OPAT taun ka tukang. Harita kuring masih kénéh
digawé di Carnival Cruising Lines, nyaéta pausahaan kapal pesiar anu
jalurna téh ti Miami, Florida, tepi ka Kapuloan Bahama. Boga pancén
téh jadi waiter dina dék kapal. Hiji mangsa kapal kuring katatamuan ku grup band ti
New Jersey, New York. Saha deui mun lain Bon Jovi. Batur sapagawéan
mani hariweusweus ngomongkeun Jon Bon Jovi
saparakanca. Sok komo barudak awéwé mah teu sirikna histeris. Kuring mah haré-haré
baé. Rék Bon Jovi rék Metallica, mangsa bodo! Kuring mah teu pati
resep kana musik brang-bréng-brong siga rock music téh. Resep
gé kana musik slow panineungan anu biduanna Matt Monroe,
Engelbert Humperdink, jeung Simon ‘n Garfunkel. Hiji poé wanci haneut moyan. Para tamu réa nu
ngadon moé awak dina dék kapal. Pon kitu deui Mr. Jon Bon Jovi, Mr. Richie
Sambora, Mr. David Brian, Mr. Tico Torres, jeung Mr. Alec John Such.
Kabeneran kuring ngaliwat ka palebah maranéhna. “Hi, waiter, come here, please!” Mr. Bon Jovi
ngagentraan. Manéhna ménta orange juice, gancang baé ku kuring ditedunan.
Waktu kuring mikeun pesenan Mr. Bon Jovi, Mr. Sambora pesen
lemon tea, kuring rikat mangmawakeun. Waktu mikeun pesenan Mr.
Sambora, Mr. Torres hayang diet coke jeung kuéh pancake, teu talangké
kuring nyadiakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Torres, Mr. John Such
ménta susu jeung roti sandwich. Kuring mimiti keuheul. Waktu mikeun
pesenan Mr. John Such, kuring kukulutus maké Basa Sunda, “Ieu mah
jelema, aya ku ngagawékeun. Cik atuh ari pesen dahareun téh
disakalikeun! ” Naha atuh ari pok téh Jon Bon Jovi ngomong, “Éta
mah risiko pagawéan manéh atuh, Céng!” Gebeg kuring reuwas. Baruk Jon Bon Jovi bisaeun
ngomong Basa Sunda? “Har, geuning Sadérék téh tiasa nyarios Basa
Sunda?” kuring nanya tamba éra. “Apan karuhun déwék téh ti Cisurupan,” témbalna
kalem. Leng kuring ngahuleng. Asa ngimpi. Naha enya kitu
Jon Bon Jovi téh bibit buitna ti Cisurupan Garut? Panasaran kuring
nanya deui, “Is that right, Sir?” “Silaing cangcaya?Ayeuna déwék rék nanya, ari
silaing urang mana?” “Abdi ogé sami ti Garut.” “Garut palebah mana?” “Singajaya.” “Nyaho Kampung Mariuk di wewengkon
Singajaya?” “Tangtos atuh da abdi téh urang dinya.” “Wawuh ka Mang Sadeli tukang nyadap?” “Kenal pisan.” “Bisi teu nyaho, anjeunna téh baraya déwék,
geureuhana téh rayina Ajengan Syukron ti Cisurupan, ari déwék ka Ajengan
pernahna kapiemang.” Kuring ngan bati olohok. Teu sangka, Jon Bon Jovi
biduan hardrock nu kasohor saalam dunya téh geuning masih kénéh
teureuh Garut. Ti harita kuring jadi mindeng ngawangkong jeung
manéhna. Anu matak kuring jadi apal silsilah kulawargana. Bapana téh
jenenganana Haji Suja’i patani tomat anu beunghar ti Cisurupan. Ari
indungna téh Mrs. Mary Joe Martin, pituin urang New Jersey . Aranjeunna
tepang di Kota Madinah, dina mangsa munggah haji. Haji Suja’i henteu mulih deui ka Indonésia tapi
ngiring sareng ingkang geureuha ka Amérika. Di New Jersey,
padamelan Haji Suja’I tetep baé ngebon tomat. Mrs. Suja’i banget suhud
ngawulaan carogé. Tepi ka waktu kakandungan ku si cikal, Mrs. Suja’i
méh baé sabrol- broleun di kebon tomat, duméh tas nganteuran timbel
keur Mang Haji. Éta nu jadi matak si cikal lalaki téh ku bapana
dingaranan Ujang Obon Suja’i. Tapi ku lantaran lingkungan gaul urang bulé,
babaturan ulinna téh hararésé ngucapkeun ngaranna. Nya tuluyna mah
dilandi baé jadi Jon Bon Jovi. Sanggeus ngangkleung salila sapuluh poé, kapal balik
deui ka Palabuan Miami. Jon Bon Jovi saparakanca jrut tarurun
tina kapal rék nuluykeun lalampahanana ka New Mexico. Béjana rék
shooting vidéoklip “Blaze of Glory”. Barang rék jrut turun, Jon ngaharéwos, “Iday, lamun
silaing rék mulang ka Garut, béjaan déwék, nya. Rék ku télépon,
faksimil atawa e- mail, kumaha silaing baé. Déwék hayang milu. Haté téh
geus kumejot hayang moro bagong jeung Mang Sadeli ka Cikuray.” Kuring ngaheueuhkeun. TILU bulan ti harita, kuring meunang cuti taunan.
