“Abdi mah osok, Kang. Kana daging atah teh. Raos. Sareng praktis we teu kedah dipasak. Akang mah paling ge matak murel nya?”
“Nya muhun…” jawab teh bari beuki kerang-kerung.
“Nya ieu mah etang-etang silaturahmi we Kang, supados Akang terang. Wartoskeun we ka urang lembur, atanapi ka saha wae nu sok ngalangkung ka dieu, yen ieu bumi teh teu kosong. Nanging aya nu ngeusian. Nya abdi pisan.”
“Ma… mangga. Emh, Neng, manawi tiasa terang, dupi ieu bumi teh saleresna kagungan saha?”
Memeh ngajawab manehna meundeutkeun panto dapur nu kabeneran keur muka.
“Tiris Kang panto ngageblong teh. Sareng ieu lilin bilih pareum ku angin. Mangkaning sigana Akang mah teu biasa di nu poek … Aeh, naros naon tadi teh?”
“Muhun, saha saleresna nu kagungan ieu bumi.”
“Oh… nu kakuping ku abdi mah kieu. Kapungkur, ieu bumi dicicingan ku juragan di kota. Tah waktos ngadamelna teh, make aya tumbal sagala rupi, Kang. Saurna nu gaduh ieu bumi muja sabangsaning siluman. Teras nu ditumbalkeunana teh badegana, tah diruangna teh di lebah patengahan pisan. Tos kitu, kulawarga gaduh ieu bumi baruntak. Dugi ka kajantenan rajapati sagala. Aya nu dipateni dieu. Cul weh tos kitu mah pada ngantepkeun. Dikosongkeun. Kitu nu kakuping ku abdi mah. Nanging duka leres, duka henteu. Malum beja sok dibungbuan.
“Ari ayeuna Nyai cicing di dieu kenging idin ti nu gaduh bumi?”
“Henteu. Ah, da dina kapendakna ge pasti diidinan, Kang. Ti batan dikosongkeun, lebar bilih ancur…”
Geus kitu mah, kuring amitan rek kana mobil deui. Manehna ngahulag, cenah mending sare di kamar bae, tiris dina mobil. Ah, teu pari didenge. Gagancangan we kuring mah ngagidig muru mobil. Panto dikoncian. Dayagdag kana korsi, reup weh sare.
Eling-eling teh diguguyah ku Mang Ija, geus isuk-isuk. Mang Ija mawa nu digawe di bengkel mobil. Teu sakara-kara, mobil hurung deui.
Di jalan, kajadian papanggihan jeung eta awewe tea, dicaritakeun ka Mang Ija. Tapi kalah mesem.
“Ah, panginten bapa mah saleresna kulem dina mobil, mung rarasaan we, dina impian, lebet ka eta bumi soteh. Tapi saurna memang leres, di eta bumi hieum, sok aya nu miceun orok.” pokna.***


KU: DADAN SUTISNA..




RADA nyenghél basa maca tulisan deukeut panto téh. Teuing saha nu nulisna, da bangun dapon baé, diterapkeunana ogé siga nu rusuh, nyéngsol-nyéngsol acan. Bet babalagonjangan dina haté, sugan Pa Sukri - anu mimiti poé ieu jeneng jadi mitoha kuring - anu ngagawéanana téh. Éta wé, tadi bada asar, Pa Sukri nanyakeun keretas ka Si Adun. Tayohna téh dipaké nulis kekecapan nu matak réhé. Bet hayoh deuih diterapkeunana di deukeut panto, nepi ka saha baé ogé bisa maca.
"Upami badé nepangan pangantén, harap sabelum magrib!" kitu cénah.
Da jeung enyana, rada matih tah tulisan téh. Méméh magrib, kaayaan nu tadina ramé dadak-sakala jadi tiiseun. Tatangga anu tas babantu nungtutan baralik, sanggeus dibahanan berekat saayana. Anu matak kerung, lain ukur tatangga anu baralik téh, Pa Sukri sapiri-umpi ogé milu amitan.
"Imah ieu mah husus keur Ujang jeung Nyai. Keun baé panggung ogé, nya. Bapa mah rék ka imah nu itu, nu deukeut sawah téa. Pék masing jarongjon duaan. Masing awét rumah tangga téh. Isuk ku Bapa dilongok deui, sakalian urang bébérés urut hajat. Hayu, Ambu!" bari ngarérét ka pamajikanana nu ti tatadi kéom baé.
"Di dieu wé atuh, Pa, sawengi mah!" cékéng téh.
"Muhun, Pa. Asa teu puguh, tas raraméan, ayeuna tiiseun!" cék Ningsih - pamajikan kuring téa.
"Pék baé duaan, da geus galedé ieuh!" pokna, bari ngalaléos. Kuring jeung Ningsih ukur silih rérét.
Ari kulawarga kuring mah, ti tatadi ogé geus marulang. Sabada seserahan, dirapalan, disawér jeung buka pintu, terus baé aramitan. Pokna ogé, kolot mah ukur nganteur, milu ngareugreugkeun. Geus salamet mah, nya wayahna ditinggalkeun. Matak geus hayang kawin ogé, meureun geus siap hirup bari teu gumantung ka kolot. Kitu pokna téh.
Palebah kuring ditinggalkeun paduduaan, teu ieuh dipikiran. Cék Si Adun, panyawah kolot kuring, geus biasa cénah di ieu lembur mah pangantén téh sok diantep paduduaan. Kolot mah kajeun nyingkur heula ka mana, nu penting barudak nu tadi beurang dirapalan jongjon, henteu kaganggu, euweuh nu dipikaragab.
"Da euweuh dina sajarohna aya pangantén dikemitan!" cék Si Adun. Nya ari keur kuring mah, atoh wé nu aya. Boa Ningsih ogé sarua. Ngan ari awéwé mah apan bisa nyumputkeun semu, henteu ngatarakeun.
Geus euweuh sasaha mah, gék dariuk di patengahan. Asa lalungsé, bubuhan poé bieu mah satengah dialung-boyongkeun. Kudu itu, kudu ieu. Nincak endog téa, meuleum harupat téa, nepi ka pabetot-betot bakakak sagala rupa.
"Mending bébérés heula, Ning. Ngarah jongjon!" cék kuring, bari panon mah miheulaan ngarérét ka kamar pangantén. Manéhna tibang imut.
"Bébérés di kamar? Parantos bérés da. Apan kénging ngahias Ceu Emin. Baruni deuih. Cénah éta seueur kado numpuk di juru, ah da pantes cék abdi mah. Sakantenan baé urang bukaan,"
"Keun baé ari di kamar geus bérés mah. Ieu wé di patengahan, sakieu matak sareukseukna. Sigana mah nu babantu téh henteu kaburu mérésan tengah imah, da éta Bapa Nining maké nyieun pamplét sagala rupa!"
"Mangga atuh. Tapi abdi mah badé ibak heula!"
"Enya, mangga!"
Ningsih ngaléos. Kuring ngojéngkang ka luar. Ngajanteng di buruan. Balatak ku runtah, can kaburu disapukeun. Balandongan nangtung kénéh. Sigana isukan dirakrakna téh. Ari korsi séwaan mah geus dibérésan, malah geus diringkid ku nu bogana.
Layung ngempur di beulah kulon. Boa hurungna téh lebah kota Bandung, nu geus lawas ditinggalkeun. Rét kana tulisan deukeut panto. Henteu pantes, cék pikir, gancang baé dilaan, digundukkeun jeung runtah séjénna. Gur diduruk.
"Mani rajin pangantén téh!" cék nu ngaliwat, disamping sarung, tayohna mah rék indit ka tajug.
"Barala atuda, Pa. Angkat kamanten?" pok téh. Palebah nyebut "kamanten" bari rada rengkuh, nurutan kabiasaan di éta lembur.
"Ka imah Pa Érté, Jang. Kamana atuh Si Éneng? Geuning nyorangan baé?"
"Nyondong di lebet, Pa!"
"Sing betah di dieu téh, Jang. Komo Ujang mah wedalan kota, maksud téh kungsi sakola di kota, tangtu dipikabutuh ku urang dieu. Boa engké mah dijenengkeun jadi kuwu. Aéh, hayu, Jang!"
"Mangga!"
Dekul deui sasapu. Wanci geus reupreupan. Sakeudeung deui ogé poék.
"Atos, Kang. Énjing deui wéh!" aya nu ngagero ti tepas. Basa dirérét, Ningsih mani geus luis. Maké erok bulao, ka luhurna kaos warna konéng sahéab. Buuk dibeungkeut ku pita héjo. Biwirna dibeureuman saeutik. Maké ngaranjug sagala rupa nénjo nu kitu mah. Gancang sapu dialungkeun.
"Enya, mending énjing deui. Akang mandi heula atuh!"
"Andukna tos disadiakeun. Ari baju Akang di mana, ku abdi urang siapkeun?"
"Di mana, nya. Dina koper mun teu salah mah. Tah, ngan koperna di mana?"
"Koper anu dicandak ku Kang Adun téa?"
"Enya!"
"Ku abdi disimpen caket kado. Teu nanaon dibuka? Urang bérésan bajuna!"
"Naha maké nanaon, da euweuh nu perlu dirusiahkeun. Barang nu Akang, nya nu Nining kénéh!"
Manéhna imut deui. Buru-buru asup ka imah, ngarawél anduk, terus ka cai bari héhéotan. Teu pati jongjon mandi téh, da éta, inget baé ka nu maké erok bulao. Pikiran cunihin pabuis dina sirah. Moal teu matak panasaran, cék pikiran cunihin téh, da apan Ningsih mah béda jeung awéwé séjén. Sok nampik upama diambung damis, narah mun dicekelan, kalawan maké alesan klasik nu kaharti jeung kasurti : apan urang téh teu acan kakurung ku tikah. Tah, ayeuna, Ningsih, tikah geus dikurungkeun ka urang duaan, sageuy lamun masih kénéh nampik téh. Apan rindat anjeun bieu, geus matak béda kana rarasaan. Rindat nu sumerah téa.
Awahing kaweur ku pikiran cunihin, nepi ka teu engeuh, odol ogé kalahka dipaké kuramas.
Geus ngarasa lantis mah, asup deui ka imah ngaliwatan dapur. Di patengahan, amprok jeung nu maké erok bulao. Kuring seuri, tapi manéhna kalahka baeud.