Maksud téh rék nyelang balik ka Garut. Ku lantaran kitu kuring
nélépon ti Miami ka New Jersey ngabéjaan Ujang Obon. Ngan ampun
rudetna. Kuring dipingpong ka ditu ka dieu. Ti imahna dititah nélépon
ka Fans Club. Ari pék téh ti FC kudu asup heula waiting list. Lamun
henteu kudu ngomong langsung ka promotion manager, kakara
nungguan akréditasi. Jeung deui anu nampa télépon téh budak lalaki nu
ngomongna semu selébor siga biduan rap music maké basa Inggris
lentong Brooklyn , New York. “Hi, man… stay cool okay…easy buddy, easy..,”
pokna. Moal salah, pasti urang négro barayana M.C. Hammer. Bakat ku pusing, ceuleuweung baé kuring dina
telepon, “Hi, stupid American… listen to me! You just tell to your boss, this
phone call is from Iday. I came from Singajaya… What?… No!
Singajaya is located in Indonesia , not Africa … Do you
understand?” Naha atuh témbalna ti béh ditu, “Har… geuning Kang
Iday,” ayeuna mah sora budak awéwé mani halimpu jeung maké
basa Sunda. Kuring curinghak banget ku atoh, “Dupi ieu sareng
saha?” “Abdi téh adi kelas akang waktos sakola di
Madrasah AliyahMusaddadiyah Garut.” “Saha nya?” “Atikah.” “Nyimas Atikah putrana Haji Tamim ti
Bungbulang?” “Sumuhun.” “Naha Nyimas aya di New Jersey?” “Di dieu téh abdi digawé di Bon Jovi Management,
diajak ku Mang Haji Suja’i.” “Oh, kitu… kieu baé Nyimas, wartoskeun ka Jon Bon
Jovi, urang miang ka Garut téa. Ngarah teu réncéd, akang rék
hiber langsung ka Honolulu, diantos baé di Hotél Sheraton
Waikiki,Hawaii. ” “Mangga, Insya Alloh ku abdi badé didugikeun.” Plong haté téh ngemplong. Teu sakara-kara geuning
ari ngomongjeung baraya salembur mah. Opat poé ti harita, pasosoré, Boeing 747 Northwest
Airlines anu mawa kuring jeung Ujang Obon alias Jon Bon Jovi geus
eunteup di Bandara Soekarno-Hatta. Sanggeus nyokot babawaan ti pabéan, Ujang Obon
ngomong, “Iday, urang ngéndong di Bandung baé, déwék mah teu betah saré
di Batawi téh..” “Heueuh, lah.” “Ayeuna urang rék maké naon miang ka
Bandung?” “Nya tumpak beus ti Terminal Kampung Rambutan,
atuh.” “Ah embung déwék mah, … ari di dieu aya séwaan
limousine?” “Silaing mah olo-olo pisan! Apan di New York ogé
tuman naékangkot!” Jon Bon Jovi keukeuh hayang tumpak limousine alias
sédan méwah sasis panjang téa. Sok nyeri cangkéng lamun tumpak sédan
biasa mah, basana téh. “Dasar milyunér, mani élodan pisan!” kuring
kukulutus. Kapaksa kuring mapay néléponan réntal mobil sa-
Jakarta. Untung baé aya nu nyéwakeun sédan pangantén, Volvo 960 Limo-
turbomatic, hiji- hijina mérek sédan limousine anu asup ka Indonésia. Tabuh salapan peuting. Sakadang Volvo anu
ditumpakan ku kuring duaan jeung Ujang Obon katilu supir geus tepi ka Bandung
anu saterusna langsung check-in di Grand Hotel Preanger. Bakat ku
capé jeung tunduh, rérés salat isa teu kungsi mandi heula, kuring
dugsek saré mani tibra. Kira-kira tabuh satengah dua peuting, panto kamar
aya anu ngetrokan. Kuring ngoréjat, “Saha?” “Déwék, Obon.” Bari lulungu, kuring mukakeun panto, “Aya naon,
Jang?” Beungeut Jon kaciri mani sepa. Ku naon yeuh?