"Nining, ku naon?" rada reuwas nénjo kitu mah. Ningsih teu ngajawab. Bus ka kamar nu hiji deui, pagigir-gigir jeung kamar pangantén. Kadéngé panto kamar dikonci ti jero. Kadéngé nu meubeutkeun awak kana kasur. Mimiti inghak-inghakan.
Gebeg téh, mani ngaranjug, bareng jeung ngilesna pikiran cunihin nu ngukuntit ti cai kénéh. Panto diketrokan.
"Ning, buka. Teu ngarti Akang mah, asa teu gugur teu angin. Sok buka geulis, urang ngobrol di dieu!" pok téh, ngahaja sina rada romantis, sugan manéhna léah daék muka panto. Tapi batan dibuka mah kalahka ceurik beuki tarik. Beu, aya-aya baé.
Da puguh ukur disamping anduk, bus baé ka kamar pangantén nu beunang ngahias téa, rék disalin. Mani ngajenghok basa nénjo koper dina kasur. Eusina acak-acakan. Nu matak reuwas, dina kasur, aya potrét beunang nyoéhkeun. Basa sesebitanana ditepung-tepungkeun, sina ngahiji deui, bréh potrét kuring keur patangkeup-tangkeup jeung awéwé - nu sidik mah lain jeung Ningsih.
Sanggeus dibaju mah, eusi koper dibérésan, bari teu wéléh kerung. Aya handphone, diskét sababaraha hiji, visidi, jeung buku "Bercinta dengan Komputer". Kabéh ogé barang-barang nu kuring, euweuh nu anéh. Ngan naha bet aya di dieu, di kamar pangantén pisan.
Kakara kaharti, tangtu pahili sakadang koper téh. Basa rék indit seserahan, Si Adun dititah nyokot koper di kamar kuring. Aya dua apan koper di kamar téh, nu hiji bawa ti kota, nu hiji deui bawaeun panganténan. Si Sadun nanya :
"Koper nu mana?"
"Nu héjo!"
Henteu salah Si Sadun mah, da jeung enyana nu dibawa téh koper héjo. Kuring ogé henteu kaburu nalitian eusina, da kaweur téa. Apan acara seserahan mah sakitu riweuhna. Loba nu kudu diuruskeun, ti mimiti mas kawin, babawaan, nepi ka milang jelema anu rék nganteurkeun. Saha atuh anu baris inget kana eusi koper.
Kakara inget ayeuna, koper nu keur panganténan mah warnana hideung, ngan gedéna sarua. Bubuhan ari ka kota sok mawa baé koper héjo, nya éta anu ngolébat dina pikiran, basa ditanya ku Si Adun téh. Keun ari barang-barang séjénna mah, babari nerangkeunana nepi ka kahartieun ku Ningsih. Handphone apan paranti nelepon, moal ngahudang timburu. Ngan édas, maké aya potrét sagala rupa. Hésé néangan alesanana, kumaha sangkan Ningsih ngarti yén awéwé anu keur nangkeup kuring téh, teu perlu dipaké timburu. Nyel téh jadi ambek ka koper. Leuwih keuheul deui, naha potrét kitu patut bet mimilu ka lembur. Apan sarupaning rusiah nu matak riweuh upama geus rumah tangga mah dititipkeun ka Si Samija, babaturan di Bandung. Surat, potrét, catetan poéan, euweuh nu karingkid ka lembur rarasaan mah.
Golédag kana kasur. Di kamar gigireun, tangtu Ningsih ogé keur ngagolér. Tah, kadéngé kénéh sorana inghak-inghakan. Écés pisan, da puguh ukur kahalangan ku bilik. Cacak lamun kamar pangantén henteu dikulibeng ku lawon mah, tangtu kuring bisa noong ka kamar gigireun.
Tungtungna mah ukur bisa neuteup lalangit. Ngarahuh. Pikiran cunihin nu ngolébat di cai téh horéng biheung bisa kakedalkeun peuting ieu. 
RADA lila ngahuleng téh. Bingung kumaha nerangkeun gékgékanana éta potrét. Ari Ningsih, apan ti barang wanoh ogé, geus katangén resep ngingu timburu. Tong boro ayeuna nangénan potrét nu keur patangkeup-tangkep, upama apaleun kuring nganjang ka imah Pa Kuwu ogé, baeudna sok aya tilu poéna. Lain timburu ka Pa Kuwu, tapi ka budakna anu cék béja mah neundeun haté ka kuring.
"Ning, sanés badé murak kado?" cék kuring, nyobaan ngajak ngawangkong. Sugan manéhna geus palér. Tah, geuning, sada rék ngajawab. Maké dédéhéman sagala rupa.
"Akang mah bangor!" sorana ti kamar gigireun, semu sisimekeun. Ogoan budak téh. Kituna mah pantés, da umurna kakara manjing 19 taun. Tamat ti SMU henteu neruskeun sakola, terus baé diajak kawin.
"Bangor lebah manana? Sakieu bageurna!"
"Bohong! Éta geuning aya potrét sareng istri. Akang bobogohan di kota, nya? Boa Akang geus nikah di ditu. Teungteuingeun Akang mah!"
"Henteu, Ning. Akang mah teu acan nikah sajaba ti ka Nining ..."
"Ari Si Éta saha atuh?" palebah nyebut "Si Éta", kadéngé mani bangun nu keuheul naker.
"Nining moal ngambek, upama ku Akang dibéjakeun sajalantrahna?"
"Moal, asal Akangna wé jujur. Apan ti payun mah, cénah Akang teu kungsi boga kabogoh, iwal ti ka abdi,"
"Rumasa harita mah Akang bohong. Inggis Nining ambek. Yap atuh ka dieu ari moal ambek mah, urang murak téa kado!"
"Si Éta, saha Si Éta téh?"
"Emh, na mani keukeuh. Di dieu geura ngobrolna, ku Akang didongéngkeun!"
"Alim. Ti dieu ogé kakuping!"
"Si Éta téh babaturan kuliah. Kungsi hahadéan jeung Akang, tapi teu lana. Ayeuna mah geus enggeusan," pok téh, bari barabat ngadongéng sabisa-bisa, dipilihan nu alusna. Puguh baé, sakur anu dicaritakeun téh, bet béda jeung nu ngolébat dina pikiran.
Mun Ningsih bisa ngobét ingetan kuring, boa terus kabur nepungan kolotna. Teu pamohalan nepi ka ménta diserahkeun peuting ieu kénéh ogé. Ngan naon kasebutna, peuting pangantén ujug-ujug gor-gar paséa, bari ukur masualkeun potrét.
Anjeun mah moal apal, Ningsih, awéwé anu aya dina potrét téh ngaranna Lisa, Lisa Sanitri. Tangtunganana jiga anjeun, jangkung lenjang. Ngan bédana téh, itu mah urang kota anu idek-liher dina rupaning kahirupan kota, anjeun mah urang lembur nu hirup dina tiisna pagunungan. Itu mah capétang pinter nyarita, remen ngajak padungdengan, anjeun mah éraan. Loba nu béda antara itu jeung anjeun téh.
Anjeun hayang apal lalakonna? Heug ku kuring dicaritakeun, tapi ukur dina gerentes haté baé, nya.
Nyaritakeun kota, kota Bandung, bet inget ka kolot anu cénah kasohor lega sawah lega tanah. Cacak lamun kuring jadi Si Adun mah, meureun paling ogé dititah ngarit, ngala suluh, atawa naon baé anu geus ilahar dipigawé di lembur. Ku Bapa mah apan kuring téh dititah sakola, Ningsih. Sanggeus tamat SMU di kacamatan, terus baé sina indit ka kota, neruskeun ka paguron luhur. Aya untungna kétang Bapa nitah sakola téh, lantaran kuring bisa tepung jeung Lisa anu ku anjeun ditimburuan téa.
Sigana mah tuturut-munding ka urang kota, da sanggeus ngontrak kamar téh, bet terus hayang meuli komputer, handphone, jeung barang-barang séjénna anu boa keur anjeun mah moal aya gunana. Bapa mah tara itungan, Ningsih, asal kuring nyebut butuh duit, tangtu dibahanan, najan kudu ngajual heula sawah ogé. Di kota kuring bisa hirup senang, indit kuliah maké motor, terus ruang-riung di kamar kontrakan. Ari nu diobrolkeun jeung babaturan, apan pasualan-pasualan badag; kumaha ngahirupkeun budaya daérah, ngaronjatkeun ékonomi masarakat, jeung sajabana. Sabada kuring tilem dina pamikiran-pamikiran kawas kitu, bet ngadadak poho yén kuring téh urang lembur. Bisa jadi Si Adun mah, panyawah Bapa téa, ukur mikiran kumaha carana sangkan poé ieu meunang jukut. Atawa kumaha carana sangkan domba kukutanana lalintuh.
Ari haben ngebulkeun sirah ku rupa-rupa pamikiran mah, sok rajeun bosen. Da éta wé, anu pabuis dina sirah téh pamikiran urang deungeun, tina buku anu ku kuring dibaca. Ngarah henteu bosen teuing, terus wawanohan jeung Lisa. Manéhna téh batur sakampus, ngan béda jurusan. Sarua manéhna ogé sok ngajak diskusi, tapi apan aya bédana ngadu-catur jeung awéwé mah. Béda geregetna. Ari anu diobrolkeun jeung Lisa, mimindengna mah sual panalungtikan. Lisa resep pisan nganjang ka hiji tempat, nengetan kahirupan masarakatna, terus ditulis jadi laporan. Rada anéh, da apan kuliahna mah di Fakultas Kedokteran.
Perkara nyukcruk hiji tempat mah, Lisa téh ahlina. Kungsi indit sosoranganana ka kampung adat Baduy, ka kampung Naga, jeung tempat-tempat séjénna. Geus kitu, lamun manéhna balik ti panyabaan, sok terus ngajak ngawangkong. Sapeuting jeput éta téh, Ningsih. Si Samija, babaturan kuring nu kungsi dititipan saruapaning rusiah téa, sok rajeun maturan.