gerentes haté. “Teuing euy, déwék téh teu bisa saré…tamba kesel
tuluy nyieun lagu. Rumpakana mah geus anggeus, tinggal nyieun
judulna wungkul.” “Geus atuh, ayeuna mah saré baé heula…mikiran
pijuduleun lagu mah isuk deui baé,” témbal kuring bari merelek heuay. “Anu matak teu bisa peureum-peureum acan. Kieu
balukarna lamun béakeun barang téh. I have no stuff anymore,” ceuk
Jon bari meubeutkeun manéh kana korsi. Kuring kerung. Béakkeun barang? Dina basa American
slank, kecap stuff hartina sarua jeung dope atawa drugs alias obat
bius. Boa-boa Ujang Obon sok tripping? Ongkoh geus ilahar pikeun
kaom American celebrities mah ngonsumsi narkotika sabangsaning
héroin, kokain, atawa crack (kokain sintétis) téh. “Barang naon? PTP? LSD? Ecstacy? Diazepam?
Amphetamine? Rék meuli anu kitu di dieu mah hésé.” “Lain atuh, ieu mah ududeun.” “Mariyuana? Hashish? Ganja? Sarua héséna, Jang.” “Silaing mah nyangka goréng baé ka déwék téh! Ieu
mah udud roko biasa, deuleu!” témbal Ujang Obon bari nyeuneu. “Oh…gampang atuh ari nu kitu mah. Meuli baé di
kafé, sugan buka kénéh.” “Anu matak euweuh.” “Euweuh? Piraku euweuh Marlboro, Lucky Strike,
Camel, Mild Seven, Chesterfield? ” “Lain éta roko kabeuki déwék mah.” “Oh, roko kéréték? Dji Sam Soe, Gudang Garam Filter,
atawa Bentoel?” “Lain, lain éta.” “Roko mérek naon atuh kabeuki silaing téh?”
kuring mimiti keuheul. Jon Bon Jovi melong ka kuring. Bari meureudeuy semu
éra, manéhna ngomong lalaunan, “Roko Cap Gentong…” Leng kuring ngahuleng, awahing ku reuwas awor
jeung hayang seuri. Baruk Jon Bon Jovi nyandu udud roko Cap Gentong?
Naha teu salah kitu? Tagog baé vokalis hardrock music nomer wahid,
lamun indit- inditan kudu baé maké sédan limousine, ari heug
kalandep kana ngudud roko Cap Gentong?! Kungsi sotéh kuring meuli roko nu kitu mangsa kuring
keur kaédanan lalajo ronggéng dombrét di basisir Blanakan, Subang. Jon Bon Jovi sahinghingeun ceurik. Euh, aing mah!
Lamun henteu digugu kahayangna kuriak matak gujrud sakuliah
hotél. Ngérakeun pisan! Sanajan horéam nataku, kuring maksakeun manéh,
“Hayu atuh, urang néangan.” Manéhna mani haripeut. “Ka mana néanganana,
nya?” “Urang mapay baé, ka Pasarbaru, ka Bojongloa, ka
Tegallega, ka Cicadas, lamun kapaksa-kapaksa teuing mah urang
meuli baé roko klembak menyan di tukang rampé,” témbal kuring
ngaheureuyan manéhna. Jon nyéréngéh. Jon jeung kuring kaluar ti hotél tumpak taksi. Palebah
Cicadas, taksi dieureunkeun. Jrut turun, tuluy leumpang mapay
émpér toko bari miharep susuganan aya jongko anu ngajual roko
kameumeutna Jon Bon Jovi. Kabeneran leumpang téh ngaliwatan riungan tukang
béca anu keur maén gapléh dina trotoar jalan. Ari heug téh kadéngé aya
anu ngomong, “Najis, aing mah…balak kosong!” Ger riungan téh sareuri éak-éakan. Ngadéngé kitu, Jon ngarandeg bari tuluy ngahuleng. “Ku naon, Jang?” kuring nanya rada hariwang. Manéhna teu némbal. Rada lila manéhna ngahuleng.