"Urang téh perlu néangan tarékah, pikeun nepungkeun pamikiran jeung urang lembur," cék Si Samija, dina hiji peuting, bari ngelun udud roko kéréték. "Penting cék kuring mah, sangkan urang bisa hirup dina réalitas. Cék Lisa, dumasar kana palungtikanana, kiwari katémbong pisan ganjorna pamikiran urang kota jeung urang pasisian téh. Bisa jadi éta téh alatan pendidikanana, atawa pangaresep maca. Lisa nyebutkeun, karéréaan parawan di lembur bisa ngajaga kahormatanana sangkan angger suci dina peuting pangantén, lantaran nyekel kénéh tradisi ti karuhunna. Lain saukur tradisi kétang, bisa jadi diémbohan ongkoh ku pangaweruh agamana. Tapi apan bakal leuwih hadé, lamun diémbohan ogé ku pangaweruh maranéhna kana sex education, sakumaha anu jadi kasalempang kolot rumaja di kota,"
"Kungsi aya panalungtikan ngeunaan sex di kalangan rumaja," cék Lisa, nyaritakeun deui panalungtikan. "Méh 90 persén réspondén nyebutkeun, silih cekelan leungeun jeung kabogoh téh wajar, boléh-boléh saja.)1 Hanjakalna, éta panalungtikan téh ukur di kota wungkul, duka téh teuing kumaha pamanggih rumaja di lembur. Ngan cék kuring mah, tina sawatara panalungtikan séks di kalangan rumaja di kota, séks bébas téh geus nampeu pisan,"
"Ari di lembur kumaha?" Si Samija kerung.
"Cék kuring ogé duka téh teuing. Sigana hiji mangsa mah perlu ogé ditalungtik!"
"Kumaha atuh ngungkulanana?"
"Pananya anu geus kliseu. Kadangkala urang sok neumbleuhkeun datangna budaya deungeun jeung canggihna téknologi. Séks bébas di kalangan rumaja, cénah alatan visidi téa, internét téa, buku-buku téa, jeung sajabana. Séks mah apan urusan pribadi, Samija, anu bisa dirusiahkeun jeung disumputkeun. Ngungkulanana ogé, jigna téh kana pribadi séwang-séwangan!"
Tah kitu, Ningsih, obrolan kuring sabatur-batur téh. Pasualan anu boa dina ingetan anjeun mah can kungsi ngolébat. Tapi apan boh kuring, boh Lisa, teu béda jeung rumaja séjén. Dina sela-sela diskusi téh, sok rajeun melentis sacangkrung rasa, mun pareng neuteup beungeut manéhna. Teu ieuh digebahkeun éta rasa téh, najan kuring inget di lembur anjeun keur ngadagoan.
Upama keur diskusi, maké sok boga anggapan kuring sabatur-batur téh mahluk nu sarwa bisa; bisa nembrakkeun pasualan badag, bisa ngedalkeun sawangan, bisa mikiran tangtungan nagara nu jadi panyileukan balaréa. Tapi upama geus balik deui jadi "manusa" saayana, kakara sadar horéng kuring ogé boga pangabutuh nu leuwih pribadi. Sebut baé, salasahijina, pangabutuh pikeun neuteup beungeut Lisa kalawan anteb.
Lisa pon kitu deui, sajaba ti nalungtik masarakat adat téh, boga kahayang pikeun nalungtik diri sorangan. Henteu kudu dibéjér-béaskeun, Ningsih, bisi anjeun beuki timburu. Cindekna mah kuring geus bisa nepungkeun pamikiran sorangan jeung pamikiran Lisa, bari jeung henteu diréwong ku Si Samija.
Sataun katukang, Ningsih, manéhna téh keur nyusun skripsi. Mani langka nepungan ari keur riweuh mah. Puguh baé, asa cuang-cieung, tuman ngawangkong ngalér-ngidul, ari harita tiiseun pisan. Ah, da Si Samija mah teu bisa diajak nepungkeun pikiran atuh.
Hiji poé, isuk-isuk, manéhna ngurunyung. Bangun rurusuhan, da mani henteu diuk-diuk acan. Padahal apan kuring téh sono - bisa jadi manéhna ogé - ngan lantaran riweuh henteu bisa lila ngawangkong.
"Pangmenerkeun komputer!" pokna.
"Ku naon kitu?"
"Teuing, da henteu hurung pisan. Mangkaning keur dipaké nyieun skripsi, kudu bérés minggu ieu!"
Gancang baé ditéang ka kamar kontrakanana, henteu jauh ti kontrakan kuring mah. Saenyana, kuring bisa ngoméan komputer Lisa harita kénéh. Ukur salah nyolokeun kabel pira ogé. Tapi naha atuh, ku kuring kalahka dioprék sina leuwih ruksak.
"Kumaha?"
"Sigana mah kudu disérpis. Aya nu kudu dibeuli, hargana 500 rébu!"
"Aya duit mah. Panguruskeun wé, tapi kudu bérés poé ieu!"
"Sigana mah aya masalah dina hardisk, Lis!"
"Atuh data skripsi bakal leungit?"
"Bisa jadi ..." kuring melong, nungguan réaksina. Enya baé geus mimiti lewa-lewé.
"Kumaha atuh?"
"Kieu ayeuna mah. Kumaha lamun hardisk-na ku kuring dibawa, urang cék dina komputer kuring. Sugan baé data skripsi bisa disalametkeun!"
"Nyaan?"
"Tapi sigana mah, Lisa ngetikna kudu di ditu. Ambéh aya nu maturan wé deuih!"
"Siap. Hayu urang bébérés!"
Peuting éta, Lisa mimiti ngetik di kamar kuring. Teu kudu héran, Ningsih, najan cicing di kamar paduduaan ogé, moal aya nu ngaharu-biru. Bébas di kamar kontrakan kuring mah. Moal cara di lembur anjeun.
Saméméh ngetik, biasa wé sok diskusi heula. Dumasar kana panalungtikanana, Lisa nyebutkeun yén séks bébas di kalangan mahasiswa téh geus matak hariwang. Di kota Y, cék Lisa, 97,05 persén mahasiswi geus henteu virgin deui.)2 Masalah éta pisan anu ku Lisa dijieun skripsi téh. Malah engké-engkéna mah rék dibukukeun sagala rupa. Judul skripsina téh Séks di Kalangan Mahasiswi : Sebuah Tinjauan Keséhatan.
Mun manéhna geus capé, sok ngagolér sadaékna. Kuring boga kasempetan pikeun mukaan file skripsina. Dibaca imeut naker. Nya kitu, mun manéhna geus saré, kuring sok terus ngoprék komputer. Ari pangaresep téh apan ngolah grafis, ngaropéa gambar. Mimitina mah kuring ngasupkeun potrét Lisa nu satangtung kana komputer. Terus dipapantes, tukangeunana dipapaés ku kekembangan. Bet terus kamalinaan. Lalaunan potrét Lisa téh ditaranjangan. Ah, Ningsih, anjeun mah moal apal, apan komputer téh sagala bisa. Peuting kahiji, kuring mukaan bajuna. Mani hararésé, da puguh kudu bisa ngolah warna, ngarah katénjo "enya". Kakara ogé nepi kana dada, magol mantén. Mouse-na ngadat, siga nu embung dipaké teu uni. Gancang baé file-na disimpen, téang-téangeun poé isuk.
Peuting isukna, naranjangan potrét téh geus nepi kana cangkéng. Teu kebat, kagareuwahkeun ku Lisa anu lilir. Rét ka kuring nu keur neuteup layar komputer. Bet terus ngadeukeutan.
"Saé geuning, cik teraskeun!" pokna.
"Latarna palay warna kumaha?"
"Beureum lah,"
"Palih dieu warna konéng, nya!"
"Enya. Cik ka palih handapna!
TAH kitu, Ningsih. Moal enya éta dongéng dicaritakeun ka anjeun anu sakitu galak timburuna. Keun, da anjeun jeung Lisa mah béda alam ieuh. Lisa cicing di dunya nu pinuh ku pamikiran, kawas mikiran naon sababna mojang lembur bet bisa ngajaga kasucian - kaasup anjeun, sugan. Anjeun mah apan ukur mikiran rasa timburu.
Sakapeung, Lisa téh sok matak kagét. Sok méré "kejutan", cék urang dayeuh mah. Kungsi apan, hiji peuting manéhna meredih, kumaha mun potrét nu ditaranjangan téh sina kawin jeung potrét kuring. Ngarah aya baturna, kitu pokna téh. Gancang baé potrét kuring diasupkeun kana komputer. Tapi basa rék dihijikeun jeung potrét manéhna, listrik ngadadak pareum. Teu tulus wéh.
"Kumaha mun éta potrét bogaeun budak, terus nanyakeun bapa, kamana néanganana. Matak mending sina kawin!" pokna, basa listrik keur pareum.
"Téangan baé alamatna, maké program search. Engké kapanggih!"
"Kumaha mun budakna dipiceun kana recycle bin?"
"Ulah, bisi doraka!"
Nepi ka sabulan campleng, Lisa nyusun skripsi téh. Ngahaja sina lila, ngarah kuring leuwih jongjon ngoprék komputer, ngoprék potrétna téa.
Teuing ku naon, Ningsih, ti harita kuring bet henteu betah cicing di kontrakan. Asa wegah mun kudu panggih jeung Lisa téh. Inggis manéhna meredih potrét kuring sina ngaréndéng jeung potrét manéhna dina komputer. Tungtungna mah kuring pindah kontrakan.
Anéh, Ningsih, pangaresep ngoprék potrét téh hésé leungitna. Si Samija nu kitu téa mah. Bet hayoh kuring sina wawuh jeung Si Susi, Si Linda, Si Marni ... ah, horéam nyebutanana, Ningsih.
Ti harita ngadadak hareudang-bayeungyang cicing di kota téh. Malah jadi remen balik ka lembur. Di lembur kuring mindeng tepung jeung anjeun. Ti méméh indit ka kota ogé, apan urang téh geus pakait pikir. Harita anjeun masih kénéh sakola di SMU. Ah, teu salempang ka anjeun mah, Ningsih. Enya ogé bisa sakola, da cicing di lembur ieuh. Sugan baé pamikiran anjeun mah moal kawas Lisa. Buktina, anjeun masih kénéh boga pamadegan, embung dicekelan leungeun upama can nikah mah. Ari keur kuring apan leuwih matak panasaran. Upama potrét Lisa bisa dioprék dina komputer, piraku nu anjeun henteu bisa. Apan sarua awéwé.