Naha atuh ari gorowok téh, ” Eureka ! that’s right! Éta pisan
pijuduleun lagu téh!” Jon katempo jigrah pisan. “Iday, hayu urang balik ka hotél!” “Apan urang néangan roko téa?” banget kuring teu
ngarti. “Teu kudu, urang meuli roko saaya-aya baé di
hotél!” témbal manéhna sumanget naker. “Har… ari silaing?!” kuring ukur werat ngageremet. Ayeuna kuring geus teu digawé dina kapal deui.
Miami, Kingston, Nassau, Puerto Rico, Bahamas, Antigua ngan kari
waasna. Ti saprak kuring kawin meunangkeun parawan urang Cikajang,
kuring eureun ngalalana. Pagawéan kuring ayeuna mah ngabantuan
bapa mitoha kana ngebon engkol jeung wortel. Sabulan ka tukang, grup band Bon Jovi ngayakeun
konser musik “Crossroad to The East” di Jakarta. Ujang
Obon ngahaja ngirim télégram ka Cikajang. Sono hayang panggih, basana
téh. Éra-éra ogé kuring nedunan ondanganana. Harita
kuring indit ka Batawi téh sakalian iang wortel ka Pasar Induk
Kramatjati. Sabalikna ti pasar, kuring nyimpang ka Hotél Hilton International.
Barang sup ka lobby hotél, aya nu ngagentraan. “Kang Iday!”
cék sora awéwé. Ari dilieuk, kuring olohok mata simeuteun. Atikah
imut. Aduh, ieung… urut kabogoh téh mani jadi démplon kieu,
gerentes haté. Hanjakal baheula kalah ditinggalkeun. ..hé…hé.. .
Diteuteup ti luhur ka handap, katara awakna tambah ngeusi jeung
tambah geulis, ngan dangdosan mah tetep baé nganggo busana muslimah,
leungeun katuhu ngeupeul Nokia, leungeun kénca ngajinjing IBM
Notebook. “Hey, teu kénging melong sapertos kitu. Engké ku
abdi iwartoskeun ka Ceu Empat di Cikajang geura,” manéhna ngagonjak.
uring ngélémés éra ngadéngé Atikah nyebut ngaran pamajikan. “Kang, Ujang Obon tos ngantosan ti tatadi, hayu!”
Kuring nuturkeun manéhna naék lift. Reg lift eureun di tingkat
pangluhurna, president suite. Barang amprok jeung Jon Bon Jovi, manéhna ukur
maké kaos utung jeung disasarung. Manéhna teu sirikna ngagabrug.
Saterusna kuring jeung manéhna alécok ngawangkong. Sanggeus rinéh, “Iday, silaing inget kénéh waktu
nganteur déwék néangan roko ka Cicadas téa?” “Tangtu baé atuh. Naha kumaha kitu?” “Apan omongan tukang béca anu keur maén gapléh
téa jadi judul lagu kokojo keur albeum déwék anu panganyarna, ”
témbalna semu agul bari ngasongkeun CD anu weuteuh kénéh. Barang maca judul lagu kokojo anu dicitak dina
bungkus CD, cakakak kuring seuri ngeunah pisan. Atuda kuring ogé milu
ngadéngé, atra pisan tukang béca téh ngomong, “Najis, aing mah!….
balak kosong!” Naha atuh ari dina judul lagu bet jadi robah kieu?
Teuing Jon Bon Jovi anu ceuli léntaheun atawa pédah nulisna maké
basa nggris lentong New Jersey. Nu sidik, dina éta CD téh ngajeblag
ulisan anu unina, “Best cut: This ain’t a Love Song.” “dicutat tina majalah mangle”