Basa hiji mangsa kuring nyobaan ngasupkeun potrét anjeun kana komputer, rék dioprék siga potrét Lisa, mani loba gangguanana. Komputer héng. Listrik pareum. Nepi ka bedona pisan. Ti dinya kuring boga kacindekan upama anjeun téh béda jeung Lisa.
"Engké ogé moal keur saha!" kitu cék anjeun.
"Naon bédana engké jeung ayeuna?"
"Engké mah jongjon, moal aya kasieun. Ayeuna mah teu jongjon jeung matak salempang!"
"Bakal jongjon mun di tempat sepi!"
"Angger da aya nu uninga. Naha Akang teu boga kasieun kitu?"
Palebah dieu mah, kuring kakara engeuh yén anjeun téh leuwih pinter. Bet terus hayang maluruh, naha sakabéh mojang di lembur boga pikiran kawas anjeun. Bagja kuring téh, Ning, lantaran bisa tepung jeung pamadegan anjeun.
Boa éta alesanana, pangna kuring hayang buru-buru kawin jeung anjeun téh. Katambah dirojong ku Bapa, anu geus teu kuat hayang boga minantu. Kolot anjeun ogé sarua, bakal jongjon cénah mun urang geus salamet. Terus baé dirarancang waktuna. Diitung palintanganana, iraha repokna.
Anjeun mah mani jigrah naker rék panganténan téh. Meureun pédah babaturan anjeun geus papada boga salaki. Boa anjeun ngarasa bungah, lantaran nepi ka waktuna kawin can kungsi dicekelan ku nu lain muhrim. Boa anjeun ogé boga pikiran cunihin kawas lumbrahna rumaja nu geus balég. Ngan anjeun yakin kénéh, éta pikiran cunihin téh ukur bisa dikedalkeun upama geus boga salaki.
Mun anjeun katémbong jigrah, kuring mah sabalikna. Ti béh ditu kénéh, Si Samija neleponan baé.
"Parman, Si Lisa bureuyeung!"
"Cik atuh akalan, loba alatna ieuh!"
"Moal daékeun, Si Éta mah apal étika kedokteran!"
"Terus naon kahayangna?"
"Silaing kudu tanggung jawab!"
"Lain silaing ogé milu ngasaan, Samija?"
"Sumpah, déwék mah henteu miluan. Apan jeung silaing mondok-moékna ogé!"
"Ari Si Susi kumaha?"
"Da Si Éta mah teu apaleun étika kedokteran!"
Geus kitu, kuring ngabiur ka kota nepungan Si Samija. Rada susulumputan, bisi aya nu nangénan.
"Silaing sanggup méréskeunana, Samija?"
"Kumaha?"
"Di lembur, déwék rék kawin. Waktuna geus paheut, moal bisa dirobah deui. Déwék nyérénkeun sagala rupana ka silaing. Tah ieu duit!"
"Ké heula, naha silaing mah kawas lain pemikir besar baé. Rusuh teuing tah, nyieun kasimpulan téh. Cék déwék mah béréskeun heula masalah di dieu, kakara mikiran kawin!"
"Enya, silaing nu méréskeunana. Déwék mah moal ngalanto deui ka kota. Kuliah geus bérés, rék naon deui?"
"Népakeun jurig pateuh atuh. Kieu cék déwék mah, mending tepungan Si Lisa, sok ngawangkong paduduaan, téangan solusina. Lain tukang diskusi silaing téh?"
"Sugan silaing boga pamanggih?"
"Heueuh kitu pamanggih déwék mah. Urang telepon, nya!"
"Enya, tapi ngobrolna baturan ku silaing!"
Sanggeus ditelepon, ngadagoan heula satengah jam, Lisa ngurunyung. Teu wudu maké jeung ratug jajantung. Barabat dicaritakeun sajalantrahna. Anéhna, Lisa mah henteu riuk-riuk sedih. Sumawonna timburuan siga anjeun.
"Iya, saya terima. Najan alesan di dinya, sieun ngawiwirang kolot, leuwih kliseu ti batan carita klasik. Terus, budak nu keur dikandung ku kuring kumaha?"
"Kumaha, nya?" ngarérét ka Si Samija.
"Déwék mah teu ngarti, para pemikir besar nepi ka baluweng ku masalah kieu. Piraku ari mikiran nagara bisa, nu kieu-kieu baé dipaké bingung,"
"Kuring mah moal wirang najan boga budak bari teu boga salaki ogé. Ka kolot jauh, tatangga geus cuék, naon deui. Digugurkeun? Jalan sesat éta mah. Pagawéan jelema nu geus henteu daék mikir,"
"Ari kahayang Lisa kumaha?"
"Kuring mah moal céngéng. Tapi di dinya ogé ulah milu céngéng!"
"Maksudna?"
"Di dinya kudu nyieun putusan nu imbang, ulah déngdék ka kuring, atawa sabalikna. Moal mungkir, peuting éta, basa kuring keur nyieun skripsi, kuring keur butuh ku di dinya. Mun ayeuna di dinya boga maksud mundur, pisah jeung kuring, teu nanaon. Ngan naha éta putusan geus imbang? Kuring kudu ngurus budak nepi ka gedé, tacan mikiran virginitas anu masih kénéh jadi tungtutan kaom lalaki. Ari resiko keur di dinya naon?"
"Enya, teu imbang ..." Si Samija mairan. "Anu imbang mah, lamun silaing kawin ka Lisa, budak diurus ku duaan,"
"Teu nanaon! Hayu ayeuna kénéh kuring kawin. Keun anu di lembur mah urang putuskeun!" rada nyeuneu ngomong téh.
"Sabar heula, Parman!"
Sajongjongan mah pahuleng-huleng.
"Oké, lah. Saya sudah tahu caranya!" Lisa ngajéngkat. Teu beunang digeroan, ngungkug wé siga nu pundung.
"Kumaha, euy?"
"Keun ku déwék dibéréskeun. Silaing mah jung balik deui ka lembur. Mun aya nanaon mah tangtu ditelepon deui!"
*
"Kang ..." aya sora halon ti kamar gigireun. "Ku naon jempling baé, bendu ka abdi?"
Kakara engeuh, horéng kuring téh keur aya di kamar pangantén. Bieu Ningsih geus dibéré dongéng ngeunaan éta potrét, tur sigana mah kahartieun.
"Capé Akang téh, Ning!"
"Hapunten abdi nya, tos lepat sangka. Janten éta potrét téh tilas kabogoh Akang, tapi teras pepegatan kumargi anjeunna tos nikah ka nu sanés. Enya kitu, Kang?"
"Enya ..."
"Di mana ayeuna?"
"Duka téh teuing. Keun lah, tong di émutan!"
Rét kana handphone. Inget ka Si Samija. Ti harita can aya nelepon. Nuhun, Samija.
"Kang ... tos tabuh sabaraha?"
Rét kana jam.
"Jam dalapan!"
"Abdi teu acan solat isa. Enya Akang téh henteu bendu?"
"Henteu ..."
Kadéngé di kamar gigireun aya sora risbang ngarekét. Sigana Ningsih cengkat tina pangsaréan. Tah, geuning, kadéngé gebligna nincak ubin.
"Keur naon, Ning?"
"Nuju nyisiran. Aéh, Kang, sada aya nu pupuntenan?"
Sirah didéngdékeun. Enya baé, aya nu keketrok. Si Adun kitu? Pédah tadi dititah nganteurkeun buku, keur bacaeun di dieu.
"Nining mah antosan di dinya, nya. Keun ku Akang urang buka!"
Rada asa-asa basa ngadeukeutan panto hareup téh. Bet tuluy boga sangkaan nu lain-lain. Méméh panto dibuka, noong heula tina sela-sela hordéng. Plong, mani asa longsong. Enya baé Si Adun.
Bray panto dibuka.
"Nganteurkeun buku téa, Dun?"
"Muhun, Jang. Anu ngagunduk caket komputer?"
"Enya. Naha atuh mun isuk deui. Sorangan?"
"Numawi, aya tamu ti kota, ku abdi dianteur da saurna peryogi tepang ayeuna. Cép, ka dieu atuh!"
Kurunyung ti lebah nu poék aya nu nyampeurkeun, duaan. Nu hiji mah katémbong ngais budak.
"Samija?"
"Enya, euy. Ti kamari rék ka dieu téh, ngan kalahka sasab ka lembur batur. Teu kudu dititah asup, da moal lila ieuh. Sok atuh Lis, geura ngomong ka dinyah!"
"Parman, ku kuring kakara kapikir, kumaha carana nyieun putusan nu imbang téh. Kahiji, kuring geus kawin jeung Samija. Manéhna mah henteu nungtut virginitas, tapi ieu budak wayahna kudu disérénkeun ka anjeun. Sok tarima, itung-itung kado ti kuring duaan!" cék Lisa, bari ngasongkeun budak nu keur saré mani ngageubra.
"Lisa, naha manéh henteu apal kuring keur panganténan?"
"Apal. Tapi sigana ayeuna pisan waktu anu mustari!"
"Manéh téh awéwé, Lisa. Piraku henteu boga parasaan jadi indung, piraku téga ninggalkeun budak nu leutik kénéh?"
"Apan di dinya ogé lalaki, Parman. Tangtu boga rasa hiji bapa. Ayeuna kuring keur nyiram. Tah, budak nu keur dikandung ayeuna mah lain tanggung jawab di dinya, tapi tanggung jawab kuring jeung Samija,"
"Maranéh mah rék ngawiwirang déwék. Naha euweuh cara séjén, euy?"
"Aya!" Si Samija semu muncereng. "Kumaha mun ieu budak urang podaran ku tiluan, ngarah adil. Rarasaan, déwék mah geus méré ombér ka silaing. Déwék daék kawin ka Lisa, keur nyalametkeun silaing. Ayeuna silaing masih kénéh hésé diajak badami. Geura ku déwék urang podaran ... ngarah silaing jongjon!"
"Ulah!" aya nu nyerenteng ti lawang panto. Budak direbut, di bawa ka jero. Hawar-hawar, ti jero imah, kadéngé aya nu ceurik. Neuteup beungeut Lisa, bet sarua geuning manéhna ogé boga cipanon.**

 Ku Dadan Sutisna
)1 Majalah Gatra, 3 Januari 1998
)2 Koran Kompas, 6 Séptémber 2002